• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Panineungan

Wilujeng Angkat, Dédy Windyagiri

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook

“Kananga kari tunggulna

Pirunan tresna kari lebuna

 

Kuring rék nyuratan

Ka manéhna di kalanggengan

Ditulis ku mangsi getih

Nu ngeclak tina kapeurih”.

 

Sajak di luhur, judulna “Ciupih”. Ditulis  ku Dédy Windyagiri, taun 1965, mangsa   kabungbulengan ku buah haté anu tilar dunya, saméméh impian éndah hirup rumah tangga ngawujud nyata.

Kawasna ayeuna, Dédy Windyagiri geus teu kudu nulis surat ka kalanggengan. Lantaran ieu panyajak kalahiran Bandung, 3 Agustus 1940 téh, sarua geus tilar  ti alam pawengan, Rebo 5 Nopember  2014.  Innalillahi wa inna ilaihi roji’un. Allohumaghfirlahu warhamhu wa afihi wa fu’anhu wa akrim nuzulahu. Mugi Kang Dédy ditampi iman, Islam, jeung amal soléhna, sarta dihampura  dosa-dosana ku Alloh SWT.

......................................     

“Lalakon diri lir lalakon sandiwara

tamat sababak  tuluy jempling teu nyoara

paregat kawat kacapi

suling peupeus dina ati”

(tina sajak “Jeungjingnenggang”)

 

Tapi ari karya nu geus gumelar mah, moal waka tamat sababak tuluy jempling teu nyoara jeung moal paregat kawas kawat kacapi.Sabab bakal terus gumelar, pada ngaguar, ngabandungan.

Kawas karya-karya Dédy Windyagiri, mangrupa dangding, nu dikumpulkeun dina “Jamparing Hariring” (1991), sajak-sajak dina “Di Lembur Bulan Dikubur” (1992), sajak-sajak dina “Di Nagri Katumbiri” (2003), jeung sisindiran katut wawangsalan dina “Sisindiran jeung Wawangsalan Wanda Anyar” (2008).

Komo karya-karya sajakna, nu disanggi jadi lagu kawih ku Mang Koko. Di antarana  “Sariak Layung di Gunung”, “Girimis Kasorénakeun”, “Longkéwang”, “Tina Jandéla”, ‘Rayagung ka Balé Nyungcung”, jrrd. Masih  kénéh populer, dihaleuangkeun ku para jurukawih kawentar (Euis Komariah, Ida Rosida, Maé Nurhayati,  Ano, jsb) nu geus direkam winangun kasét, CD/VCD.

Mimiti wawuh ka ngaran Dédy Windyagiri, taun 1964, sanggeus macaan karya-karya sajakna dina majalah “Langensari”, “Sangkuriang”, kalawarta Kujang) jeung koran Sipatahunan. Matak pikaresepeun, lantaran ungkara-ungkarana puitis. Ngawirahma jeung réréana ngandung téma cinta “platonis”. Cinta rumaja nuromantis, matak  kasengsrem.

Malah sacara teu sadar, ari nyoba-nyoba nulis sajak, sok kapangaruhan ku diksi jeung ungkara rékaan Dedy. Nepi ka tara kungsi jadi-jadi.

Ari mimiti pajonngok tuluy manjang  wawuh, awal taun 1968. Harita, kuring keur ulin  di kantor  Kalawarta “Kujang”, Jl.Asia Afrika 128, lalajo para anggota “Kujang Putra” nu keur lalatihan degung.

Torojol hiji jalma jangkung leutik. Dangdanana rada nécis. Dibagéakeun ku Kang Hidayat Suryalaga (Pemred Kalawarta “Kujang”) jeung Ĕwo Kustiwa (Bag.Sirkulasi). Terus diwawuhkeun ka kuring nu karék nulis sajak sababaraha hiji dina lambaran “Kujang Putra” jeung rohangan rumaja Majalah “Langensari”. Budi parangina daréhdéh, akuan jeung ngahargaan ka sahandapeun.Cenah :

“Nuhun ah tepang. Akang tos maca sajak-sajak Ayi. Saé. Teraskeun.”

Duka enya, duka ukur ngalem. Ngan nu jelas, haté bungangang. Asa diaku ku hiji panyajak nu geus mangtaun-taun jadi “idola”.

Tina ubral-obrol bari ngopi dibaturan kuéh robur, sisi Jl. Kaca-Kaca Wetan, kanyahoan,Dedy geus langka ancrub lansung kana kagiatan sastra.Lantaran ti taun 1966, sanggeus eureun kuliah di Jrs.Basaa Sunda IKIP Bandung, Dédy ancrub kana dunya perhotélan jeung pariwisata. Kungsi digawé di sawatara hotél badag. Kapeto di bagéan dapur. Jadi koki.

“Ayeuna Akang keur cuti. Béak poé isuk. Méméh miang, hayang tepung heula jeung sobat-sobat di “Kujang Putra”. Hanjakal ngan aya Kang Dayat jeung Ĕwo wungkul,” cek Kang Dedy nu cenah sono ka babaturanana saangkatan di “KP”, kayaning Rachmat M Sas Karana, Hikmat Sadkar, Us Tiarsa R, Hayat Hidayat, jrrd.

Memeh pisan, ngeupeulan duit sapuluh pérak. Pajah téh, lumayan keur meuli buku bacaan di loak. Teu sirikna disuhun éta duit téh. Bakat ku atoh. Lain pédah keur meuli opat lima buku loak. Tapi keur bekel dahar. Mahi dua poéeun. Dijajanan kopi jeung kuéh robur ogé, sukur kabina-bina,sabab sapoé éta beuteung tacan kararaban nanaon, iwal ti cai téh bari di dapur Kang Ĕwo.

Pleng les teu tepung-tepung deui. Karya-karya anyarna gé teu aya deuih. Aya béja,Kang Dédy digawé di kapal pesiar méwah, nu tara eureun  ngurilingan dunya. Nyimpangan kota-kota palabuan kamashur di benua-benua Ĕropa jeung Amérika.Kaahlianana dina widang perkokian di kapal pesiar, nyaéta nyieun rupa-rupa kuéh.      

Mucunghul deui taun 1990. Ngahajakeun nepungan ka kantor Redaksi “Pikiran Rakyat” di Jl.Sukarno Hatta 147.Cenah karék sabulan pangsiun.Rék dumuk deui di Bandung. Rék mulang deui kana dunya sastra Sunda nu leuwih ti dua puluh taun ditinggalkeun.

“Akang bungah maca tulisan Ayi Usép, ngabahas sajak “Di Lembur Bulan di Kubur”. Ngahudang sumanget akang ngagarap deui sastra Sunda,”pokna saméméh pamitan.

Rada ngahuleng. Naha bener eta pangakuan Kang Dédy ? Sabab mun teu salah, tulisan kuring nu dimaksud, dimuat taun 1988, dina suratkabar “Mitra Désa” jeung SKM “Galura”. Di mana macana? Atawa mungkin barang datang silaturahmi ka kanca-kanca lawas nu kungsi  pagilinggisik dina kagiatan sastra, langsung ditémbongan tulisan eta. Pasti ku Us Tiarsa R nu th.1990 nyangking kalungguhan Pamingpin Redaksi SKM “Galura”.

Minangka ngahargaan kana bahasan kuring, sajak “Di Lembur Bulan Dikubur” ngahaja didédikasikeun keur kuring. Handapeun judulna, ngajeblag tulisan “keur Usép Romli HM” basa éta sajak dimuat dina kumpulan “DiLemburBulan Dikubur”, jeung dimuat dina “Sajak Sunda” susunan Ajip Rosidi (2007).

Enyaan aktipna  deui  téh. Lain heureuy. Tulisan Kang Dédy murudul. Malah kungsi kasinugrahan Hadiah Sastra LBSS th.1992-1993 nu pangajénna dumasar kana jumlah karya nu dimuat sajero sataun. Kang Dédy kapilih lantaran mémang produktip luar biasa. Salian ti sajak jeung dangding , nulis carita pondok deuih.

Ngawariskeun  kaahlian nyarita jeung nulis dina basa Inggris deuih, ngaliwatan rubrik maneuh “Tong Aringgis ku Basa Inggris” dina Majalah”Sunda Midang” nu karasa praktis.

Hiji waktu taun 2010 , Bidang Kebudayaan Disparbud Jawa Barat, méré proyék ngarevisi buku “Babasan jeung Paribasa Sunda”.  Nitah néangan tiluan deui da moal mungkin digarap ku sorangan. Ras inget ka Atép Kurnia nu keur gagalapakan mayar duit kuliah, jeung Budi Rahayu Tamsah nu salian ti ahli kana basa Sunda, boga kabisa kana grafis jeung nyitak buku.Saurang deui saha? Bet inget ka  Dédy Windyagiri.  Sanggeus tiluanana dikontak, papapada panuju, dijangjian rapat munggaran jeung Kabid Kebudayaan di kantor Disparbud Jabar.

Bérés rapat ngabahas naon jeung kumaha kuduna ngarevisi, dibéré ongkos Rp 300.000 séwang. Puguh wé saréréa bungah. Komo Kang Dédy, bari kaluar ti buruan Disparbud , nyuhun amplop bari nyarita :

“Nuhun, Yi, tos maparin jalan rejeki ka Akang.”

Bet hayang ceurik.Ras 30 taun ka tukang,kuring nu nganuhunkeun ka Kang Dédy nu geus ngeupeulan duit sapuluh  pérak. Nu sareatna nyalametkeun kuring tina paéh langlayeuseun, kalaparan di Bandung.Malum keur jadi (calon) seniman “bohémian”.

Sanggeus buku revisi bérés, kuring tiluan meunang honor saurangna Rp 2 juta. Deui-deui Kang Dédy nganuhunkeun, sarta omat-omatan, lamun aya deui proyek  “borongan” samodel kitu, ulah teu mawa.

Hanjakal ngan sakakalina meunan g proyék téh. Atuh teu kungsi bisa ujuk-ajak deui ka sasaha.Muga-muga baé Kang Dedy henteu boga sangkaan, yen kuring teu mamawa.

Insya Alloh, moal. Taya gantar kakaitan, caang bulan opat welas panjang jalan sasapuan. Kang Dédy mulus rahayu berkah salamet enggoning ngadep ka Robbul Izzati.***     

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Windyana Dewi

Hatur nuhun Pa Haji, abdi putrana Almarhum ngawakilan kulawargi ngahaturkeun nuhun oge ka para sederek sareng rerencangan2 pun bapa, mugi2 Allah SWT ngabales kana kasaean manah sadayana. Amin YRA. Wass.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: