• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Cataten Ajip Rosidi;

Manglé
Majalah Sunda Panglilana

Kintun kana Facebook
Mangle
SN1416491355.jpg [Potrét/Ilustasi: Budi Karung]

Kira-kira  dina  bulan  Séptémber  atawa  Oktober  1957, waktu kuring keur numpak  oplét  balik ti Kota palebah  jalan  Gunung Sahari  geus  rada deukeut   ka Senén,  aya  lalaki ngora  saurang  anu  naék  kana oplét  nu ditumpakan  ku  kuring. Langsung ku kuring ditanya da wawuh, Saléh  Danasasmita  mahasiswa Fakultas  Pertanian   di Bogor. Kungsi babarengan dina Kongrés Pemuda Sunda (Oktober-Novémber   1956).  Tina obrolanana kuring  meunang béja  yén  manéhna  jeung  Wahyu  Wibisana baris medalkeun majalah bulanan  basa  Sunda dikokojoan ku Pa Oeton  Muchtar sareng  geureuhana,  Ibu E. Rohamina Sudarmika.

Kuring kungsi   tepung  jeung Pa Oeton  sarimbit,  nyaéta  waktu  babarengan  nungkulan Kongrés  Kebudayaan Indonésia nu diayakeun  bulan  Agustus  1957 di Dénpasar.  BMKN (Badan  Musyawarat  Kebudayaan Nasional)   nu  ngayakeun  kongrés,  nyéwa  duka sagerbong  duka  dua gerbong  karéta api pikeun  para uleman urang Jakarta atawa kota-kota sabudereunana nu baris nungkulan  kongrés.  Malah anu  ti Sumatera  jeung  pulo  lianna  ogé aya nu  ngagabung ka rombongan  Jakarta, antarana anu kuring masih inget  aya Andi  Baso Amir ti Makasar.  Geus kaitung  loba budayawan nu kuring wawuh, antarana  anu  harita milu  kana  karéta  api aya Trisno Sumardjo, Anas Makruf,   M. Balfas, Oesman Effendi,  Usmar Ismail, Rivai  Apin, Hariyadi S. Hartowardoyo,   jeung loba deui.  Kabeneran kuring meunang  tempat diuk téh deukeut   tempat calikna M.A. Salmun  anu  kuring geus loma da salian ti  jadi  anggota  pangurus  BMKN,   anjeunna sok sering  tepung  di Balai Pustaka.  Anjeunna henteu  nyalira, tapi disarengan ku Pa Oeton sarimbit. Ti Jakarta,  meuting  di  Surabaya.  Isukna  kakara nuluykeun  perjalanan ka  Banyuwangi  kana karéta api deui.  Ti Banyuwangi  meuntas ka Gilimanuk kana parahu.  Ti Gilimanuk ka  Dénpasar  mah kana bis.  Nepi téh  asa geus tengah peuting,

Babarengan dina  perjalanan dua poé lilana, ditambah salila milu kana kongrés,  teu wudu hubungan jeung batur saperjalanan  téh jadi kaitung loma. Komo da  Pa Salmun  mah  aya  baé dongéngna  nu  ahéng. Tapi  boh Pa Salmun boh Pa Oeton,  kitu  deui   Ibu Rohamina, henteu  sakecap-kecap acan  sasauran  yén aranjeunna  baris  medalkeun majalah basa  Sunda. Bisa  jadi  ku  sabab  harita  kuring tacan loba nulis  dina  basa Sunda.

Waktu medal, majalahna  dingaranan  Manglé.  Nu jadi diréksina Ibu Rohamina  Sudarmika, redaksina  diaping ku M.A. Salmun, ari redaksi sapopoéna, Wahyu  Wibisana jeung Saléh Danasasmita. Nu munggaran mah majalah téh  henteu  dinomeran,  teu dititimangsaan deuih.  Ngan dina kaca 2 (kulit jero), aya katerangan:  “Titimangsa lahir Nyi “Manglé” ping 21 Oktober 1957 di Kebon Kembang, Bogor”.  Ngan  nomer  2  mah aya titimangsaan, cenah “No. 2, Th. I Désémber 1957”.  Ka mana ari  nomer wedalan bulan Novémber?  Teu aya katerangan. Ari ayeuna  waktu  rék  miéling  Manglé  57 taun, nu dijadikeun titimangsa  medalna  Manglé téh  bet   tanggal 21 Novémber, lain tanggal 21 Oktober.  Lain  éta baé nu nimbulkeun tanda tanya téh, tapi miéling 57 taun  ogé  asa henteu ilahar. Naon sababna  henteu  didagokeun ka 60 taun?  Naha kapangaruhan ku tulisan  Endan Sukanda nu ngalaporkeun  yén nu  maca jeung nu  ngalanggan  Manglé  terus   nyirorot nepi  ka  nganggap Manglé  moal  nepi  ka umur  60 taun? (Il.  “Manglé Saratus Taun”  seratan Endan  Sukanda dina Manglé nomer 2495, 2-8  Oktober 2014).

Manglé  nu mimitina  medal bulanan téh  henteu   ujug-ujug  jadi  medal   mingguan cara ayeuna.  Bada  sawatara taun medal, sarta katingal loba nu mikaresep  (katingal  tina tirasna nu terus  naék) kakara  dijadikeun   tengah bulanan.  Sabada sawatara taun  medalna jadi  tilu kali sabulan. Sabada sawatara  taun deui  kakara  medal   unggal  minggu.  Kandelna  ogé  nu tadina ngan 20 kaca kaasup kulit  ayeuna mah kandelna 60 kaca (kaasup kulit). Malah kungsi  70  kaca leuwih.  Beuki  seringna medal jeung  beuki  kandel  eusina    nuduhkeun  yén majalah  Manglé  dipikaresep. Tapi   ogé  ngagambarkeun  yén   urang  Sunda  harita masih ageung  katineungna  kana  bacaan basa Sunda, salian ti kanyataan yén  harita mah  piliheun  pikeun  ngabeberah   haté téh, henteu loba.   Maca (majalah jeung buku)  baca Sunda  pikeun  urang  Sunda  mah  jadi  piliheun  utama.  Ngan sabada  asup ka jaman   Ordeu Baru piliheun pikeun  ngabeberah  haté téh  nambahan.  Loba nu daratang ti  mancanagara ogé. Bacaan dina basa Indonésia ogé loba pisan, mangkaning eusina  arahéng jeung dicitakna aralus.   Di antarana henteu mustahil  loba   langganan Manglé  milu kabaud ku pangbeberah anyar.

M.A. Salmun nu dina nomer 1 jeung 2   disebut “pangaping” redaksi , ti mimiti nomer  3  mah jadi  “Pangasuh Redaksi”, hartina  Wahyu Wibisana  jeung  Saléh  Danasamita  nu dina  nomer  1—2  mah dianggap  geus hideng ngan  perelu diaping, ti mimiti nomer 3 mah dianggap budak leutik anu perelu   “diasuh”.

Waktu “diaping” atawa “diasuh” redaksina  ku M.A. Salmun,  cara biasana  majalah-majalah nu diasuh  ku anjeunna, pinuh  ku karangan-karanganana  ku anjeun  kalawan  ngagunakeun  rupa-rupa   sandi asma kayaning  Dulatjis, Mang Atjé,  Ragawa,  Abracadabra,  Ki Mulsaman, Narajana, jll.  salian ti nu ngagunakeun  jenenganana ku anjeun  atawa inisialna (M.A.S.) téh.

Wahyu  nepi ka taun-taun  ahir  jumenengna, henteu  weléh ngamuatkeun karyana  dina Manglé, boh mangrupa carita pondok, sajak, gending karesmén, artikel jllna.   Sanajan loba karanganana nu dimuat dina majalah séjén kayaning Warga jeung Wangsit, tapi karya-karyana nu utama pangpangna  dimuat  dina Manglé.  Kitu deui  Saléh Danasasmita,  nu  sarua  jeung Wahyu kaluar-asup  ka Manglé sarta  kungsi mingpin majalah Baranangsiang anu masih sadapuran jeung Manglé, ngadegkeun  majalah sorangan  Handjuang, tapi tulisan-tulisanana nu  parenting  mah lolobana dimuat dina Manglé. Béda ti Wahyu anu tulisan-tulisanana pangpangna mangrupa karya sastra jeung ngeunaan basa, Saléh mah leuwih jembar, salian ti nulis sajak jeung carita pondok  (jauh  leuwih  saeutik  manan Wahyu), loba nulis ngeunaan kasenian Sunda  jeung sajarah Sunda, loba anu ngagunakeun  sandiasma  deuih.   Tina tulisan-tulisanana  katangén luhur kadar ilmiahna, pangpangna  anu ngeunaan sajarah Sunda, nepi ka anjeunna dianggap salah sahiji ahli sajarah Sunda sagigireun Atja, Ayatrohaédi   jeung  Édi  S. Ékadjati. Tapi carita pondokna  “Kumbakarna” nyongcolang lamun seug  dibandingkeun  jeung  carita-carita  pondok dina basa Sunda nu lianna.

Leuwih ti  satengah abad, majalah Manglé jadi tempat pangipukan  pangarang dina  basa  Sunda.  Loba  budak  ngora anu mimiti diajar ngarang dina  majalah  Manglé  (sanajan tulisanana  ogé dimuat  dina  majalah  basa Sunda  lianna nu umumna  umurna  leuwih pondok), aya nu sabada karanganana dimuat  sakali dua  kali  terus  ngaleungit, tapi loba anu  tuluy  jadi  pangarang kahot dina  basa  Sunda, kayaning  Aam Amilia, Usép  Romli, Dudi Santosa, Yoséph Iskandar, Min Resmana,Dudu Prawiraatmadja, Apip Mustopa, Etti RS.,   Godi Suwarna,  Ningrum Djulaéha, Adang S., Holisoh ME,  jll. Tapi loba pangarang anu  geus  loba nulis saméméhna  jadi  leuwih  produktif dina  Manglé, kayaning  Pa Sursa, Tjandrahayat (R. Oeton Muchtar),  Ki Umbara, Kis. WS., Ahmad Bakri,  S.A. Hikmat, Olla S. Sumarnaputra, jllna.               

Dina jero leuwih ti satengah abad Majalah Manglé lain baé ngipuk  bakat-bakat nu tuluyna  jaradi  pangarang nu ngeuyeuban kasusastran   Sunda,  tapi  ngipuk  urang  Sunda  sangkan resep maca basa Sunda. Hanjakal ku tarikna angin globalisasi tur pamaréntah  RI henteu  némbongkeun  stratégi kumaha  nyanghareupanana,  malah bangun  ngahucuhkeun sangkan  bangsa  Indonésia --  kaasup  urang Sunda  --  jadi  “internasional”.  Nepi ka resep maca basa Sunda henteu diipuk sama sakali,  akibatna  nya cara anu dilaporkeun  ku Endan Sukanda, nu maca jeung  ngalanggan majalah Manglé beuki  ngurangan terus.  

Mémang kiwari nu maca jeung ngalanggan  majalah  basa  Sunda  lain nambahan tapi kalah ka beuki  ngurangan.  Anak jalma anu ngaralanggan Manglé,  henteu  nuluykeun bapana ngalanggan Manglé, da manéhna  tara  maca Manglé nu dilanggan ku  bapana,  malah henteu maca majalah basa Sunda sama sakali.  Henteu maca buku basa Sunda deuih, da  bukuna  euweuh jeung henteu néangan.   Éta téh  akibat  tina  kurangna  urang Sunda neundeun  perhatian kana  basa  indungna. Ulah pon kana bacaan, dalah dina hirup sapopoé ogé  bangun  éra  lamun  ngagunakeun  basa Sunda téh, ngarasa  leuwih  gagah lamun  nyarita ku basa  Indonésia  atawa  basa asing. Tungtungna ayeuna kaayaan basa Sunda  matak pikasalempangeun.   Kaayaan  kitu téh   sok  disalahkeun  ka pamaréntah anu mémang  henteu  neundeun  perhatian kana basa, lain ngan  kana  basa Sunda  wungkul, lain ngan kana basa-basa daérah  wungkul,  tapi kana  basa nasionalna ogé  pamaréntah  mah jiga anu api lain, ngarasa cukup  ku  ngadegkeun  Pusat (ayeuna Badan) Bahasa bari henteu ditalingakeun kumaha  ketakna.  Bangsa urang mah teu boga  kareueus, jadi henteu  nganggap  penting kana basa sorangan téh. Padahal  paéh-hirupna  basa  Sunda   lain  gumantung  ka  pamaréntah boh pusat boh daérah,  tapi gumantung  ka nu bogana, nyaéta urang Sunda! Lamun kanyahoan pamaréntah  henteu  neundeun  perhatian  kana basa Sunda,  urang  Sunda  kudu hudang ngadongsok  pamaréntah  boh  pusat  boh   daérah  sangkan merhatikeun  basa Sunda, sangkan  nyayagian  anggaran  nu cukup  pikeun  miara sarta ngamekarkeun  basa  Sunda. Kudu aya anggaran  pikeun  meulian buku-buku  basa   Sunda  pikeun Perpustakaan-perpustakaan  sakola.  

Majalah jiga Manglé, kuduna dilanggan sangkan dibaca  ku murid-murid sakola di perpustakaanana. Lamun perpustakaanana  tacan  aya, nya kudu dipentingkeun  sangkan saban  sakola   barogaeun  perpustakaan  nu  koléksina   salian ti  buku-buku  dina basa Indonésia, buku-buku dina basa Sunda deuih. Barudak   Indonésia  kudu wanoh  kana karya-karya  sastra nasional  jeung karya sastra daérahna.  Ku lantaran kitu kabéh buku  sastra  nasional  jeung daérah  anu utama, anu geus jadi kanon dina  sajarah sastrana, kudu disayagikeun di  sakabéh  perpustakaan  sakola.

Saenyana  ku  hojahna  para sepuh murid, perpustakaan  sakola  bisa dilengkepan  ku  buku-buku sastra boh nasional boh daérah. Tapi  bangsa  urang mah umumna henteu  nganggap penting sastra  nu matak teu  nganggap  penting  ayana  perpustakaan,  lain  para pejabat baé, tapi  para pejabat di  bidang atikan  ogé henteu, malah   guru gé langka nu nganggap  penting  perpustakaan,  padahal    pokal  ngayakeun atawa  ngalengkepan  koléksi   perpustakaan  téh  kudu dimimitian ti sakola.  Jeung salian ti éta, guru anu ditugaskeun nambahan koléksi  perpustakaanana, tacan tangtu  boga  anggapan yén  buku basa indung perelu  jadi  koléksi   perpustakaan sakolana.    

Ayeuna mah lamun aya jalma maca atawa  meuli  buku basa Sunda,  sakapeung dianggap  anéh ku tatanggana atawa ku baturna  sakantor.  Urang Sunda aya puluhan juta,  ari  buku  basa  Sunda  dicitak sarébu  éksemplar  ogé  seuseut-seuat  payuna.

Jadi  laporan yén nu maca  jeung nu  ngalanggan  majalah Manglé  (saenyana  mah  lain  Manglé baé) cara nu ditulis  ku Endan Sukanda  téh ngagambarkeun  minat  masarakat Sunda sacara umum kana basa indungna sorangan.  Nu ngageuing sangkan  pamaréntah  neundeun  perhatian  kana masalah   hirupna basa  Sunda, kaasup  masalah  pamedalan   buku  jeung  perluna  perpustakaan miboga  koléksi buku  basa indung,  geus  kadéngé   ti  mimiti  leuwih ti  satengah  abad  ka tukang, tapi nepi ka ayeuna henteu   baé dicumponan. Jadi   urang kudu geus boga kacindekan  yén  mémang  pamaréntah henteu  bogaeun  minat  pikeun miara jeung  ngamajukeun  basa  jeung sastra  Sunda jeung basa katut  sastra  indung lianna.  Hartina jalma-jalma  nu  nyekel  pamaréntahan  nepi  ka  ayeuna,   henteu bogaeun  aprésiasi  kana  pentingna  basa  jeung  sastra, boh nu nasional boh anu daérah.  Dina Undang-undang Kabahasaan  (2009) ditandeskeun yén  urusan  basa  jeung  sastra daérah  mah  urusan  pamaréntah daérah  masing-masing, da  pamaréntah  pusat  mah ngan  kudu   ngurus  basa  jeung  sastra  nasional  baé.   Jadi pamaréntah  daérah  henteu  kudu  ngurus  basa  jeung  sastra  nasional!

Pikiran anu pasoléngkrah  kitu dina  undang-undang  ngagambarkeun  yén  nu   nyusunna,  para anggota  DPR  nu dipilih ku urang  henteu  terangeun   kana  kahirupan  basa jeung sastra di  masarakat da tara mikiran masalah éta  da bubuhan dianggap  henteu penting.

Henteu  aya  deui, ayeuna  mah urang Sunda  anu sadar kana hartina  basa  jeung sastra (kabudayaan  sacara  umum)  dina ngawangun  bangsa  jeung  nagara, kudu babarengan ngayakeun  gerakan  sosial ngadongsok  pamaréntah  sangkan méré tempat anu  wajar  kana basa  jeung  sastra dina APBN jeung APBD saban taun.  Ngarep-ngarep  pamaréntah   sorangan  éling  mah kaburu kiamat mantén!

Ka majalah Manglé nu ayeuna miéling  wewetonna nu  ka-57, kuring  ngahaturkeun wilujeng sarta  ngadu’akeun sangkan terus  medal  nepi  ka umur  60  taun,  70 taun,  100 taun --  saendengna!  

Pabélan, 4 Novémber, 2014.

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: