• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Catetan Dadan Sutisna;

Manglé nu Matak Rus-ras

Kintun kana Facebook

Seungit satiir, mutiara malati, dada jeung ati

(Tina sajak Wahyu Wibisana, Manglé No. 1, kaca 4)

Puguh gé, nyaritakeun Manglé mah moal bérés téréh-téréh. Lain pédah umurna nu geus meuntas ti satengah abad, tapi éta deuih, réa pisan rambat kamaléna. Dina kecap Manglé, ngabéréndél rupaning asosiasi: média citak, pérs Sunda, miara basa, pangarang, sastra, panineungan, robahna jaman, jsté. Boh langsung, boh teu langsung, Manglé gé milu mangaruhan kahirupan sawatara jalma ti saban entragan, sahenteuna, kitu pisan nu karasa ku sorangan.

Atuh basa aya nu meredih tulisan keur édisi husus Manglé 57 taun téh, sajongjongan mah kalah ka rus-ras. Ras kana medalna Manglé nu miang tina kabasajanan. Disebut basajan téh, lantaran teu maké visi nu ngalanglaung. Dina “Pihatur ti Redaksi” édisi munggaran ukur disebutkeun yén “ieu majalah téh keur pangbeberah” sarta “teu gaduheun riwayat sateuacan medal mah”. Basajan tina basa jeung eusina deuih, bisa dibandingkeun jeung majalah Kiwari nu harita medalna patutur-tutur.

Panineungan kana borojolna Manglé mah geus réa naker, ngan nepi ka kiwari tacan aya nu ngukur robah-robahna eusi Manglé ti mangsa ka mangsa. Naon saenyana nu nganteng ti édisi kahiji nepi ka ayeuna téh, atawa boa-boa aya nu pegat. Naha Manglé pangger kana “kahayang” nu naratasna, atawa robah jadi wanda anyar kalayan alesan ngindung ka waktu ngabapa ka jaman. Ah, atuh éta mah teu kudu ditalungtik, da geus nembrak ieuh, kitu meureun cék nu weruh téh. Enya, tapi nu ngaréngkolkeun jadi bahasan nu gemet mah can aya. Kira-kira mah, sabangsaning riwayat nu dipidangkeun jadi gurat mangsa pikeun nyirian rupaning kajadian dina anggangna waktu 57 taun téa.

Ras deui kana jilid Manglé nu jumlahna geus 2500-an. Di mana nya ngagundukna, kumaha deuih ngarah babari néangna? Dokuméntasi ieu majalah téh bacacar kénéh, dalah di kantor Manglé gé apan teu lengkep. Dina jaman sakieu canggihna, réa kénéh nu hésé béléké néangan arsip Manglé, pangpangna édisi béh ditu. Basa nyobaan ngumpulkeun sakur édisi Manglé, nepi  ka ayeuna téh can meunang satengahna (nu geus dipindahkeun kana format digital). Waktu keur jadi urang Manglé kénéh, remen ngawangkong jeung Kang Rudi (sékretaris Rumpaka) ngeunaan pentingkeun ngumpulkeun deui dokuméntasi Manglé. Tapi nepi ka kiwari ngabuntut bangkong.

Dokuméntasi, keur ukuran kiwari, lain dapon ngagundukkeun jilid, tapi kumaha cara “ngarecahna” deuih. Sakur tulisan perlu dijieun indéks, ambéh babari upama rék néangan rupaning élmu jeung arsip kasundaan nu kungsi midang dina Manglé. Penting dokuméntasi téh, tapi méh tara kacabak, lantaran kaasup pagawéan leukleuk tur teu katémbong rohakana. Éta gé bisa waé dipigawé ku kaom avonturir, ngan taya jaminan iraha anggeusna, da apan ukur sakasampeurna—kumaha ayana tanaga jeung waragad. Kungsi deuih (jeung Kang Rudi kénéh) ngitung-ngitung piwaragadeunana. Lah, “teu sabaraha” geuning, sabanding wé jeung waragad dua acara kasundaan nu sok diayakeun di hotél. Ongkoh teu sabaraha, tapi teu jadi-jadi, kitu nu kapikir téh.

Ari ras ka dinya, wenang meureun mun nepikeun usul (teuing ka saha), sangkan ti wangkid ayeuna, dokuméntasi ieu majalah pangkahotna téh dibébérés deui. Lian ti raga badagna, dijieun vérsi digitalna deuih, tuluy indéks sakabéh tulisan, pangarang, jejer, nepi ka sakur kekecapan nu dipaké dina Manglé. Teu kudu ngandelkeun pamaréntah (kajaba mun hideng méré), ngumpulkeun “alumni” Manglé wéh, tuluy sina nyumbang keur urusan dokuméntasi téa, asana bakal cumpon. Mangpang-meungpeung ieu mah: meungpeung di Manglé jeung di sawatara pabukon aya kénéh dokuménna, meungpeung arsipna tacan buruk ku umur. Jeung pangpangna, bisi aya kajadian nu teu dipiharep kawas nu kaalaman ku Pikiran Rakyat.

Ras deui kana gambar jilid Manglé. Kumpulan mojang wungkul, apan. Ti mimiti potrét Ikka Rostika dina latar beureum (édisi kahiji) nepi ka mojang-mojang hasil jeprétan Kang Réisyan. Manglé mah can kungsi maké potrét lalaki (ari lain duaan mah jeung pasanganana mah, kitu gé teu réa). Duka kumaha atuh, da brasna téh kana urusan data deui baé. Kungsi ngolébat hayang nyieun albeum sakur mojang nu geus midang dina Manglé. Taun 2002 dikumpulkeun, kaasup potrét tina film négatif dipindahkeun kana komputer. Nya meunang 500-an mah, bari réa nu lebeng teu nyaho saha-sahana. Maksad téh kieu, najan bisa jadi ngawang-ngawang teuing, éta 2.500 mojang—tangtu ayeuna mah geus réa nu ngantunkeun—nu kungsi midang di Manglé téh, bisa dipaké meungkeut émosi antara Manglé jeung nu maca.

 Ras deui kana panineungan. Enya, Manglé téh sakapeung mah sok dijieun “imah”, tempat ngumpul tempat saré. Aya kana sataunna mondok-moék di Manglé, boa entragan méméhna gé aya nu hadé nasib kawas kitu—dibéré panganjrekan gratis. Keur sasoranganeun mah, Manglé téh teu béda ti indung nu ngaborojolkeun. Nya di dinya mimiti diajar nyarita, diajar maca, diajar wawanohan jeung balaréa, diajar neuleuman yén hirup téh aya pait aya amis. Manglé téh kulawarga, lantaran aya lanceuk nu nuyun, aya indung nu ngageuing, aya luang nu katéang—aya sabangsaning bank deuih, lantaran pangarang bisa nyokot honor sanajan tulisanana can dimuat. Mun téa mah ayeuna jadi anak nu tambélar ka kolot, nya rumasa pisan.

Ras deui kana silaturahmi. Tah éta, di Manglé téh aya tradisi silih anjangan: ka pangarang, ka papada ais pangampih. Teu kurang-kurang deuih nu ngurunyung ka Manglé bari mawa pais lauk katut lalab-lalaban ti lembur, ngintun ka urang Lodaya, tuluy hémpak balakécrakan. Béh ditu mah, sawatara pangarang nu kaanjangan téh sok nulis pangalamanana, tuluy dimuat dina Manglé. Ahmad Bakri di antarana, basa kaanjangan ku urang Manglé, tuluy nulis pangalaman nu eusina teu pati géséh jeung carpon—lebah matak akey-akeyanana (ilikan Mangle No. 411/Pébruari 1974 kaca 16). Tangtu réa kénéh dongéng séjénna nu memper ka dinya, boh nu matak seuri, boh nu matak ngangres.

Di antara nu sok ngelemeng waé téh, lalakon oplah Manglé nu kungsi nembus 60 rébu éksemplar. “Harita mah duit téh nepi ka dikarungan,” kitu cék bagian panata harta, mun teu salah nguping. Lantaran teu ngalaman téa (da mangsa Manglé keur meujeuhna jaya téh, can ngahérang-ngahérang acan), ukur bati bungangang, milu bungah ngiring reueus. Tah, kaayaan kawas kieu téh, teu weléh jadi angen-angen Kang Karno dina “Balé Bandung”. Angen-angen kana janggélékna pérs Sunda nu séhat, idéologis, tur bisa ngahirup-huripkeun nu ngokolakeunana.

Ras kana basa Sunda dina Manglé. Da puguh pajamanan geus robah, nya basa gé milu robah. Piraku rék kélu nyaruakeun basa Sunda dina Manglé taun 1960-an jeung ayeuna. Ngan bawirasa, aya kénéh nu bisa dipageuhan: rasa basana. Nya éta pisan nu nungtutan orot téh. Lain di Manglé wungkul, ieu mah pasualan umum dina basa Sunda kiwari. Aya dua rupa nu kapanggih téh, sual dérivasi jeung cara ngundeur kecap tina basa deungeun. Pangarang kiwari—meureun kaasup diri sorangan—bangun nu samemena nyusun kecap rundayan téh. Bener cék aturan tatabasa, can tangtu merenah cék rasa basa. Contona kecap “sumedih”, cék tatabasa mah piraku disebut salah, da naon bédana jeung “gumeulis”, “gumasép”, “umamis”, jsb. Papada kecap sipat nu  maké rarangkén um. Boa “sumedih” téh dianggap bener ku pangarang kiwari mah, da lebah mana atuh salahna, sasaha gé wenang ngaréka kecap mah. Nu nganggap teu ilahar gé tangtu aya, lantaran ti jaman Muhammad Musa tug nepi ka bijilna éta kecap, taya hiji gé pangarang nu maké kecap “sumedih”.

Kekecapan séjénna kawas “kabeubeuratan”, “ngagagandrung”, “paparantieun”, “ngagajlengkeun”, jrrd, remen pisan némbongan dina tulisan-tulisan béh dieu. Kaharti kénéh maksudna, tapi da asa lain kitu. Teu ngabibisani, da di urang mah ngahartikeun kecap téh bangun cukup ku méré définisi kecap dasarna wungkul. Urusan dérivasi nyanggakeun ka nu rék maké. Taya pituduh nu baku, mana waé kecap rundayan nu ilahar dina basa Sunda. Antukna aya nu nyebutkeun yén basa Sunda mah beunghar pisan, jumlah kecapna gé bisa nepi ka milyaran (malah basa di Gedung Saté mah aya nu nyebut satrilyun). Kitu pisan cék itungan matématika mah, kari maké rumus probabilitas nepi ka katéwak sabaraha jumlahna. Tapi apan basa mah lain matématika.

Aya deui pertanyaan kieu: ari kecap tina basa deungeun bisa maké rarangkén basa Sunda? Bisa, cék bukti nu kapanggih dina tulisan mah. Contona “ngavérifikasi”, “diémailkeun”, “aréror”, “ngorupsi”, “ngagulkeun” (maksudna ngasupkeun kana gul), “pésbukan”, jrrd. Éta kecap-kecap téh geus prah dipaké dina tulisan basa Sunda kiwari. Lumbrah henteuna mah nya kumaha nu maca, da arang nu ngabahas perkara éta, atawa boa-boa langka nu nuturkeun. Ongkoh apan di urang mah, tulas-tulis téh éstu maké pakakas saaya-aya. Sanajan geus usum komputer, ngarang gé maké komputer, urang mah can bisa ngamangpaatkeun pakakas paranti mariksa éjahan (spellchecker). Ari sababna mah basajan pisan, urang teu boga daftar kecap katut sakabéh dérivasi nu baku.

Ari nyaritakeun unak-anikna kekecapan basa Sunda téh, sok tuluy ras ka Kang Wahyu (Wahyu Wibisana). Rubrik “Rampadan Basa” dina Manglé, muka wawasan nu lega keur saha waé nu hayang nyaho kaayaan basa Sunda. Saenyana éta téh hanca keur para ahli basa Sunda, sangkan pedaranana diteruskeun, sakumaha amanat Kang Wahyu dina buku Ngamumulé Basa Sunda (Kiblat, 2011): “nu nulis teu boga anggapan yén éta bahasan-bahasan téh lengkep jeung tutas. Ku kituna, alus pisan upama aya anu neruskeun, babakuna ku entragan sapandeurieun nu nulis engké. Enya, boh ngalengkepan bagian-bagian anu diutarakeun ku didieu, boh anu acan kasabit-sabit.”

Ras deui kana sajak “Manglé” kénging Kang Wahyu, dimuat dina Manglé No. 1. Ari nafsirkeun sajak mah apan wenang sasaha gé, atuh urang anggap waé yén éta téh bagian tina amanat Kang Wahyu. Manglé ulah nepi ka pegat atawa ucutan, kudu angger seungit najan kari satiir.

Puguh gé réa kénéh nu matak rus-ras. Tapi mun dituturkeun kabéh mah, kalah ka tambah teu puguh ieu tulisan téh. Wilujeng milangkala ka Nyi Manglé. Cag. (Dadan Sutisna, wartawan Manglé 1996-2003)

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

mg alloy

enyaan reueus, reueus pisan ka mangle teh. komo sim kuring da ninggang di anggang ka sarakan teh..

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: