• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Hawé Setiawan

Gapuraning Isukan

Kintun kana Facebook

Sakanyaho, wetonna Manglé téh 21 Novémber. Sarua jeung weton kuring. Ukur béda taunna: Manglé mah 1957 ari kuring 1968. Géséhna sawelas taun. Mun di jalma mah pantes dipilanceuk, meujeuhna dituturkeun. Bet milu agul, asa enya milu miboga.  

Kungsi hémeng sajongjonan. Dina Manglé Nomer 1/Oktober 1957, kaca 2, handapeun “Wartos ti Redaksi”, kabaca yén “titimangsa lahir Nji ‘Manglé’ ping 21 Oktober  1957 di Kebon Kembang Bogor”.

Horéng, cék dina katerangan lisan ti nu marajianana, aya dangka waktu ti antara nu diniatan jeung nu kajadian. Tadina mémang geus kayid yén majalah téh mimiti medal 21 Oktober. Dina emprona Manglé ngamimitian nepungan balaréa 21 Novémber. Kacipta kaayaanana dina katompérnakeun 1950-an: ngokolakeun majalah di Bogor, nyitakna di Jakarta. Kacipta kudu angkag-ingkigna harita. Geus tangtu matak leukleukna.

Mimitina Manglé téh medal bulanan, saterusna medal minggon. Tempatna gé robah: ti Bogor pindah ka Bandung, tetep renggenek di dinya tug nepi ka ayeuna. Kuring kaasup tukang maca majalah ti entragan sabada Manglé dumuk di Bandung.

Basa kuring kuliah di Universitas Padjadjaran, minangka mahasiswa Jurnalistik, kungsi kaajak ku dosén, ngabring jeung balad saangkatan, nganjang ka kantor redaksi Manglé di Jalan Lodaya 19, Bandung. Nu ngabagéakeun rombongan harita Kang Karno Kartadibrata, redakturna. Kang Karno nerangkeun bab perkara jurnalisme kalayan nyabit-nyabit pamanggih P.K. Ojong. Kuring teu pati timu, ma’lum bolostrong.

 

Sok rajeun meuli Manglé harita gé. Meuli écéran baé sakali-kalieun. Keur meujeuhna sagala dibaca ongkoh. Buku mah, majalah mah. Sok lar sup ka Perpustakaan Museum Konferensi Asia-Afrika di Jalan Braga atawa ka Perpustakaan British Council nu harita aya keneh teu pati jauh ti dinya. Mun kabeneran keur boga duit, sok meuli bangkarak majalah ti Cikapundung atawa Déwi Sartika. Lian ti Prisma jeung Horison, nya Manglé majalah nu bangkarakna sok dibeulian téh.

Ari apal ka Manglé mah geus ti leuleutik. Bu Isah, guru kuring di sakola nu bumina gigireun pisan buruan imah kuring, nu jadi jalanna téh. Salah saurang putrana batur ulin. Mun nyampeur Iwa ka dinya sok rajeun mukaan Giwangkara, Suara Daerah, jeung Manglé. Ari di imah kuring nyampak sababaraha buku basa Sunda, kagungan Bapa, milu ngeuyeuban koléksi bukuna nu sok diséwa-séwakeun ka tatangga. Sawatara pangarang nu sok aya dina Manglé aya deuih bukuna di dinya. Ti antarana baé aya Ahmad Bakri nu ngarang Kabandang ku Kuda Lumping jeung RAF nu ngarang Dongéng Énténg ti Pasantrén.

Moal boa, ku carana nu mandiri, Manglé téh milu ngeusian kasang hirup kuring sapopoé. Mun cék légégna mah meureun bisa disebut kasang literér. Kasang winangun hasil rinéka basa nu kungsi kabaca. Boa namper jadi dedek angen, mangaruhan pipikiran, ngeusian katineung.  

Orokaya, kungsi aya mangsana éta kasang téh bet kawas kapopohokeun. Beuki lila beuki jauh, beuki dieu beuki anggang. Kitu téh, tayohna, ku perbawa atikan formal, ku kaayaan lingkungan campur gaul sapopoé, ku pangaruh barobahna gék-gékan kahirupan. Enya gé keur budak mah salawasna maké basa Sunda boh di imah boh di luareunana, tapi beuki dieu beuki kasedot ku basa Indonésia. Antukna, boh nyarita boh tulas-tulis éstu ngandelkeun basa Indonésia.

Hadéna, dina katompérnakeun taun 1990-an, basa kuring digawé jadi wartawan di Jakarta, kungsi meunang pancén ngawawancara Kang Ajip Rosidi di Pasarminggu. Wawancara téh maké basa Indonésia. Ti harita, kalan-kalan, sok narima surat ti Kang Ajip di Jepang anu eusina maké basa Sunda. Ari kuring dina ngawalonanna téh sok maké basa Indonésia kawantu teu nyaho kuma carana nulis surat maké basa Sunda ka figur pantar Kang Ajip. Teu wudu jadi éra ku diri sorangan. Jero pikir, na da kuduna mah sorangan gé bisa nulis maké basa Sunda. Kapan keur budak mah salawasna maké basa Sunda dina campur gaul sapopoé.

Aya mingguna pulang anting ka Perpustakaan Nasional di Salémba. Nu dibaca harita buku-buku pangajaran basa Sunda jaman baheula, ti antarana nu terus dikopi nyaéta kénging M. Soeriadiradja, Panjoengsi Basa: Pangadjaran Basa Soenda Anggoeun di Sakola Handap (1948). Ulanganna gé dieusian bari tetelepék ka balad nu sok narulis maké basa Sunda. Trét nyobaan nulis karangan maké basa Sunda. Hésé béléké, rundag-randeg, kamalayon, kawas leumpang dina leutak. Beuki remen latihan beuki ngarasa tabah, tepi ka kaduga ngawalonan surat Kang Ajip maké basa Sunda.

Nya terus nyoba-nyoba ngirim karangan ka Manglé. Puguh wé teu dipidangkeun. Basana tanwandé butut. Kilang kitu teu  rengat harepan. Terus baé ngirim karangan. Lila ti lila teu burung aya tulisan kuring nu milu midang, ngaheuheurin rohangan Manglé. Sakali kapidangkeun, saterusna jadi karesep. Beuki remen nulis, beuki dalit jeung nu midangkeun tulisan. Teu wudu jadi pakalangan geusan campur gaul sapopoé.

Kuring teu kungsi ngalaman jaman jayana Manglé. Ukur ngadéngé ti para senior baé, ngawaas tina pidangan majalah nu geus lawas. Nu kaalaman ku kuring mah, Manglé téh, cara média basa daérah lianna, remen dipikahariwang, dipikamelang. Sasat keur nyorang reueukna poé isukan. Nu maracana ngurangan, pangaruhna ngaleutikan. Boa-boa baris carem pisan.

Kahariwang timbul tina robahna talajak jaman. Kaayaan média basa daérah teu cara média nu maké basa nasional atawa basa asing. Industrialisasi média di Indonésia, utamana ti taun 1990-an, beuki karasa ngandelkeun invéstasi badag, tanaga profésional anu kompétitif, téknologi komunikasi mutahir, jeung sajabana. Jleg ngajirim konglomérasi: média nu tadina marisah terus ngagabung dina kelompok bisnis média nu leuih rohaka, jleg ngajungkiring kelompok bisnis média badag nu muka usaha kalayan ngawengku sababaraha média. Pahébat-hébat, paginding-ginding di satengahing ceuyahna pasar informasi.

Dina kaayaan jaman saperti kitu, média nu maraké basa daérah mah sasatna kakalicesan. Geus teu pati diréken deuih ku nu sok marasang iklan. Upama média Sunda dibanding-banding jeung média nasional atawa internasional, paribasa “kawas pacikrak ngalawan merak”, éstu “hirup teu neut paéh teu hos”.

Lain teu aya tarékah pikeun nyaluyukeun karep jeung parobahan jaman, saenyana mah. Nu kungsi kadéngé ku kuring, leuwih ti sakali aya tarékah pikeun ngabebenah deui manajemén nu ngokolakeun majalah, antarana kalayan muka lawang keur nu aya karep ngayakeun invéstasi di dinya. Duka kunaon, teu baé laksana. Nu sidik, tepi ka kiwari Manglé tetep dikokolakeun ku manajemén kulawarga ahli waris ti nu naratasna baheula. Réngréngan ais pangampihna geus sakitu kali salin generasi. Teu saeutik tanaga ngora anu poténsial terus kaluar ngamekarkeun karirna, kaasup dina widang média nu leuwih rohaka.

Ku kitu ku kieu, Manglé tetep jalan tepi ka kiwari. Teu kungsi eureun medal najan dina krisis ékonomi dasawarsa 1990-an katompérnakeun gé. Majalah Sunda nu kungsi maredal sabadana mah umumna teu lana. Asa teu kaleuleuwihi upama Manglé disebut flagship-na bacaan umum Sunda.

Dina kaayaan nalika kahirupan balaréa ngised tina kaadaban pradigital ka kaadaban digital, Manglé gé teu wudu milu ngigelan jaman. Kagiatan matuh di kantor redaksina geus ngamangpaatkeun pakakas nu prah: komputer pikeun ngolah bahan-bahan pidangan, surat éléktronik pikeun ngalancarkeun koréspondénsi jeung para kontributor katut nu maraca, jeung saterusna. Prak milu muka lapak online. Lapakna sinambung deuih jeung média sosial, rawayan campur gaul nu ngajagat ku alatan internét. Nu jauh ti Bandung, nu dumuk di mancanagara, kiwari bisa ngalanggan Manglé dina wangun pdf (portable document format).

Kari ngaoptimalkeun baé. Nyaluyukeun karep jeung kamekaran média komunikasi kiwari tinangtu teu cukup ku ngigelan jaman. Sasatna milu balawiri di jalan gedé, tinangtu kudu jeung parigel ngayakeun interaksi jeung nu lalar liwat di dinya.

Ongkoh pan paripolah nu maraca gé kapan geus réa robahna. Kiwari mah ntéh u maca teu nungguan dihuapan ku koran atawa majalah. Parigel sorangan, giat ngundeur rupaning informasi tina perkara naon baé. Ambahanana lain baé lokal atawa régional, tapi deuih internasional. Malah mah maca téh nulis téa atawa sabalikna, nya éta nu disebut interaktif téa.

Dina buku Viktor Mayer-Schönberger jeung Kenneth Cukier, Big Data: A Revolution that Will Transform How We Live, Work and Think (2013), urang meunang gambaran ngeunaan hirup kumbuh jalma kiwari nu éstu euyeub ku data. Informasi ti ditu ti dieu, ngeunaan naon baé, teu weléh ngocor unggal waktu. Informasi téh terus dianalisis, dipaluruh korélasina, tepi ka jadi kaweruh nu pohara pentingna pikeun nyieun kaputusan dina rupaning widang kagiatan. 

Boa ayeuna pisan urang bisa ngalegaan hartining “publikasi”. Nu dipiharep lain ukur medalkeun majalah, tapi boa ngisedkeun majalah tina lingkungan manajemén kulawarga ka pakalangan nu leuwih deukeut ka publik. Susuganan baé beuki réa jalma nu milu ngarasa miboga ka Manglé.***

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: