• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Darpan;

Manglé, Pusaka Urang Sunda

Kintun kana Facebook

Jaman keur budak, teu kungsi apal ka Manglé, atawa média basa Sunda séjénna. Bubuhan lembur téh lain bagian tina lingkungan nu kaséréd kana mainstream Sunda Priangan. Minangka nu rada gedé pangaruhna kana kasundaan kuring téh pangajaran di sakola. Kitu gé karasana rada anéh. Upamana kudu diajar nyebut “abdi” nu kagokna kabina-bina. Ari sabab, budak lembur siga kuring sapopoé téh sok ‘ngauingkeun’ atawa ‘ngaaingkeun’.

Apal aya majalah Manglé téh waktu sakola di SPG Negeri Karawang. Aya babaturan ngagigiwing buku Sawidak Carita Pondok. Dina panganteurna, carita pondok (carpon) nu dimuat dina éta buku téh, cenah meunang milihan tina majalah Manglé. Resep pisan macaan éta buku téh. Jadi, apal ka Manglé téh karék béjana, da kumaha bungkeuleukanana mah can kungsi nempo.

Sabada ka Bandung, kakara apal kana rupana. Minangka mahasiswa anu ngulik basa jeung sastra Sunda, kuring jadi rada mindeng macaan Manglé, meunang nginjeum-nginjeum baé mah. Kang Cécé Hidayat, senior kuring di kampus, nu sok nawaran langganan Manglé téh.

Sok idek liher di himpunan mahasiswa keur kuliah téh. Malah tingkat dua diajak jadi pangurus himpunan. Alesanana mah lain ku resep-resep teuing miluan organisasi, tapi di himpunan aya majalah Turus. Majalah basa Sunda minangka média komunikasi antar mahasiswa Sunda. Kuring nu saméméhna resep kurung-karang, nya ka dinya hayang nyalurkeun anléh téh. Kuring milu ngokolakeun Turus. Tingkat tilu, kuring pisan nu dipapancénan jadi koordinatorna. Tina ruang-riung di Turus, sok ngawani-wani manéh ngirim-ngirimkeun karangan ka koran Sunda. Ti tingkat hiji kénéh éta téh.

Ka Manglé kungsi nganjang. Asana ahir taun 1989. Kabeneran babaturan saangkatan téh aya nu sarua resep kurung-karang. Antarana baé, Risnawati, Sulé Nurharismana, jeung Élis Érnawati. Tiluanana gé karanganana réa dimuat dina Manglé. Sok ruang-riung, bari tuluy nyieun “Ringkang”. Modél study club. Di antara kagiatanana nganjang ka rédaksi. 

Sataun sakali di himpunan sok aya pasanggiri ngarang carpon antar mahasiswa sa-IKIP. Biasana panitiana ti Turus. Taun 1990-an, kuring miluan éta pasanggiri, sarta jadi salah saurang pinunjulna. Ari girang pangajénna antarana baé Duduh Durahman, redaktur Manglé. Waktu diparengkeun tepung – asana dina acara masrahkeun hadiah – Kang Duduh langsung galéhgéh. Pokna, “Ulah ka Galura baé atuh ngirim karangan téh. Ku Akang ditungguan di Manglé.” Sigana anjeunna sok pirajeunan macaan tulisan kuring.

Kahatéan. Hiji mangsa ngirim tulisan ka Manglé, disanggakeun langsung ka Kang Duduh di Jalan Lodaya. Barang gok ngahiap-hiap pisan. “Ka dieu heula,” pokna, bari tuluy ngajak nyalingker ka méja gawéna di satukangeun lomari badag, di ruang rédaksi.

Der ngajak ngobrol. Ari kuring, da puguh budak nu teu nyaho nanaon. Ukur balaham-béléhém wé. Bari rada anéh, naha Kang Duduh sakitu miconggahna? Di tungtung obrolan anjeunna ngawawadian, sing getol ngirim karangan cenah. Carpon nu disanggakeun ka anjeunna harita, cenah rék dibaca heula.

Teu mangkuk sabulan ti harita, carpon kuring “Saméméh Komat” nu disanggakeun ka Kang Duduh téa, dimuat dina Manglé. Barang tepung deui jeung anjeunna, kuring dipuji bébéakan. Teuing ngagedéan haté, teuing mémang carpon kuring kaanggo ku anjeunna. Harita Kang Duduh geus lila dipikawanoh minangka kritikus sastra.

Kitu jalanna, kuring wanoh jeung midalit ka Manglé téh.

 

Ka Manglé jadi sering ngirim tulisan. Komo sanggeus aya rupa-rupa hadiah. Nulis téh bari sok katarumpangan hayang meunang hadiah.

Kuring ngarasa untung jadi generasi pangarang Sunda nu produktif taun 1990-an. Harita aya Godi Suwarna nu keur meumeujeuhna muncak karancagéanana. Aya Hadi AKS, aya Cécép Burdansyah, aya Budi Rahayu Tamsyah jeung Tatang Sumarsono nu geus leuwih ti heula produktif. Nya jeung maranéhna kuring sok ruang-riung bari sakapeung paheuras-heuras genggerong.

Réa kénéh kritikus nu sok mairan rupa-rupa karangan. Salian ti Kang Duduh Durahman, aya Abdullah Mustappa ti koran Galura, jeung Usep Romli HM, wartawan koran Pikiran Rakyat nu getol kacida ngarang jeung nulis kritik dina basa Sunda. Sakapeung, kritik téh jolna ti antara babaturan. Silih puji atawa silih poyok. Malah silih bintih téh sok nepi ka jadi picacapékeun.

Manglé harita mah jadi média nu penting dina ngawadahan campuhna gagasan, sagédéngeun Galura nu dikomandoan ku Abdullah Mustappa. Manglé, lain baé midangkeun carpon, carnyam, jeung tulisan-tulisan panglipur séjénna, tapi midangkeun kritik atawa éséy nu daria. Sawatara kali dina taun 1990-an nepi ka awal taun 2000-an, aya polemik anu ramé, tur sanajan sakapeung sok dibarengan ku koméntar-koméntar nu émosional, tapi keur kuring pribadi matak séhat keur ngawangun méntal pangarang. Situasi kitu téh, kadieunakeun mah asa arang langka kapanggih. Ongkoh jamanna geus béda. Komo sanggeus renung ramatloka di internét mah.

Dina sawangan kuring pribadi – utamana dina sual ngahirup-huripkeun sastra Sunda – sabada Manglé dikantunkeun ku Kang Duduh, dangiangna beuki surem.

Ari dapurna mah sabalikna pisan, nu katiténan mah. Méh-méh euweuh andelkeuneunana. Honor leutik, manajemen pausahaanana teu pati karopéa. Béjana éta téh geus ti béh ditu kénéh. Nepi ka hiji mangsa, mun teu salah taun 1995-an, aya béja Manglé rék dibeuli ku komnglomérat kawentar ti Batawi. Gujrud kacida harita téh.

Kuring di antarana nu dipénta sangkan ngagabung ka Manglé wanda anyar téh. Harita saenyana geus jadi koréspondén di koran séjén. Lantaran béjana sakitu santerna jeung loba dongéng amisna, kuring antukna nyanggupan pikeun milu kana tim Manglé wanda anyar, nu diluluguan ku Aat Suratin.  Sempet milu nulis sawatara features jeung laporan utama. Antarana baé, kuring nulis laporan kompréhénsif ngeunaan didepakna Setia Permana tina kalungguhanana salaku dosén FISIP Unpas.

Sok sanajan ukur bubulanan jadi réporter Manglé, sigana baé hasil pagawéan kuring kapaké ku redaktur, da tuluy pada ngeukeuhan sangkan kuring angger di Manglé. Hanjakal harita Manglé nu majar rék ganti manajemén téh teu puguh tuluyna. Aya selenting bawaning angin, pingpinan Manglé ngabolaykeun rencana Manglé anyar ku alesan nu teu pati tétéla. Manajemén Mangé balik deui ka nu ti heula.

Kuciwa ku kaayaan, kuring nulis surat ngundurkeun diri, bari teu nyebutkeun naon alesanana. Tapi teu lila ti harita Kang Duduh ngangkir, mapaykeun naon sababna kuring ngoléséd. Harita inget pisan kumaha jawaban kuring ka Kang Duduh téh, “Di Manglé mah teu démokratis!” Puguh baé Kang Duduh téh ngahuleng, tuluy nanya, “Teu démokratis lebah manana?”

Najan tuluy luluasan ninggalkeun Manglé, dina haté leutik mah kuring manglebarkeun mun Manglé tuluy ngareunteut deui téh.

*

Nepi ka ayeuna, kuring angger nineung ka Manglé. Anu utamana mah ku sabab réréana karangan kuring nu mangrupa carpon nya di Manglé dimuatna téh, boh nu tuluy dikumpulkeun dina buku Nu Harayang Dihargaan (1999) boh nu dikumpulkeun dina Rusiah Kaopat Welas (2005). Sanajan geus rada kedul kurung-karang, sok aya gerentes mun kuring ngarang heug katimbang éta karangan téh hadé, hayang dimutakeun téh di Manglé. Aya kareueus, aya kaistiméwaan.  Lain ku soal honor, da sakapeung honor mah sok kapopohokeun.

Kereteg siga kitu téh bisa jadi aya dina haté pamaca Manglé séjénna. Nganggap yén Manglé mah lain sakadar média massa biasa. Manglé sasat geus jadi haté urang Sunda, ku rupa-rupa alesan. Munasabah lamun aya nu teu ridoeun Manglé tumpur téh. Aya benerna lamun aya nu nyebutkeun yén nu maca jeung ngalanggan Manglé mah katalian ku soal-soal idéologis.

Nilik kana sajarahna, nu geus leuwih ti satengah abad – umur nu istiméwa pisan dina sajarah pers Indonésia mah, mana komo dina sajarah pérs Sunda – sarta konsistén medal, nambahan kaistiméwaan Manglé. Ceuk kuring mah Manglé téh geus jadi heritage, cagar budaya, atawa pusakana urang Sunda. Manglé geus jadi ikon kabudayaan Sunda sarta jadi bagian tina sajarah kahirupan manusa Sunda modérn sabada kamerdékaan. Malah lain teu mungkin dina soal budaya mah – pangpangna dina kamekaran basa jeung sastra – urang Sunda geus réa dituyun ku Manglé.***

Darpan, lulusan IKIP, ayeuna guru di SMAN I Garut. Guru tuladan Jawa Barat anu kungsi dianjangkeun ka Ustrali pikeun studi banding.

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Maman S. Wasita-Atmadja

Upamana kudu diajar nyebut “abdi” nu kagokna kabina-bina. Ari sabab, budak lembur siga kuring sapopoé téh sok ‘ngauingkeun’ atawa ‘ngaaingkeun’.

Pikeun jaman kiwari mah, kumaha upama urang bakukeun, pikeun nyebut diri, urang gunakeun kecap KURING (uing), atawa oge PRIBADOS, ulah abdi. Kecap KURING nembongkeun rasa jeung kaayaan satata, saharkat jeung nu lian, sabalikna kecap abdi nembongkeun harkat sahandapeun. Urang Priangan muga ulah ngarasa kalindih ku basa nu baheula disebut basa wewengkon. Basa lulugu ayeunana bawirasa, nya eta basa anu geus kageroh ku elmu basa, lain nuduhkeun wewengkon.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: