• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Manglé” 57 Taun

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook

Ti keur “Manglé” umur 12 taun, sok kaajak milu ngareuah-reuah milangkala ieu majalah Sunda pangkahotna saalam dunya téh. Harita, taun 1969, dipéstakeun di Gedong Merdeka. Dihibur ku pintonan gending karesmén “Raja Jimbul” karya Wahyu Wibisana.

Taun 1972, milangkala “Manglé” ka 15 taun, dicirian ku medalkeun édisi carita pondok. Kaajakan deui, milu midangkeun carpon “Mama Lurah”. Asa alus harita mah. Tapi dibaca deui ayeuna, bet hayang seuri. Teu pati alus geuningan.

Sajaba ti édisi carpon, diramékeun ku rupa-rupa  pintonan. Di Gedong Merdéka deui. Ku Pa Oeton Moehtar, kuring kapapancénan mawa rombongan kasenian “badéng” ti Desa Sukadana (ayeuna DesaCigagadé), Kec.Limbangan, Garut.

  Ari taun 1980 mah, dina raraga milangkala ka 23, “Manglé”ngayakeun saémbara ngarang carita pondok. Jurina Ajip Rosidi. Nu jadi pinunjul kahiji, carpon “Panto” karya Trisna Mansur, kadua carpon “Locéng Garéja Barecéli” karya Adang S. Duanana tuluy dimuat dina buku kumpulan “Sawidak Caita Pondok” susunan Abdullah Mustapa, Duduh Durahman jeung KarnoKartadibrata.

  Capon kuring “Tukang Potrét” ukur meunang hadiah harepan. Tapi lumayan mangpaat. Hadiahna bisa dipaké nambahan meuli lensatélé “Asahi Pentax” 200 mm. Malah nyésa kénéh keur bekel lalajo Festival Film Indonesia (FFI) di Semarang, diajak ku Éddy D Iskandar. Ngabring jeung Abdullah Mustappa, Duduh Durahman (Almarhum), S. Asikin (Almarhum).

Carpon “Tukang Potrét”, dimuat dina buku kumpulan carpon “Jiad Ajengan” (1991).

  Taun 1982, milangkala “Manglé” ka 25 bari  jejeg sarébu nomer, dicirian ku édisi carita pondok. Carpon kuring “Suhadma” milu midang. Tur engkéna dimuat dina “Jiad Ajengan” deuih.

  Ti harita mah, milangkala “Manglé” tara pati “gebyar”. Kaasup basa milangkala ka 50, taun 2007.

Ayeuna geus  nincak umur 57. Geus manjing jati diri, ngahontal kasawawaan. Umur sakitu, pikeun majalah Sunda, kawilang préstasi badag luar biasa. Sabab dina sajarah literatur Sunda, média basa Sunda, boh majalah boh koran, rata-rata ukur “saumur jagong”. Henteu lana balukar ku rupa-rupa pasualan téhnis jeung non-tehnis. Nu kungsi aya marengan “Manglé” taun 1960-an, saperti “Sari”, “Langensari”, “Campaka”, “Wangsit”, “Baranangsiang”, “Pélét”, jsb, kari ngaran. Tinggal panineungan. Komo nu medal saméméh “Manglé”, kayaning “Warga”, “Kujang”, Sunda”, “Utusan”, jsb. Kitu deui nu medal sabadana, saperti “Mingguan Sunda” (Majalah “Sunda”), “Nyungsi”, “Gondéwa”, “Hanjuang”, “Katumbiri”, jsb.

   “Manglé” ayeuna “nyengceling” sorangan, minangka média Sunda pangkahotna. Ukur dibaturan ku majalah “Sunda Midang” nu karék dua taunan (2005), tabloid “Galura” (1972), “Giwangkara” (?), “Sunda Mandiri” (?). Atuh “Koran Sunda” nu dipiharep nguatan barisan, bet ngababatang saméméh bener-bener tandang. Ieu koran poéan nu digadangkeun ngélébétkeun deui komara “Sipatahunan” jeung “Kujang” ukur sempet hirup sataun leuwih saeutik (Mei 2006-Séptémber 2007)

    Naon sababna “Manglé” kuat tur ajeg ? Mampuh ngaliwatan prosés parubahan jaman nu dicirian ku génjlong geunjleung ékonomi ( ti mimiti kawijakan pamarentah dina widang kurs, nurunkeun ajén rupia naékkeun dolar, nu mangaruhan undakna harga bahan-bahan grafika, nepi ka krisis monéter 1997 nu pahangna masih kénéh karasa nepi ka ayeuna), sistem politik (nu ngawajibkeun sakur média jadi “corong” pamaréntah), jrrd.

     Mun diimeutan tina aspek manajemén perusahaan, éstuning moal katalungtik. Sabab réa perusahaan média jugala, mopo satengahing jalan. Boro-boro 57 taun, lima atawa sapuluh taun ogé, geus boboléh.

Rumasa pisan “digedékeun” ku “Manglé”, sanajan mimiti pisan ngumumkeun tulisan dina rubrik “Kujang Putra” Kalawarta “Kujang” tur réa idekliher di lingkungan “Kujang”. Malah sababaraha taun, ti taun 1967-an sok milu mondok di Jl.Tawés 8, bumi Pa R.Éma Bratakusumah nu dijadikeun “markas” ku nu aktip nulis di “Kujang”, kayaning (almarhum) Prof. Dr. Édi S Ekajati (harita keur mahasiswa keneh), Drs. Omeng Abdurahman (batur  Kang Edi di Fak. Sastra Unpad), Engkos Kosasih (ahli karawitan nu jadi Sekred “Kujang” – ayeuna karyawan perkebunan Batulawang, Banjar), Éllen SA (sirkulasi “Kujang” nu tuluy jadi PNS Pemprov. Jabar – kawasna geus pangsiun) Yusuf (ayeuna Kapala Sakola di Yayasan “Atikan Sunda”), Ajid Sajidin (harita siswa SPGN 1 Bandung, saangkatan jeung Ano Karsana, tapi digawé di Pemkab Bandung), Rohman Andayani (siswa SPGN 1 Bandung, urang Bojongsoang, Dayeuhkolot, Bandung, nu getol nulis sajak dina “Kujang Putra”, satawara sajakna di muat dina buku antoloji “Sajak Sunda” susunan Ajip Rosidi, 2007. Mun teu salah ayeuna jadi Kapala Sakola), jrrd. Malah Kang Ayat  (almarhum Prof. Dr.Ajatrohaédi) oge kungsi “nébéng” mondok di Jl.Tawés, basa keur ngadosénan di Unpad. Saré pasesedek jeung Kang Édi nu jadi muridna.   

     Atuh sok mindeng ngahajakeun “tafakur”. Ngimpleng ngileng perjalanan hirup “Manglé”. Sok ngahjakeun ngadu’akeun husus Pa Oeton (almarhum RH.Uton Muhtar, 1900-1980)) jeung geureuhana, Ibu Endén (RH E.Rohamina Sudarmika) nu ngadegkeun “Mangle” di Bogor, Nopémber 1957, boh  keur di lembur, boh keur di Mekkah, ari umroh atawa haji.

Lantaran sacara kapangarangan, réa kahutangan ku “Manglé”. Atuh sacara pribadi ku Pa Uton gé kitu. Ti barang tepung (1968), diwawuhkeun ku H. Rachmat M Sas Karana (almarhum), di kantor “Manglé” Jl.Buahbatu 45, diaku dihiap-hiap. Langsung disuguhan cikopi jeung kéré anak mujaer semu amis. Harita di dinya nyampak aya Ki Umbara (almarhum) nu karék ngagabung deui ka “Manglé” sabada pamit mundur koléktif (bareng jeung Wahyu Wibisana, Yus Rusyana, Ami Raksanagara, Dudu Prawiraatmadja, Duduh Durahman, Saini KM),  tina karedaksian “Manglé” (1966).

   “Ti Limbangan, nya ? Sukur teuing aya nu neruskeun tapak lacak Radén Haji Muhammad Musa, Radén Haji Abdussalam, Radén  Candrapraja, “saur Pa Uton némbongkeun ka bungah. Nu ditataan ku anjeunna teh, ngaran-ngaran bujangga Sunda klasik. RH Muh. Musa pangarang “Wawacan Panji Wulung”, RH Abdussalam pangarang “Wawacan Rengganis”, jeung R.Candrapraja pangarang “Wawacan Rusiah Nu Geulis”.

Pa Uton naros, réréhan saha. Barang uningaeun yén kuring ti lingkungan pasantren, beuki galéhgéh baé. Asa manggih batur keueung, pajahkeun téh. Bari barabat medar hubunganana sareng para kekentong pasantrén di Limbangan. Di antarana, anjeunna ruket dalit sareng KH Uding Bahrudin nu katelah “Ajengan Wates”. Unggal ka Limbangan, ngalongok rakana (Enggah Jua di Monggor), kudu baé ka Wates. Gunem catur jeung sempal guyon sareng sobat heubeul nu cenah kungsi babarengan “ngaliwet” di hiji pasantrén.

   “Ngan itu mah kaparengkeun jadi ajengan, bapa mah henteu, “saurna deui bari nyakakak.

    Tina hasil gaul jeung urang pasantrén, Pa Uton ngawandaan “Manglé” ku tulisan-tulisan nu sipatna relijius. Ti mimiti nyayagian rubrik “Munara Cahya”, nepi ka ngamuat carita-carita jeung laporan nu patula-patali jeung kaislaman. Malah réa dongéng wedalan pasantrén diréka jadi carita, tur dipikaresep ku balaréa. Di antarana “Jin Kérésék”.

    Hiji waktu (1970), pareng tepung jeung Pa Uton di alun-alun Limbangan. Anjeunna badé ka Wates. Kuring diajak. Bus kana sedan Mércédés 180 warna hideung. Tapi ukur semet Jl.Berdikari, dan jalan masih keneh renjul. Ti dinya nikreuh mudun ka Cikelepu. Terus ngaraas walungan Cipancar. Hadéna keur halodo. Bras baé ka lokasi pasantrén. Dipapag ku pribumi nu daréhdéh ngaaéh-aéh.

    Dua sepuh (umur 70-an) gorgar ngawangkong sagala rupa. Sili témpas, sili pegat kalimah. Kuring nu karék 21 taun, ukur celenggeu. Teu nyaho nanaon. Jeung teu pantes lamun pipilueun cacarita.

    Tapi barang Ajengan Wates medar hiji “dongéng”, Pa Uton langsung saregep. “Dongéng” Ajengan Wates téh, nyaeta ngeunaan jaman baheula. Aya hiji patani di Yaman. Boga tangkal korma kahot, badag tur subur kabina-bina. Tara petot buahan meuhpeuy. Unggal rék panén, éta patani sok ngumpulkeun sakabéh urang lembur. Kolot budak awéwé lalaki dikeprak datang. Sina karumpul deukeut tangkal korma.

    Buah korma diajulan ku tukangna nu ngahaja dihiras. Dihandap disayagian sababaraha tampir keur nandé buah nu murag. Nu ngaracleng ka luar tina tampir, dihengkopkeun keur sakur urang lembur nu milu ngariung. Puguh baé ramé kabina-bina ku sora pahibut korma. Teu bina ti raya-raya baé usum panén téh. Sahéng ku nu tingcéréwét jeung suka seuri.

    Barang éta patani maot, anak-anakna baradami. Cenah, kabiasaan bapana leuwih hadé dieureunan. Sabab mun diitung-itung, jumlah korma nu diparebutkeun aya kana kintalna.

    “Coba lamun kabéh dipimilik ku urang, meureun hasilna leuwih mucekil, “cék nu saurang.

    “Tapi kumaha ngeureunanana ? Da lamun urang panén korma, urang lembur pasti rabul sakumaha kabiasaan keur bapa aya,”nu saurang tumanya.

    “Ngalana wé urang rerencepan. Mun bisa mah janari, keur urang lembur meujeuhna tibra sararé. Maranéhna moal nyarahoeun yén urang geus panén, “nu séjén méré saran.

    Sapuk wéh. Dina waktuna, janari keur meujeuhna jempling, éta anak patani sadudulur rerencepan muru tangkal korma. Barang srog, maranéhna reuwas kabina-bina. Sabab sakabéh ranggeuyan korma nu rék diala geus géhéng tutung. Rénghék jiga areng.

    Ku Ajengan Wates diwincik moral caritana. Nyaéta, gedéna ganjaran jeung alusna martabat jalma béréhan sakumaha kaalaman ku patani korma tea. Sedengkeun anak-anakna nu teu daék nuturkeun amal kahadéan bapana, malah rék nyoba-nyoba macikeuh jeung curaling, saméméh nanaon geus ditibanan siksa. Korma nu baréto leubeut, barokah tina kabalabahan nu bogana, ngadadak rénghék géhéng alatan sipat hawek, medit, kumed jeung teu solidér ka balarea. Kahadéan bapana nu sakitu gedéna, rék dileungitkeun kitu baé alatan hayang meunang untung leuwih réa.

   Ka béh dieunakeun, “dongéng” Ajengan Wates téh kapanggih sumberna. Horéng tina Quran, S.al Qolam : 17-33. Kawasna, nu dibabar ku Ajengan Wates mangrupa tafsirna nu mémang sok dilengkepan ku latar kasang tempat jeung kajadian dumasar kana catetan sajarah atawa karya sastra. Intisarina mah, kahadéan nu jadi kolot kudu dituluykeun ku anak incuna, ku sakabéh ahli warisna. Pangpangna dina urusan nyaah ka sasama, simpati ka nu leutik. Getén tulatén jeung héman ka balaréa.

   Istilah Pa Uton – mungkin para putrana langkung uninga – nu kungsi disaurkeun ka nu nulis, yén  “Manglé” mah leutik hasil. Nganlantaran daék “sili ciwit” babagi rejeki, batur kaduuman, nu séjén kabagéan, bisa tinemu “barokah”.

   Padahal “barokah” nu hésé téh. Alhamdulillah ku “Manglé” geus kapanggih, lantaran pupuhuna (Pa Uton sareng Ibu Enden) béréhan, balabah. Nu hésé téh miara éta “barokah”. Lamun seug nu neruskeunana unggah pileumpangan, bisa-bisa ngalaman kajadian kawas anak-anak nu boga korma téa sakumaha pedaran Ajengan Wates di luhur.

   Piraku sugan. Jeung sugan wé ieu pépéling dina raraga miéling 57 taun “Mangle”, bisa dipaké bahan implengan ku sakabéh nu mikacinta “Manglé”.

  Nutup ieu tulisan, teu salah mun nyelapkeun pangalaman husus. Taun 2009, kuring meunang honor tulisan ti salah sahiji média Jakarta, kl. Rp 1,5 juta. Lantaran “duit lalakina”, teu gareuwah ka Ninina barudak. Éta duit dipaké “ngahénggoy” meulian buku. Témpo mayar, bet leuwih ti sajuta satengaheun. Kapaksa ditanbahan tina eusi loket nu geus jegang. Puguh wé bingung. Teu boga ongkos balik jeung can dahar. Mangkaning beuteung geus kukuruwukan.

  Inget aya karangan dimuat dina “Manglé”. Gancang ka dinya. Ampir telat da Hj.Ai Nawangsih nu sok ngabagi honor, geus rék bébérés.

Meunang Rp 50 rébu. Sapertiluratuseun honormédia Jakarta. Tapi malah éta nu barokah tur mangpaat lansung. Bisa dahar di “warteg” jeung ongkos mulang ka Limbangan.****  

 

 

 

 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: