• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Karim Suryadi;

Ijtihad Basa

Kintun kana Facebook
Mangle
Prof. Dr. Karim Suryadi, M.Si. [Potrét/Ilustasi: ensa]

Tarékah ngahudangkeun budaya Sunda katingali nguniang. Sok sanajan masih mangrupa kagiatan simbolik jeung formal, tapi sawatara tarékah éta perlu dirojong. Tarékah ngawanohkeun budaya Sunda katurunan urang, saperti ngalangkungan baju kamprét, iket, jeung sajabana sahenteuna geus méré tangara ka barudak, yén urang Sunda miboga corak baju jeung wanda sorangan dina dangdanan. Komo lamun bisa mesék tata niléy tur ajén inajén tina sagala rupa “proferti” nu dianggo.

Kitu deui ngamumulé basa jeung budaya Sunda ku jalan méré tatapakan mangrupa aturan  formal, saperti Perda ngeunaan budaya jeung basa Sunda teu meunang disapirakeun. Ngan hanjakal éta perda téh dina prak-prakan implementasina can jadi gerakan nu masif. Ku kitu téa mah ngalarapkeun hiji undang-undang atawa peraturan leuwih hésé ti batan nyusunna. Upami nyusun undang-undang ngan saukur nalungtik rujukan, alias dumasar kana téori atawa aturan (base on paper), larapna hiji aturan gumantung kana kamampuh, kapentingan, kahayang, tur keyeng henteuna masarakat nu jadi pendukungna (base on people). Lian ti éta, di urang masih aya panyakit mangrupa anggapan, mun hiji perkara geus ditulis dina aturan formal sok ngarasa éta masalah téh geus anggeus. Matak loba aturan ngan saukur jadi dokumén nu minuhan rak buku. Tapi sanajan kitu, medalna aturan basa jeung budaya Sunda geus némbongkeun karep politik (political will), yén para pamingpin di Tatar Sunda masih mitineung tur miboga tékad pikeun ngahirup-huripkeun basa jeung budayana.

Sajaba ti ngalangkungan dua perkara tadi, di handap ieu baris dipedar sawatara ihtiar nu payus dikokolakeun ku saha waé nu boga karep ngahirup-huripkeun basa jeung budaya Sunda sangkan turunan urang teu “poékkeun cabakeun”.

Kahiji, ngalobakeun ngomong maké basa Sunda, sangkan basa Sunda téh lain ngan saukur basa émosional tur angen-angen wungkul, nu sok dipaké lamun keur ambek jeung sedih, atawa ngimpi wungkul. Matak naon, upama rapat di kantor pamaréntah jeung pausahaan maraké basa Sunda satungtung dimeunangkeun mah. Kitu deui di sakola, komunikasi guru jeung murid,  atawa papada murid payus lamun maké basa Sunda. Da ngandelkeun indung bapana mah teu saeutik apan komunikasi di imah téh geus kamalayon. Kaayaan sarupa kitu baris tinekanan lamun pamingpin di kantor, atawa guru di sakola, miboga karep pikeun ngamumulé basa Sunda. Komo palebah maréntahkeun maké basa, atawa maca majalah Sunda mah, panitah guru sok leuwih diturut tibatan panitah kolotna.

Kitu deui saha waé nu mitineung kana basa Sunda, diperedih kaluhunganana pikeun nyiptakeun basa nu fungsional tur luyu jeung kapentingan nu makéna. Dina palebah dieu, saha waé bisa makihikeun pangalaman hirupna pikeun ngamumulé basa Sunda ku jalan “nginjeum” hiji basa pikeun ngagambarkeun hiji kalakuan sapopoé. Contona waé, basa Sunda pikeun bahasa komputer, bahasa élmu pengaweruh, jeung réa-réa deui. Éta ogé barudak mahasiswa sok pirajeuneun maké kecap “disedot” pikeun ngaganti kecap dicopy kana flash disk. Ceuk simkuring mah, nu kieu mangrupa salahsahiji ijtihad, sabab makna basa mah pan gumantung kasaluyuan nu marakéna. Asal dipaké tur kaharti geus cukup, tangtu béh dituna kudu diperenahkeun soal “seléra” basana.

Sajaba ti pikeun ngadumaniskeun kahirupan basa Sunda, tarékah samodél kieu penting pikeun ngungkulan tilemna sawatara basa alatan cara hirup nu geus béda. Contona waé, balukar pamakéan alat masak éléktrik nu ngaganti hawu, kurang leuwih aya 23 kecap nu baris leungit alatan jarang dipaké, kayaning songsong, ruhak, méhong, jeung réa-réa deui.

Kadua, pamaréntah daérah payus lamun nguatkeun iklim kasundaan di kantor, stasiun, mall, bandara, jeung di tempat umum séjénna ku cara maké arsitéktur Sunda mun nyieun gedong, ngalobaan bahan bacaan Sunda, nyetél lalaguan Sunda di tempat umum, jeung réa-réa deui. Contona waé, payus lamun stasion keréta api di wewengkon Jawa Barat nyetél lalaguan Sunda nu geus jadi ikon samangsa karéta eureun naék-nurunkeun panumpang. Kitu deui di mall, atawa gedong pamaréntah samangsa jam istirahat kantor. Kaasup mintonkeun kasenian Sunda dina upacara di kantor, atawa mun pangagung ngawinkeun, nyunatan jeung dina kasempetan séjénna. Sugan wé kabiasaan sarupa kieu diturutan ku anak buahna, tatanggana. Wayang golék beuki jarang ditabeuh da geus kasilih ku élékton, kitu deui kliningan jeung jaipong geus kadeseh ku joget koplo.

Katilu, kedah aya strategi kebudayaan nu ngulik tur ngawaris kaluhungan niléy jeung budaya nu jadi peperian urang Sunda, nu nyangkaruk dina carita, dangding, jeung sajabana katut mikiran kumaha ngabiharikeunana (ngaktualisasikeunana). Contona waé, karep “memiskinkan” koruptor nu diluluguan ku KPK ku jalan ngarampas kakayaan hasil korupsi, geuning dina “Tjarita Mantri Djero” mah leuwih ti kitu. Sanggeus Anggataruna kabuktian korupsi (miboga harta nu lain hakna), sajaba ti dirampas hartana téh manéhna diarak ngurilingan kampung sangkan éraeun, tur jadi palajaran pikeun rahayat séjénna, sarta diusir ti éta kampung nepi ka muluntu ukur baju sakujur bari kudu ditundung. Tangtu loba kénéh kaarifan lokal nu masih relévan tur aktual pikeun ngeuyeuban kahirupan urang sangkan Sunda teu saukur cenah, atawa jadi tukang keprok wungkul.***

 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

deni

10 taun langkung ngabandungan tarekah aktifis,guru basa sunda,budayawan sunda dugi ka ayeuna katingal aya peningktan tarutamina ku istiqomahna mangle,tuluy lumpat ka dunia maya,tarekah anu kudu meunang acungan jempol,mung tetep we nu diantos nu dipilari salami 10 taun teuacan kapendak,mung dua nu disungkeun teh naon tah ? 1.kaluarkeun kamus atanapi buku khusus ngeunaaan kecap-kecap anu urang sunda ge teu apal naon hartosna,anu mana jumlah kecap nu teu dipikawanoh ku urang sunda teh tiap taun pasti nambahan,kumargi arus zaman plus budaya tea,2.tilu taun diajar basa sunda di sakola tetep we sim kuring teu mendakan materi ngeunaan bahasa sunda anu lemes tur leres,apal soteh nya diwartosan ku guruna eta ge mung selingan,da dina bukuna mah teu mendakan,man nu merenah nguping atanapi ngadangu,wangsul atawa mulih,iyeu lemesna naon,dugi ka babaturan seueur nu ngeluh,duh urang era teu bisa sunda lemes padahal diajar basa sunda di sakola 3 taun,da basa na bukuna oge teu make bahasa lemes padahal mun urang terjun ka masyarakat pan butuh pisan sunda lemes.Tah ayeuna Mangle majalah nuandelkeun pisan ku urang sunda tiasa teu nyumponan 2 kabutuhan tadi ngalangkungan salah sahiji rubrikna dina majalah.Atanapi aya rubrik soal jawab jeung ahli basa sunda.Sakitu Hatur Nuhun

mg alloy

akur pisan sim kuring mah kana eta kamandang.. punten nun, sanes hoyong diilo, palias. kirang langkung salikur taun sim kuring ngacapruk di pro-1 r.r.i jambi ngasuh acara budaya sunda ku basa sunda, da enya asa hut-het ngipuk dulur ngeprak baraya sangkan angger marake basa sunda, keun wae ku es-em-es oge. enya we hemeng.. samalah mah kungsi kairong; rek menta dukungan ka bp. gubernur jawa barat atawa nu nyonggah pisan mah --di media-- ka bp. walikota bandung pikeun ngagelar sarupaning kamonesan naon we asal nyunda digelar di jambi (?).. simanhoreng, panyangka teh babarieun ari di sarakan mah nyundakeun sunda teh, piraku kudu aya perda sagala.. apan sunda teh boga urang pisan, matak ngukutna oge saditueun wajib.. kumaha atuh nya...

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: