• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Enang Rusyana;

Rasakeun!

Kintun kana Facebook

Hadeuh! Teu bisa diandelkeun manéh mah, Lorénzo! Ituh-ituh, kalah ngendoran lumpat téh! Haar ituh, kalah asup ka pit? Moal enya  éléh ku si Éspargaro sadulur, ku si Iannone atawa ku si Bradl? Pan maranéhna mah motorna gé lain motor pabrikan? Ari éléh ku si Marquez jeung si Pédrosa mah uing ogé ngartilah! Wajar! Keur mah balap di lemburna, motorna tararik, awakna gé laleutik maranéhna mah. Tambah-tambah, tim motor pabrikan deuih. Perkara éléh ku aki-aki ti Itali, rada wajar éta ogé. Kawantu si Rossi mah pabalap kahot, salapan kali jadi juara dunyana gé. Tapi, tetep wé kuduna mah manéh nu unggul téh. Naon coba sababna? Pan Valéncia téh lembur manéh, balapan kandang, motorna ogé sarua jeung nu si Rossi! Satim pabrikan. Kumaha sih, dua kali juara dunya motoGP téh? Tiap éléh tiap nyalahkeun ban baé manéh mah. Ngan bati ngageremet wé salila lalajo téh. Keur mah jagoan éléh, katambah-tambah teu bébas lalajona da loba nu séjén di ruang tunggu rumah sakit téh.  

Duka teuing atuh kana balap motor téh ku resep-resep teuing. Lain lalajo dina tévé wungkul, tapi jeung jungna ka sirkuit. Lain rék balap ka sirkuit téh, ngan saukur lalajo wé.  Da mani asa eundeur atuh jajantung téh ari ngadéngé motor balap digas digaur-gaur di pitstop mah. Teu rugilah pokona mah, ceuli jeung mata téh kajurung di sirkuit mah. Lamun keur boga duit kitu ogé kétah. Kitu gé paling jauh ukur semet  ka Shah Alam jeung Sepang di Malaysia. Sirkuit Shah Alam téh geus teu dipaké ayeuna mah da diganti ku Sepang. Tapi waktu Si Simoncelli palastra di Sepang mah kuring teu lalajo, da kabeneran keur munggah haji harita téh.

Mimiti resep kana balap motor téh tina pilem, baréto, keur SD, di lembur. Lalajo pilem di alun-alun kacamatan. Di Pameungpeuk, Garut. Layar tancep mun ceuk barudak ayeuna mah. Ari nu muter pilemna téh parusahaan, kayaning parusahaan roko, obat, jeung sabun bubuk atawa sabun mandi. Haratis. Méméh muter pilem jeung dina waktu istirahat, parusahaan téh ngadaragangkeun  produkna. Sok diémbohan ku hadiah sagala rupa keur nu mareuli téh. Maké kupon. Ngocok kuponna  dina waktu istirahat pilem kadua. Kuring gé pernah meunang hadiah. Nu muter pilemna parusahaan roko harita téh. Kuring dititah meuli roko ku bapa. Kebeneran meunang tah hadiah, jaket. Alus naker. Narimana di luhur panggung. Inget wé, mani ngadarégdég narima hadiah téh. Ka teuing atoh, ka teuing sawan pédah loba jelema. Ngan sigana, pangpangna mah sieun kanyahoan ku Pa Maman, guru kuring. Sieun dicarékan ké di sakola, sieun disangka sok ngaroko.

Dina pilem kahiji, tah, balap motor téh. Tong nanya judul jeung pamaénna. Teu nyaho jeung teu ngarti barina gé. Basana teu ngarti, lalakonna gé teu ngarti. Pokona mah pilemna téh hideung-bodas, aya balap motoran wéh. Inget kénéh tepi ka ayeuna gé da. Sumpah! Nu boga lalakonna téh motor nomer 10 jeung nomer 27. Wah ramé, silih udag, silih pépédkeun. Giliran méngkol mani daréngdék. Nu nomer 10 mah maké pegat tali kupling sagala rupa. Ceuk kolot nu tingcorowok éta gé, “Hadoooh! Tali kuplingna pegat, euy! Omékeun buru, omékeun!” Éh, nomer 10 kitu atawa nomer 27 nu pegat tali kupling téh? Tah, asa rada poho éta mah, tah. Lah, pokona mah aya nu pegat tali kupling wé di antara nu dua téh. Terus, juarana deuih nu poho téh. Duka nomer 10, duka nomer 27. Aéh, pegat tali kupling atawa tali gas, kitu? Leuh, poho deui éta gé. Hampura wélah. Pokona mah aya nu pegat wéh talina téh. Tali nu dina stang téa geuning.

Tah, dina waktu istirahat  pilem, kuring diajak ku babaturan, “Nang, hayu siah urang balap! Sok manéh rék nomer sabaraha? Arék 10 atawa 27? Déwék nomer 10!” ceuk Si Asép anak Sersan Éli. Si Endéd, Si Osid, jeung Si A Kunkun geus siap rék miluan. Geus baroga nomer malah. Nomerna ngan dua, 10 jeung 27. Kuring gé miluan. Kuring mah milih nu maké pegat kupling téa. Nu poho deui téa nomerna. Teu pupuguh atuh, nya, maké poho sagala rupa kana nomerna ieu téh. Ngahaja milih nu pegat kupling téh, soalna jagoan manéhna mah pan! Sanajan talina bari digégél ogé bisa nyusul. Hébat! Nu lalajo gé mani sarurak ayeuh-ayeuhan  méré sumanget ka nu pegat talina téa téh, bating ku kataji.

Kuring milu baris, ngajajar dina kalang. Taneuh wé digurat maké rokrak kalangna mah. Garis start mun ceuk ayeuna mah. Kabéh darongko, leungeun maju ka hareup. Persis wé siga nu rék balap motor geus taki-taki  nyekel stang. Dampal leungeun katuhu dikeupeulkeun bari diputer-puter ka tukang ka hareup. Tiap diputer ka tukang, tiap dibarengan ku sungut disada, “Ngéng, ngéng, ngéééng!” “Hiji, dua, tiluuu! Ngééééééééng!” Kuring sabatur-batur lalumpat patarik-tarik bari sungut disarada patarik-tarik deuih, “Ngééééééng, ngééééng…!” Giliran méngkol, kabéh lalumpat téh daréngdék! Beuki leceng lumpat, beuki déngdék, beuki gaya deuih. Rarasaan.

“Iraha manéh rék pegat kupling?” ceuk nu tinggaleun bari ha-héh-hoh.

“Moal jadi ah pegatna gé!” ceuk kuring. Rugi atuh ari kudu pegat kupling heula mah! Ké éléh lumpatna, aéh balapna.

“Hiiih! Keur nararaon éta bebenjit téh ngadon lulumpatan di panglalajoan!”

“Keur balap, Mang!”

“Balap-balap bebel sia! Dagangan aing yeuh kaleyek!” Ceuk Mang Emuh nu dagang suuk. Mang Emuh téh bapana Si Endéd. Giliran si Endéd liwat, ngan gep waé ditéwak ku bapana, “Enggeusan siah balapna! Pulungan tuh suuk!” Teu bisa kukumaha, pabalap téh dodongkoan bari mawa cempor mulungan suuk nu ngaracleng urut kaleyek.

Tah, ti harita resep kana balap motor téh. Dimitian tina lulumpatan bari ngabayangkeun balap. Mangkat rumaja, keur di SMA, sok maling-maling maké motor bapa. Motor dua tak, sokbréker hareupna geus téléskopik, rémna cakram, spidométerna dua. Hiji kétah, da nu hiji deui mah tachométer. Lumpatna tarik tah motor téh. Ku tarik-tarikna, nabrak domba kungsi, tuh di Médong. Si Wawan saksina gé, hirup kénéh ayeuna gé tuh di Kantor Balai RLKT Citarum Bogor gawéna. Nabrak nu tumpak sapédah kungsi, tah di sasak hareupeun toko Haji Juhana, gigireun Puskesmas Pameungpeuk. Teuing saha tah éta mah saksina, soalna kuringna gé teu éling harita mah. Kapiuhan. Tapi da aya urutna keur buktina mah, tah,  dina tuur. Céda. Saeutik. Dicarékan mah dicarékan ku bapa téh, taya tapakna ieuh. Ari bapa bongoh mah, keteyep deui waé motor téh ditungtun. Geus rada jauh, kakara dihirupan. Berengbeng wéh.

Nu pangripuhna mah ngajurahroh di got di Jalan Cihampelas, Bandung. Si Engkus éta mah saksina, wakasek SMA di Limbangan ayeuna mah béjana. Tepi ka potong huntu hareupna tah Si Engkus mah. Pan manéhna téh milu kana motor kuring harita téh. Ari kuring mah geus nabrak patok beusi téh ngeceplus kana got bareng jeung motor, ari Si Engkus mah ngalayang ka hareup. Ragragna di jalan aspal Cihampelas, huntu heula cenah. Ceuk tukang roti nu nulungan éta gé nyaho téh, sanggeus sadar.  Berekah, helm fullface rengat babatokna, sokbréker hareup antel kana mesin. Teu bisa laju deui. Rék ka Garut mah bolay wéh. Rék ngabagikeun buku karangan kuring jeung Si Engkus katut Si Tarlan harita téh ka SMP-SMP di Garut. Dititah ku Kang Opik ti Gegersunten. Indit ti Gerlong Girang téh subuh. Patalimarga gé kosong kénéh. Sup ka Jalan Cihampelas téh ukur aya mobil hiji di hareupeun. Mobil Suzuki turungtung, pulas bodas. Rada jauh, tapi pasti kasusul da lalaunan mobil téh leumpangna. Barang kuring ngaréndéng katuhueun éta mobil, dina lebah ban tukangna, teu méré tanda ti anggalna éta mobil kasebelan téh  der ngaléok méngkol ka katuhu, ka jalan Jurang. Atuh, kuring kapépédkeun. Rék dierém lain erémeun keur lumpat mengpengan kituna mah, rék milu méngkol ka Jalan Jurang moal bisa  deuih. Antukna mabal ka sisi jalan beulah katuhu, nya keceplusna téh kana got téa.

Teu kapok. Kana lulumpatan angger kénéh wé resep. Maksud téh kekebutan maké motor. Sanggeus boga mobil, malah nambahan kekebutan téh maké mobil. Ari keur maké motor mah rarasaan téh asa jadi si Wayne Rainey, atawa Keny Robert Sénior, atawa Garry MacCoy, atawa Max Biaggi. Sakapeung sok asa jadi Si Lorenzo, atawa Si Rossi di tim biru. Soalna, motor kuring gé samérek jeung motor maranéhna. Malah kelirna gé spésial kelir motoGP tim éta. Livery téa ceuk légégna mah. Has warna biru. Ari keur lulumpatan maké mobil mah sok asa jadi Mika Hakinén, Michael Schumacher, atawa Lewis Hamilton waktu maranéhna di tim béntang tilu dibuleudan. Pan mobil kuring gé samérek jeung mobil F 1 maranéhna, béntang tilu dibuleudan.

 Karesep kana balap téh nurun ka anak kuring nu lalaki. Bédana, ari kuring mah salian ti resep lalajo téh nyéta sok resep kekebutan. Sedengkeun anak kuring nu lalaki mah, ngan resep lalajo wungkul. Sakalina dibawa ngebut gé, boh kana motor boh kana mobil, sok mindeng ngélingan, “Bapa téh tos sepuh,” pokna, “kedah ati-ati. Ulah kekebutan kieu. Hariwang!” Teu ngaragangan pisan anak téh. Béda jeung si Tétéh, anak kuring nu cikal, awéwé; jeung indungna. Lamun teu ngebut téh, “Teu seru,” cenah. Malah mindeng si cikal jeung indungna téh sok ngalédék ka  nu lalaki, “Manéh mah lalaki téh euweuh kawani. Moal enya kana motor teu bisa, nyupiran mobil majuna cara kéong.” Tara sing némbal dilédék kitu téh, ukur seuri konéng wé.

Ari si cikal mah, nu awéwé téa, kana mobil bisa, kana motor komo. Ngagantian urut berobat batur remen, ngoméan mobil batur mindeng. Ngoméan béca sakalian ngubaran tukang bécana kungsi deuih. Kabéh gé urut korban si cikal tatéh. Nu kasérémpét téa, nu kateunggar téa. Ngan sukur alhamdulillahna téh taya korban jiwa. Bararaid teuing. Teu bisa majar kumaha, da rumasa kuring gé sok kitu ari di jalan téh, kekebutan.  

Kamari mah balik ti kantor téh rurusuhan. Sieun teu kabagéan lalajo Persib lawan Persipura, dina tévé di imah. Keur mah eukeur rurusuhan, katambah-tambah resep kekebutan ti tadina; atuh puguh wé ngadius ngalumpatkeun motor téh. Kandaraan nu kendor rada ngahalangan, dikelaksonan. Minggir saeutik, bebeskeun. Siet, liwat. Siet, liwat. Kitu wé jeung kitu sajajalan téh.

Sabot kuring suat-siet nyiapan kandaraan di hareupeun téh kaintip tina kaca spion aya motor gedé nunutur kuring. Malah kungsi ngaréndéng. Ti lebah kampus IPB Darmaga mun teu salah mah mimiti nuturkeunana téh. Sidik R 6 tah motor téh. Kaasup motor sport kenceng. Sed wé saeutik ti motor kuring, R 1. Nu tumpakna dedeg, papakéanana saged. Maké hélm full face hideung. Maké wearpack balap mérek kakoncara. Sarung tangan jeung sapatuna gé pon kitu kénéh. Standar kaamanana alus tah Si R 6 téh.

Salian ti nunutur téh, sakapeung mah maké rék nyiap kuring sagala rupa. Ngan orokaya cara nyiapna teu jeung kira-kira. Kuring rék nyiap nu di hareup, manéhna pipileun rék nyiap kuring. Kuring ngendoran méré jalan ka manéhna, éh kalah ngendoran deuih manéhna gé. Meunang tilu kali kitu lakuna téh. Euh, hayang ngadu jajatén sigana ieu mah! Geus karuhan kitu mah teu hayang méré ombér. Gas dipurilitkeun bari disentak, mesin ngocéak. Ban hareup rada ngangkat saeutik. Ber!

Diintip tina spion, manéhna kaciri ngudag. Di nu lempeng mah kuring gé ampir-ampiran kasiap. Éra mun tepikeun ka kasiap téh. Moal enya motor sport 1000 cc kudu éléh ku motor sport 600 cc. Samérek deuih. Di-Gibernau­-keun waé kitu siga di Valéncia, atawa di-Capirossi-keun siga di Sepang? Nurutan Si Rossi mépédkeun Sété Gibernau jeung Loris Capirossi maksud téh. Pan duanana dipépédkeun ku Si Rossi tepikeun ka kalaluar tina trék. Keur mikir-mikir kitu, kolébat anak kuring nu lalaki, “Bapa téh tos sepuh,” pokna, “kedah ati-ati. Ulah kekebutan kieu. Hariwang!” Bener, ceuk pikir. Gas dikendoran, gigi diturunkeun cetrék-cetrék kana opat, rém hareup-tukang dipasang lalaunan. Siet, ngan ukur sasiet kuring diliwat ku Si R 6. Jeun teuing, ah! Jig wé ti heula. Mani ngacir ngajauhan.

Teu kungsi lila, di tikungan ka katuhu kaciri Si R 6 téh keur ngalungsar di sisi jalan beulah kénca. Awakna keur disarandékeun ku nu nulunganana kana tungtung témbok bés nu diteunggarna. Motorna paburantak burakrakan. Motor harega 200 jutaan leuwih téh geus teu mangrupa. Tekor méngkol sigana, kenceng teuing lumpatna. Jalma-jalma  lalumpatan muru ka tempat kajadian. Pas keur adan magrib éta téh. Di tikungan Cibanténg.

Reg kuring eureun lebah dinya téh, “Kumaha teu ku nanaon?”

“Tatu, Pa. Parna sigana mah, tapi hirup,” ceuk budak ngora nu nulunganana.

“Rasakeun!” ceuk gerentes haté  bari maju deui. Sieun kaelatan solat magrib, jeung sieun kaelatan lalajo Persib deuih.

Kakara wé nyetandarkeun motor di teras imah, hp ngirining. Hp anak kuring nu lalaki, Si Dédén.

“Halow, sareng Pa Haji Enang?” ceuk sora ti ditu. Teu wawuh, tapi sora budak ngora.

“Muhun. Punten sareng saha ieu téh?”

“Abdi, Pa Haji, Rusdi di Tikungan Cibanténg.”

“Karah aya naon? Ari anak Bapa ka mana, ning hpna bet ku Jang … saha tadi téh?”

“Rusdi, Pa Haji.”

Solat magrib dihijikeun ahirna mah jeung isa, jam hiji peuting kitu gé; di masjid rumah sakit. Lalajo Persib lawan Persipura teu kalaksanakeun deuih.  Kaweur nu aya, teu puguh rarasaan, teu puguh pipikiran. Tétéla Si R 6 téh anak kuring nu lalaki geuning, Si Dédén. Nu sok ngingetan kuring atawa lanceukna ari keur kekebutan mawa mobil atawa motor.

Geus teu tahan cenah dilédék waé ku Si Tétéh jeung Si Mamah pédah teu bisa kana motor. Ahirna, manéhna diajar kana motor nu babaturan kuliahna. Meunang tilu poé cenah diajarna téh. Maké nu R 6 téa. Tah, kamari téh cenah rék pamér mawa motor ka imah. Di jalan kabeneran cenah papanggih jeung kuring. Sakalian wé némbongkeun wewesén. Ngahaja cenah api-api teu wawuh da rék nyieun kejutan téa ké satepina ka imah.

Hadeuh! Karasa ieu sirah lenglengan. Mikiran biaya rumah sakit sabarahaeun boa. Mikiran ngagantian motor batur 200 jutaeun leuwih. Kudu meuli nu anyar, da nu itu mah geus euweuh pupurieunana deui. 

Karasa, karasa. ***

Enang Rusyana, Dosén salah sahiji PTN di Banda Acéh.

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: