• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Paguyuban Warga Pasundan – Aceh (Parasunda);

Jauh Ngumbara
Nguatan Jatidiri Sunda

Kénging Rumpaka M-Online
Kintun kana Facebook
Mangle
Urang Sunda di Aceh, teu weleh silihajenan [Potrét/Ilustasi: ]

Cék paribasa, béda sumur béda tampian. Keur urang Sunda mah éta téh papatah nu nguatan urang Sunda bisa nitipkeun diri di mana waé, kaasup wargi-wargi urang Sunda di Acéh.

Ngalanglang di lembur sorangan, mimitina mah tumamu, tapi lila-lila mah, teu sing kahalangan ku anggang. Dina lelembutan mah, asa keur ngancik di padumukan sorangan. Lantaran kitu, atuh dina taun 70-an, ngadeg wéh paguyuban urang Sunda di Acéh nu mimitna mah garanna “Karang Pamitran”. Pupuhuna aya dua, pupuhu pinisepuh jeung pupuhu nonoman. Pa Utju kantos jadi pupuhu pinisepuh. Sangkan “Karang Pamitran” kadaptar, Kang Mumuh diutus ka Paguyuban Pasundan di Bandung pikeun ngadaptarkeun. Paguyuban Pasundan nétélakeun yén “Karang Pamitran” moal bisa diaku cenah lantaran teu ngandung kecap ”Pasundan”. Lantaran hayang diaku, nya kira-kira dina taun 2009, “Karang Pamitran” téh robah ngaran jadi “Parasunda”. Parasunda téh wancahan tina “Paguyuban Warga Pasundan Acéh”. Berekah cenah, ari geus ganti ngaran mah maké kungsi meunang waditra degung sapuratina ti Gupernur Jawa Barat (jaman Kang Ahér marner jeung Dédé Yusuf). Nu ngurus jeung maké éta waditra téh Kang Dindin jeung Kang Ayi, kawantu  jebolan ti STSI Bandung.

Kagiatan Parasunda téh di antarana arisan bulanan (keur pakum ampir sataun), bakti sosial penghijaun jalan ka Darussalam, gotong royong meresihan jalan, milu paméran saperti dina Paméran Hari Toléransi Internasional nu dialpukahan ku Yayasan Peduli Anak Bangsa – Acéh  (sihoréng diréktur Yayasan Peduli Anak Bangsa - Acéh téh Kang Kurdinar, asal ti Lélés), jeung pentas seni dina sababaraha kagiatan saperti dina Acéh Éxpo, dina karnaval seni Acéh, dina sertijab di institusi TNI Acéh (kawantu loba urang Sunda nu jeneng di TNI Acéh). Pentas seni nu dipintonkeunana jaipongan, kendang penca, jeung kacapi suling. Kagiatan nu can laksana nya éta nyusun réngréngan pangurus nu anyar, nyiar lahan keur kantor sékretariat, ngalengkepan waditra Sunda, jeung néangan bundel majalah Manglé. Rada hararésé cenah kawantu hayang haratis. Lahan keur kantor kungsi dibaladah dibadamikeun jeung pakumpulan masarakat Acéh nu aya di Bandung. Mun bisa mah cenah engkéna téh Gupernur Jawa Barat nyadiakeun lahan keur kantor pakumpulan masarakat Acéh di Bandung, Gupernur Acéh nyadiakeun lahan keur kantor paguyuban masarakat Sunda di Acéh. Kitu angen-angen pangurus Parasunda nu kaliwat téh. Minangka kantor saheulaanan sékretariat Parasunda, ayeuna téh nébéng heula di imah Kang Endang di Keutapang, atawa di kantor travel Kang Mumuh di Neusu.

Pakasaban Urang Sunda di Acéh

Jumlah urang Sunda di Propinsi Acéh téh kurang leuwih 7000-an, sumebar di 23 kabupatén/kota. Éta téh jumlah vérsi Parasunda. Nu dimaksud Parasunda dina ieu tulisan téh nya éta Kang Mumuh jeung Kang Endang, nu ngokolakeunana dina mangsa pakum ayeuna. Sedengkeun jumlah urang Sunda nurutkeun vérsi Kang Firson mah, lain deui. “Éta mah urang Sunda asli.” cenah. Lamun ditambah ku urang Sunda “kakajadén” mah leuwih loba deui.

Kang Firson téh ngaran lengkepna mah Lettu Firson Hadianto, S.Kom. Dinesna di Paldam (Peralatan Angkatan Darat) Kodim Acéh. Asalna ti Miramare, Pameungpeuk, Garut. Nurutkeun Kang Firson, nu disebut urang Sunda di Acéh téh aya tilu katégori. Hiji, ngaku urang Sunda tur mémang bener urang Sunda. Sunda asli nu kitu mah. Tujuh rébuan téa jumlahna. Dua, ngaku urang Sunda lantaran ngarangkep (kawin) jeung urang Sunda. Tilu, ngaku urang Sunda pédah kungsi sakola di Bandung atawa kungsi mancén tugas di Jawa Barat. Loba nu kitu téh cenah, paling henteu di lingkungan tentara di Acéh. Nurutkeun Kang Firson, urang Sunda asli nu jadi tentara di Kodam Iskandar Muda Acéh ampir 40%. Ti mimiti prajurit tepi ka Pangdamna éta téh. Sumebar di tiap kesatuan. Kodam Acéh pernah dipingpin ku  panglima urang Sunda, di antarana Mayjén Endang Sunarya. Jabatan di sahandapeunana ogé loba nu dicangking ku urang Sunda, kayaning dandim, kasdam, aspers, danintél, BIN, danyon, waaslog, jsté. Éta jabatan-jabatan téh aya nu geus diganti ku sélér séjén, aya ogé nu masih kénéh dicangking ku urang Sunda.      

Salian ti di tentara, di kapulisian Acéh ogé loba urang Sunda téh. Nya kitu kénéh, ti mimiti bharada tepi ka jendéralna aya. Ti mimiti anggota biasa tepi ka pejabat tinggina aya. Saperti kapolda, wakapolda, kepala logistik polda, danbrimob, wadanbrimob, kapolrés, wakapolrés, kasi intél, jsté. Aya nu masih kénéh dicangking ku urang Sunda, aya ogé nu geus diganti ku sélér séjén. Anu masih kénéh dicangking ku urang Sunda di antarana Kabag Logistik Polda Acéh, Kapolrés Pidie, jeung Wakapolrés Langsa. Dua bulan ka tukang, anggota Brimob Acéh urang Sunda nambahan deui 50 urang. Beuki loba wé anggota Brimob Acéh nu urang Sunda téh.

Dina widang atikan di Acéh, sanajan teu loba siga di tentara atawa pulisi, urang Sunda téh aya deuih. Aya nu jadi dosén, guru, jeung birokrat. Contona kuring di UT, Kang Asép di Unsyiah, Kang Dindin di ISBI Acéh (tadina STSI), Téh Enur di Biro Keuangan Unsyiah, jrrd. Kang Dindin mah kungsi ngalaman kajadian anéh cenah waktu kapeto mingpin kasenian dina miéling hari jadi TNI taun 2011 di lapang Blang Padang. Inyana ditugaskeun ku Dandim sangkan mintonkeun seni rapa’i massal (genjring mun di urang mah). Nu maénna, 100 urang brimob, 150 urang TNI, jeung 250 urang masarakat ti sanggar-sanggar seni. Kabeneran Kang Dindin téh salah saurang gegedug di Déwan Kasenian Acéh. Nu matak anéh téh éta cenah, ari nu maénna brimob jeung TNI, ari genjringna aya gambaran bulan béntang pulas beureum. Para pamaos ogé maphum kumaha TNI/Polri Acéh tumali jeung éta gambar dina waktu nu geus kaliwat. Parandéné kitu, suksés cenah éta acara téh. Teu aya kitu-kieu. Ayeuna, Kang Dindin keur naratas “Cut Nyak Dien Award” pikeun wanoja Acéh nu bisa méré inspirasi ka masarakatna.

Urang Sunda nu garawé di séktor formal séjénna, loba pisan. Conto, saperti  pernah jadi Kepala BRI Cabang, Imigrasi Acéh (dua kali),  Garuda, jeung Dinas Pertanian. Aya ogé nu gawé di Dinas Sosial (Kang Gungun jeung Kang Yanyan. Kang Yanyan téh pupuhu Tarung Drajat Acéh), BPKP, Kantor Pajeg, Télkom, Télkomsél, PLN, BLK, Kantor Camat (Téh Iis di Sabang), Kepala Rumah Yatim di Lamlagang (Kang Dian), jrrd.

Urang Sunda nu gawé di séktor informal mah komo, leuwih loba deui. Saperti Kang Mumuh (Umar Machtub, asal Jasinga), inyana boga travel jeung tour di Banda Acéh; malah dina tanggal 15 Désémber 2014 rék muka cabang di Kuala Lumpur, Malaysia. Ngaran travelna “Graha Menara”. Wilayah ambahanana di antarana ka Malaysia, Singapur, jeung Thailand. Teu kungsi ditanyakeun ku naon ngaran travelna teu ngaharib-harib ka ngaran Sunda. Pa Haji Dédé pupuhu paguyuban nonoman Sunda manten, boga toko di gigireun rumah sakit Harapan Bunda, Seutui. Pa Lalan, pangsiunan BLK Acéh, muka warung baso di gigireun mall Suzuya Seutui. Kang Endang muka toko optik di Leungbata. Kang Ayi si tukang seni, muka “Bubur Ayam Ki Sunda” di Keutapang nu dina plang warungna aya si Cépot. Kang Dadang urang Bayongbong katut 20 urang baturna, daragang batu ali di gigireun masjid Baiturahman jeung palabuan laut Ulé Lheu. Nu jadi gegedugna batu ali, Abah Mahpudin cenah. Kang Agus pangsiunan tentara, salian ti aktip kénéh ngetes calon tentara di Mata i, dagang baso deuih di Keutapang. Kang Akis dagang kainuman di Km 0 Sabang. Wah loba kénéh pokona mah nu ngaran-ngaranna teu dicatet, di antarana waé tukang parkir, tukang saté, tukang bubur ayam, tukang roti bakar, tukang siomay, tukang batagor, tukang céndol, jeung tukang bangunan.

Kumaha ari sikepna papada urang Sunda di Acéh? Prah waé siga umumna di lembur. Ngan bédana téh asa leuwih loma, asa leuwih deukeut campur gaul téh. Bubuhan papada jauh ka lembur, jeung batur gé asa siga jeung dulur. Atuh panarimaan urang Acéhna aralus deuih ka urang Sunda mah, boh dina waktu keur konplik boh ayeuna. Béda cenah sikepna téh jeung ka sélér séjénna. Teu ka  sipil wungkul kituna téh, ka tentara atawa pulisi urang Sunda gé, rada béda panarimaanana téh; aralus cenah. Ceuk Kang Firson téa mah, tentara ti Sunda mah bisa ancrub, campur gaul jeung masarakat saperti dina pangajian, upacara adat, kerja bakti, jsté. Parandéné kitu, nurutkeun Kang Kurdinar, aya ogé cenah urang Sunda  nu diusir dina waktu konplik téh, saperti nu aya di tempat-tempat transmigrasi. Tapi sacara umum, mémang cenah urang Sunda mah leuwih  diaraku ku masarakat Acéh téh. Ku naon pangna kitu? Cenah, di antarana éta téh tumali jeung sikep urang Sundana sorangan anu daréhdéh, soméah, bisa ngaragangan, jeung ngajauhan hal-hal nu konfrontatif.

***

Kudu Miang ka Acéh

Meg, angen asa mentegeg saréngséna maca ondangan téh. Teu rék kitu kumaha atuh, kuring rék diistrénan pikeun mancén tugas di hiji tempat. “Saudara akan dilantik sebagai kepala …. Banda Acéh.” Kitu di antarana eusi surat ondangan téh. Acéh? Tilu poé deui, kuring rék diistrénan tur kudu miang ka Acéh. Teu nyangka sacongo buuk ogé bakal ditempatkeun di Acéh. Leuh, kumaha nya di Acéh téh? Mangkaning loba béjana: konplik téa, tsunami téa, gempa téa, jeung rupa-rupa “téa” séjénna. Euweuh hiji gé “téa” nu alus nu kadéngé salila ieu téh.  Tapi dalah di kumaha, kangaranan anak buah mah kudu nurut kana paréntah atasan; komo deui ieu sasatna rék dijenengkeun.

Sadatangna ka imah, bébéja ka kulawarga. “Teu sawios-wios, Pa, Acéh gé Indonésia kénéh,” ceuk pamajikan. “Éndén mah di Bogor wé, nungguan bumi,” ceuk si cikal nu kakara lulus ti UNJ. “Moal ngiring ah Dédén mah, sieun,” ceuk nu kadua, nu kelas dua SMA. “Enéng mah rék ngiring ka mana waé ogé,” ceuk si bungsu nu kakara kelas hiji SMP. Mitoha awéwé mah mani togmol, “Leuh, badé naon atuh tebih-tebih teuing didamel téh? Atos wé di Bogor!” Béda deui ari indung mah, “Rék di mana waé ogé, jung! Ema mah sambung do’a wé, muga sing apanjang-apunjung. Enang sing nanjung,” bari soantenna mah ngageter dina télépon téh.

Poé Saptu, 7 Séptémber 2013, kuring miang ka Acéh. Ngahaja maké pesawat pangisukna, ngarah datangna beurang kénéh jadi bisa jalan-jalan. Ngabring indit téh, salapan urang. Kuring saanak pamajikan, mitoha awéwé, indung (pada-pada kari sabeulah, mitoha lalaki jeung bapa tos ngarantunkeun), dahuan, jeung adi nu katilu. Ngahaja indit téh ngabring ngarah kolot jeung dulur-dulur nyaksian siga kumaha Acéh tempat kuring mancén tugas téh. Sugan ku kitu téh matak reugreug, reugreug ka kuringna, reugreug ka nu ditinggalkeunana.

Saturunna di bandara Sultan Iskandar Muda Acéh, mobil dines nu rék ngajemput geus aya, dua. Belenyeng muru ka kota Banda Acéh. Kira-kira  dua puluh menit miang ti bandara, anak nu kadua nyarita, “Pa, Dédén gé rék ngiring ngalih ka Acéh, ah,” pokna. Manéhna robah pikiran. Katajieun ku kaayaan Acéh nu tétéla cenah béda pisan jeung béja nu katarima salila ieu ku manéhna. Geuning di Acéh téh jalanna rarubak, aspalna lalemes, bareresih, kendaraan teu pati ramé, pamandanganana aréndah. Saréréa mupakat kana pamanggih anak téh. Kolot jeung dulur reugreugeun katénjona téh. Kuring gé kitu.

Dina poé éta kénéh, saréngséna ningal kantor jeung rumah dines, kuring jeung rombongan ngajugjug objék-objék wisata di kota Banda Acéh. Ngahaja, soalna nu ngalanteurkeun téh isukna rék marulang deui, boh nu ka Bogor boh nu ka Pameungpeuk, Garut. Kira-kira bada asar, kuring jeung rombongan dibawa ka Komplék Perumahan Dosén Unsyiah di Darussalam. Ka dinya téh seja nepangan bapa Prof. Drs. H. Utju Ali Basya, M.A., mantan Kepala UPBJJ Universitas Terbuka Banda Acéh nu kahiji. Tah, ari kuring mah kepala nu ka dalapan. Urang Sunda mantenna téh, asli ti Bogor. Kepala nu ka genep, urang Sunda deuih, urang Cisompét, Garut. Cisompét téh kira-kira 18 km ti lembur kuring, Pameungpeuk.

Punten rada méngpar sakedik tina jejer, salian ti di Acéh, urang Sunda nu masih aktip mingpin UT di luar Jawa téh aya deui. Contona di UT Lampung (Kang Irlan ti Cianjur), UT Bengkulu (Kang Gilar ti Garut), UT Palembang (Kang Jamal ti Cirebon), UT Padang (Téh Tati ti Sumedang), UT Gorontalo (Kang Djahruddin ti Kuningan), UT Kendari (Kang Wawan ti Ciamis), UT Jayapura (Kang Djiyo ti Cirebon). Sigana bakal beuki euyeub “Rubik Béja ti Pangumbaraan Manglé Online” téh upami aranjeunna sina medar kumaha ketakna urang Sunda di masing-masing wilayahna.

Tepi ka tabuh satengah sapuluh peuting di bumina téh. Da unggal rék amitan, unggal dihulag waé, “Sono ngobrol ku basa Sunda,” saurna téh. Ma’lum, tos satengah abad di Acéhna téh. Tos jadi tokoh masarakat nu diajénan di Acéhna ogé. Pon kitu deui garwana, Ibu Dra. Hj. Eutik Atikah; salian ti ngadosénan di Unsyiah sareng UT téh jadi tim penggerak PAUD Propinsi Acéh deuih nyarengan garwana gupernur. Méméh kuring amitan, Pa Utju katut garwana anu gérécék soméah ngajangjian bakal ngajak kuring nepungan pangurus paguyuban urang Sunda di Acéh.

Dua minggu ti harita, waktu kuring keur rapat dines di Bandung, kuring narima télépon yén Pa Utju pupus. Innalillahi wainna ilaihi rojiuun.

 

Ngobrol Sunda 

Sababaraha kali, boh kuring boh pamajikan atawa barudak, dina campur gaul jeung masarakat Acéh téh kabelejog. Waktu sasarap isuk-isuk sakulawarga di warung nasi gurih (sangu wuduk mun di urang mah), tukang nasi gurihna nimbrung nyarita ku basa Sunda. Meuli batu ali di émpér masjid Bariturahman dipungkas ku rebut tawar dina basa Sunda. Di lapang Blang Padang rék sasarap bubur ayam méméh senam, rék mayar téh diajak ngobrol maké basa Sunda. Meuli saté jawa di Seutui, meuli siomay di masjid Teuku Umar, nyieun sértifikat di Km 0 Indonésia di Sabang, tukang parkir di rumah makan Kuta Raja, menerkeun paralon cai, kabéh dipungkas ku nyarita dina basa Sunda. Sihoréng-simanahoréng, maranéhna téh kabéh gé urang Sunda nu bubuara di Acéh. Untung saméméhna teu ngomongkeun maranéhna.

Dumasar kana nomer télépon pamasihan ti Ibu Utju, kuring ngontak pangurus paguyuban urang Sunda di Acéh. Aya dua nomer. Nu hiji, Kang Saléh. Barang dikontak téh ngawalon, “Abdi mah tos wangsul deui ka Bogor ti taun 90 ogé. Ayeuna ngajar basa Inggris di SMA 1 Bogor.” Beu! Nu hiji deui, Kang Muhtar. Teu némbalan dikontak téh nu ieu mah. Sihoréng Kang Muhtar mah pituin urang Acéh, ngan sok ilubiung dina kagiatan kasundaan bubuhan garwana téh (Téh Enéng) aktipis senior paguyuban urang Sunda. Buntu.

Tilu poé ti harita, bada asar, aya télépon. Nomerna teu wawuh. Ditanya maké basa Indonésia, ngajawabna ku basa Sunda. “Punten. Abdi, Endang ti Tasik,” ceuk sora ti ditu téh, “Abdi dipiwarang ku Téh Muhtar kanggo ngontak Bapa. Saurna Bapa badé ka pangurus paguyuban urang Sunda di Acéh….” Ooooh…. Tabuh lima leuwih saparapat harita téh. Satutasna nutup télépon, belenyeng wé ka Keutapang nepungan Kang Endang.

Kang Endang téh minangkana mah humas cenah. Pangna disebut minangka téh lantaran can aya deui kapangurusan nu resmi. Pakum geus ampir dua taun. Bari ngobrol ngalér-ngidul ngeunaan urang Sunda di Acéh, Kang Endang ngontak pepentol Sunda nu araya di Acéh. Tapi, taya saurang gé nu bisa datang. Na kituna mah pantes, rék dur magrib (di Acéh mah magrib téh tabuh 18.30, malah dina bulan puasa kamari mah tabuh 18.50 WIB) diajak ngariung bari dibéjaanana ngadadak, saha nu daék.

Méméh amitan, kuring ménta dipariksa mata heula ku Kang Endang. Tukang optik Kang Endang téh. Terusna mah sakalian wé ménta diganti  kacana. Haregana kawilang jauh mun dibandingkeun jeung harega di optik  nu di gigireun masjid Baiturahman mah. Béda saratus rébu, leuwih murah di Kang Endang. Teu ditawar sakitu téh. Komo mun ditawar heula mah, meureun bisa leuwih murah deui.

Nurutkeun Kang Endang, urang Sunda di Banda Acéh téh nu kacatet aya 400-an urang. Nu di Sabang aya 700-an urang. Pakasabanana rupa-rupa, aya nu di séktor formal, aya ogé nu di séktor informal. Katerangan nu leuwih lengkep mah engké waé cenah mun ngariung. Lamun henteu, cobi we cenah tepangan Pa Nanang, Danramil Lambaro, atawa Kang Mumuh. Duanana gé kantos jadi pupuhu cenah. Hanjakal, waktu kuring ka kantor Koramil Lambaro, Danramilna keur jadi ketua panitia sertijab di Kodim. Ngan ukur bisa nénjo potrétna wé di kantorna téh, di handapeun potrét aya tulisan: Kapt. Nanang Junaedi, Komandan. Nurutkeun pikét, Pratu Zainuddin, “Komandan sedang bahagia, baru punya cucu pertama, kemarin.”

Tanggal 17 Nopémber 2014 pasosoré, kurunyung téh Kang Mumuh ka kantor kuring. Ngobrol tepi ka léwat magrib. Bari ngobrol téh Kang Mumuh ngontak sababaraha urang deui. Jul-jol, lumayan aya kana lima urangna. Ngarah leuwih bébas, ngobrolna urang diteruskeun di café kopi wé siga  prahna kabiasaan urang Acéh ceuk Kang Mumuh téh. Bring wé ka “Dapur Cofee” deukeut kantor kuring, di Pungé, sisi jalan ka palabuan laut Ulé Lheu.  (Lalakon kuring, Enang Rusyana miang ka Aceh) *** Pungé Blang Cut, Banda Acéh, 27 Nopémber 2014.   

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: