• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Berkah Kahadéan

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook

Nyieun kahadéan ka sasama mahluk, mangrupa paréntah Alloh SWT. Dawuhanana dina Qs. al-qashash ayat 77 :

“Aranjeun kudu milampah kahadéan ka batur (tulung tinulungan, sodakoh), sakumaha Alloh parantos maparin kahadéan ka aranjeun. Jeung poma ulah nyieun karuksakan di ieu alam dunya. Saéstuna Alloh teu suka ka jalma-jalma nu nyieun karuksakan.”

Para ulama réa ngariwayatkeun soal kahadean katut ganjaranana. Di antarana dicutat di dieu, tina kitab “Al Matjarur Robih fi Amalis Solih” karya Syékh Hafidz Syarofuddin ad Dimyati (abad 14), “Sifatus Sofwah” karya Abdurahman Ibnul Jauzi  (abad 11),”Khulasotul Fado’ilul Amal” karya Syékh Ali Najif asySyuhud, jrrd.

Upamana baé, kahadean hiji patani, anu dibéré hujan husus. Jujumplukan. Padahal di tempat séjén, panas éréng-éréngan.

Hiji jalma, nikreuh leumpang satengahing panas halodo panjang. Langit mentring. Ukur aya méga ipis saguliweng.

Ti satukangeun éta méga ipis, ujug aya sora ngoncrang :

“Caian  tuh kebon Si Fulan !”

Éta mega ngulisik.Tuluy barobah jadi hujan. Nyurulung ninggang tanah rédés ku batu. Caina palid kana kamalir  nu rarengat réa tela.  Ngocor ka patempatan béh lebak.

Lantaran  panasaran, éta jalma nuturkeun cai. Anjog ka hiji kebon,tempat cai eureun. Ngumplang. Di dinya aya hiji patani keur macul. Ngoréh-ngoréhkeun pijalaneun cai nu karék jol.

Ki Sémah uluk salam. Pék tumanya :

“Punten, sadérék saha jenengan?”

“Sim kuring,  Fulan,”témbal patani. “Aya naon kitu?”

“Tadi kuring nguping, jenengan anjeun disebut ku sora satukangeun méga. Maréntahkeun sangkan nurunkeun cihujan ka ieu kebon. Naha amal kahadéan naon nu ku anjeun tos dipidamel? Dugi ka kénging kaistiméwaan kieu?”

Sanggeus rada lila ngaheneng, Ki Fulan nyarita :

“Lantaran kitu, nya kapaksa kuring balaka. Tapi duka teuing, naha bener  amal kahadéan atawa lain. Unggal panén, hasil ti ieu kebon dibagi tilu. Sapertilu, dibagikeun ka baraya jeung tatangga nu barutuheun. Sapertilu, dahareun kuring sakulawarga. Sapertilu deui disésakeun keur binih usum melak deui engké.”

SyékhHafidz Syarafuddin ad Dimyati , nétélakeun, ieu kisah nyumber kana hadis sohih riwayat  Imam Muslim.

                                                     ****

Aya  hiji ahli ibadah. Salila 70 taun tacan kungsi ninggalkeun pangsujudan. Gawé dikir, muja-muji Alloh SWT. Nepi ka ku balaréa dianggap ahli surga lantaran kahusuanana ibadah.

Ngan baé, hiji waktu éta ahli ibadah teh bet kagoda sétan. Kaolo kaosol pikeun milampah masiat. Mimitina mah kaserang rasa waswas jeung bosen.Malum manusa, pinuh ku kaluluputan. Al insanu ma’alul khoto. Tujuh poé tujuh peuting manéhna guyang dina kamasiatan nu patukang tonggong jeung  kasucian ibadahna salila 70 taun.    

Barang éling, gancang pertobat. Terus nyingkahan tempat ibadahna.Leumpang sakaparan-paran bari teu kendat maca istigfar.

Unggal poé puasa. Buka cukup ku ngandelkeun cai walungan nu kaliwatan, katut bungbuahan saaya-aya. Nepi ka hiji patempatan. Di dinya aya jalma béréhan ngabagikeun bungkusan kadaharan ka sakur nu ngaliwat. Manéhna kabagéan sabungkus. Diancokeun keur buka. 

Barang tempat babagi ditutup, da bagikeuneun geus béak, torojol hiji aki-aki. Kalémpohan. Hanjelueun pisan lantaran teu kabagéan nanaon.

Katénjoeun ku ahli ibadah nu keur tobat. Bungkusan dahareun hasil pangbagian, dibikeun ka éta aki-aki bari nyarita.:

“Ieu rejeki anjeun, Aki. Pék geura purak, ambéh anjeun tanagaan deui.”

Sawatara waktu ti harita, ahli ibadah nu keur tobat téh, maot.   Di ahérat, timbangan amal ibadahna salila tujuh puluh taun, hampang ngoléang. Beurat kénéh dosa masiat salila tujuh poé. Tapi  ganjaran méré dahareun sabungkus ka aki-aki nu kalaparan,  leuwih beurat deui. Nepi ka mampuh mupus  dosa masiat tujuh poé nu ngalegleg ganjaran ibadah salila 70 taun.

Sakabéh jalma nyangka, manéhna jadi ahli surga lantaran kajununan jeung kahusuan ibadah salila tujuh puluh taun. Taya nu nyangka manéhna jadi  ahli surge,  lantaran kaihlasanana ngabébaskeun jalma kalaparan ukur ku dahareun  sabungkus. Éta gé paméré batur deuih.

                                                     ***

Hiji jalma nyorang perjalanan jauh. Ngarasa halabhab kabina-bina. Untung  deukeut ti dinya, aya sumur. Caina hérang.Ngan jero kacida.Jaba euweuh timba. Kapaksa turun gugurawilan. Nété séngkédan. Heureut tur leueur.

Geus ancrub ka handap, leguk nginum saseubeuhna. Malah sibeungeut jeung dipokrok sirah. Térékél deui naék kalawan hésé béléké.

Barang anjog ka luhur, bet aya hiji anjing. Langlayeuseun. Ngalétakan taneuh sabudeureun biwir sumur. Bakat ku lapar jeung halabhab.

“Ieu anjing pasti sarua jeung aing tadi. Kalémpohan hayang nginum. Perlu ditulungan , “cék pamiiir éta jalma.

Teu talangké, manéhna turun deui ka jero sumur. Leuwih hésé batan tadi.Sabab séngkédan sumur geus leueur kabaseuhan. Tapi teu ngarasula.Kajurung ku niat ihlas hayang nulungan anjing  sanajan ku cai sakeclak.

Geus nepi ka handap, manéhna nyiuk cai ku tarumpah.Sabisa-bisa baé. Naék deui hésé béléké. Komo ayeuna mah leungeun sabeulah nyekelan tarumpah eusi cai.

Alhamdulillah, anjing katulungan.  Bisa menyat deui tanagaan, sanggeus dibéré nginum cai satarumpah. Bari lélétak, anjing neuteup ka éta jalma. Di dituna mah nganuhunkeun.

Alloh SWT ogé nganuhunkeun, ku cara ngahampura dosa éta jalma nu geus nyieun kahadéan nyalametkeun nyawa mahluk sanajan saukur kangaranan anjing.

Para sohabat nu ngadangu ieu kisah ti Abu Hurairoh, tumaros ka Kangjeng Nabi Saw :

“Naha urang bakal kénging ganjaran tina  midamel kahadéan kas ato hewan, hé Rosululloh?”

Waler Rosululloh Saw  :

“Sakur pagawean hadé  ka sakur mahluk hirup, aya ganjaranana.”

Syaik Ali Najif asy Syuhud, panyusun  kitab “Al Khulashatu fi Fadlailul Amal” (édisi 2011), nétélakeun, hadis ngeunaan jalma méré nginum anjing, sohih. Diriwayatkeun ku Imam  Bukhari jeung Imam Muslim (mutafaq alaihi).

                                                           ****                                   

Dawuhan Rosululloh Saw : “Sing saha nu ngali sumur caian,tur  diarinum ku jin, manusa, jeung manuk, ku  Alloh dipaparin ganjaran dina poean Kiamat” (hadits riwayat Ibnu Hibban).

Aya hiji jalma nandangan panyakit  parna.  Geus  tujuh taun, tuurna  tatu gudawang. Ngucurkeun getih pirang-pirang. Teu cageur-cageur sanajan terus uubar  taya kendatna.

Manéhna tumanya ka Ibnul Mubarok, hiji ulama “tabi’in” (nu kungsi tepung jeung guguru ka salah saurang sohabat Nabi Saw). Meredih pitulung atawa pituduh sangkan cageur.

“Jung indit ka hiji patempatan, nu pangeusina nandangan musibah kagaringan. Merelukeun pisan cai. Pék nyieun sumur di dinya. Mugi-mugi wé, ku ayana éta kahadéan, Alloh SWT maparin jalan picageureun. Cai nu mancer ti sumur engké, Insya Alloh, nyaatkeun getih nu ngucur tina tuur anjeun, “Ibnul Mubarok nyarankeun.

Gancang baé, eta jalma neangan tempat nu bener-bener kagaringan. Nu pangeusina katalangsara. Nepi ka keur bubutuh sapopoé, ngagunakeun cai kotor pamiceunan dina kolomberan.  Di dinya éta jalma  nyieun sumur. Muruhan tukang ngali leuwih mahal ti nu lumrah.

Dina jero saminggu, sumur réngsé. Cai bersih nyebrot. Nepi ka beunang disiuk bari cingogo. Pangeusi lembur gumbira. Nganuhunkeun kana pitulung nu nyieun sumur, lantaran ayeuna maranéhna moal kagaringan deui.

Kalawan kapalay  Alloh Nu Maha Kawasa, getih dina tuur éta jalma, ngadadak saat. Garing sabihara sabihari, Tatuna ogé limpud. Taya tapak-tapakna. Gancang manéhna sujud sukur. Amal kahadeénana mangnyieunjeun sumur, ditarima ku Alloh SWT jeung ku urang lembur. Tur ganjaranana ogé langsung katarima ku cageurna panyakit nahun.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

Dian

Maca mangle asa jadi urang sunda nu nyaah ka lemburna

yono urang baginda

Punten anu kasuhun pa haji, seratanna ku simkuring bade di copy paste.peryogi kanggo pembelajaran murangkalih abdi di rorompok. Mugia Alloh swt, ngaganjar kana sadaya kasaean pa haji, haturnuhun

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: