• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Islah

Kénging Abdullah Mustappa
Kintun kana Facebook

Kumaha pakuat-pakaitna antara islah jeung ihlas? Ceuk dina kamusna, islah téh akur. Mun aya anu paséa tuluy sasalaman, silih rangkul malah jeung cipika-cipiki, hartina geus akur. Nu kitu nu disebut islah téh cenah.

Ari ihlas, ieu mah beresih haté. Nu ihlas, maksudna jelema anu beresih haté téa, lumrah lamun akur jeung sasaha. Pan nu beresih haté mah tara ngageremet. Tara ngukut kakeuheul. Komo ngunek-ngunek mah. Tapi anu islah tacan karuhan akurna téh dibarengan ku ihlasna. Bisa waé islah padahal kapaksa. Atawa aya pangarahanana. Lamun perlu, ditungguan balangahna.

Walanda contona. Salila-lila ngajajah nagara urang, ti mimiti jaman Kumpeni nepi ka Hindia Walanda. Teu kaitung kabeungharan ti urang anu diakutan ka nagarana, nepi ka nagara nu ngan ukur sagedé pelok téh bisa makmur. Ari dina sakalina Hindia Walanda merdéka jadi Indonésia, na atuh da keukeuh embung ngaku. Dalah nepi ka ayeuna ogé apan Walanda mah teu daék akur jeung batur. Puguh-puguh proklamasi Republik Indonésia téh tanggal 17 Agustus 1945, ceuk pamaréntah Walanda mah lain. Lain harita. Nu dipaké patokanana téh titimangsa manéhna netepkeun sorangan, nya nu disebut pengakuan kedaulatan téa. Géséh opat taun apan jeung proklamasi téh.

Dina nyanghareupan Indonésia, pamaréntah Karajaan Walanda ngaku islah tapi teu daék ihlas.

Dina urusan pulitik jeung kanagaraan antara islah jeung ihlas téh mindeng pisan dihaja disina patukeur tempat. Lain dijurung ku maksud sina répéh rapih tapi gumantung kana kapentinganana. Di lebah dieu sigana mah patalina jeung urusan strategi. Tangtu wé tujuanana mah ngan hiji, kumaha carana supaya bisa unggul.

Antara Ali jeung Muawwiyah gé apan hakékatna mah teu jauh ti kitu. Nu jadi sumber masalahna mah kajadian ditelasanana Usman bin Affan. Keur jeneng jadi khalifah, Usman harita téh. Mémang geus muncul masalah jauh saméméhna. Usman téh loba ngajenengkeun kulawargana. Diantarana Muawwiyah. Lantaran loba anu teu resep, lila-lila robah jadi ngamusuhan. Nepi ka ahirna Usman aya anu nelasan.

Pikeun gaganti Usman, Ali dibéat. Sanggeu jeneng khalifah, Muawwiyah meredih sangkan Ali ngungkab saha-sahana anu nelasan Usman. Ari Ali lain teu niat, ngan kaayaan harita keur meujeuhna harénghéng. Teu mustahil lamun kaayaan kalah beuki kacow ogé.

Muawwiyah sorangan, cék salasahiji sumberna, cenah sadar yén pancén anu keur disanghareupan ku Ali téh lain énténg-énténg. Geus aya niat moal terus-terusan ngutik-ngutik perkara ditelasanana Usman.

Tapi nu araya di sakurilingeunana ampir taya saurang gé anu satuju kana niat kitu. Ditelasanana Usman téh lain perkara leutik-leutik. Ieu mah urusanana jeung tanggung jawab nu keur jadi pamingpin. Ku Ali teu meunang dibaékeun kitu waé.

Nu kacatet ku generasi muslim sabadana apan hiji tragedi anu matak ngangres. Ali jeung Muawwiyah perang anggeus-anggeusan, nepi ka ampir tutumpuran. Bari jeung dua pihakanana sarua pada-pada nyenyekel Quran.

Nya aya usul anu siga gampang. Nu paraséa téh Ali jeung Muawwiyah. Sapanjang éta nu duaan karawasa mah perang moal aya eureunna. Lamun saréréa hayang salamet, taya deui jalanna iwal ti éta nu duaan kudu disina ngécagkeun kalungguhanana. Nya éta usul téh ditepikeun ka dua pihakanana. Boh Ali boh Muawwiyah sarua teu nolak. Duanana satuju. Heug, cenah.

Dina derna, ceuk salasahiji riwayat, apan henteu lumangsung sakumaha anu direncanakeun. Disaksian ku wawakil umat anu petingan, nu mimiti nyarita téh wawakil ti Ali. Ceuk basa anu saderhanana mah, ngikrarkeun Ali dilulungsur tina kalungguhanana. Giliran anu ikrarna wawakil ti Muawwiyah, nyaritana jadi béda. Kuring satuju Ali dilulungsur tina kalungguhanana, cenah. Peun semet dinya. Kumaha ari perkara Muawwiyah? Ku manéhna teu disebut-sebut.

Tangtu, aya vérsi séjén anu nyebutkeun ikrarna béda. Tapi intina mah nya ti harita bengkahna islam-pulitik téh. Sajarahna geus kabaca ku saréréa, kaasup ku urang anu hirupna ayeuna. Kumaha ngadegna kaom Khawarij jeung kumaha maranéhna tuhu kana prinsipna, ayeuna mah geus jadi bahan debat di mana-mana.

Kumaha dipatalikeunana antara islah jeung ihlas, lamun ngeunteung tina kajadian nu enggeus-enggeus, sigana mah bisa dipaké conto pikeun nerangkeun harti paribasa ngajul béntang ku asiwung. AM

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Maman S. Wasita-Atmadja

Teu mustahil lamun kaayaan kalah beuki kacow ogé.

Aya basa Sundana tina kacau (Ind), nya eta riceuw, sanes kacow. Nyanggakeun.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: