• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Pitapak Ririwa

Kénging Emha Ubaidillah
Kintun kana Facebook

 “Tah gening Bah Sobir, mangga teras ka lebet Bah!” ceuk saurang lalaki ngabagéakeun. Di jero rohang ngarogrog awéwé lalaki, budak leutik ronghok tina kaca nako. Bah Sobir ngalacat, nu ngarogrog nyéngléd méré jalan. Bréh wéh budak lalaki kumeuheur keur direjeng ku opatan, beulah leungeun kénca katuhu, sarua lebah sukueun gé. Nu ngarejeng teu eureun babacaan sabisana-sabisana. Sababaraha urang keur ngajampéan cai dina gelas.

            “Sadar Jang, … sadar … Istighfar!”

            Teu kabayang mun nu ngajampé sapuluh urang berarti sapuluh gelas, sapuluh gelas diinumkeun piraku teu kakabueun.

            “Mmmmmh…hmmmm rrrrr!” Jang Oding gegereman burial buncelik bari gugurinjalan, meureun dasar-dasarna basa lelemes mah ngagerem.

            “Dedemit jurig nyiliwuri, syetan siluman marakayangan, gera nyingkah siah. Barina gé béda alam béda ciciptaan na bet sasab nyarumah kana waruga manusa!” Nu ngarejeng teu reureuh baceprot demi ari Si Abah Sobir ngajanteng sajongjongan nelek-nelek imeut pisan.

            “Aingah mmmmh  lain nyarumah deuleu! Ngahaja deuk mawa Si Oding, kajurungan ku dunungan!”

            “Ke ke ke teu gugur teu angin jug deuk mawa anak aing, teu linglung mah sia téh juriiig!?”  Mang Utay bapa Jang Oding kekerot bubuhan loba batur mungguhing ari punduk mah geus ngajuwid baning ku seber.

            “Cikan tong dijaregelan baé, lésotkeun wé!” Bah Sobir karak nyoara, keteyep nyampeurkeun.

            “Moal nanaon Bah?” Kang Momo nyelengkeung, cekelanana ngendoran.

            “Moal, insyaalloh!”

            “Nanaona sia téh  deuk pipilueun sagala kana urusan aing!?” Jang Oding muncereng ka Bah Sobir kituna bari ender-enderan. Ieu kolot kahot Urang Lembur Gede teu lemek, ayem wé.

            “Culkeun wé!” pokna deui. Bareng jeung lalésot panyekel, Jang Oding ngagurubug laju diuk ngarengkebeng. Nu opatan ngaburiak ka tukangeun Bah Sobir.

            “Hmmmmrrr… geus waktuna aing indit mawa Si Soding jagragkeuneun ka dunungan aing!” cenah, sora beurat pikakeueungeun tur matak kukurayeun. Jung cengkat, Bah Sobir gentak ngeupeulkeun leungeun katuhu,

            “Mangké lanan!” cenah nyentak. Bruk Jang Oding ngarumpuyuk laju kokoséhan jeung panas-panasan. Nu ngarariung cing derengdeng sapangbisana séwang-séwang. Padungdengan ragot antara Bah Sobir reujeung lelemes nu ngancik dina waruga Jang Oding teu kabéh bisa kabokér  ngan tungtungna Bah Sobir ngancam ditempas ancaman deui.

“Mun teu ngabéjakeun Si A Si Béna anu ngajurungan sia, tong ngarep-ngarep sia bisa mantog ka alam sia!”

            “Mun aing dibaréngkos kieu, hartina ieu budak deuk sina modar nyah?”

            “Mangsabodo deuleu!... pira jelema saésé uing mah moal opénan, henjig wéh deuk dijieun anak kukut ku sia mah!”

            Ana kocéak téh, mun henteu mah saérté ngadéngé kabéh. Méméh ngaguprak, nompokeun haréwos kana ceuli Bah Sobir. Beurangna karak kanyahoan  Jang Oding cenah nimu duit sagepok, lebah pisan jalan ngolécér wengkon Citarik. Duitna dibuntel lawon bodas dihijikeun jeung sasajén kayaning rujakeun jeung seupaheun. Dua poé dua peuting teu empés-empés ana sadar jug owah teu puguh. Syaréatna Bah Sobir ti Lembur Gede, Jang Oding kajait tina rajapati demit, usung-ésangna idajil la’natulloh.

            “Keun baé Sujang tong didéngé océhan jalma-jalma sirik mah. Da kitu di lembur urang mah teu kaop ningali tatangga aya kamajuan, ngaradon usil; munjung mah, miara tuyul mah. Teu baretaheun ningali nu maju sabalikna aratoh mun tatangga nambru!” Ma Kayah ngecebrek sorangan, dina hiji poé ngalelemu pangdoni anak lalakina anu keur meujeuhna nanjung. Ti saprak kajadian aya budak lalaki nimu duit di parapatan jalan Citarik, ngaran Jajang Sutingong jadi catur salelembur. Ari Ma Kayah nya urang Sumber Sari, indungna Jajang Sutingong. Lanceuk awéwéna boga salaki urang Majasetra. Rejekina buburingkalan teu ngimbang kana lakon pangupa jiwana, pantes pada naksir teu bérés téh. Pira dagang béas leuleutikan sapoéna tara béak saparapat kintal. Teu mangkuk tataunan bet kabual meuli jongko di pasar Ciparay malah bari ngabandar sagala kaceluk ku landian Juragan Menel. Lubak-libuk di lebak teu kacabak, di pongpok teu kalebok, ku nu pesen pada napuk ngaladangan tangka bukbek. Aman hapuk suda habek, sagulak-sagilek jadi sakibik. Patulayah treuk dolak reujeung mobil bak, motor ge kabebek-bebek, gepokan duit kencring sabubuk-bubuk.

            Pabuburit katémbong lanceuk Jang Oding ngagidig bangun rusuh, ku tatanggana pada nelah Kang Dumon tukang ngoméan mesin kompa. Basa sup pisan ka terminal pada nanya; Deuk ka mana? “Deuk ulin wé, aya perelu ka Lembur Gede”, kitu pokna pondok. Basa gujrud di pasar aya nu maot, haré-haré wé, ukur innalillahi. Kalacat wéh kana angkot jurusan Ciparay-Tegalluar. Nepi téh ka nu dijugjug jug ditalék ku nu boga imah.

            “Kumaha Tuang rayi téh teu kateterasan?”

            “Saé. Alhamdulillah, dugikeun ka ayeuna gé séhat wal apiyat!” Kang Dumon némbalna bari pepeta, kawantu cita-cita hayang jadi mubalig teu tinekanan. Laju pupulih ngabrakeun unek-unek anu dikemu satutas kajadian kasarumahanana Jang Oding, adina.

            “Ari daék mah nungguan tepi ka tengah peuting!” ceuk pribumi anu taya lian Abah Sobir, Kang Dumon giak sayaga. Panceg jam satu peuting, dirigdig ditungtun ka pangkéng tukang, didiukkeun dina amparan lawon bodas.

            “Pék narik napas sakuatna, engké palebah ngaburakeunana langsung meureumkeun panon nya!” papatah Bah Sobir, Kang Dumon unggeuk. Reketek hep napas ditarik laju ditahan tangka tibeberegég, hah wéh diburakeun asa leumpang mapay jalan lényéd, éh ké la saban leye bet sada anu humarurung tandaning nyeri pisan. Teu lila antarana, ngajelengeng sora anu nitah beunta. Ana bray jug gok di hiji tegalan. Kang Dumon rungah-ringeuh kamana jeung kumaha nya pipetaeun, najan kitu suku mah teu burung ngaléngkah sakaparan-paran. Alam sabudeureunana teuing ku negla. Mana wétan mana kulon kateuing. Teuing beurang deuih teuing peuting haleungheum mangsa sareupna ngalayung. Sanggeus aprak-aprakan gok ka hiji pakampungan, lumayan asa teu keueung teuing taksiran bakal nimu batur ludeung. Guk gok reujeung jelema teuing ku taya anu pangangguran nyalsé; nu ngagugusur roda badag, nu mumundak jubleg batu, nu kawas kuda narik padati bari dicepretan, anu muter-muter gintiran, nu ngadon nutu lisung teu eureun-eureun malahan aya ibu-ibu anu jigah wawuheun pisan kalah ka calawak da awakna ramohpoy ngakod-ngais orok lalintuh.

            “Kang, Kang Dumon eta téh?” ujug-ujug aya nu lumengis. Barang rét mimitina mah asa teu wawuh. Dalah ku ditelek-telek horéng Kang Sudarna lanceuk beuteungna Jajang Sutingong minantu Ma Kayah urang Sumber Sari. Naha bet aya di dieu? Pan Bandar béas pangjagona. Teu ieuh tetelepek nu sidik mah manéhna téh kacida pikawatireunana malah tuluy digiringkeun ka torowongan nu pikagilaeun jigah careham naon mah.

            “Bejakeun ka adi-adi kuring cukup sakuringeun wé lakon hirup model kieu téh, tong sok kabita ku moronyoy dunya nu wungkul macikeuh!” pokna melas-melis satuluyna didurugdug ka jero torowongan, Kang Dumon tangka ngabirigidig, reup wéh peureum, beunta-beunta masih di pangkéngna Bah Sobir. Basa balikna, di jalan nu kaliwatan ngagarimbung jalma-jalma cenah bandar béas maot kaeurad tambang popoéan. Ras Kang Dumon kana pok-pokan Kang Sudarna; nyéta kuring téh kapohoan, kuduna poé Saptu téh ulah muka jongko, jadi wéh kateuhak!***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: