• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

CCTV

Kénging Taufik Rahayu
Kintun kana Facebook

Bérés ti swalayan tas meuli kuéh, mobil tuluy ngageuleuyeung muru ka toko éléktronik. Kuéh mah keur boro-boroeun Mang Anta jeung Bi Anta di lembur, ari ka toko éléktronik butuh kaméra CCTV sababaraha hiji keur imah di lembur.

Mang Anta jeung Bi Anta geus pok deui-pok deui nitah nuar tangkal balingbing nu aya di hareupeun imah. Salian ti ngahieuman téh mawa geueuman deuih, eukeur mah euweuh nu nyicingan, katambah-tambah remen nu kawénéhan cenah.

Percaya teu percaya. Baheula ti leutik nepi ka gedé cicing mangtaun-taun di éta imah, betah waé nu aya, teu kungsi papanggihan atawa ngalaman nu anéh-anéh.

“Bumi mah Dén, kangaranan tara dicalikan sok sering kawartoskeun teras dilindih ku nu lembut, komo ieu bumi Adén nu sakitu ublug-ablagna,” ceuk Mang Anta basa kabeneran kuring jeung pamajiikan lolongok ka lembur.

“Atuh Emang jeung Bi Anta tos ngalih ka dieu,” pok téh dihaminan ku pamajikan.

“Sanés nampik pangasih Dén, di rorompok mah sok sanaos imah réyod ogé, Emang jeung Ibi mah teu weléh betah,” pokna deui.

Mang Anta jeung Bi Anta téh dulur jauh. Dipercaya pikeun ngurus imah. Imah warisan ti indung jeung bapa. Dulur-dulur teges kabéh sapuk imah téh dipasrahkeun ka kuring, bagéan si bungsu cenah imah mah. Kuring sorangan asa teu ngaboga-boga, imah kolot mah imah saréréa anak-anakna.

Dulur-dulur teges kabéh dumuk di kota siga kuring, aya nu di Jakarta, Bogor jeung di luar Jawa. Balik ka lembur téh taun kali. Ku lantaran sok dipaké kumpul  najan taun kali, imah téh ku kuring ngahaja dibebetah dibangun deui, digedéan jeung ditingkatkeun ngarah lalega.

Ayeuna balik ka lembur téh sorangan, pamajikan hayangeun ngilu ngan teu bisa cenah lantaran geus kagok jangji jeung ibu-ibu pangajianana. Dibibita rék murak dewegan jeung pais lauk emas karesepna keukeuh mugen. Éra geus jangji pajarkeun téh cenah, kalah tuluy pesen waé naratay.

Nepi ka lembur téh pasosoré, kituna mah kaharti da ti Bandung ogé kuring indit pabeubeurang. Saperti biasa waé kuring mah tuluy ka imah Mang Anta, asa geus ka kolot sorangan ka anjeunna téh. Mobil diparkir di buruanana, leungeun ranggém mawa oléh-oléh.

“Geuning meuni sonten sumping téh Den?” Mang Anta ngabagéakeun.

“Enya puguh, beurang angkatna jeung nyalsé di jalanna,” pok téh.

“Nyalira waé ning, si Etéh ka mana?” pokna deui, maksudna nanyakeun pamajikan kuring.

“Aya urusan di bumi, kawitna mah hoyongeun ngiring, pesen pais lauk emas puguh,” cékéng téh.

“Keun engké mun uih dibekelan,” pokna téh bari pak-pik-pek bébérés di tengah imah.

Teu lila Bi Anta ngurunyung bari nyuguh-nyuguhkeun lalawuh.

“Duh, jadi ngaririweuh kieu,” cekéng téh.

“Ngaririweuh naon, puguh Ibi nu nyuhunkeun dihapunten teu tiasa nyampakkeun. Da kieu geuning Dén adatna di kampung mah,” ceuk Bi Anta. Baheula kuring diasuh ku Bi Anta, matak asa miindung pisan ka anjeunna téh.

“Ari Si Sarip kamana?” cekeng téh nanyakeun budak bungsu Mang Anta nu keur meumeujeuhna pamuda.

“Ah, biasa waé si éta mah ngador. Paling keur ulin jeung babaturanan,” ceuk Mang Anta.

“Engké hayang dibaturan masangkeun CCTV di imah jeung Emang sakalian,” cekéng téh.

Ti dinya mah tuluy uplek ngobrol. Bérés ngobrol kuring jeung Mang Anta tuluy muru ka imah kuring. Bi Anta mah cenah rék tuluy néang Si Sarip.

Ti luar imah katémbong raresik, Mang Anta jeung Bi Anta mah teu weléh kapaké baranggawéna téh. Najan témbong rada geueuman da euweuh nu nyicingan, tapi ari kaurus mah témbong nyari waé imah téh. Di jerona lalecir balas rutin diurus.

Kuring tuluy pak-pik-pek masangkeun CCTV dibaturan ku Mang Anta, teu lila jol si Sarip datang jeung babaturanana duaan. Loba nu mantuan mah masang kaméra téréh bérésna.

“Mang, engké peuting hayang dibaturan mondok di dieu?” cekéng téh, “jeung si Bi Anta waé di dieu,” beuki burit mah asa ngarasa keueung, biasana mah sok jeung pamajikan ari ieu sorangan.

“Duh, Emang téh bagéan ngaronda peuting ieu mah, Dén.”

“Usum kénéh nya ngaronda di dieu mah? Lain nyéwa satpam atuh?”

“Galibna kieu da di lembur mah, Dén,” walon Mang Anta, “Sarip daék ngendong di dieu ngabaturan?” pokna ka si Sarip nu masang-masangkeun kabel.

Nu ditanya sakedapan mah kalah murungkut siga aya nu dipikasieun, tapi tungtungna mah unggeuk.

Mang Anta jeung barudak pamit mulang, si Sarip mah engké kadarieu deui cenah. Imahna teu pati anggang aya kana sababaraha ratus méter. Ngan imah kuring mah rada nenggang wungkul nyokot ka tungtung lembur.

Kuring tuluy ngaroris CCTV tina komputer, ngahaja disambungkeun langsung kana laptop méh peuting ieu bisa di cék. Terus terang waé kaidean ku film Hollywood “Paranormal Activity” nu populér di Amerika, masang CCTV sangkan muguhkeun aya henteuna lelembutan di imah jeung sabudeureunana. Komo ieu kasebutna imah kosong, hayang ngabuktikeun bener jeung henteuna jalma-jalma nu kawénéhan téh.

Bérés masang CCTV terus ka imah Mang Anta, rék ngadon dahar. Ti dinya tuluy uplek deui ngobrol, obrolan téh geus lain obrolan sono tapi geus ngésér kana obrolan mindeng kawénéhanana urang lembur mun pareng ngaliwat ka imah peuting-peuting.

“Nu mindeng maranggihan téh cenah lolobana rupa awéwé ngora nu maké papakéan sing sarwa bodas, témbong sok gagalacangan dina tangkal balingbing,” ceuk Mang Anta, “Amang mah can kungsi kawénéhan rék beurang rék peuting ogé, ngan Si Ibi mah kungsi dua kali nangenan téh,” ceuk Mang Anta deui, Bi Anta ngahaminan ku eunggeuk. Incuna nu meujeuhna bangor ogé ngadadak ngahép-hép ari ngobrolkeun nu kitu mah.

“Harita téh lampu teu acan diharurungkeun da tos nyaba ti dulur, manéhna embungeun ngahurungkeun da carapé,” Bi Anta nyaritakeun papangihanana bari ngadilak ka Mang Anta, “atuh kapaksa ku Ibi. Nuju aya di bumi bet kapireng sada nu ceurik bangun nu kanyenyerian, dipilarian ka unggal rohangan weléh suwung. Tapi waktos ka luar bet atra kakuping ti lebah tangkal balingbing, teu ngémut deui nanaon ngan beretek waé lumpat. Ti harita Ibi kapok tara wani deui ngahurungkeun lampu ari liwat magrib mah.”

“Ngompod waé kétang Dén, si Ibi mah, biasa da jalma ngompod mah sok didoja,” ceuk Mang Anta ngagonjak pamajikanana, nu digonjak témbong jamedud. “Emang mah nu matak asa teu manggihan nanaon, kungsi sababaraha kali mondok, ah tibra-tibra waé. Ngarepkeun puguh dibaturan ku nu geulis mah,” pokna deui ditungtungan ku ngahéhéh.

Teu lila babaturan si Sarip datang, ngan saurang.

“Mana si Juned?” ceuk Mang Anta.

“Sieuneun si Juned mah,” témbalna bari tuluy diuk gigireun si Sarip nu tatadi ngadédéngékeun.

“Babakuna mah Dén,” Bi Anta nuluykeun deui caritaanana, “mimiti remen kabéjakeun téh ti saprak aya nu maot keur kakandungan. Maotna sasatna ngagantung manéh di kamarna lantaran euweuh nu daék tanggung jawab. Nu boga dosana mah ayeuna geus di bui.”

“Kutan di ieu lembur aya kajadian sarupa kitu?” cekéng téh asa teu percaya.

“Jaman ayeuna mah teu di mana teu dimendi Dén, matak Mamang mah melang ka Si Sarip, sok mindeng éta ogé digelendeng ngomat-ngomat ulah nepi ka kalajuran napsu, kudu salawasna éling.” Mang Anta mairan,  “atuh mun geus hayang kawin kari balaka, moal burung dikawinkeun ku Mamang mah,” pokna deui bari ngarérét si Sarip, nu dirérétna tungkul.

“Cenah ceuk nu kungsi manggihan mah,” Bi Anta nuluykeun deui obrolananana, “Budak barangor éta téh kungsi nguliwed di pipir imah Adén, da sakapeung mah pagerna téh sok tara di konci ku Ibi, angkeuhan téh engké soré rék ngahurungkeun listrik. Ngan ti saprak remen kabéjakeun sok didatangna ku nu ngadon rék barobogohan mah, teu weléh di konci, tayohna ngarasa tumaninah da sepi jeung euweuh sasaha na gararejul téh.”

Niat masang CCTV hayang nitenan aktivitas nu araranéh ogé ngadadak ngarempod ari ngadéngé béja pikasieuneun kitu mah. Asa ngadadak tingpuringkak saawak-awak.

Mobil nu diparkirkeun di buruan Mang Anta dipindahkeun parkirna ka imah kuring. Si Sarip katut babaturanana mah engké bada isa rék datangna cenah, aya tugas ngawurukan ngaji heula magrib. Kuring mah tuluy waé ka imah.

Tangkal balingbing nu aya di buruan beuki dieu asa beuki gedé waé, luhurna geus ampir rék mapakan imah. Kuring saré téh di loténg nu kamarna nyinghareup pisan kana tangkal balingbing, sanggeus ngadéngé obrolan ti bi Anta mah asa rada muringkak melong tangkal balingbing téh.

Inget tangkal balingbing téh keur melakna jeung Apa. Harita téh melak bungbuahan tilu tangkal; arumanis, balingbing jeung rambutan. Tiluanana jaradi ngan arumanis jeung rambutan mah dituar. Nu sainget mah tangkal rambutan dituar lantaran dijadikeun jalan keur parkir mobil jeung garasi.

Bada Isa kuring ngecékan rohangan nu disorot ku CCTV. Teu lila bél disada, pasti si Sarip cekéng téh bari tuluy ningali CCTV nu nyorot panto hareup, horéng lain da geuning pangawakanana wanoja, tapi saha nya asa teu wawuh? Kuring tuluy tuturubun muru panto hareup.

Barang dibuka rada ngajenghok, horéng pamajikan sorangan nu datang téh.

“Mamah, jeung saha ka dieu? naha teu wartos wartos? Kana naon ka dieu?”

“Hayang waé ka dieu. Jeung supir tapi tuluy balik deui supir mah,” pokna pondok, capéeun tayohna mah da semu hahéhoh.

“Apan tadi basa Bapa angkat diajak. Karunya atuh supir dititah balik deui mah? Lain dititah ngendong sakieu buritna.”

“Aya perlu deui cenah.”

Kuring jeung pamajikan tuluy muru kamar. Pamajikan mah langsung ngagolédag, kuring tuluy manco deui kana laptop, nitenan unggal rohangan nu dipasangan CCTV. Teu lila bél imah disada deui, moal jauh pasti si Sarip jeung baturna. Barang dibuka teu nyalahan.

“Bisa keueung mah baé teu mondok ogé, Bapa mah da aya réncang, bojo nembé dongkap,” cekéng téh. Karunya da si Sarip jeung baturna téh siga nu kapaksa daék mondokna ogé.

Si Sarip jeung baturna sakedapan mah ukur silih pelong, tapi teu lila paromanna katémbong marahmay. Sanggeus kokonci mah kuring tuluy muru ka kamar. Pamajikan teu pati loba ngobrol, bangunna téh kawas nu carapé. Disedek ku panannya naha maké nyusulan, keukeuh waé jawabanana téh da hayang bari semu baéud.

Biasana adat pamajikan téh lamun keur baéud kitu mah aya kakeuheul nu dikemu. Isuk ogé beurang sok balaka, moal jauh pasti aya masalah jeung ibu-ibu pangajianana. Matak teu pati tetelepék ditanya, diantep waé sina istirahat. Kuring mah tuluy ningalian CCTV. Dicekan unggal rohangan, kaasup kaméra kamar sorangan, asa keueung ari ditingali tina CCTV peuting-peuting mah, komo waktu ningali kaméra nu nyorot kana tangkal balingbing. Ras inget kana obrolan awéwé reuneuh nu ngagantung manéh, awak ngadadak tingsariak. Kuring tuluy ngoloyong muru ka pamajikan na kasur.

Hudang-hudang téh kagebah ku Mang Anta nu ngagugudrag kamar. Awak karasa balideg, lieur jeung paranas tiris. Pamajikan geus teu nyampak. Kuring tuluy hudang nepungan Mang Anta.

“Saurna aya Etéh, Den?” ceuk Mang Anta siga nu hayang muguhkeun.

“Enya aya, lain barang datang téh ka imah Amang heula cenah, pan dahar heula lin?” kuring anéh ku pananya Mang Anta.

Mang Anta jeung Bi Anta kalah papelong-pelong, paromanna katémbong pias. “Nu matak teu aya sasaha, teu aya nu datang, Ibi gé kawartosan téh tadi waé ti si Sarip,” walon Bi Anta.

Giliran kuring nu ngarasa reuwas. Terus nyalukan pamajikan jeung néang ka unggal rohangan imah, weléh taya nu némbalan. Mang Anta jeung Bi Anta ngaroris barang-barang di imah bisi aya nu leungit, euweuh nu cécél nu bocél. Jajantung ratug, awak karasa tingsariak inget ka nu maturan peuting saré.

Beurangna CCTV nu kérék meunang masang kamari téh dibukaan deui. Muruhkeun ka urang lembur. Kuring mah tuluy waé mulang, nyéwa supir nu bisa di lembur. Teu kuat mawa mobil ku sorangan mah, awak ngagibrig paranas tiris.

Nepi di imah pamajikan muru-muru pais lauk emas, bari teu eureu-eureun naléngténg kumaha-kumahana kaayaan di lembur, teu papanjangan dijawab téh, masih kénéh reuwas ku kajadian nu karandapan.

Sababaraha poé ti harita, geus rada nyalsé jeung teu pati teuing reuwas kuring muka filé rékaman CCTV. Tina CCTV nu nyorot tangkal balingbing bet aya awéwé nu papakéanana sing sarwa bodas turun, terus asup muru imah. Kasampak panto dibuka ku kuring. Teu dituluykeun lalajona, kaburu ngadégdég jeung paranas tiris deui awak.***

Cisompét, Oktober 2014

 

Taufik Rahayu, Staf rédaksi di Majalah Manglé ti taun 2007 nepi ka kiwari. Lahir di Cisompét – Kab. Garut. Alumni jurusan Sastra Sunda Universitas Padjadjaran. Diajar ngarang jeung nulis jurnalistik di Manglé. Kungsi meunang pangajen Carpon Pinilih jeung Sajak Pinilih Mangle. Kiwari keur nyuprih élmu Magister S2 jurusan Kajian Budaya di Fakultas Ilmu Budaya Universitas Padjadjaran

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

iwan

carita teh asa dilembur sorangan dibaturan ku ririwa, hahaha...

bangmedin

Hadduuhh........... mani teeeegggaaaang .... he he he

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: