• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Sieuneun Manglé

Kénging Andang S Argayuda
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1419442509.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

Ti bubudak geus kabungbulengan ku Nyi Manglé, karesep téh maca carita dina puriding-puringkak jeung barakatak, najan hirup di kampung bau lisung, jauh ka bedug, anggang ka kota, tapi kabeneran lanceuk jadi pagawé nagri di Bandung, unggal mulang ka lembur pasti ngirim oléh-oléhna Manglé. Najan karék umur sabelas taun, tapi  kacida mikageugeut kana majalah kareueus urang Sunda, malah sakapeung sok tulas-tulis dina keretas sésa, susuganan jaga bisa jadi pangarang di majalah Manglé.

Ayeuna umur téh geus tunggang gunung, geus reup-reupan, tapi karesep kana Manglé batan asor kalah beuki pogot, cita-cita baheula, ayeuna jadi kanyataan, bisa jadi pangarang di Manglé. Salila geugeut layeut jeung majalah Manglé, aya kajadian ahéng anu aya patalina jeung Manglé.

Lembur singkur di suku gunung, jaman tai kotok dilebuan, imah-imah panggung cul-cel pajarauh, kasumputkeun runggunukna tangkal-tangkal kai anu baradag ngarampidak, ti lembur ka lembur disambung ku geledegan leuweung ganggong, harieun canéom pikabetaheun jurig jeung onom.

Mulang ti sakola rurusuhan, sabab poé kamari aya lanceuk ti Bandung, biasa, oléh-oléhna Manglé. Sono, hayang buru-buru maca puriding-puringkak, teu inget kana ganti baju, teu karasa lapar, buru-buru muru méja di tepas. Orokaya, anu ditéang geuning suwung, mani hanjelu, hanas rurusuhan, ari pék anu diburu-buruna teu nyampak.

“Ma, ari Manglé di kamanakeun ?” Sanggeus katatang-kotéténg teu kapanggih, terus ka dapur nanyakeun ka nu jadi indung.

“Jeh, puguh tadi téh aya bapa guru ti peuntas, ti Bugel, ningalieun Manglé, teras di candak, ditambut sawengi cenah, isukan dianteurkeun bari ka pasar Rancah,” Ema ngabéjakeun, Manglétéh aya anu nginjeum.

Poé asa ku lila, nu ditungguan teu daék jol, jalma-jalma anu ka pasar Rancah geus marulang deui, unggal aleutan anu leumpang diteges-teges, sugan aya bapa guru anu kamari nginjeum Manglé, nepi ka aleutan geus gunta-ganti, nu ditéangan angger suwung. Mentegeg hatétéh, ngaran kana maca Manglé teu bisa dibangbalérkeun, wanci asar geus datang, nu rék nganteurkeun majalah teu jol kénéh waé. Antukna jung waé indit jeung babaturan, rék néang Manglé ka peuntas, hadéna keur usum halodo, jadi meuntas walungan Cijolang teu kudu kana rakit, jauh lembur Bugel téh, aya kana dua kilo méterna.

Datang kanu di tuju kabeneran bapa guru anu nginjeum Manglétéh keur aya.

“Geuning jang Nana, sok kadieu kalebet,” nu didatangan téh geuning mani soméah alus semu, sieup jeun sesebutananna bapa guru.

“Punten Pa, ka dieu téh badé ngabantun Manglé, Abdi teu acan maca,” terus waé bébéja kana tujuan pangna nganjang ka imahna.

“Aduh, puguh aya anu nambut ku réréncangan, maklum guru-guru mah raresep pisan kana Manglétéh, ké atuh urang candak heula, antosan sakedap nya, tah bari ngaleueut,” si bapa guru téh sasadu, bari terus nitah nungguan rék nyokot heula majalahna di babaturannana.

Rada lila ogé nungguan anu keur nyokot Manglétéh, di langit beulah kulon layung geus ngempur hurung, geus reup-reupan, mangkaning jalan mulang anu disorang téh ngaliwat astana.

“Na, kumaha yeuh urang kapeutingan, mangkaning di palebah astana sok aya jurig leneng nyingsieunan.” Babaturan hariwangeun sieuneun kapeutingan di jalan.

“Manéh apal ayat Qursi?” Malik tumanya ka babaturan.

“Lah, puguh apal sawaréh, mun sorangan mah sok poho deui, iwal lamun macana ramé-ramé, enya sok inget.” Babaturan ngajawabna bari jiga anu humar hemir.

“Eunggeus kajeun, tong sieun-sieun teuing, urang apal kana ayat Qursy mah, pan ceuk ema ogé, mun panggih jeung jurig, baca baé cenah ayat Qursy ditarikeun, ngarah kadéngéeun ku jurigna, sok terus sieuneun.” Ngabeberah ka babaturan, da sabenernamah sorangan ogé keueung, humar-hemir rék nyorang jalan mulang téh, bakuna mah di palebah rungkun tamiang handapeun astana.

Keur guntreng duaan, kurunyung anu néang Manglé datang, song dibikeun bari sasadu, pédah pa guru na telat mulangkeun, geus karuhan kabawa mah, terus baé amitan mulang. Langit geus poék, layung teu témbong deui, duaan nigtrig leumpang rusuh sieun kapeutingan, waktu keur meuntas Cijolang di masigit ngalanglaung sora adzan, ngahudangkeun kakeueung.

“Na, kumaha urang, ka lembur jauh kénéh, magrib geus datang, cenah mangsa jurig harudang, hiiy, sieun urang mah, mangkaning rék liwat kuburan.” Babaturan ngecebrek bari bibirigidigan, sieuneun ku jurig leneng nu aya di rungkun tamiang.

“Ari geus kudu kumaha atuh, moal enya urang kudu saré sisi Cijolang mah, jeung deui sieun-sieun teuing, da can aya anu kabéjakeun jalma paéh dihakan jurig, ukur nyingsieunan anu borangan, kanu ludeungan mah cenah tara ganggu ieuh.” Ngomong daria, ngabeberah babaturan sangkan ulah sieuneun teuing.

“Ari manéh ludeungan?” Babaturan tumanya bari nempo beungeut.

“Sarua sieun.” Ngabéléhem ngajawab téh, da saenyana sorangan ogé geus ruyrey sieun, ti tadi kénéh, ngan henteu nempokeun, sieun babaturan tambah sieuneun.

“Ke heula Na, kabeneran tuh aya tangkal sampeu ngagolér,” babaturan ngarandeg terus nyokot tangkal sampeu, dibeletokeun jadi dua.

“Keur naon tangkal sampeu, ka teuteu ari manéhmah, moal sieuneun tangkal sampeu jurigmah.” Héran ku babaturan, sieun ku jurig anu dicokot tangkal sampeu.

“Ari manéh euweuh kanyaho, ceuk kolot, lamun leumpang peuting mapay anu bala, kudu mekel tongkat tina tangkal sampeu, bisi panggih jeung oray, oray mah apesna cenah ku tangkal sampeu.” Babaturan téh geuning nyahoan kanu kararitu.

Ngobrol bari leumpang, teu karasa geus deukeut ka astana Bulak Lega, tempat anu harieum poék ku tatangkalan baradag, sisi makam pinuh ku tangkal pandan, aya dua jalan satapak pikeun sorangeun ka lembur, ngan kabéhna ogé ngaliwat tempat sungil.

“Na, urang rék liwat ka jalan mana euy?” Babaturan ngarandeg palebah jalan cagak, anu disebut jalan téh ukur sesebutan, satapak suku téh lain bohong.

“Teuing euy, ka tonggoh nyorang astana anu pinuh kuburan, motong jalan ka handap kudu ngaliwat rungkun tamiang, aya jurig leneng.” Bingung, duaan ngahuleng heula milih pijalaneun balik.

“Urang ka handap waé anu deukeut, sugan jurig lénéngna keur nyaba.” Babaturan ngajak jalan handap, nurutkeun kamana waé, sarua pikasieuneun.

Ti saprak mudun ka jalan handap, geus teu bisa ngobrol deui, haté murengked, humar-hemir sieun, suku asa beurat, rék ngaléngkah mandeg-mayong, babaturan embungeun ti hareup. Ayat Qursy dibaca gegerenceman, ti tadi kénéh, babaturan némpél teu daékeun anggang, keur kitu, korosak, sewur, aya anu ngawurkeun taneuh keuna pisan kana sirah, jolna tina rungkun tamiang sisi lamping.

“Ampun...ampun, tong ngopénan uing, bacakeun atuh sing tarik ayat Qursy téh Na.” Babaturan ngompod ngeleper, ngomong haroshos pinuh kasieun.

“Puguh titadi ogé dibaca, ngan teu bisa tarik, teu bijil sora euy, uing ogé sieun.” Teu puguh rarasaan, rék lumpat, suku hésé ngaléngkah, beurat asa aya anu nyekelan.

Leumpang maju hésé jauh, asa aya anu ngabeungbeuratan, keur kitu, sewur, aya deui anu ngawuran, keuna kana awak duaan, babaturan tepi ka ngagajleng nubruk tonggong, keur mah reuwas ti tadi kénéh, leumpang ogé teu jejeg, ditubruk pisan, teu walakaya, gubrag duaan patindih dina solokan. Angkohan mah rék buru-buru hudang, orokaya, sewur, sewur, aya deui anu ngawuran sababaraha kali, rék maca ayat Qursy kalah balab-belebeb.

“Ha...ha...ha....” Aya anu seuseurian, babarakatakan, sorana ti béh hareup, tapi jirimna mah teu témbong.

“Tu...tu...tung, eh, tu...tu...tulung.” Maksudmah ngagero sataker kebek supaya aya anu ngadéngeeun, tapi anu kaluar, ukur sora alawah-euleuweuh, babaturan muntangan cangkéng, puguh jadi teu bisa menyat, teu bisa hudang.

“Ha...ha...ha....” Anu babarakatakan aya deui, kolébat, jleg, hareupeun aya mahluk hideung bulénéng, hulu gundul awak rangkébong, matana bolotot celong, biwir kedewil, irung jiga kutil, maké pakéan hideung rangsak rawék, éta jurig ngagégag ngadeukeutan, leungeun di ranggahkeun.

Duaan masih ngajoprak dina solokan, babaturan geus ngahiek bau hangseur, jurig lénéng beuki deukeut, méga anu ngahalangan langit nyingray ngidul, langit jadi lénglang caang, alam sabudeureun jadi teu poek teuing, ngan jurig beuki awas katempona, pikagilaeun, pikasieuneun.

Basa jurig leneng éngklak-éngklakan ngadeukeutan, geus teu bisa ngagero deui, ngan geuwat waéh Manglé anu titadi dikeukeuweuk téh dipaké nungkup beungeut, bakat ku teu wani nempo éta jurig, barang rup Manglé dirungkupkeun kana beungeut, jurig lénéng ngajerit tarik pisan.

“Tobaaat, ampuuun, ampun... ibu ratu, aaammmpuuun.” Jurig lénéng ngajerit ménta ampun, naha aya naon maké nyebut ampun sagala, jabaning sanggeus jurig leneng ngajerit, bet jadi jempling, lalaunan Manglétéh di kahandapkeun, geuning jurig lénéng téh geus leungit.

Korejat hudang, babaturan ogé nguniang hudang, terus hanjat tina solokan, untung usum halodo, solokana keur garing, mun usum hujan, jibreg pastina ogé. Luak-lieuk sieun jurig tadi aya deui, tapi teu aya nanaon, ngan anu jadi anéh téh naha jurig tadi maké sieuneun ku Manglé.

Babaturan hariweusweus, nyaritakeun anu ngajerit, terus Manglétéh di alak-ilik, di gabar-geber, bisi aya jimat di jerona, teu aya nanaon, tapi tadi nyebut ibu ratu, sanggeus di sidik-sidik, horéng tadi waktu ngarungkup beungeut ku Manglé, gambarna aya di beulah luar.Gambar wanoja geulis rancunit, nganggo sinjang batik réréng, di kabaya héjo, dina sirahna nganggo mahkuta konéng emas, di kéncaeun sirahna ngarumbay runtuyan malati. Jadi jurig tadi téh sieuneun ku foto dina jilid Manglé, meureun panyangkana mah éta téhratu laut kidul.***

Patakaharja, Rancah – Ciamis

 

“Wilujeng Milang Kala ka 57, mugia Manglé salawasna ngempur hurung di langit Parahyangan, kalayan janten kameumeut tur ka reueus urang Sunda”

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

udung ks

Jurig lucu he..he..

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: