• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nu Marakayangan

Kénging Ino Misno
Kintun kana Facebook

Upama disebut campaka reuma téh henteu mencog tina kanyataan, mémang pikeun mojang nu aya di sadésana nu pernahna di lamping gunung téh, Lilis pangméncrangna. Moal aya nu nyangka pikeun nu tacan wanoh mah yén Lilis téh mojang ti pasisian, tuda ti dangdanan tepi ka paripolah geus bleg mojang kota. Teu arék kitu kumaha, kapan Lilis mah kuliah, ayeuna geus semester opat di fakultas pertanian.

“Lis, geus aya di mana?” tanya Selfina sobatna tina hapé.

“Keur dangdan kénéh puguhan,” walon Lilis bari tetep diwedak.

“Beu, geus aya di mana?” sora ti béh ditu beuki tarik.

“Bérés Fina. Ayeuna langsung indit.”

Geus pamitan ka indungna mah, tuluy muru pangkalan ojeg. Ngahaja teu maké motor, ambéh isukan balikna dianteurkeun ku Panji, lanceukna Selfina. Turun tina ojég, jalan gedé téh karasa jempling, Lilis tacan nyaho mun jambatan Cihaur tadi peuting ambruk alatan kaléléd banjir, jadi teu bisa diliwatan ku kendaraan.

Da jeung enyana, méh ampir sajam Lilis ngajanteng sisi jalan megat Elf, taya kandaraan angkutan umum nu liwat. Ahirna ngarasa kesel, bari panon mah manco tepi ka jauhna, ngarepkeun sugan jeung sugan aya angkutan umum ngaliwat. Lilis jadi rada tagiwur haténa, barang neuteup langit jadi ngadadak ceudeum. Bisa-bisa kapegat hujan ieu mah, ceuk pikirna.

Keur kitu, béh ditu bet kurunyung nyuruwuk mobil, ngadeukeutan Lilis. Jajaka ganteng soméah naker. Langsung paadu teuteup.

“Badé ka mana? Kersa sareng?” jajaka téh nawarkeun jasa, imutna ngagantel.

“Badé ka réréncangan, nuju megat angkutan,” Lilis ngawalon rada gugup.

“Har ari Eneng, naha teu uninga, sadaya mobil umum jalanna dipéngkolkeun, moal aya nu ngalangkung ka dieu. Kapan jambatan ambruk. Mangga mending ngiring sareng abdi. Hayu urang jajapkeun dugi ka nu dituju ...”

“Hatur nuhun ... eu ... eu ... mangga baé teraskeun ...”

“Hayu Eneng, katimbang ngosong, abdi nyorangan. Kersa?” angger jeung imutna.

“Lilis teu ngawalon, kalah neuteup beungeut jajaka males imut.

“Ah ... bilih janten ngarepotkeun ...”

“Henteu atuh Néng. Abdi ikhlas. Abdi sanés jalmi jahat. Saé, hartosna Eneng téh waspada. Hayu Néng ...” ajak jajaka, ituna téh bari mukakeun panto mobil.

“Hatur nuhun ...” Lilis ngawalon jiga tandes, padahal haté mah méréan pisan.

“Upami Eneng cangcaya, mangga ieu konci mobil, sok Eneng nu nyetir. Tiasa nyetir kan? Mangga ieu konci tampi.”

Lilis unggeuk, ngadadak léah, bet daék narima konci. Geuning pitulung mah teu disangka timana datangna. Bet aya jajaka mani bageur-bageur teuing, jaba kasép deuih. Ehm.

Rasa bungah ujug-ujug karasa ngarungkup manah, eukeur mah eukeur, Lilis téh keur meumeujeuhna resep nyetir, Panji nu ngajar nyetirna tepi ka lancarna, malah geus wani ka nu jauh sagala. Turug-turug ayeuna aya jajaka nu bageur kacida, jaba sagala rupana leuwih ti Panji. Beuki mekar haté Lilis.

Cetrek mobil distater, méh teu kadéngé sora mesinna. Oper gigi lalaunan, nincak gas. Geuleuyeung maju. Beu, mani ngeunaheun kacida. Saliwatan Lilis bisa nebak, yén mobil nu disetir téh lain mobil murahan.

Jajaka neuteup seukeut nu nyetir bari teu weleh ngagaris imutna.

“Hébat lah ...” ceuk jajaka bari gogodeg.

“Naonna nu hébat?” tanya Lilis bari ngarérét ka nu nanya.

“Nyetirna tos tapis pisan ...”

Lilis semu nyikikik, haténa beuki bungah kacida. Rét deui ka jajaka, paadu teuteup, aya nu nyulusup kana sawangan, éndah kokolébatan, nyieuhkeun sangkaan goréng. Lilis jadi yakin, yén jajaka nu boga mobil téh lain jalma jahat. Nu mimiti sanggup ngagoda haténa, Panji mimiti dibanding-banding. Jauh! Tangtu meunang kénéh nu boga ieu mobil.

Aya hal nu anéh, nu teu matak jadi héran pikeun Lilis, sapanjang jalan nu diliwatan téh bet kosong molongpong, tacan ngarasa paamprok jeung motor atawa jeung papada mobil. Éstu jalan téh jiga nu ngabulungbung. Keur jalan gedé anu brasna ka jambatan Cihaur mah kaharti upama taya kendaraan séjén ngaliwatan téh. Tapi ingetan Lilis bet teu tepi ka dinya, nu jelas mah Lilis kalah beuki nanceb gas. Atuh mobil téh beuki ngabelesat.

“Luar biasa!” ceuk jajaka  muji, “Tos pas janten pembalap ieu mah!”

Lilis asa meunang pamuji, atuh mobil téh beuki mangprung.

Palebah péngkolan jalan nu brasna ka imah Selfina, Lilis teu ngalaunkeun mobilna, jiga teu inget kana picilakaeun. Tapi, angger Lilis teu ngarasa hemeng, padahal ti pengkolah téh, imah Selfina ngan ukur kahalangan ku lima imah. Tapi duméh ceuk rarasaanana, asa jauh kénéh ka anjog.

Breg hujan angin mani ngagebret, jalan liliwatan méh teu katémbong, tapi angger henteu mangaruhan Lilis. Mobil terus mangprung.

“Kadé Néng, sing ati-ati ah ...”

“Moal Kang. Piraku da mobil canggih, sanés?” walon Lilis teu ngarasa inggis.

“Abdi mah ngawartosan bilih cilaka.”

“Teu kedah rempan ...”

“Ih ari nanaon téh! Hawatos ka Eneng bilih ngalaman nasib jiga abdi.”

Nu cacarita téh kadéngé jelas.

“Euh ... Akang kantos kacilakaan?”

“Sanés kantos deui. Nya kitu, da bongan sorangan. Omat ulah ngalaman nasib tragis jiga abdi ...”

“Tragis?” bari rét deui ka jajaka mani leleb.

“Na Eneng hoyong kitu ngagaduhan nasib jiga abdi? Gara-gara kolot hirupna sarwa aya, dina gaya hirup jaman kiwari, Mamah sareng Papa ngagaduhan jalan hirup séwang-séwangan. Sami-sami bejad. Tepi ka abdi tara katalingakeun. Dina kaayaan kitu, terus terang, abdi jadi ngancrud. Abdi jadi pecandu obat-obat terlarang, minuman keras. Pokona abdi jadi jadi pecandu narkoba kelas berat. Hirup abdi diwowoy teuing. Nya, antukna abdi jadi kasasar ka guha peteng nu poék mongkléng. Sabu-sabu ... suntik morpin, geus jadi kalangenan nu ngabaku, ngabaju.”

“Oh ... kitu. Tapi, ayeuna Akang tos sadar deui. Sadar kana hal-hal nu awon nu tos dipidamel ...”

“Mun ti baheula mah abdi ditepungkeun sareng Eneng, tangtos hirup abdi moal kadungsang-dungsang. Hanjakal tepangna nembé ayeuna ...”

“Akang tacan élat. Upami Akang badé ngawileuleuheungkeun diri abdi, tangtos abdi sayogi pisan.” Jelegér gelap lir meulah bumi.

Karasa bet jadi ambon sorangan, Lilis jadi teu wani deui ngarérétan nu boga mobil. Nu nyarita téh bet jadi kalepasan. Cacak jeung Panji ogé nu geus rada lila ngayakeun hubungan, tacan kungsi balaka pikeun ngedalkeun rasa cintana. Ahirna Lilis ukur maénkeun setir bari panon maco ka hareup nembus kaca mobil nu rumeuk. Tapi masih kénéh hemeng, sok sanajan jalan nu rék diliwatan teu atra ku gebretna hujan, mobil téh terus mangprung luhureun jalan aspal, kalayan angger Lilis teu ngarasa inggis.

“Nyaéta Néng, hanjakal kacida ...”

“Hapunten abdi, Kang. Tos kumawantun,” ceuk Lilis ayeuna mah teu wani ngarérét ka nu ngajak nyarita. Jadi nataku éra.

“Neuneuh neuing, Eneng neuneuh haté. Ngan hannyakal ulang dinepangkeun nina kaayan kieu.” Jadi rada samar-samar sora nu ngajak nyarita téh, jadi semu ngosom. Disangka Lilis mah jajaka téh ngajak heureuy. Aya ku kayungyun, keur kasep téh humoris deuih, pikirna.

“Idih, soanten Akang janten lucu,” ceuk Lilis bari angger teu ngarérét.

“Puguhan ... Eneng mah ulah ngalaman nyilaka nyiga abdi. Abdi mah saolah-olah ngeus wunuh diri. Manga we ku Eneng emut, akang téh harita, tos suntik morpin, ngamirsa oper nosis. Teras biur nyetir mobil ieu ...”

“Hah?”

“Leres Neng, ieu mah teu ngabohong. Leres ieu mah nganyanian nu tumiba ka niri priamani. Akang nganyalankeun mobil téh harita leuwih ti kieu, nina kaayaan teu sanar. Ahirna akang namrak tangkal sisi nalan. Nya akang nepi ka nyani kieu ... hi ... hi ... hi ...”

“Hah?” Lilis ngagebeg. Mobil karasa ngagibeg, barang rét ka nu boga mobil nu diajak nyarita téh geus robah jadi rorongkong sabeuleugeunjeur, dina kaayaan nyarande.

Dina kaayaan kitu, ramo-ramo Lilis leupas tina setir, nu satuluyna mobil karasa satarikna ngagoleong ka beh sisi. Duka neunggar naon, Lilis kaburu teu inget di bumi alam.

Mangsa rebun-rebun, Lilis kapanggih ku nu balik ti pasar, ngajoprak handapeun tangkal caringin nu umurna geus leuwih ti satengah abad, dina kaayaan kapiuhan, pakéanana jibrug kénéh, peuntaseun pisan imahna Selfina.

Sihoréng éta jajaka kasép nu ka nu mobil téh, nu kungsi cilaka dina mobil, méh dihareupeun imah Selfina dina sababaraha waktu kaliwat.***

 

Ranggon Paniisan Babakan Sumedang

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

ruslan urang kiaracondong

Haturnuhun ..abdi asa ti bandung ari ngaos mangle...ieu carios sae pisan

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: