• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Pupundakan

Kénging Us Tiarsa R.
Kintun kana Facebook

MUN maké kaméja nu aya samléhan mah teu kaciri. Sidik sotéh mun maké kaos kutung atawa kamprét beuheung géléng. Rada katulungan ari maké kamprét beuheung nangtung atawa telukbalangah mah. Atuda ngajendol sagedé muncang dampa lebah punduk pisan. Enya pupundakan. Dina wayang golék mah nu témbong pupundakanana téh Si Cépot, Si Dawala, jeung Si Garéng.

Gucal-gicel mun dicabak téh. Lebah nu mucunghulna, semu keusrak, siga nu sasanggaleun. Teu opénan, komo maké diubar-abér ka rumahakit mah. Teu karasa nyeri ieuh. Lumrah ongkoh di lembur mah. Teu anéh lalaki boga pupundakan téh. Di lembur téa, méh kabéh kangaraning lalaki belejag kénéh mah sasat ti leuleutik tukang mundak tukang nanggung. Terus wé dibéré ciri, nya pupundakan. Aya nu tepi ka semu bongkok leumpangna ogé, pupundakan mucunghul sagedé tihul. Mun ngajanteng nukangan tihang, ti kajauhan téh siga jalma nu dikaitkeun kana kapstok, sirah tungkul, ari punduk ka luhur.

Ditéang-téang, urang lembur éta mah, asa arang lalaki nu teu pupundakan. Lurah Usin gé ayeuna wé teu pati katémbong pupundakanana téh pédah sok maké setélan safari. Ari pareng tungkul mah, pasti témbong ngajendol sagedé bal béklen. Komo ku nu nangtung tukangeunana mah. Kawas nu ngahajakeun, nolol tah sakadang pupundakan téh.

Lain sisiwo, sok hayang nyopak mun bisa mah. Tapi ari mimindengna mah, teu ieuh ngarasula boga pupundakan sakitu gedéna ogé. Ilahar ieuh. Puguh mimindengna mah asa boga cocooan. Leungeun kénca sok hideng, nungkup atawa ngusapan si jendol. Waas ku gulak-gilukna. Mun kakésangan sok semu ateul. Nu matak keusrak gé bakat ku haben digaro. Kétah béh dieu mah, asa mindeng érana batan tumarimana. Cicirén begér téa meureun.

Tara ludeung ngaliwat ka hareupeun santri ahwat ogé. Sieun pada nyeungseu- rikeun. Komo mun témbong tingkecewis bari malencrong kana punduk terus patingcirihil. Asa teu napak. Panghina-hinana wé rarasaan téh hirup bari dina punduk aya nu ngabenggul. Padahal teu nyorangan, loba babaturan saumur ogé nu pupundakan téh. Si Omi, Ceng Uléh, Ki Umri, baroga pupundakan. Anéhna maranéhna mah teusing mararudah ieuh. Katémbongna téh bangun nu harampang-harimping wé, sakitu punduk dibeungbeuratan ogé. Teu aréraeun ngoconan barudak ahwat ogé. Ari sorangan mah asa kacida beuratna.

Eta téh keur jadi santri kénéh. Kadieunakeun komo. Ku Mama Ajengan sok dipénta sina nyuluran ustad, ngawarah ngaji ka barudak santri anyar. Kaéra téh kalah beuki nambahan. Maenya aya ustad pupundakan. Teu pararantes teuing. Ku kolot dijangjaruhkeun ka Nyimas Ésoh, anak Ajengan Kohar, da mugen. Embung. Lain teu bogoh. Sieun! Kuma kéh mun seug manéhna ngejat bari ngajerit, nyeueung kuring pupundakan. Ongkoh bangbaungeun geus dua kali ngadeukeutan awéwé, da nampik sapajodogan. Nyi Ubi, anak Ma Omoh, tukang nyirib, nyebut embung téh bari ngusap birit. Mun kadéngé mah pokna téh meureun, “Teu sudi abrig-abrigan, boga salaki pupundakan!”

Nyi Odéh, anak Mang Suwira, tatangga lembur, dideukeutan téh kalah ngejat. Acan éta gé ari pok mikabogoh, komo bari jeung datang nanyaan mah. Cék sawangan. Da pasti baris pikitueun. Nalipak manéh. Bakat ku gedé rumasa, boga punduk teu siga urang kota.

Nu nyeri mah haté boga pupundakan téh, da pupundakanana mah teu nyeri teusing. Nu matak basa ema nitah nanyaan Nyimas Ésoh gé, mugen. Batan nyeri haté alatan ditampik, mending hirup nyorangan. Lalaki mah teu ilahar disebut jomlo, najan teu boga pamajikan tepi ka kolot gé. Ayeuna umur geus méh punjul hiji tina 20 taun. Keun wé, mending maturan ema. Iraha deui mulang tarima ka kolot. Boga pamajikan mah kuriak ema kasilihkeun. Can puguh nyaaheun ka kolot nu kari sabeulah. Kudu usaha, dug hulu pet nyawa gé, rido keur kolot mah. 

Sok ngagelendut wé indung mah. Pajah téh, moal diaku umat Kangjeng Nabi, muslimin nu teu kawin mah. Keukeuh ceuk ema mah, kuring téh kaasup jajaka nu boga rupa di lembur mah. Atuh pakaya, henteu ari boga sawah upluk-aplak mah, moal kudu nguyang wé, titinggal jenatna bapa téh sakitu mah matak mahi keur hirup duaan. Kebon satapak peucang waé mah aya. Sarua jeung batur, kebon téh dipelakan sampeu karihkil, keur acieun. Dipelakan sampeu manéhot mah kuriak ledis ku bagong. Ari usum ngala, hasilna sok ku sorangan wé diiangkeun ka pabrik aci. Teu pati jauh ti lembur. Ukur meuntas wahangan, bras ka jalan aspal. Ka katuhu, tilu kilo ti dinya, tepi ka pabrik aci nu Babah Salam. Katelah Salam téh lain pédah mualap, pédah di hareupeun imahna aya tangkal salam.

Ema mah keukeuh nitah ngulikeun nanggungan sampeu téh. Loba urang lembur nu sok buburuh nanggung. Rarasaan téh da katanagaan ku sorangan gé. Tara ngagugu ka ema. Sorangan wé, ngabengkot, satanggungan téh tara kurang ti 70 kilo. Si Umri nu bedas mah. Satanggungan téh tara kurang ti sakintal. Malah tepi ka punjul dualas kilo. Sorangan mah kajeun dua atawa tilu balénan wé, ngirit-ngirit tanaga. Sanajan kitu, lebah pupundakan mah sarua, Si Umri ngabendul, kuring ngajendol.

Kungsi nurut ka Si Umri, pupundakan téh diolésan keletik haneut. Cenah, lila-lila gé kempés. Wah, kalah lunyu wé ku minyak. Teuing kempés henteuna mah, da teu katémbong ku sorangan mah. Nyumput dina punduk tah si kasebelan téh. Teu beunang dirérétan. Kungsi nengetan pupundakan Si Umri nu pajah diminyakan téa. Baroraah kempés, kalah jadi hérang semu beureum.

Tepung jeung Nyimas Ésoh téh dina imtihan. Para ustad jeung ustadah ngariung. Ustad jeung santri ihwan beulah katuhu. Ari ustadah jeung santri ahwat beulah kénca, rada ka tukang. Enya gé papada ustad tara kungsi bareng ngajar. Manéhna ngajar satri ahwat, kuring ngajar santri ihwan. Saliwat-saliwat waé mah osok éta gé paamprok. Teu wani neuteup-neuteup acan. Papanggih gé kalah sok nyorodcod tuur. Inggis batan maut hinis, sieun lain di kieuna. Inggis dipangejatkeun.

Rada élékésékéng diuk ngabandungan barudak santri maca barjanji téh. Atuda Nyimas Ésoh diukna sasat gigireun rada tukang. Pasti mun ngarérét ka lebah kuring, nu pangheulana témbong téh pupundakan. Haté leutik bet gudir geuning basa paadu rérét jeung manéhna. Asa anjog ka padataran nu kacida legana bari aya nu ngagulidag dina dada.

Nyaan, lain ngadagoan manéhna, cicing deukeut kulah, kiduleun masigit téh. Jangji jeung Céng Ucu, lanceukna Nyimas Ésoh, rék lalajo maénbal di lapang Cigenék, bada asar. Réngsé imtihan téh sanggeus lohor, nyarandé kana pilar, di golodog masigit. Kagok rék balik heula téh. Ngadagoan asar, da cenah Céng Ucu gé méméh asar geus aya di masigit.

Kadéngé di kantor DKM, para ustadah, Nyimas Ésoh, Nyi Icah, Dais, jeung sababaraha urang santri ahwat, keur latihan kosidah. Asa dipépéndé ku sora genjring nu mirig sora Nyimas Ésoh. Ngalanglaeung lagu Arfayaji, madakeunana aya léotan kawas ciawian. Laguna bener, mahrojna merenah. Moal teu jadi juara, kosidah As Safaah mah najan diabenkeun sakacamatan ogé.

”Teu mulih, Ustad?” Gebeg. Boa ngalenggut diayun-ambing ku sora Si Démplon. Kang Ikin nu nanya téh. Nu séjén jul-jol. Di tempat wudu kadéngé cur-cor cai tina keran. Geus loba geuning nu rék solat asar téh. Sora kosidah geus jempé. Santri ahwat araya di tempat wudu ahwat, patinggéréwék. kéncaeun paimbaran.

Pédah tas silih rérét jeung nu dipitineung kitu? Cai nu maseuhan beungeut jeung embun-embuan téh asa kacida nyecepna, parat tepi kana jajantung. Asa kacida tingtrimna. Asa kakara harita wudu téh teuing ku genah.

”Tad, tong tulus nya lalajo maénbal téh. Asa teu pati ngareunah awak. Urang ka imah wé heula yu! Uing boga kitab anyar,” cék Céng Ucu, rérés solat asar. Teuing pédah dibibita ku kitab anyar meureun, ngiclik nuturkeun Céng Ucu ka imahna nu ukur kahalangan situ ti masigit téh. Gék diuk di émpér pipir beulah wétan. Iuh, bareresih, matak betah. Teu disamakan gé teu matak jarijipen, ubinna harérang, siga nu tara kaliwat disapukeun jeung dipél saban poé.

            “Tah ieu kitab tapsir Ibnu Katsir,” ceuk Céng Ucu bari ngasongkeun kitab. Gék diuk pagigir-gigir.

            “Atuh kitab nu kieu mah ulikeun sarjana. Pan uing mah santri gé santri kalong,” témbal téh bari mukaan kitab nu masih kénéh weuteuh.

            “Nyimas! Ka mana nya? Ésoh! Ieu suguhan sémah. Cai-cai waé mah atuh. Ké,  osok nginum kopi?” Céng Ucu, gegeroan rada tarik. Sorangan jadi rada ngadégdég, atoh bari sieun padeukeut jeung Nyimas Ésoh téh.

            “Keun wé, tong kerah-kerih. Tos ngopi tadi di imah.”

            Nu digentraan téh teu lila, norojol bari mawa baki. Ngasongkeun kéler dieusi ranginang jeung liwet sampeu dina mangkok. Di lembur kuring mah biasa ari liwet sampeu téh, digodogna sok ku lahang atawa peueut. Sampeuna cakial, amis katambah seungit peueut deuih.

            ”Ké caina mah nuju digolakkeun,” cék Nyimas Ésoh. Léos ka jero deui.

            ”Wios atuh, ngarepotkeun. Barina gé da sanés tamu.” Teu némbalan, ukur imut nu kacida lelebna. Teuteupna asa mubus ngaliwatan hihideung panon, parat kana jajantung, tepi ka ratug tutunggulan.

            “Bawa wé kitab téh. Baca sing teleb. Sugan aya nu nyangsang, bahan ajarkeuneun ka santri.”

            “Enya, rék ngahajakeun nyayagikeun waktu. Di dinya gé apan nyaho, uing mah tukang tani selang-selang ngawuruk ngaji téh. Lapur teu dikoréd mah. Jukut téh gancang pisan nyacakana.”

            ”Kahayang mah uing gé matuh di lembur. Mama geus sepuh pisan. Ngan kumaha atuda kuliah kakara seméster kaopat. Lila kénéh pisan. Hariwang wé, mun mama dipareng téh, pasantrén euweuh nu ngokolotan. Ustad Koko jeung Ustad Kholik, asa can bisa dipercaya enya gé geus aya umur. Tara daraék maca padahal ku mama disayagikeun mangpirang-pirang kitab. Kitu kénéh we ngajar ngaji téh.”

            Song citéh panas dua cangkir.

            ”Ngaleueut, Ustad. Lalawuhna teu aya nu saé,” cék Nyimas. Kituna téh bari gék diuk gigireun lanceukna, milu ngobrol.

            ”Nyai gé hayang ka IAIN kawas kaka. Tapi mama tos ropoh pisan.”

            ”Saréréa ka kota mah saha nu tunggu lembur, nya Ustad?”

            ”Ustad naha teu cios ka Jidah téh? Aeh ka Jidah ka Madinah? Kapungkur mah aya wartos badé ngadamel di Saudi, ngiring ka Kang Gun-gun?” Nyimas kawas nu nyelok.

            ”Ah éta mah heureuy. Dang Gun-gun téa sok caliweura. Teu, akang…aéh abdi mah teu gaduh niat ngantunkeun lembur. Hawatos ka pun biang sareng pangpangna mah isin,” témbal téh.

            ”Har na maké éra sagala. Éra ku naon?” cék Céng Ucu.

            ”Ah, isin wé. Piraku aya merebot Nabawi pu…pupundakan.”

            ”Ari Ustad. Na maké isin sagala? Ceuk Ésoh mah, jajaka nu pupundakan téh tandaning jajaka nu temen wekel. Teu bauan kana damel. Kersa naktak mundak, usaha nyiar kipayah.”

            “Enya naha maké mikiran pupundakan sagala. Ayeuna mah euweuh nu teu bisa diubaran. Kari daék inditna ka rumah sakit.” Céng Ucu ngéngklokan.

            “Ésoh mah ka ema gé nyarita. Moal daék dirérémokeun ka lalaki nu taya guam. Nu hirupna ngandelkeun pakaya kolot. Hayang ka nu daék bobolokot. Awak juuh ku késang sorangan enggoning nyiar kipayah boh keur kolot boh keur kulawarga.”

            “Raos pisan liwet sampeu téh. Kénging Nyimas ieu téh?” Ngahaja  disalénggorkeun. Ambéh ulah ngulibek waé dina sual pupundakan. Tapi ari jero-jerona mah, inggis awak ujug-ujug ngapung bakat ku atoh. Geuning pupundakan teh teu matak jadi hahalang. Henteu! Asih téh geuning teu nogéncang. ***

 

(Ti nu nulis: Hayang teuing ieu carita teh kabaca ku Kawabata, nu nulis kungsi maca karyana nu nyaritakeun aya jendil dina leungeunna)

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: