• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Aki Warung

Kénging Wahyu Wibisana
Kintun kana Facebook

AKI WARUNG, biasa kuring nyebut kitu ka manéhna téh. Pédah akina tukang warung nu aya di hareupeun imah kuring. Cenah mah umurna geus aya kana saratus taunna. Bisa jadi, lantaran Si Aki geus sakitu eumeurna. Kulitna nu bodas geus naroknok ku karang jadi pandeuri. Hurik deuih. Lilinieun lain ngan leungeunna wungkul, geus nepi kana biwir handapna. Halisna geus jiga ramat lancah, ari kumis ngan jadi dina juru-juru biwir, keri, curiwis, lir sikat gigi butut.

Enya, nilik kana warugana mah geus rapuh pisan. Tapi, nu matak ku kuring dicaritakeun ayeuna, di manéhna téh aya kénéh nu hurung. Dina haténa. Kawas huut nu ngandung seuneu: buruk di luarna, tapi di jerona mah ruhay kénéh. Tah ruhayna ieu nu dipuji ku kuring téh.

Sanajan ruhayna téh sakapeung mah matak panas haté kuring! Haté lalaki nu aya di kuring.

Paingan, cék haté, upama kuring ngaliwat, hég pareng papelong jeung manéhna, bet meunang sorot anu anéh. Manéhna kawas nu kumerot hayang jadi kuring. Katémbong, pelong panonna nu geus kulawu ngadadak jadi sumirat. Biwir handapna nu geus melay ngageter kawas nu hayang pok:

"Naha Aki téh teu jadi Adén?”

Manéhna téh sok nyebut Adén ka kuring.

Kakara nyaho sabada pamajikan nyarita ka kuring. Majarkeun téh, paingan Si Aki sok gancang nyingkah, bangun éraeun, asup ka jero imah, upama pamajikan pasarandog jeung manéhna di warung. Cenah, cék tukang warung, Si Aki resepeun ka pamajikan kuring. Ari sababna taya lian, pédah rupa pamajikan kuring, cék Si Aki, sarimbag jeung pamajikanana baréto. Duka pamajikan anu kasabaraha, tapi cenah, cék tukang warung, pamajikan Si Aki anu pangdipikaasihna ku manéhna.

Tah kitu nu matak tadi disebut matak panas haté téh. Tapi, ku lantaran kuring nyaho yén careuh téh geus teu huntuan, geus lémpoy bin létoy, ah teu hariwang teu sing ngencarkeun hayam danten ogé. Malah kuring jadi hormat ka manéhna, lantaran tétéla di manéhna aya anu teu daékeun ngolotan, haténa.

Sanajan kitu, kuring api-api teu nyaho baé. Tara némbongkeun riuk beungeut anu matak curiga Si Aki. Nanya, ngobrol, sabiasa. Malahan jadi leuwih deukeut, lantaran hayang leuwih wawuh kana perasaanana.

Tina obrolan jeung Si Aki, ka béhdieunakeun, kuring meunang raratan yén manéhna téh baheula mah pangarjunana. Loba awéwé nu kaédanan, kaasup ronggéng-ronggéng di bédéng. Teu anéh upama manéhna cruk-crek téh lantaran loba nu antri.

"Tapi Aki téh teu ngasaan bogoh," omongna bari ngagaro bitisna nu geus hépé kawas lontong kurang eusi.

Cenah, ku lantaran manéhna téh pakulitanaua bodas, resepna nya ka nu hideung. Hideung santen. Lebah dieu kuring beuki ngarti naon sabenerna nu matak Si Aki resepeun ka pamajikan kuring. Pamajikan ogé apan hideung santen, jeung ceuk kuring manis.

Anu diincer ku Si Aki baréto, cenah, anakna hiji oah urang Ciwaregu. Kitu rupana téh, hideung santen jeung manis. Tapi ku lantaran anak oah nu dipikasieun jeung dipikangéwa ku rahayat, Si Aki téh ngarasa wegah. Keur mah aya pasal deuih. Ronggéng-ronggéng barogoheun ka Si Aki atuda, nepi ka éta oah asa kaéléhkeun. Nya bedog kaluar. Si Aki némbongkeun tapak bedog oah, kiwed manjang dina luhureun keuneungna.

RESEPNA Si Aki kana ketuk tilu, jigana, kawas kuring kana udud, ngabaju. Ayeuna geus euweuh nu ngamén deui, katambah manéhna geus aki-aki. Tapi ari kana ngaréngkénék mah sok pirajeunan kénéh. Incuna, tukang warung téa, anu ngabéjakeun téh. Lain ka kuring, tapi ka pamajikan kuring.

Majarkeun téh, upama dina radio aya tabeuh ketuk tilu, Si Aki sok ngahaja ngaringkeb manéh di pangkéngna. Ari sakali mangsa diintip ku incuna cenah Si Aki téh keur ngéngklak bangun ni’mat. Édas, taksiran mah keur mulangkeun deui panineunganana.

"Kumaha paroman beungeutna?” kuring panasaran nanya ka pamajikan.

Jigana pamajikan kuring nanyakeun deuih ka incu Si Aki. Tuluy diintip deui.

Cenah, ceuk incuna, upama Si Aki tas ngigel, sok tuluy ceurik bangun sedih, bangun nalangsa. "Ari geus kitu kumaha?" kuring nanya deui ka pamajikan, beuki panasaran.

Tayohna, pamajikan kuring nanyakeun deui ka tukang warung. Tukang warung ngintip deui. Dibéjakeun ka pamajikan. Terus ditepikeun ka kuring.

Cenah, ceuk incuna, upama Si Aki tas ceurik, manéhna sok nyusutan cipanonna. Gancang kaluar ti kamarna, koréléng ka hareup. Hég cindutrung deukeut gebyog warung bari melong ka imah kuring.

Nyaho yén manéhna ngadagoan sugan pamajikan kuring bijil ti imah. Hayangeun neuteup sakeudeung, sarérét baé, da apan Si Aki sok gancang abus deui ka imah, upama pamajikan kuring nénjo manéhna téh.

Deudeuh teuing Aki. Pék baé pamajikan kuring teuteup sing leleb. Peupeuriheun waruga  atuh ngolotan, haté mah ulah. Kuring hayang tetep milu ngajaga sangkan haté Si Aki ulah kabawa kolot.

“Kumaha ari geus papanggih jeung di dinya?” Kuring nanya ka pamajikan. Ku sora nalungtik.

Lir nu katalatahan ku Jéndral. Pamajikan kuring tuluy nanyakeun deui ka tukang warung. Tukang warung asa katalatahan ku ibu pejabat tinggi, gancang ngintip deui Si Aki.

Cenah, ceuk incuna, upama Si Aki tas papanggih jeung pamajikan kuring, manéhna sok gancang ngaringkeb manéh deui. Sok tuluy saré bangun tibra.

 Enya Aki, saré sing tibra. Sing ngimpi nu éndah nu dipapaésan ku kekembangan nu mangkak dalapan puluh taun nu geus kaliwat. Sing mindeng baé papanggih jeung pamajikan kuring, sanajan bari maling-maling. Kuring hayang milu mépéndé Aki, mangmukakeun panto impian rumaja nu seungit ngadalingding.

“Kumaha ari geus saré? Ari geus hudang kumaha?” kuring nanya ka pamajikan ku sora nu hayang gentak dijawab.

Pamajikan ka tukang warung. Tukang warung ngintip Si Aki.

Cenah, ceuk tukang warung, upama Si Aki hudang tas saré tibra, manéhna katémbongna bangun seger pisan. Bangun gumbira deuih. Maké sok didurirangan sagala, cenah.

Tétéla Aki, dang durirang mending gé ngahariring. Alam dunya téh pinuh ku lagu nu matak kelar, jeung nu matak gahar. Ngolotan mah keun baé, asal haté tansah genah jeung sugema. Kuring hayang nyugemakeun Aki.

Hayang supaya kasugemaan Aki waktu kauntun tipung katambang béas kalaksanakeun ka anak oah téa aya kénéh sambunganana nepi ka ayeuna. Pagawéan haté micinta hiji awéwé téh ulah kahalangan ku pédah geus séngsérang padung. Sangkan hirup lain ngan keur dahar jeung gering wungkul tapi jangeun miara kalanggengan asih saméméh umur aya nu maut.

TINA obrolan Si Aki, kuring jadi nyaho yén anak oah téh tungtungna mah dikawin ku manéhna. Sanggeus ngarandapan peurih jeung peurih demi kaasih. Mitohana anu baréto kungsi ngabajég sukuna, teu bisa majar kumaha, lantaran anakna kabuktian maskét pisan ka Si Aki. Diomongkeun mah diomongkeun ku batur, naha maké daék ngawin anak oah nu sakitu gangasna. Tapi tétéla manéhna geus mikir wening pisan.Yén kacintaan mah cai. Yén kagoréngan mitoha mah minyak. Pisahkeun, sarta bakal tetep misah, antara cai jeung minyak, sanajan disalumurkeun. Manéhna nginum cai nu aya di luhurna, lain rék ngaregot minyak nu aya di handapna. Enya bener, kitu.

Teu ditelek nepi ka bubuk leutikna kumaha sarsilahna nu matak Si Aki bisa meunangkeun anak oah téh. Ngan ukur dicaritakeun ku manéhna yén kakara harita timbulna "rasa bogoh ka awéwé” téh. Mun dina kadaharan mah karasa uyah asemna. Tapi hanjakal, cenah, teu lila. Rarasaanana téh ngan tiba sajorélat, lir kingkilaban. Ngan sataun satengah, tina umur saratus taun, manéhna boga rasa bagja nyandingkeun pamajikan nu dipitresna téh. Bener ngan sakolépat, ngan hiji satengah persén tina hirupna nepi ka ayeuna.

"Aki dibajég deui baé," cék manéhna bari tuluy ngohkoh nepi ka bengkung, malah nepi ka murutput. "Hapunten, Adén," cenah bangun éraeun.

"Ku saha Aki dibajég deui téh?" kuring gancang nanya supaya manéhna ulah katutuluyan ngarasa wirangna. "Ku mitoha Aki?"

"Sanés, Adén," tembalna, "ku Si Sabra, oah ngora ti Cibendul."

"Ku naon?"

"Manéhna bogoheun ka pamajikan Aki."

" Kapaksa papisah cenah Si Aki jeung pamajikanana téh. Manéhna gering mangbulan-bulan, pamajikan aya nu ngiwat. Pisah pikeun saterusna bari ninggalkeun panineungan anu salawasna mangkak baé dina haténa. Tug nepi ka ayeuna. Bari nyaho deuih yén ituna ogé sarua beuratna.

"Leres Adén ituna gé beurateun ka Aki?” manéhna bet nanya.

"Tangtos,” walon kuring ku sora yakin.

"Tangtu beurateunana. "Hiji awéwé anu disamber ku heulang, ku hiji lalaki nu teu dipikacinta, nepi ka téga. Caritakeun ku kembang kacintana téh. Tapi upama teu bisa, caritakeun ku tambang baé. Manéhna bibilasan, ku tambang lulub, dina dahan namnam.

"Tangtos beurateunana," omong kuring sakali deui ngayakinkeun manéhna lantaran kuring beuki yakin.

Sanggeus nyaho riwayatna kitu, kuring beuki ngarasakeun ka manéhna. Diiklaskeun beungeut pamajikan kuring jadi pangeunteupan teuteupanana. Itung-itung neuteup potrét jungjunanana baheula. Teu dikorétkeun ku kuring pamajikan jadi média pameuntasan haténa ka abad kasalapanwelas, waktu manéhna keur ngora, jaman tai kotok dilebuan. Ku kituna kuring geus méré sumbangan ka manéhna. Sumbangan anu basajan pisan, tapi anu langka. Jeung bisa jadi anu gedé hargana pikeun manéhna mah. Pikeun kuring ogé gedé hartina, lantaran kuring jadi nyaho yén dina diri aki-aki saperti manéhna aya hiji kaéndahan.

Dosa anu ngaruksak kaéndahan mah. Saperti kaéndahan nu nyangkaruk dina haté kuring, upama neuteup buyut Si Aki. Budak awéwé umur tujuhwelas taun, pakulitanana hideung santen, buukna panjang, manis.

Jiga saha?

Jiga pamajikan kuring baréto, keur di SGB.

Nya kitu Aki, urang sarua pada lalaki anu seja ngahirupkeun rasa bari teu mikiran umur. Jeung urang pada lalaki anu boga tipeu satia kana keureutan nu sarua hideung: hideung santen. Taya deui, iwal ti kitu kasimpulan kuring. Peun. Kasimpulan nu teu kudu ditepikeun ka Aki Warung, da manéhna ogé jigana mah geus surti. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: