• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Parahu Keretas

Kénging Us Tiarsa
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1419443658.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

SAKALI  deui lukisan saméter satengah ka saméter teh dipeleng. Ukur resep, henteu tepi ka teleb, komo maké ngotéktak idé nu ngalukisna mah. Bréh beungeut Willy nu ngalukisna. Beungeut seniman nu singsarwa basajan. Buukna galing semu soklat, ngarumbay  tepi kana taktakna. Matuh, kawas nu tara salin, calana jin  sasetél jeung bajuna, kaméja pondok, tara dikancingkeun, di jerona maké kaos oblong abu abu. Dina beuheungna nyangsang, sorban kotak-kotak hideung-bodas.

            ”Gantungkeun di kamar wé, tong di patengahan, komo di hareup mah,” pokna sabada nyarandékeun lukisan nu dipiguraan pulas kopi tutung, deukeut panto tengah.. ”Ké ari Wil rék paméran, diinjeum. Moal dijual dina paméran gé, da geus kayid, ieu lukisan téh keur Réfa Tapi ayeuna mah can réngsé pisan. Ké ari salsé urang teruskeun di studio.”

Buru-buru lukisan téh dicokot. Bisi teu ngeunaheun, ngahaja bawa ti imahna. Dibélaan dikékélék.

            ”Urang  ka studiokeun wé nya? Ambéh babari neruskeunana.”

            ”Enya. Anggeus nyieun kedok Mahapatih Gajahmada  téh?”

            ”Kari dicitak. Bubur keretasna mah  geus kimpel, matrésna geus bérés,” témbal téh. ”Pentasna gé da tilu bulan deui, teu dirurusuh.” Itung-itung prakték wé, order nyieun kedok keur pintonan téater téh ditarima.  

             Sok lukisan Willy téh dina standar. Aya salapan, kasapuluh nu anyar, lukisan meunang Willy téh, digantungkeun dina témbok di patengahan jeung di tepas. Minimalis karesepna téh. Gurat-guratna kawas nu sahinasna pisan. Modél nu dilukisna gé kawas aya di satukangeun pepedut. Samar-samar. Teu hayang maluruh naon sababna gaya lukisan Willy téh bet kitu. Béda jeung nu séjén. Ari cék manéhna mah, ngarah irit cét wé, diipis-ipis téh. Tapi da lain ipis, éta mah siga lalangsé nu mindingan kahirupan di tukangeunana. Témbong deuih nu aya di tukangeun lalangsé téh, tapi teu témbrés.

Méh kabéh lukisanana téh kitu. Teu apal, asup kana aliran nanahaon. Eta mah gaya manéhna wé. Meureun. Aya lukisan nu dijejeran ”Owl” Saliwat mah teu mangrupa bueuk, mun enya téa mah nu dilukisna téh bueuk, teu pati sidik, kasaput ku pepedut nu rupana semu soklat. Gurat-guratna téh siga nu urut kahujanan, ngalémbéréh, ti luhur ka handap. Siga aya cai nu ngucur tina sirahna tepi kana sukuna.

            Lukisan nu anyar mah, teu kitu. Siga sesebitan keretas aya ratusna nu bacacar, teuing keretas surat, bisa jadi langlayangan kapakan nu minuhan widang kanvas. Barodas, siga nu patingkalayang dina latar poek terus beuki jauh beuki caang. Di latar pangluhurna patingarudat siga sinar layung atawa balébat kitu? Di  juru beulah katuhu rada luhur, aya paparhuan tina keretas, siga cocooan budak, rupana hideung. Napel. Ti kajauhan mah siga silhuet parahu nu angkleung-angkleungan, nyorangan dina budah laut katojo ku sinar panonpoé nu kakara meleték. Eta kitu nu disebut dadaisme atawa boa ukur kolaseu? Di juru handap beulah katuhu aya tulisan ”The Old Canno”. Cék kuring mah jejerna téh alusna mah “Parahu Leungiteun Kakatir”. Parahu leutik, teu maké kakatir, nenggang ti nu séjén  teu tembong aya pamayangan.

 Waléh wé, kuring mah teu pati resep kana lukisan Willy téh. Asa kararagok, teu anggeus. Mun niat mah teu tepi ka jucungna. Asa mending abstrak wé sakalian. Ieu mah disebut naturalis lain, idéalis komo da teu idéal, malah semu-semu distorsi. Disebut abstrak da masih kénéh témbong wujud nu dilukisna, sanajan nyamuni dina lalangsé ogé. Aya sababaraha hiji lukisan laleutik, dina keretas maké akrilik. Pigurana dicét hideung. Sahinasna pisan, ukur gurat pasagi opat, aya tali wé nganteng. Asa alus kénéh gambar beunang budak TK, puguh wangunna puguh pulasna. Ieu mah teu ngagambarkeun nanaon.

Dipeleng sababaraha kali. Dideukeutan, mundur, tepi ka rada anggang. Angger teu témbong lebah mana idé jeung éndahna, teu timu naon maksudna bet nyieunan gurat siga kitu jeung sababaraha hiji deuih.Ieu mah kudu make katerangan gambar ambéh nu ningali ngarti luikisan naon ieu téh? Cék kuring dina haté.

Willy angger mencrong lukisanana nu digantungkeun dina témbok  di tengah imah. Teu riuk-riuk, panonna kawas nu embungeun lésot tina lukisan. Teu sirikna dipapay saban gurat saban titik  terus ngarénghap teleb naker. Mun nu solat mah, kacida husuna. Aya tatali gaib nu nepungkeun rasa imajinasina jeung nu nyamuni jeroeun lukisan. Teuing ah! Teu ngalalarti. Sorangan mah asa resep nyeueung wujudna di alam. Mun manuk nya manuk nu patingegeleber atawa areunteup dina tatangkalan. Nyeueung kembang, nya kembang nu keur mangkak nu sarwarupa. Lamun beureum, beureum nyaan nu lain pupulasan. Naha maké kudu dikana-kanvaskeun bari sagala rupana jadi robah, jadi lukisan nu  wujudna jadi araranéh?.

”Ari hayang mindahkeun kembang kana keretas mah atuh potrét wé. Pasti nyeplés,.” cék Willy basa paduregeng sual kaéndahan.Cara seniman séjén, Willy boga pamadegan, seni murni mangrupa babagian tina jiwa, mangrupa sublimasi sagala rupa kereteg haté. Karep, kahayang, idéalisme, sikep hirup, budaya, galo jadi gerak nu nungtun seniman ngahasilkeun karya seni, boh lukisan, sastra, boh musik.

”Béda jeung seni-guna atawa seni paké,” pokna.”Bédana téh ari seni murni mah sipatna téh éksprésif ari seni guna mah intuitif. Seni murni mah idealistis ari seni guna mah  turistik malah komersialistis.”

”Dina jaman kawas kieu mah, nu disebut seni murni téh bakal kadéséh ku seni guna, malah ku sagala rupa hal nu teu ngaharib-harib kana seni,” cék kuring. ”Manusa dina abad digital mah boga rasa teu ari, kudu ngahuleng hareupeun lukisan atawa maca karya sastra. Sagala rupana singsarwa gagaridus, singget,  singset, sarta praktis.”

Willy sok keukeuh, seni murni baris tetep langgeng sapanjang aya kénéh manusa. Lukisan, sastra, jeung musik klasik baris lana Baris dipikaresep, malah baris laku bari kacida mahalna. Manéhna méré conto lukisan Affandi, Héndra, Popo Iskandar, van Goh, Leonardo da Vinsi, jeung sajabana. Lukisanana pada marebutkeun, hargana ratusan juta malah miliaran. Seni paké mah mun nu makéna geus boseneun, paling-paling dipiceun. Kawas nu moal bisa dionggét-onggét pamanggihna téh.

Ari cék sorangan mah, dina kahirupan nu singsarwa modérn kawas ayeuna, karya seni kawas lukisan, asa teu pati dipikaresep ku jalma réa. Lukisan Willy ngan bakal jadi barang pangeusi museum. Ari seni-guna mah, bisa dipaké andelan hirup pikahareupeun. Dina pajamanan kawas kiwari mah ngan jalma nu motékar nu baris bisa hirup mandiri. Teu gumantung ka batur, komo ka pamaréntah mah.

 Lain indung waé, Si Popi gé, sobat medok di kampus,  sababaraha kali nyarita, pajah téh asa matak riweuh bobogohan jeung seniman mah. Komo ieu mah seniman nu teu puguh  kokocoranana. Ari cék sorangan mah teu riweuh teusing.Malah, teu caliweura.  Sagala rupana sahinasna ti mimiti kahayang tepi kana barang-paké, teu ieuh merkéla. Dina nyarita gé tara aya nu disumput-salindung, bruk-brak, malah sok togmol mun aya nu teu panuju téh. Kitu pamakéna, meureun, ari urang peuntas mah. Urang Maroko, Willy téh, ngan turunan Prancis. Muslim, matak tara lésot tina sorban ogé. Matuh di dieu, ngadon kuliah pédah meunang béasiswa ti Fakultas Seni Murni.

”Kahayang embu mah, atuh ulah salaki-pamajikan jadi seniman téh. Éfa kuliah di seni rupa, engkéna téh tangtu jadi seniman. Wily deuih, mun tepi ka ngajodo téh, apan geus karuhan seniman, tukang ngagambar.” Éta téh ceuk embu mun pareng ngagelendut, mapatahan Kuring mah ukur seuri dikitukeun téh. Tapi da kaharti, pangna embu ngagelendut kitu téh, nyawang pihirupeun kuring jeung Willy jaga. Naon atuh nu bisa dipaké andelan, hirup ladang jadi seniman?  

KÉtang, naon makéjeung mikiran piengkéeun. Naha enya kitu Willy jeung kuring baris ngarangkep? Apan sakitu geus semester lima, Willy jeung kuring can kungsi balaka, rék silipikanyaah. Nyaan kakara semet nyobat bubuhan sakampus jeung sakaresep. Perkara hirup mah itu-itu, ieu-ieu. Willy kawas nu teu mantra-mantra kana hirup rumah tangga. Kitu deui kuring, asa  jajauheun kénéh. Kuliah gé can bérés. Udagan hayang jadi designer seni kreatif, tangéh kénéh ka laksana.

Willy mah tara daékeun dibawa nyarita perkara hirup jaga téh. Henteu ari némbongkeun semu nu ambek mah, rindatna wé sari nu nyarék neruskeun obrolan perkara nu karitu.  Ongkoh sapamanggih.. Udagan hirup téh rék sahinasna, basajan, moal reureuh digawé.  Kawas geus dirarancang, kuring kuliah téh jurusan seni-guna ari Willy jurusan seni murni.

Biasana saminggu dua kali sok datang ka imah. Lain apél meureun, da mimindengna mah ngadon ngalukis di studio nu ngahaja dijieun di kamar tukang. Lain gé kamar, elos, da teu dipipidingan ti hareup mah, ngaliglag, ukur maké bilik cabol, jangkungna saméter leuwih sapuluh. Lega wé sakitu mah. Mahi keur béngkél paranti kuring barangjieun tina awi, triplék, batok kalapa numpuk, aya serutan kai jati, jeung sajabana. Dina erak  ngajajar cét dina kaléng, tube, jeung cét semprot. Paparabotan gé kaitung lengkep, aya ragaji gobéd, ragaji triplék, sugu, tatah, palu, dékol, jeung sajabana. Kuma wé parabot bas. Sok pada ngageuhgeuykeun, pajah téh  kuring mah tukang kayu.

Da puguh kaliliwatan, lukisan Willy nu panganyarna téh, jadi sok karérét waé. Malah rada mindeng ngahaja ngajengjen, nyidik-nyidik lukisan nu cék pamanggih kuring mah, rada béda jeung lukisan Willy nu séjén. Ieu mah asa aya pamoran. Siga laut nu keur motah. Kagambar, haté nu ngalukisna keur marungkawut.  Ana ditelek-telek, gambar sesebitan keretas téh sanajan pasoléngkrah, aya dina gurat nu préspéktif. Titik tungtung pangleutikna atawa sungapanana téh nya dina paparahuan keretas hideung di juru beulah katuhu.

”Éfa, kawasna Wil mah,” pokna teu kebat. Sorana semu ngageter. Terus diuk gigireun sanggeus ngotrétkeun inisial dina lukisanana. “Wil téh bingung. Saminggu ieu, néangan kacindekan, can kapanggih waé.”

”Ku naon kitu?” Rada teu pati ngarti kana sikep Willy kitu téh. Biasana mah sok togmol. Nyarita saceplakna, rék ngeunaheun rék teu ngeunaheun nu diajak nyarita, beletak wé di hareupeun, tara ngomongkeun di tukangeun.

”Ah, engké gé Éfa baris ngarti, ”pokna. Bada mérésan cét, lukisan nu aya di imah kuring téh dilaanan pigurana terus digulungan dihijikeun.Nu disésakeun téh ngan éta wé lukisan pangaanyarna, “Parahu Keretas”  nu cék manéhna mah “The Old Canno” téa.  Léos indit bada nangkeup awak kuring pageuh naker..

Tilu minggu, Willy ngampleng. Di kampus gé tara papanggih padahal sok aya kuliah bareng. Ditatanyakeun ka batur kosna ge euweuh nu nyahoeun.

Lukisan  ”The Old Canno” téh dipindahkeun ti studio ka patengahan. Digantungkeun deukeut reproduksi lukisan Dally, ”Jam nu Ngalumbruk”. Dipencrong bari nu témbong ku panon batin mah lain parahu butut di tengah samudra. Beungeut jeung ringkang nu ngalukisna. Asa hayang buru-buru ngalaan paparahuan dina lukisanana. Teu kaampeuh, dilaan wéh. Di jero paparahuan téh aya keretas ditulisan,

 ”Willy diondang paméran ku Lembaga Kebudayaan Prancis di Lyon. Lukisan Wil, cenah, rék dikoléksi ku koléktor urang Paris. Kawasna Wil, moal balik deui ka Indonésia, rék matuh di Lyon. Urang Prancis mah geuning ngahargaan kana lukisan Wil téh.Wil rék hirup tina ngalukis, tina seni murni nu ku Réfa teu pati diajénan.”

Ngahuleng sajongjongan. Karasa asa nu nyedek kana angen, kana tikoro. Moal ari tepi ka kudu bijil cipanon mah. Ngan kakara harita karasa, horéng dina haté leutik mah aya nu nyamuni. Boa-boa enya, kuring téh miasih Willy nu ngahaja ninggalkeun kuring. Manéhna milih hirup di nagri séjén, di Prancis, tempat karuhunna ti bapa, tempat nu pangeusina ngajénan hasil karya seni murni. Manéhna papanggih jeung dunyana.

 Tapi naha seniman ngora téh bet kitu? Kawas budak leutik? Naha maké nyamunikeun karepna dina surat nu ngahaja disumputkeun dina paparahuan. Ngarah naon? Naha henteu pok wé nyarita, manéhna teu sapamadegan jeung kuring perkara seni. Da kuring gé lain teu ngahargaan kana hasil karya seni murni, boh lukisan boh sastra. Kuring ngarti, kuring boga aprésiasi nu merenah. Hanas kuring ngagugulung seni-guna, kacamata nu dipaké ku kuring kiwari, kacamata nu sok diparaké ku jalma sabangsa jeung sanagara, nu keur migandrung seni guna, boga pamadegan, industri kréatif téh seni. Kuring rék jadi babagian tina industri kréatif sanajan geus panceg, hirup mah rék basajan wé. Haliah dunya  lain udagan hirup.

Lebah dinya geuning bédana kuring jeung manéhna téh. Cenah haliah dunya mah nuturkeun.Nu disebut ajén seni mah ukuranana lain dina harga nu sipatna dunyawiah. Ajén seni mah ayana dina rasa, dina haté. Dina émprona mah, najan ka tungtung dunya, diudag rék nukeuran seni ku duit.Cék pamanggih kuring ieu mah, Willy téh teu béda jeung parahu keretas, babari ruksak. Lantaran lukisanana payu kana duit, dibareuli   rarusan juta, manéhna teu burung kacéot. Kolu kudu ngantep kuring angkleung-angkleungan dina samudra cinta kawas parahu nu leungiteun kakatir. ***

  Pangandaran, 2014, sabada motret parahu nenggang

 di  basisir wetan, bada subuh.

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: