• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Panineungan Handapeun Tangkal Manggah

Kénging Dimas Patria
Kintun kana Facebook

Jangjian jeung Pa Indan téh di sakola tabuh salapan. Najan poé minggu, tapi geus paheut rék latihan vokal. Cebah rék aya pasanggiri pupuh di Dinas Pendidikan. Asa ku sumanget haté basa Pa Indan nunjuk kuring pikeun milu pasanggiri pupuh. Ku rarasaan mah asa teu alus-alus teuing sora téh. Lebah eur-eur mah sakapeung sok teu kataékan. Malahan dina petit sok ngerebek. Ka dituna mah aral waé lantaran sora Pa Indan teu katuturkeun.

Ari nengetan sora Pa Indan, bet taya cédana. Dilelebah sora téh dianti-anti silungna, bet  genah baé. Asa gedé rasa, hayang boga sora siga Pa Indan. Katambah-tambah ngora kénéh, matak deungdeuleueun wanoja umuran SMA siga kuring.

Karék sataun Pa Indan ngajar di SMA kuring. Ti saprak Pa Indan datang, éstuning hirup kasenian di sakola téh. Baheula kungsi aya guru kasenian. Ngan hanjakal, lian ti kolot, cunihin deuih. Taya pupurieunana. Béda pisan jeung Pa Indan mah. Keur mah hadé tagog, hadé basana ongkoh. Taya pisan cawadeunana.

Dedegna jangkung, kulitna berséka. Ninggang kana rupa lir Arjuna dina Mahabarata. Asa dina ngimpi bisa tepung jeung guru samodél kieu. Atuh matak betah ari diajar téh.

Éta teuteup Pa Indan… lah! Komo basa kuring dités ngahaleuang mah. Pa Indan neuteup seukeut nengetan kuring. Leketey ieu haté ditingalikeun ku nu gandang. Boro-boro bisa ngahaleuang. Geumpeur nu aya. Eungap harita basa ngahaleuang téh, lantaran ieu haté ratug teu puguh rasa.

Najan sakumaha gandangna, kuring teu wani ngaheureuyan cara batur. Upama Pa Indan liwat babaturan téh tangka tingsarurak bari nyebut “Bapa Ganteng”, “Pacar”, jeung sagala rupa. Teuing. Aya rasa dina haté najan umurna teu béda jauh ti kuring, tetep kuring kudu hormat ka Pa Indan salaku Guru. Katurug-turug kuring mah nalipak manéh. Rumasa waruga taya tingalieunana. Nya pendék, nya pengék. Éstuning taya punjulkeuneunana.

“Mana Din Pa Indanna?” ceuk  Robi nu karék jebul ti gerbang sakola bari nyorowok.

“Duka atuh, kuring gé karék nepi pisan! Urang tungguan wé!” walon kuring. Gék diuk dina selasar masjid. Bray muka catetan. Pupuh Dangdanggula. Ngong ngahaleuang.

“maksudna gumul…….uuunnggg… Leuh teu kaudag waé nya Rob?” kuring semu gereget. Rét ka Robi anu diuk gigireun kuring.

“Sarua Din, mun Nadin hésé, urang ogé can kaudag,” ceuk Robi némbalan.

Ngong babarengan ngahaleuang. Pareng manggih sora handap téa tingceuleukeuteuk nyeungseurikeun sora séwang-séwang. Enyaan, hésé geuning ngahaleuang téh. Mun teu resep ngahaleuang mah geus teu hayang teuing ngulik.

“Cobian ku sering ngagerem geura!” Ceuk sora tukangeun. Geuwat malik. Geuning si kas….. aéh, Pa Indan! Maké setélan olahraga pulas biru. Asa ku nyurup waé. Abong awak sampayan.

“Aéh geuning Bapa! Naha teu aya motorna?” ceuk kuring semu rada éra.

“Ti énjing bérés lari Bapa tuluy ka dieu. Kaleresan motor mah nuju ditambut ku Mang Nana. Aya kaperyogian saurna,” walonna bari nyéh imut. Imut nu manis.

“Cik geura cobian ngagerem!” pokna deui.

“Kutan kitu Pa? Cik urang cobian,” ceuk Robi. Ngong kuring jeung Robi ngagerem.

“Tah ayeuna mah urang diajar heula téhnik pernapasan. Jug cobaan lari heula. Méh napasna kaolah.”

Teu talangké deui kuring jeung Robi rikat muru lapang. Lari. Asa ku sumanget. Duka ku naon, sagala rupa pituduh ti Pa Indan asa jadi panyumanget pikeun kuring. Unggal di kelas, anjeunna teu kendat méré pangrojong. Pokna, hirup téh kudu loba impian. Keun da ngimpi mah teu mayar, cenah. Ngan ulah diarep-arep éta impian téh bakal laksana isuk. Urang sing boga kayakinan, hiji mangsa éta impian téh bakal kalakon. Gur deui sumanget dina ieu dada hurung deui.

Hiji mangsa, basa kuring keur anteng rinéh dina sela-sela istrirahat, Pa Indan méré piwejang. Upama hirup hayang nanjung, tangtu urang kudu némbongkeun kabisa. Ulah éraan. Ayeuna Nadin bisa ngahaleuang, sok teuleuman. Témbongkeun yén urang téh calon juara, pantes bersaing jeung batur. Ulah sieun salah upama urang hayang apal bener. Tina piwejang éta, teurak pisan kana sanubari. Ti dinya kuring teteg yén hirup kuring kudu maju.

Sakapeung mah sok kesel ogé ka Pa Indan téh. Upama keur latihan kuring mah asa teu diperhatikeun. Enyaan. Batur mah teleb pisan diperhatikeun galindengna. Ari lebah kuring, ukur saliwat! Rumasa asa teu tamat diajarna. Tapi basa dicurhatkeun ka indung, jauh tina sangkaan. Sugan téh rék mélaan kuring.

“Pa Indan keur nguji Nadin. Naha bisa teu Nadin motékar? Upama urang ayeuna hirup hayang dihuapan waé, tangtuna urang moal maju!” ceuk indung basa kuring nyaritakeun perkara Pa Indan. Enya bener! Kuring téh kudu motékar, teu gumantung ka guru. Kapan ceuk Pa Indan ogé, téhnik mah gumantung kana urang daék henteuna ngolah sora. Teu di sakola wungkul, tapi saban waktu urang aya lolongkrang, prak latihan.

Teuing geus sabaraha kuriling kuring lari. Baju mah geus luut-léét ku késang. Kuring tuluy reureuh handapeun tangkal manggah bari ngalungsar. Suku dilempengkeun, satuluyna diajar ngatur napas. Lumayan karasa.

“Cik sok mimitian ngahaleuang,” ceuk Pa Indan ka kuring. Ngong kuring ngahaleuang, nembangkeun Pupuh Dangdanggula.

“Can karasa!” Pokna. Kuring kerung. Tapi enya, asa teu genah ngahaleuang téh. Ngong Pa Indan nyontoan. Gusti! Karasa tingsariak. Can nepi ka lebah dinya kuring téh.

“Cik Robi cobaan!” Ngong Robi ngahaleuang. Leketey asa leuleus. Naha ari kuring nu ngahaleuang asa teu genah waé? Tungtungna mah kalah aral.

“Keun ulah waka aral. Kapan sagala rupa gé ku prosés. Kapan Bapa gé teu ujug-ujug bisa, ari lain tina diajar mah,” ceuk Pa Indan dibarung ku imut.

Éta anu kuring resep. Kekecapan nu sok matak jadi motivasi. Upama ningali barudak geus teu sumanget, sok kamotivasi deui ku Pa Indan mah.

Bérés latihan poé ieu. Mulang ka imah téh teu burung bari ngahariring. Clak tumpak angkot. Turun téh di parapatan lebah terminal. Ka dituna mah leumpang wé. Tara-tara ti sasari, asa ku jauh leumpang téh. Padahal aya kana saratus méterna ti jalan gedé. Teuing pédah geus teu sabar hayang galécok deui nyarita ka indung ngeunaan latihan poé ayeuna. Enyaan, resep!

Isuk-isuk poé Senén upacara. Rada tipaparétot mangkat téh, lantaran kabeurangan. Nalian sapatu gé teu sirikna bari lumpat. Basa nepi ka gerbang, Bu Maryam geus ngajega bari molotot. Dihukum deui, jero hate. Geus moal salah, pasti dititah ngepél masjid atawa mersihan wésé.

Pasrah wé narima hukuman. Aya kana sapuluh urangna nu kabeurangan téh. Sikat wésé geus gugupay. Ceg kana sabun, wésé disikat sakahayang. Salila upacara kuring jeung nu salapan urang ngosrokan keramik wésé.

Asup kelas téh asa haroréam, keur mah teu sasarap heula, katambah kabeurangan. Tapi teuing, naha poé éta asa ku sararedih, diinget-inget manggih naon, ah da teu kunanaon. Sasampoyongan asup ka kelas téh. Gék diuk dina bangku.

“Asa ku lebar nya Din,” ceuk Popon, babaturan sabangku.

“Na kunaon kitu?” kuring semu panasaran.

“Enya tadi pas perpisahan jeung Pa Indan.”

“Kumaha kitu Pon? Pan bieu mah kuring kabeurangan!” kuring ngised ngadeukeutan Popon.

“Deuh….! Nu matak hudang téh subuh Jenéng! Pan Pa Indan pindah tugas ka Tasik. Padahal mah Pa Indan téh Guru tuladan ceuk kuring mah!”

“Hah??!!” kuring nagen teu bisa cacarita. Bakal leungiteun pisan ayeuna mah. Guru nu dipikaresep téh bakal jauh pisan. Teu ngaengkékeun deui kuring muru ruang Guru. Kasampak Pa Indan keur amitan ka guru-guru. Katingali alum pasemonna, bangun nu leungiteun karep.

Bérés pamitan kuring nyampeurkeun. Teuing asa hayang pamitan mung teu kedal.

“Nadin?”

“Muhun Pa! Saurna badé ngalih?” kuring nyobaan nyarita.

“Enya puguh. Bapa téh kedah ngalih tugas.”

“Ulah ngalih atuh Pa….. Ké Nadin latihan Pupuh ka saha……” sora kuring gumeter. Cimata geus mimiti juuh. Asa aya nu nyelek lebah tikoro. Nyéh Pa Indan imut, ceg nyabak embun-embunan, tuluy ngusapan. Asa nembus éta ramo kana ati. Usap kadeudeuh nu hamo bisa karasa deui.

“Hapunten Bapa nya. Bilih seueur lepat!” pokna.

Geus teu kuat kuring muru lapang, ngagukguk ceurik di handapeun tangkal manggah. Enya, di dieu tempat kuring latihan bareng jeung Pa Indan! ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

shepbae

Matak nyeredet kana manah

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: