• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Manglé Keur Emay

Kénging Nina Rahayu Nadéa
Kintun kana Facebook

    “Na, euweuh  deui lalaki séjén? Mikir atuh. Sakitu urang hirup balangsak téh piraku rék meunangkeun deui nu balangsak.”

            “Téh, abdi sareng...”

            “Geus gandéng!” kuring ngajéngkat. Muru ka kamar. Brug panto kamar ditutupkeun satarikna. Teu, teu hayang ngadéngé Mamah anu ngageroan, kitu deui Mina, adi kuring anu ngagukguk ceurik.

            “Téh, kunaon Tétéh mani ngéwa-ngéwa teuing atuh ka Dais? Naon atuh dosa abdi téh. Naon waé kapalay Tétéh ditedunan. Asal ngawidian abdi ngadahup.” Kadéngé sora Astri ti luar kamar, atra. “Naha Astri kudu nungguan Tétéh nepi ka kolot? Nepi ka cetuk huis. Nepi ka iraha Téh? Astri  téh capé.” Kadéngé ceurikna balilihan. Kadéngé si Mamah ngupahan.

            Teu, teu hayang némbalan. Cua kacida. Ngabayangkeun beungeutna gé mun kongang mah hayang nyiduhan. Geuleuh kacida. Teu nalipak manéh. Gusti... lamun bisa mah hayang ceurik jejeritan. Hayang ngaleungitkeun momot anu nalingkung diri. Sok asa ngarareunah, kuring nu capéna, tisuksuk tidungdung néang kipayah. Ngorbankeun diri, teu mikiran kawin. Lantaran hayang nyakolakeun adi. Nyugemakeun nu jadi kolot. Hayang boga imah sorangan. Capé ngontrak waé imah. Pindah unggal taun. Capé ditagih hutang pédah elat mayaran.

Rarasaan mah perhatian kuring sagalana geus tamplok ka kulawarga. Adi junun sarakola, bisa kuliah tur gawé. Kuring sorangan mah baé téh teuing ngan tamat SMA. Atuh ku keyeng nabung, bisa kalaksanakeun boga imah sanajan leuleutikan gé. Bisa méré jajan keur nu jadi indung matuh saban bulan. Kitu deui pangabutuh di imah, ti mimiti sabun, sagala rupa kuring nu nékel. Geus puguh béas, mayar listrik mah pan kuring nu mayaran. Da ari nu jadi adi mah ning mikiran pangabutuh keur sorangan waé.

Sakitu gé bungah teu ngaririweuh deui. Norék manéh lamun kadéngé haréwos parawan kolot ka kuring. Nu penting maranéhna bisa ningali, tah ku ayana perjuangan kuring. Indung senang, imah weweg, adi sakola luhur. Peun sakitu.

Aya nu peurih kaliwat saking. Haté gudawang lain meumeueusan. Astri... Astri.... Enyaan asa ku téga. Ngarti, yén jodo mah urusan manten-Na. Tapi kahayang téh cik atuh.... Ah, hésé ngedalkeunana. Da puguh maranéhna geus kaeuntreupan duriat.  Kuring nyusut cipanon nu ngalémbéréh teu kaampeuh. Enya di hareupeun Mamah, Mina, jeung Astri kuring téh katingali gagah. Wani tutunjuk. Sosorongot. Padahal geus nyorangan mah, ngan saukur ceurik jeung ceurik mikiran nasib.

Teu hayang lila dia lautan kasedih. Jung nangtung, gesut nyisiran. Neuteup gambaran diri nu némbongan dina kaca. Gurat-gurat kakolotan dina beungeut geus katingali. Sanajan maké make-up. Moal bisa dibobodo. Rap maké baju anu anyar meuli kamari. Rék jalan-jalan niiskeun pikir.

            “Jig, lamun keukeuh manéh rék kawin jeung lalaki éta. Ngan omat. Sanggeus dirapalan tong hayang cicing di imah ieu. Kudu langsung ngejat. Inget, ieu imah meunang Tétéh, lain meunang sasaha.”

            “Ssst. Téh.” Mamah ngadeukeutan, rék ngalelemu.

            “Jeung tong hayang disaksian ku Tétéh. Sok wéh kadinya suka senang nya. Anggap wéh Tétéh mah euweuh,” ngomong beuki sugal. Muka panto satarikna. Laju dipeundeutkeun leuwih tarik.

*

            Teuing sabaraha poé teu balik ka imah. Kitu wé kadang saré di kantor, kadang saré di babaturan. Teu betus ka sasaha gé perkara nu sabenerna. Teuing kétang ari jero-jeroan mah. Da pasti wé aya cakcak bodas. Keur mah eukeur pan di tempat gawé téh aya Wati, babaturan Astri. Piraku teu diondang. Jeun teuing, gerendeng haté. Nu penting ayeuna mah moal mikiran nu di imah. Keun arantepkeun sina malikir, sugan karasaeun tah ku maranéhna kumaha héséna néangan duit téh. Ngabantuan Mina onaman waktu manéhna kawin, rido pisan, biaya kawin kabéh ti kuring. Tapi ayeuna? Sangeuk teuing. Keun wé si Mamah sina ngarasakeun kumaha lieurna ngatur nu rék hajat téh, bonganna mangmeunangkeun waé si Astri.  

            Haté kuring noroweco, asa bungah, ninggalkeun imah nu pinuh ku masalah. Sugan pakucrut tah hajat téh, seuri haté lamun nepi ka kawirangan téh. Haha.... Kabéh geus pada nyaho biaya sagala ti kuring. Ari ayeuna dina perkara ieu? Ngarareunah teuing mangmeunangkeun si Astri. Geuleuh. Enyaan boga kolot téh asa teu ngarti. Dulur deuih kabéh saruana, sigana téh mangmeunangkeun si Astri. Taya saurang mangkeluk anu ngarti kana haté kuring. Cipanon deui-deui bedah. Najan ditahan, najan kudu kuat, angger wé, ceurik deui kuring téh. Geuleuh ogé ka sorangan nu céngéng. Ceurik jeung ceurik.  

            “May. Urang karokéan, yu.” Misna noél, siga nu ngarti kana kaayaan kuring nu sedih.

            “Hayu. Jam sabaraha ayeuna?”

            “Jam tujuh.”

            “Jam tujuh?”

            “Enya kumaha kitu? Horéam?”

            “Ayeuna téh malem Senén nya?”

            “Enya. Tumben nanya poé sagala.”

            “Lain. Asa aya nu tinggaleun keur gawé isuk. Kuring ka imah heula nya. Ké ka dieu deui ngadon saré.”

            “Hayu atuh dianteur ku saya.”

            “Halah teu kudu. Pira gé ti dieu ka imah. Deukeut ieuh. Biasana gé ti kantor jam sapuluh peuting.”

            “Lain bisi kumaonam wé,” Risna neuteup kuring siga nu kasieunan.

            “Kalem moal aya nanaon. Ok,” kuring ngabalieus, miceun beungeut, api-api nyokot HP nu aya na luhur méja. Inggis ieu semu kanyahoan. Yén aya kasedih nataku nu ngarunggunuk dina haté.

            “Nya atuh ari keukeuh mah. Ati-ati.”

            Malam Senén. Berarti acarana geus bérés. Enya gé embung panggih jeung si Astri. Tapi bet asa aya nu béda. Hayang ningali suasana aula ayeuna. Aula nu poé tadi dipaké ngarencéng-rencéng si bebengok. Sugan aya béja yén acara téh ngérakeun jeung teu nyugemakeun. Tada teuing surak ieu haté. Sajajalan dipinuhan ku rupa panglamunan.

Ngéléhan manéh, ngorbankeun diri dapon adi-adi katut kulawarga senang. Asa euweuh niat hadé pikeun ngawangun rumah tangga. Sanajan enya teu ngabohong kétang, kungsi sababaraha kali hahadéan. Ngan nyéta tara dianggap serius ku kuring. Sakalieun aya nu serius gé, hayang nepungan ka kolot. Ih, haré-haré wé tara ieuh diwaro. Alesan téh tacan kapikiran keur rumah tangga. Aya lalaki nu kacida bogoheunana ka kuring. Kitu deui kuring sabenerna bogoh ka manéhna. Hahadéan jeung manéhna aya kana opat taunna. Ngan manéhna can kungsi apaleun ka imah kuring. Kitu deui kulawarga kuring, can kungsi apaleun yén sabenerna kuring boga calon. Asa can siap rarasaan téh. Ké wéh mun geus boga imah, lamun geus berhasil angkeuhan téh. Tapi dikersakeun manéhna beut pindah gawé ka luar propinsi, ti dinya pleng taya laratan. Padahal haté mah teu weléh sono, teu weléh miharep.

            Reg mobil eureun hareupeun aula. Teu langsung ka imah. Ngelemet ka aula, bisi aya jelema. Sanggeus katingali suwung, taya sasaha, sup asup. Nelek-nelek ka sakuriling. Katingali bayatak urut kariaan. Sanajan geus diberesihan, sésa-sésa kariaan katingali. Korsi mah geus dibéréskeun merenah di sisi, geus ditilep-tilepkeun. Leumpang beuki ka hareup, ka rohang utama. Paragi pangantén jeung tamu masamoan. Cingogo, waktu ningali manglé nu maluguran. Gancang dicokot diambung seuseungitna. Teup kana korsi pangantén nu masih aya.

            “Bagja pisan nya, pami manglé éta tiasa aya dina sanggul Maya. Seungit. Bagja pisan, malati nu jadi saksi maheutkeun pasini,” kuring neuteup ka pagantén awéwé nu sanggulna dipinuhan malati. Panjang nepi kana cangkéng. Katingali nambah nyari.

            “Pasti ké kalaksanakeun kénging manglé,” manéhna ngagelenyu sarua neuteup pangantén.

            “Mun palay téréh nikah cenah kedah maok manglé ti pangantén.”

            Manéhna teu ngawaro. Ngan ngiles. Sigana keur nguriling kana dahareun. Tapi teu lila ngurunyung. Ngaharéwos kana ceuli. ”Manglé keur Emay ti akang.” Cenah nerapkeun éta manglé dina ceuli kuring. Seungit nakeran.

            “Kénging ti mana?”

            “Nu penting téréh laksana. Héhé.” Manéhna ngahéhé. Teu ningalikeun jalma nu  malencrong. “Iraha atuh Akang tiasa ka bumi. Hoyong geura tepang sareng Ibu rama.” Teuing geus sabaraha puluh kali ieu pananya ditepikeun.

            “Insya alloh sakedap deui,” dijawab ku imut. Leungeun pageuh nyekelan manglé, diambung taya kabosen.

            “Emay!” ti tukang aya sora. Lamunan nyinglar.

            Apal kana sorana. Ngarérét ka tukang bari jeung angger cingogo. Sapatu hideung, asa apal. Pasti. Ngayakinkeun, paneuteup maju tina suku kana calana ka luhur kaméja biru. Enyaan. Bréh paadu teuteup jeung manéhna.

            “Dadan!” tipepereket nyekel manglé na ranggeuman. Nahan galura nu rosa jeroeun dada.

            “Emay. Hampura akang. Akang teu terang saha Astri. Hampura,” cenah dumareuda.

            Kuring nangtung neuteup manéhna. Lalaki nu salila ieu dianti. Lalaki nu teu weléh ngagedurkeun birahi. Siga peuting harita, kuring sadrah dina rungkupan peuting, teu kawasa ku teuteupna. Peuting panungtung saméméh manéhna ngiles.

            “Nitip Astri.” Ngan sakitu. Kuring kaluar ningalkeun manéhna. Ninggalkeun manglé nu maluguran katebak angin peuting nu rintih. Ngahaleuangkeun kingkin.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: