• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Koper

Kénging M T Risono
Kintun kana Facebook

Panto kadéngé diketrokkan. Basa dibuka, Azam, tatangga gigireun, rék nginjeum koper. Manéhna rék balik ka lembur sakulawarga. Aya dulurna nu rék hajat. Sanggeus sémah diuk, kuring asup ka kamar.

Rada lila da koperna ditunda luhur lomari di kamar tukang. Henteu ari kakebulan mah da dibungkusan ku plastik. Méméh dibikeun, seletingna dibukaan heula. Palebah muka seleting nu di jero, goréhél téh aya sacewir bon ti hiji hotél di luar kota. Haté nyeblak sakedapan mah, ras inget kana kajadian harita, pangna kuring jadi ngaduda cara ayeuna.

Kajadianana geus liwat dua taunan, tapi asa cikénéh pisan. Rosa, pamajikan kuring, salingkuh jeung batur sakantorna. Kabeneran anak direkturna téh mantan kabogohna keur SMA. Kuring teu boga curiga sacongo buuk. Kuring percaya basa manéhna ménta idin rék ka luar kota. Aya urusan kantor, nepungan relasi, cenah. Piisukaneun rék indit, kuring maturan mérésan baju bawaeun pamajikan. Manéhna numpukkeun bajuna dina luhur kasur. Kuring mantuan ngéntépkeun kana jero koper kalayan tarapti, ma’lum tara iinditan sorangan. Pangpangna mah bisi aya nu tinggaleun.

Isukna aya pagawé kantor nu ngajemput ka imah. Kuring mangmawakeun koper nepi kana bagasi mobil. Dua poé sapeuting manéhna indit. Kuring teu boga firasat nanaon. Estu percaya baé ka pamajikan. Cunduk kana mangsa manéhna balik, karasa aya nu anéh. Paromanna jadi béda. Mun paadu hareup teu wanieun neuteup ka kuring. Nu paling anéh, warna koper téh jadi béda! Basa kuring ngajingjing koper rék nganteurkeun téh, warnana biru dongker. Naha ari balikna jadi warna hideung?

Kuring teu waka loba omong. Sanggeus di jero kamar, kuring kakara pok. Manéhna bangun nu reuwaseun.

“Euh, enya, itu paliron sareng nu Siska!” 

Kuring rada curiga mireungeuh réngkakna. Beungeutna atra semu ngemu kareuwas. Katambah deui tadi karérét dina koper aya ngaranan, Edy Suntara. Eta mah pan ngaran anak dununganana téa. Teu tatanya deui, kuring muka seléting koperna.

Blak! Koper muka. Bréh eusi koper téh katingali awut-awutan. Eusina atra kabéh, pakéan lalaki! Aya kaméja, calana panjang masih jeung beueurna kénéh, jeroan, deodorant jeung pangerok janggot. Kuring jeung pamajikan pada ngabetem. Kuring ngabeubeutkeun awak kana spring bed. Karasa awak gé oyag, asa ngalayang di awang-awang. Rosa ceurik bari andiprek dina tungtung suku. Teu miroséa Rosa nu keur ceurik, kuring hudang. Baju dina jero koper dirawu dibawa ka tukangeun imah. Sanggeus ditambrukeun, cur dikucuran bengsin. Sakali nyekéskeun korek api, seuneu geus ngabebela.

Isukna Rosa ménta dianteurkeun ka imah kolotna. Kuring teu bisa nahan, manéhna keukeuh. Antukna kuring sakalian nyérénkeun Rosa  sakumaha paméntana. Kuring milih pepegatan. Manéhna ceurik hahampuraan. Atuh mitoha ogé sarua hahampuraan. Anjeunna ngarumasakeun yén anakna nu salah. Rumah tangga nu teu didasaran ku kanyaah nu iklas mah moal hadé diteruskeun oge. Tungtungna mah anjeunna nyaluyuan kana kamandang kuring. Najan kitu, kuring tetep mikahormat ka anjeunna salaku rut mitoha tur sobat bapa kuring. Silaturahmi tetep nyambung. Tapi dihenteu-henteu gé tetep aya bédana, najan saeutik.

Tilu bulan ti harita, kuring papanggih jeung babaturan keur sakola. Kawantu geus puluhan taun teu panggih, jadi asa-asa bisi kasamaran. Sanggeus yakin mah éta téh Hesti, kuring kakara sasalaman. Duka naon sababna, manéhna mah apaleun kénéh ka kuring. Sigana pédah kuring mah sok ulubiung dina unggal kagiatan sakola. Kuring gé inget ayeuna mah. Manéhna téh kaasup béntangna sakola. Geulis najan teu pati pinter gé. Kulitna beresih, irungna bangir siga urang Barat. Harita mah loba lalaki nu marebutkeun ka manehna. Ti saprak lulus sakola, kuring can kungsi panggih deui. Kuring ngadéngé béja yén manéhna geus dikawin ku pangusaha batik di Cirebon.

 “Raos wé ari janten bojo pangusaha mah, teu seueur emutan,” kuring muka carita.

“Naon da atosan sareng éta mah,” Hesti imut. “Papirak.”

“Aéh, punten atuh, manawi téh masih kénéh,” kuring seuri.

Hesti teu loba nyarita deui. Rada béda ayeuna mah. Kuring neuteup manéhna nu keur tungkul. Gurat-gurat umur nu leuwih ti 40 geus katingali. Dangdanana teu jiga mantan pamajikan pangusaha. Kageulisan nu baheula pada muji, ilang sanajan masih aya tapakna. Kageulisanana katutup ku pakéan basajan tur awak siga nu teu kaurus. Ceuk dongéng manéhna, salakina geus bangkrut. Ehm, deudeuh teuing Hesti.

Ku sabab teu aya kabeubeurat, kuring ngajangjian panggih deui di hiji tempat. Kuring jeung Hesti ukur ngobrol nyawang mangsa ka tukang. Kuring teu kungsi ngedalkeun eusi hate ka manéhna harita téh. Loba nu leuwih kasép tur leuwih beunghar ti kuring. Kuring nyidem katresna ka manéhna ukur dina haté. Teu kawas si Rendi nu blak-blakan, atawa si Juned anak bandar cabé di pasar Caringin nu ngajak balik sok maké vespa.

Ayeuna, sanggeus papisah sakitu taun, awéwé nu pada marebutkeun teh aya di hareupeun kuring. Rasa nu kasidem sakitu lilana, ayeuna karasa ligar deui. Hesti pon kitu deui, haténa bungaheun duméh aya keneh lalaki nu mikahayang. Antukna kuring jadi ngadahup jeung manehna. Kuring mawa Hesti jeung anakna tilu ka imah. Teu loba nu dibawana, ngan ukur baju sakoper.

Sabulan mimiti mah, manéhna boga talajak nu hadé, pokona mah matak pikabungaheun. Dina ngurus imah, Hesti kaitung singer. Dina nyanghareupan anak bawa kuring, manéhna kaitung gancang wanoh tur teu ngabéda-bédakeun. Dina urusan campur gaul jeung tatangga atawa dulur gé, manéhna kaitung luwes. Kuring jadi kabeuli haté. Kuring mimiti percaya.

Bulan kaduana sagala rupa urusan duit jeung budak bawa séwang-séwang, manéhna nu ngurus. Ti mimiti urusan imah jeung waragad sakolana, kuring mercayakeun ka manéhna. Ku sabab kitu, kuring muka rékening bank atas nama Hesti.  Kartu ATM boga deuih, bisi hariwageun mamawa duit mah. Lamun aya bubutuh nu ngadadak, manehna tinggal nyokot sorangan. Kuring mah jongjon néangan pangupa jiwa.

Poe Minggu, kuring keur diuk dina korsi téras bari maca koran. Hesti jeung barudak keur indit ka mol, balanja bulanan. Bébéjana mah bari mawa ulin barudak ka Trans Studio. Kuring horéam nganteur, hayang cicing di imah baé.

“Punten!” aya lalaki uluk salam di luar pager. “Leres ieu teh bumina Pa Didin?”

“Sumuhun, abdi,” walon kuring bari nangtung, tuluy nyampeurkeun.

“Dupi Ibu aya, Pa?”

“Kaleresan nuju angkat. Aya naon kitu nya? Mangga atuh urang di lebet ngobrolna,” ajak kuring. Panto pager dibuka.

Sémah téh teu daékeun diajak asup ka ruang tamu.

“Sawios di teras we da moal lami,” témbalna.

Sanggeus merenah diukna, kuring nanya deui.

“Aya pangersa naon nya Bapa ka pun bojo? Sok asa rareuwas,” kuring mimiti muka obrolan deui.

“Ibu téh tos dua sasih teu acan mayar cicilan,” tembalna.

“Naha cicilan naon kitu?!”

“Kirang terang perkawis éta mah. Abdi mah da pilakadar dijurungan ku dunungan.”

Kuring ngahuleng sajongjongan mah. Asa can kungsi méré idin nyokot barang kiriditan atawa nginjeum duit.

“Nya sawios atuh upami Ibu teu aya mah. Énjing pagéto abdi pasti ka dieu deui,” pokna pédah ningali kuring kalah ngahuleng.

“Muhun atuh, mangga. Engké ku abdi didugikeun, bilih anjeunna hilap,” témbal kuring.

Kuring nganteur eta jalma nepi ka lawang pager. Haté mimiti teu genah. Umur-umuran kakara aya nu nagih hutang ka imah. Geus dua jalma nu datang ka imah téh, sarua rék nagih hutang ka Hesti. Minggu mangukna kitu deuih, teu panggih. Naha ari duit kuring nu dibikeun ka manéhna dikamanakeun? Urut naon maké boga hutang? Apanan sagala geus kacumponan. Kuring moal waka geruh, bisi Hesti acan boga waktu keur nyaritakeunana. Kawantu kuring sok balik burit ari digawé teh. Komo mun pareng loba béréskeuneun, kalan-kalan sok balik peuting. Ngalembur.

Beuki dieu nu nagih hutang téh beuki loba. Mani rajol. Lain saeutik-saeutik hutangna, nepi ka ngajuta. Basa ditanyakeun, Hesti ukur cicing teu wakca balaka. Parabot imah teu nambahan, angger nu baheula kénéh, iwal mobil wé parantieun manéhna ka ditu-ka dieu jeung barudak. Éta gé da nu nyicilna mah ku kuring. Tah ari baju mah sigana enya, da sering balanja manéhna mah. Atawa dipaké méré ka dulurna kitu? Atawa dibeulikeun berlian tuluy disimpen?

Nu nagih hutang nungtutan dibayar. Tapi asa teu eureun nu nagih ka imah téh. Barang nu bisa dijual mah geus mimiti dikaluarkeun. ATM nu manéhna ku kuring diblokir, kitu deui buku rékening bank. Barang nu aya hargaan kari mobil jeung imah. Kuring mikir ayeuna mah, samemeh harta kuring béak ku manéhna bari teu puguh, mending enggeusan baé. Moal karunya da manéhna ge teu karunyaeun ka salaki jeung anak-anakna. Banda sanajan titipan Nu Maha Kawasa ge, ari béak teu pupuguh mah ké heula anan. Haté nu tadina rék mikanyaah, mimiti kapupus saeutik-saeutik.     

Teu kungsi sataun laki rabi jeung Hesti the, tapi ngaruksakna béak karep.  Méméh indit ti imah, Hesti ngajak ngobrol di kamar paduduaan. Manéhna rék balaka.

“Hapunten abdi, Kang Din. Saleresna abdi ge isin nyangemna. Abdi kapaksa. Abdi kieu teh lantaran pamolah popotongan abdi. Anjeunna nyuhunkeunan artos ka abdi upami Akang teu aya téh. Kapungkur gé nalika janten carogé kitu, maksa nyuhunkeun artos kanggo judi. Usaha anjeunna ancurna teh ku judi. Mun teu ngejat mah, abdi gé tos ditandonkeun kanggo nu meunang judi,” segruk Hesti ceurik. Manéhna teu wanieun neuteup ka kuring. Ngeluk. “Ku margi Akang tos mirak abdi ayeuna mah, abdi seja permios sareng barudak. Abdi moal ngabantun nanaon ti dieu. Hutang abdi tos kabayaran gé tos kalintang nganuhunkeunana. Abdi mah hoyong dijajapkeun wé ka lembur, ka bumi pun biang.”

Kuring teu bisa némbalan sajongjongan mah. Haté asa nalangsa kabina-bina. Kudu kumaha pipetaeun?

“Sawios atuh, Pa, upami teu aya mah!” sora Azam nyelengkeung ti ruang tamu.

 Kuring ngarénjag tina lamunan. Gancang méréskeun koper bari ngabebeskeun kertas bon hotél téa kana pésak calana. Gura-giru kuring nyampeurkeun Azam nu titadi nungguan.

“Aya, Pa, malihan mah aya dua. Nembé milarian heula. Punten rada lami nya ngantosanana,” tembal kuring bari sura-seuri, kaéraan pédah sémahna sina nungguan lila.

“Hé hé hé, naha bet dua atuh, da badé nambutna mah hiji wé,” ceuk Azam.

“Muhun, sawios, candak wé duanana. Abdi mah masihan wé supados Bapa teu kedah nambutan deui upami badé mudik engké,” ceuk kuring.

“Leres ieu téh?” tanya Azam siga nu cangcaya. Tapi paromanna atohen kacida.

“Leres, mangga wé candak. Apanan angkatna sadayana, sakulawarga, janten seueur cacandakeunana oge. Nambut hiji mah bilih teu cekap deuih.”

Teu diengkekeun deui, Azam mawa dua koper sakaligus. Nu hiji titinggal Edy Suntara nu kabawa ka imah ku Rosa. Nu kadua titinggal Hesti jeung anakna nu can lila ninggalkeun ieu imah. Bral geura miang, koper.

 

Jagabaya, 4 Februari 2014

Panglawungan 13

          

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

udung ks

Matak ngahelas maosna nya..

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: