• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Tiung

Kénging Hermana, S.Pd.I.
Kintun kana Facebook

         “Ah, piraku,” Laksmi ngagerentes, ngomong sorangan.

            Tahlil poé katujuh satutas salakina maot. Imah simpé deui. Teu cara poé kamari loba anu ngalongok. Dulur jeung barayana daratang sakalian marilu tahlil. Imah téh haneuteun.

            Laksmi diuk luhureun samak. Cimatana juuh. Manéhna lain teu narima kana kanyataan. Ngan, saban manéhna ngusap kakandunganana nu geus umur genep bulan kalah beuki nalangsa.

            Kulawarga almarhum anu henteu sagemblengna percaya kana éta kaayaan téh ukur Laksmi. Lain sual teu siap ditinggalkeun maot ku Dulah, salakina. Laksmi nu kaasup jarang ngobrol téh ngan hayang bukti sangkan haténa bisa longsong narima kanyataan. Rék kumaha bisa disebutkeun maot salila layon salakina tacan  kapanggih. Lamun seug enya maot, manéhna hayang maca solawat di kuburanana.

            Padumuk kampung Bederan arapaleun yén Dulah bubuara ka nagara tatangga jeung Bahri. Enya, Bahri téh mulang geus tinggal layon. Ku kanyataan Bahri tilar dunya téa atuh béja yén Dulah milu maot kaurugan gawir di tempat panambangan gé teu wudu jadi nerekab.

            “Layonna karungkupan taneuh anu kacida jerona. Hésé dievakuasi.”

            “Jadi diantepkeun di ditu?”

            “Bisa jadi.”

            “Henteu digali?”

            “Jalanna hésé.”

            Rupa-rupa sangkaan warga. Pihak kulawarga teu bisa kukumaha salian ti neundeun harepan sangkan layon bisa dipulangkeun. Taya anu apal kumaha carana nanyakeun kaayaan anu sabenerna ka jalma-jalma di tempat panambangan. Bédana kawarganagaraan jeung pegatna komunikasi jadi alesan anu kuat kana éta béja.

            “Laksmi mah wang milu wé jeung Ema, nya?”

            “Moal, Ma. Abdi mah rék cicing wé di imah, nungguan Kang Dulah.”

            “Euweuh gunana nungguan. Sing ihlas ...”

            “Ulah maksa abdi, Ma. Mun salaki kuring teu balik, Laksmi mah rék tetep cicing di dieu ngurus budak.”

            Manéhna masih ngajentul di luhureun samak. Saméméh mulang ka Madura, dulur-dulurna sababaraha kali nitah sangkan manéhna milu jeung maranéhna. Tapi, Laksmi henteu téga ninggalkeun imah anu dijieun tina kai anu geus hésé capé diwangun tina hasil tilu kali panén.

            Pikiranana kumalayang jauh ka hiji peuting anu ngabéjaan éta kajadian anu pikareuwaseun. Samulangna solat berjamaah di masjid, manéhna nénjo aya Supardi diuk di tepas. Paromanna némbongkeun kahariwang. Sapada harita éta lalaki anu dikongkoyang sarung téh nyaritakeun yén Bahri maot di pangumbaraan.

            “Dulah ogé maot,” tuluyna.

            Laksmi nyekel pageuh mukena. Lumpat. Tuluy ngonci panto pageuh naker. Béja ngeunaan mnéhna nu geus kakandungan anu rék ditepikeun ka salakina mun pareng mulang ti pangumbaraan katahan dina jero haté. Kasedih beuki hese dibasakeunana basa anu datang téh ukur ngeunaan layon Bahri.

            “Kang,” gerentesna.

            Perasaan nalangsa teu kawawa. Cimata mudal teu katahan. Buukna témbong kusut. Manéhna naékkeun tiung anu morosot teu kahaja. Tiung pulas héjo daun téh hadiah ti salakina basa milangkala jatukramina anu kahiji sataun ka tukang.

            “Dina kaayaan kumaha waé ogé, buuk anjeun ulah témbong pikeun anu lian salian keur salaki anjeun.” Laksmi inget pisan kana éta omongan. “Maké hijab bakal ngajaga kahormatan anjeun salaku saurang pamajikan,” Laksmi ngawawaas caritaan salakina.

            Manéhna moal ngarobah kaayaan naon waé di éta imah.

***

            Dalapan taun ti harita. Janin dina rahim Laksmi ayeuna mah geus jadi budak awéwé. Lucu. Matak pikabungaheun. Waktu dalapan taun teh lain perjuangan anu gampang. Taneuh sapetak, harta titinggal salakina, moal picukupeun pikeun kabutuh hirup sapopoé najan panén tilu bulan sakali. Rupa-rupa kasab pikeun nyumponan pangabutuh kayaning dagang goréngan, mangjualkeun bendring nu dijieun ku Bu Kades, tug nepi ka dipercaya jadi bendahara PKK di lemburna.

            Euweuh anu robah di éta imah. Kai jati anu jadi tihang utama nangtung tohaga. Témbokna geus lukutan ipis. Sababaraha plafon geus mimiti témbong barolong. Lamun aya nu robah, meureun ngan perasaanana baé; teu ngabibisani yén dirina ayeuna mah kapan rangda.      “Ku naon bapa téh bet ngadon didamel di luar negeri? Naha di urang kirang subur?” tanya Sri, anakna.

            “Nagara urang téh kacida suburna. Malah teu aya tandinganna.”

            “Na atuh bapa bet indit ka luar negeri?”

            “Tah, nya kitu téa. Upami isukan tos sakola, seueur élmu, Sri bakal terang waleranna.” Laksmi teu manggihan jawaban anu pas sangkan anakna bisaeun ngarti.

            “Sakola naon?”

            “Uhun, sakola. Sakola kanggé milarian élmu.”

            Sri témbong bingungeun.

            “Tos. Enggal bobo, pan saurna hoyong ngiring tahajjud,” ceuk Laksmi bari nyekelan taktak Sri, semu gemes. Pipina anakna nu tembem, dijembél.

            Sri boga kabiasaan nu méh sarua jeung almarhum; rajin ngalongokan sawah bari resep ulin dina pancuran. Sri resep naker ngagebah abrulan manuk piit anu keur ngahakanan paré nu keur sumedeng umyang konéng, ngumpulkeun pakis ngora di sapanjang susukan, atawa ngagebahan lauk anu laleutik kénéh anu aya di handapaeun pancuran.

            Laksmi nénjokeun tina kusén jandéla. Sri keur anteng ulin jeung Supardi, nu boga sawah gigireun sawah manéhna. Maranéhna keur barangjieun dina pancuran. Laksmi anteng neuteup. Bruh-bréh mangsa lawas waktu keur jeung almarhum salakina. Waas. Baheula di dinya maranéhna sok nyareuseuh. Supardi ngajirim jadi jalma anu dipicileukna. Katémbong beungeut almarhum anu soméah, beresih kawas anu tas mandi; kadéngé ngomongna anu lemes jeung sorana halimpu mun keur maca ayat-ayat Al Qur an atawa maca kosidah Barzanji.

            “Sri uih heula! Solat,” Laksmi nyalukan.

            “Ke sakedap, Ma. Mang Pardina masih kénéh nuju mangdamelkeun kincir cai,” jawabna.

            Ti saprak kincir caina jadi, Supardi beuki deukeut jeung Sri. Manéhna ngajak Sri masang bebegig sawah, ngundeur sayureun, jeung mantuan nyaian sawah. Mun keur macangkrama Supardi sok bari heureuy, tepi ka Sri akey-akeyan. Sok atra kadéngéna ku Laksmi.

            Akrabna Sri jeung Supardi ngabalukarkeun Laksmi ngarasa teu genah rasa. Mun seug aya béja yén lalaki anu sok dikongkoyang sarung téh karék pepegatan jeung pamajikanana. Sual perselingkuhan, hukum adat da puguh tara kompromi. Laksmi mimiti curiga boa-boa Supardi ngadeukeutan Sri téh ngan ukur modus. Hmmm, kumaha mun jadi fitnah? Komo galagat Suriya, urut pamajikan Supardi, nu némbongkeun ulat bangun nu teu resep ka Laksmi geus kabadé ti saprak Laksmi jeung Sri babarengan mangdagangkeun dagangan Bu Kades. Enya, Suriya téh éléh jumlah langganan. Suriya mah sok maksa pisan, remen ambek lamun aya anu hésé mayar hutang alatan ngaranjuk, kitu ceuk ibu-ibu kampung mah.

            Tangkal kalapa anu ngarunggunuk di pasir beulah kulon teu wudu ngalantarankeun panonpoé teu pati béngras. Alam kawas geus burit baé. Waktu Laksmi nyokot pakéan tina lomari, manéhna manggihan tiung anu geus lila nilep di dinya, handapeun pakéan almarhum. Jigana mah cocok dipaké ku Sri, gerentesna.

            “Cik cobian.”

            “Naon éta?”

            “Tiung. Manawi wé cocok kanggo Sri.”

            “Abdi alim nganggé kudung. Saur réréncangan gé, istri anu masih nganggé kudung kitu mah kuno saurna. Tinggaleun jaman,” pokna polos.

            “Sri terang pan, ari isin téh bagean tina iman?” Laksmi tumanya leuleuy.

            Sri unggeuk.

            “Tah, tiung téh salah sawios hijab kanggé nutupan kaisin. Muslimah sajati kedah nganggé hijab supados ditebihkeun tina godaan sareng sadaya fitnah. Orat istri mah nyaéta sakur anggota badan, kajabi raray sareng dadamprak tangan. Jadi upami Sri ngangken muslimah, Sri kedah ngangge kudung.”

            Sri camberut.

            “Cik perhatoskeun. Naha Sri ngangken Mamah tinggaleun jaman kumargi sok nganggé kudung?”

            Sri godeg. “Mamah geulis. Sri hoyong sapertos Mamah.”

            Laksmi nyiwit pipi Sri lalaunan.

            “Bapa hidep kantos nyarios, peupeujeuh Mamah teu kenging muka hijab pikeun anu sanés, kajabi kanggo diri nyalira. Engké upami tos ageung, Sri ogé kedah nurut kana cariosan Bapa; wios muka hijab mah ngan kanggo carogé.”

***

            Warga kampung mimiti ngaromongkeun layeutna Sri jeung Supardi. Rupa-rupa sangkaan. Aya anu ngahubungkeun yén layeutna maranéhna jeung urusan paburantakna kulawarga Supardi. Malah aya anu langsung méré vonis yén éta pisan anu ngabalukarkrun Supardi pepegatan. Sri leutik kénéh pikeun ngarti kana masalah jalma dewasa. Laksmi pada nembleuhkeun. Ibu-ibu di pangajian mimiti ngaromongkeun mani bangun ceuceubna. Mulang ka kolotna di Madura, éta bisa jadi cara ampuh pikeun nyalametkeun diri tina masalah, kitu ceuk pikir Laksmi.

            Angin ngahiliwir. Sora jangkrik mani raéng. Sakapeung aya sora bueuk patémbalan. Peuting anu biasana simpé ayeuna mah béda ti sasari. Di pakarangan imah Laksmi loba jalma anu utamana mah awéwé keur ngagarimbung. Maranéhna ngaromong padu pok. Sabulang béntor. Nyacampah Laksmi. Bari dina leungeun maranéhna marawa obor.

            “Dasar awéwé bangor! Kaluar! Kami apal manéh aya di jero!”

            Sora ti luar handaruan. Laksmi soak nénjo seuneu obor anu ngempur. Sri ceurik dina tangkeupan Laksmi. Laksmi kudu kaluar lantaran ngarasa teu boga salah.

            “Tuh deuleu! Si awéwé bangor anu ngagoda Kang Supardi,” Suriya ngomong bari tutunjuk. Keuheul. Nangtung panghareupna.

            “Ké heula. Ulah waka nuduh nu lain-lain. Demi Alloh kuring teu boga hubungan nanaon jeung Kang Supardi. Bener,” ceuk Laksmi ngadégdég.

            “Gandéng siah, loba alesan! Kalah wé dangdanan kawas santri. So alim. Kalakuan bejad! Tukang ngaheureuyan salaki batur.”

            “Astagfirulloh, éta téh fitnah.”

            “Hayu wang warah!”

            Saréréa beuki ngadeukeutan imah Laksmi. Tatan-tatan rék ngaduruk imah Laksmi anu dijieun tina kai. Sedengkeun Suriya nyéréd Laksmi jeung anakna ngajauhan imahna. Manéhna ngudar tiung Laksmi. Laksmi baruntak, bari jejeritan. Tungtung tiungna disongokeun kana seuneu obor. Sapada harita obor pareum. Teu sugema nepi dinya, Suriya nyokot salah sahiji obor anu séjén. Tungtung tiung diduruk. Tapi da angger. Teu daekeun teurak. Warga kampung carolohok. Beungeut maranéhna anu baruringas sapada harita silih teuteup. Teu sadar maranéhna malundur. Ku naon seuneu téh teu teurakeun ngaduruk tiung. Ras inget kana kisah Nabi Ibrohim anu teu teurak diduruk waktu diduruk hirup-hirup. Malah Suriya kaduruk ku pamolahna sorangan.

            Keur kitu aya awéwé saurang, anu teu dipikawanoh ku warga, nuyun Laksmi jeung anakna. Laksmi sukuran. Geuning sok sanajan loba jalma anu rék ngahuru manéhna, masih kénéh aya anu haat nulungan. ***

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: