• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Simbut Salur Belang-belang

Kénging Naneng Daningsih
Kintun kana Facebook

Balik téh rurusuhan, geus angkeub kieu, sieun kahujanan di jalan mantén mangkaning kudu kana angkot. Si Djalu keur kuliah nepika soré, jadi moal bisa mapagkeun, sigana rék mawa Kang Hérman ka dokter ogé kudu kana taksi.

Aya mobil hiji geus kolot diparebutkeun ku sararéa, ti isuk nepika peuting tara aya di imah da nya kitu gupgap mun henteu dipaké ku bapana nya ku budak duanana, kuring mah ukur dianteurkeun isuk-isuk naha ku bapana atawa ku si Djalu. Ari balikna mah kaburu baé dipapagkeun lamun henteu nya kieu kana angkot.

Ayeuna bapana gering geus dua poé henteu ngantor. Lamun geus dua poé henteu kaluar ti kamar hartina Kang Hérman serieus geringna jadi perlu dibawa ka dokter.

Kang Hérman téh boga kasakit pneumonia, kasakit baseuh paru-paru, akibat ti keur ngora sering apruk-aprukan teu beurang teu peuting, maklum gawe sabagé wartawan mah henteu kenal waktu. Geus ripuh kieu kakara meunang pindah di desk. Tapi da panyakit kitu mah henteu bisa cageurgancang-gancang kadangkala dina cageurna oge tetep bae aya urutna,moal bisa cageur sabihari.

Datang ka imah kasampak Kang Hérman keur ngabebengkang, simbutna ngalumbuk tunjangeun, urut nokeran.

"Kunaon henteu disimbut ,engke nirisan geura," ceuk kuring bari rap disimbutan. Tapi simbut téh ditoker deui. Panas, pokna. Ngahaja meuli simbut kandel paragina da kuring mah resep kénéh maké simbut samping kebat ngarah hampang. Ari simbut kandel ngahaja keur Kang Hérman nu tiktik brek. Tapi nya kitu geuning dihaja-haja dipangmeulikeun téh kalah ditokéran.

Basa ka kantor aya Bu Marni, kuring milu nyampeurkeun ka nu keur ngariung, nu keur nguyab dagangan Bu Marni, tas nu sakitu gedéna téh eusina dibudalkeun, atuh dina meja téh mani numpuk ku rupa-rupa barang, aya baju muslim aya mukena, kurudung mah kurudung mani rupa-rupa.

Kuring kataji ku hordeng, warna belang-belang sagaris kembang-kembang ditema ku garis salur-salur kitu jeung kitu bae nepika sisi. Hordeng téh dicokot bari nanyakeun hargana.

"Éta mah sanés hordéng Bu Haji, simbut buatan cina, saé geura da bahanna katun moal matak hareudang," ceuk Bu Marni. Enya baé barang dibébérkeun geuning masagi, dicabak enya tiis mémang bahanna alus bahan katun saperti nu diomongkeun ku Bu Marni.

"leu téh aya motif nu sanés, da ieu mah siga hordéng kieu, pami aya mah nu kembang-kembang atanapi nu kotak-kotak kombinasi, ulah nu salur sapertos kieu," ceuk kuring. Tapi geuning teu aya da entragan ayeuna mah datang barangna motif saperti kitu. lnget ka Kang Hérman kuring meuli hiji, lain meuli da biasana ogé di tilukalikeun, geus biasa ka Bu Marni mah mun balanja téh kitu sararéa ogé.

Datang ka imah méméh dipaké diseuseuh heula ngarah teu mérang urut kekebul benang basa dipintal di pabrik. Umumna kaén katun geus diseuseuh téh komo nyeuseuhna maké pelembut, sok jadi leuleus siga nu lusuh. Hanjakal simbut téh muntah, cai panyeuseuhanna ogé ngageleber beureum. Tapi basa dipakékeun ka Kang Hérman henteu ditokéran deui, meureun cocog. Simbut téh metat dipaké unggal poé. Sakapeung mah sok hayang seuri bari watir ningali Kang Hérman nu begang ngongkoéng ngaringkuk di simbut salur beureum belang-belang rada belél deuih. Ah engké mah mun Bu Marni mawa deui motif séjén rék nyokot hiji deui keur ganti, jeung deui saliwatan mah simbut ieu mah bener siga hordéng.

Geringna Kang Hérman bet katutuluyan geus dua minggu can cageur baé. Basa Ema ti Garut sumping dianteur ku Bi Mamah, Kang Hérman keur ngaringkuk di kamar, henteu kaluar sanajan terangeun aya Ema ogé. Rada héran Ema sumping deui téh dua minggu kaliwat sumping téh di anteur ku Mang Darus, ayeuna dianteur ku Bi Mamah, raina Kang Hérman nu sabumi jeung Ema di lembur.

"Sinanteneun Ema wayah kieu tos di dieu, tabuh sabaraha ti ditu?" kuring ngabagéakeun.

"Tadi subuh Ceu, da atuh mani ngagugujeg ari hoyong ka dieu téh teu tiasa diengkékeun," ceuk Bi Mamah.

"Ari Hérman gering téh heug ngabéjaan, ulah nepika nyaho ti batur," ceuk Ema mangloh ka kuring. Enya rumasa henteu ngiberan ka Garut da éta bisi nyusahkeun sararea, da Ema mah mun nguping Kang Hérman teu damang téh sok ras jig teu kenging dipungpang, padahal apan salirana téh tos sagala karaos, teu kaop capé sok eungap,  sampéan sering bareuh ari kana kendaraan lami téh, padahal Bandung - Garut téh mun lancar aya kana tilu jamna.Teu acan ngagugujeg Bi Mamah nu keur riweuh ngurus sawah jeung kudu nutup warungna mun kudu ka Bandung téh.

Ari Ema terang ti saha Kang Hérman teu damang?" ceuk kuring.

"Ti kantor, ema miwarang abdi nelepon Kang Hérman" pokna bari ngarandeg, sigana kalepasan.

Tapi kuring ngarti lamun bi Mamah nelepon ka kantor hartina butuh duit, henteu cukup ku duit pangirim kuring unggal bulan. Mimitina mah kuring sok teu ngeunah mun nyaho kitu téh, hanas ku kuring diurus unggal bulan diéstokeun, hanas ngaroméoh deui ka Ka Kang Hérman di kantor. Ari ayeuna mah kuring sok api-api teu nyaho baé da lamun ditanyakeun ka Kang Hérman sok jadi ribut. Keun baé da keur ibuna komo geus sakitu sepuhna, ngan anu teu ngarti téh naha sakitu geus sepuh jeung aya di kampung, biaya hirupna mapakan urang kota. Padahal apan Ema téh masih kagungan serang, di kamanakeun hasilna-da lamun geus panén sakalieun ngirim béas sagantang dua gantang sok dicarék da atuh biaya ngirimkeunana ngaleuwihan harga béas anu dikirimkeunana, encan keur ongkos pulang pergi, can keur mahanan nu ngirimna, encan keur oléh-oléh, lain lebar ngan asa teu praktis baé.

Ayeuna oge Ema sumping, lain teu atoh, nyaah kuring oge ka Ema téh malah kungsi ngajak Ema supaya hirup di Bandung jeung kuring ngarah reugreug da ka sepuh mah ku juntrunganna ogé butuh. Tapi Ema henteu keresa majarkeun téh hariwang sawah euweuh nu ngurus, padahal aya Bi Mamah jeung carogéna katut anak-anakna, jeung deui karunya ka Mamah ngagéroh budak ku sorangan. Sigana alesan nu pandeuri numawi Ema teu keresa dicandak ka Bandung téh, lain soal ngurus sawah da apanan aya panyawah.

Harita Ema sareng Bi Mamah ngéndong meunang sapeuting, salila éta Kang Hérman ngagojod baé di
kamar henteu kaluar, basa Ema ngalongok ka kamar, Kang Hérman ukur nyarios, hapunten Ema abdi
teu kiat ieu sirah mani jejetutan kieu, kituna mah bari ngagibrig.

Kuring ménta cuti ti kantor, eukeur mah aya Ema jeung Bi Mamah nu kudu dihormat ku kuring, eukeur mah Kang Hérman geringna can mending-mending, jeung deui kuring téh aya jangji jeung Pa Mustopa nu rék ngajadikeun tanah nu di Cibiru. Lain tanah kuring tapi tanah Uyun, adi kuring nu keur gawé di Bali keur butuh duit nu matak rék ngajual tanah ogé. Ti mimiti tanah eta téh dipercayakeun ka kuring, basa meulina basa ngebonanana, malah surat-suratna ogé maké ngaran kuring, dicokot praktisna da manéhna mah jauh jeung can boga ktp di dieu. Ayeuna rék dijual, kuring kénéh nu kudu ngurusna nu matak Pa Mustopa di jangjian di imah kuring. Enya saperti jangjina jam sapuluh isuk-isuk geus datang, geus ningalian tanahna, geu ngecek kaabsahan surat-surat ka kelurahan, geus cocok sigana mah da harita anjeuna ngaluarkeun artos sabeundeul dina amplop coklat. Kuring héran naha bet mayar ayeuna apan kuduna mah isuk di kelurahan bari sakalian néken surat-suratna. Tos kapameng dicandak, pokna bari diasongkeun. Amplop téh ku kuring di ka si Djalu keun sina diitung di jero ari kuring mah neruskeun deui babadamian jeung Pa Mustopa. Sanggeus urusan bérés duit ku kuring diampihan ka kamar, isuk rék ditransperkeun ka Bali.

Basa kuring kaluar ti kamar, Ema jeung Bi Mamah nyampeurkeun gek diuk gigireun, bari nyarios, “Ema
téh butuh duit omat ulah teu ditulungan." Kuring ngahuleng apan kakara minggu kamari
dikirim, piraku geus séép deui?

"Ari kintunan nu kamari parantos katampi?" kuring ngarérét ka Bi Mamah.

"Enggeus, bérés éta mah!" saur Ema "Geus béak deui jaman ayeuna mah sagala mahal duit sakitu
mah henteu cukup saminggueun." Jekuk asa aya nu nonjok, rarasaan ngirim téh ngumpama henteu
leutik-leutik teuing, naha sabaraha atuh biaya keur sepuh sasorangeun?

"Sabaraha Ema peryogina?" Tah, cenah ceuk Ema nari ngasongkeun keretas sacewir ti Bi Mamah, ditingali téh geuning mani loba aya kana lima jutana.

"Kanggo naon sakieu seueurna?" kuring héran. Ema jeung Bi Mamah henteu lemek, jarempé baé.

Timana atuh duit sakitu gedéna, ngaleuwihan gajih Kang Hérman sabulan. Kapan kuring ogé jeung barudak kudu hirup, barudak kudu sakola, jeung deui apan Kang Hérman keur gering, da lamun henteu ka kantor mah Kang Hérman tara boga duit leuwih, tara aya uang lembur.

"Ema, abdi mah teu gaduh artos, mangga baé nyarios ka Kang Hérman," ceuk kuring.

"Apan Hérman keur gering teu bisa ditanya ku Ema ogé, ayeuna mah atuh sing wijaksana baé na kasaha deui Ema muntang ari lain ka dieu?" Kuring kéképéhan nyebutkeun teu boga duit, bari dibéjakeun yén duit anu tadi ti Pa Mustopa mah lain duit kuring tapi duit Uyun ladang ngajual tanah, tetep teu percaya, majarkeun téh kuring bohong. Kuring ogé keukeuh da enya éta téh lain duit kuring.

Basa Ema jeung Bi Mamah mulih aya rasa sedih nyangkaruk di na haté asa jadi jelema teu dipercaya, komo basa ningali paroman aranjeuna nu bangkenu jeung bangun sinis. Kuring téh usaha satékah polah hayang jadi jelema nu hadé, hayang jadi minantu nu pikanyaaheun mitoha. Kuring tetep ngeureuyeuh digawé sanajan ku Kang Hérman dicarék ogé, nyaéta niatna mah rék ngabantu saeutik-eutikeun sangkan bisa méré maweuh salian bisa nyukupan pangabutuh sorangan téh tapi geuning usaha kuring teu aya tapakna, boa teu aya mangpaatna lamun ningali panampian Ema jeung Bi Mamah saperti kitu mah. Basa dikeupeulan artos kanggé ongkos teu sirikna dijéwang, bari Bi Mamah mah jamotrot bangun ngemu kakeuheul. Teu ngarérét deui ka kuring nu keur ngajengjen sanggeus asup kana mobil téh, kitu deui ka si Djalu nu rék nganteurkeun nepi ka terminal.

Sanggeus Kang Hérman eungkeut-eungkeut maju ka cageur, kuring maksakeun ka Garut rék néang Ema, bisi kumaha onam bisi pundung kateterusan. Di jalan panggih jeung Mang Ukar panyawah Ema. Basa Kang Hérman ngobrol perkara sawah, Mang Ukar ngahuleng.

"Aeh, aeh ari Emang ditaros téh!" ceuk Kang Hérman.

"Har ari encep, apan tos dua usum emang mah henteu ngagarap. Naha encep henteu uninga serang téh digadekeun ku tuang ibu?" Kang Hérman ngahuleng, héran da kuring ogé henteu ngadéngé lamun sawah téh digadékeun. Naha atuh ari Ema peryogi artos kanggo naon? Kuring jeung Kang Hérman buru-buru muru ka imah Ema. Di jalan dibagéakeun ku tatangga ogé ukur dibales ku gupay jeung imut.

Datang ka imah, kuring jeung Kang Hérman ngajenghok, helok jeung teu ngarti bumi Ema anu biasana lalening rarapih pikabetaheun ayeuna burakrakan, teu matut, témbok kusem ramat lancah di unggal juru encan buruan barala, teu ngarti téh kamaha ari panto piraku imah euweuh pantoan. Lawang panto téh ngan ukur ditutup ku triplék butut. Rét ka kéncaeun, ka warung nu meunang nyieun Kang Hérman, ieu ogé sami, burakrakan, méja dadasar jeung bangku paragi diuk nu meuli geus teu puguh rupana, pasoléngkrah.

"Astagfirulah.” Kang Hérman nutupan beungeut. Kuring metot leungeuna diajak asup.

Kasampak Ema ngarengkol di juru kamar, sarua kamar ieu ogé euweuh pantoan, lomari baju kacana peupeus.

"Ma, Ema," Kang Hérman ngusapan sampéan Ema. Ema ngulisik,rut rét basa awas ka Kang Hérman anjeuna gugah. "Hérman," pokna bari nangis.

"Kumaha ieu téh nepika kieu, ku lini atawa aya angin ribut ieu imah nepika kieu?" Teu lila Bi Mamah norojol ti dapur, brek diuk tukangeun Ema bari nyusutan panon.

"Kang, hapunten," pokna. Barabat Bi Mamah ngadongéng, nu matak mindeng ka Bandung nelepon Akang bari salingkuh ti kuring nya bakating ku geus bingung geus teu boga jalan kudu kumaha nyanghareupan si Ardi nu geus kacanduan narkotik, lamun geus jadi téh ngamuk lamun henteu buru-buru ditedunan paméntana. Ari geus euweuh duit mah naon atuh anu dibikeun, nya naon baé nu aya di imah dicokot, dijual keur meuli obat, ka panto-panto dirujad, dijual dimurah maréh. Abdi téh teu wani rék bébéja ka Akang da budak téh keur diubaran ka nu bisa sugan baé cageur, tapi nya kitu uubar téh kudu maké duit, nu matak abdi ka Bandung sareng Ema, tadina mah abdi gaduh pangharepan bakal hasil kénging artos ningali Ceuceu nampi artos sakitu seueurna. Kituna téh bari ngarérét ka kuring. Geus aya kana genep bulanna si Ardi kacanduan téh mimitina mah pirajeunan ngasaan ti babaturanana, saeutik tambah lila tambah loba. Tina ngasaan jeung dibéré lila-lila mah manéhna meuli sorangan, tina bir naék kana topi miring terus kana oplosan kana ganja saterusna mah kana narkotik, nepika geus wani nyuntik sorangan. Ayeuna mah kalakuanana geus teu nyaho ditatakrama geus teu nyaho dibener geus siga nu gélo mun keur jadi téh murang-maring sagala disépak sagala dibeubeutkeun. Sawah ogé teu nyaho-nyaho digadékeun ku manéhna. Basa néangan kikitir dina lomari Ema nu dikonci, teu antaparah kacana ditajong nepika kitu. Bi Mamah eureun nyaritana diselang heula nyusutan panonna ku tungtung kabaya.

"Ari geus kieu atuh kumaha," Kang Hérman bangun nu bingung. Numutkeun pamendak Ema kumaha," pokna bari ngarérét ka Ema.

"Ema ogé bingung ari ka si Ardi nyaah tapi Ema teu nyaho kudu kumaha, da lain antepeun éta budak kudu buru-buru ditulungan," saur Ema bari nangis. Saenyana lamun diantep bisi ngabahayakeun ka batur, heug kumaha mun keur mabok mawa pakarang.

"Ari Ema peryogi artos lima juta kangge naon?" Ema ngarénjag bangun reuwas. Saha nu ménta lima juta, Ema mah butuh sajuta, sawaréh keur nebus tipi nu digadékeun ku si Ardi, lebar bisi lapur sésana keur balanja sapopoé. Manéh nu ménta Mamah," Bari ngarérét ka Bi Mamah. Nu dirérét ukur tungkul.

Kuring jadi ngarti ari kitu mah, jadi salila ieu kuring ngirim keur Ema téh kabéh béak dipaké ku Bi Mamah. Keur naon?

"Abdi téh hayang budak cageur janten usaha ka nu bisa, kamari kedah nyandak cai landong anu tos kenging napaan kedah ditebus dua juta."

"Saha nu menta dua juta téh?"

"Sumuhun Mama." Bi Mamah arapap-eureupeup.

"Saha Mama téh?"

"Muhun nu ngalandongan si Ardi."

"Cageur kitu budakna diubaran ku Mama téh?" Kang Hérman kaciri keuheul, "Cing Mamah paké uteuk téh piraku budak kacanduan narkotik diubaran ukur ku cai meunang napaan. Napaan di mana?”

naha maneh téh beunang dibobodo ku dukun gejul, budak kitu mah bawa ka dokter supaya direabilitas lain ka nu kitu." Bi Mamah ukur ngaheruk teu daék nyarita, delék panona ngadelék ka kuring, keuheul meureun Kang Hérman jadi nyaho soal duit lima juta téa, enya da suratna ku kuring dibikeun ka Kang Hérman, sihoreng éta téh surat meunang nyieun Bi Mamah da Ema mah seratanna condong ipis kandel siga tulisan sakola jaman baheula.

Kuring satuju basa Kang Hérman mutuskeun Ema dicandak ka Bandung harita kénéh, Ema mandeg mayong bari ningali Bi Mamah, kaciri beuratna téh. Tong hariwang Ema rék diurus ku Akang, manéh urus budak, si Ardi bawa ka dokter ngarah diubaran nu bener, ceuk Kang Hérman bari sok neundeun duit hareupeun adina.

Méméh jung téh Ema bébérés candakeun di kamar, geus aya satengah jamna can beres
kénéh. Kuring asup maksud téh rék ngabantuan, dua tas geus metet dieusi raksukan Ema. Tapi Ema masih ngawut-ngawut eusi lomari nepika dibudalkeunana.

“Ari Ema milarian naon?”

“Ema téh néangan simbut da boga nu rada wedel kénéh, simbut kandel keur Herman karunya geuning sok disimbut ku hordéng belél,” pokna.***

 

Bandung, Désémber 2013

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: