• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Malati Beureum I

Kénging Cucu Rahmat
Kintun kana Facebook

“Eeeehhrrgg!!!”

Awak teterejel hayang ojah. Leungeun jeung suku dibaréngkos tambang dadung. Biwir dibekem ku karémbong. Ukur panon anu bisa mélétét, neges-neges ka unggal beungeut anu keur ngaraponan—sok sanajan teu pati jelas. Sedengkeun, ti jero lembur jelema réang ting jorowok…

Lampu sénter nyorot kana beungeut.

“Ngaku siahh!!!” nu diteregos hideung nyentak.

“Eeemmrrgghhh!!!”

Habek! Peureup buleud nenggel kana hulu angen. “Dék ngaku moal?!”

“Kawas nu teu éling…!”

Mureleng.

“Tenang, bah! Moal bisa ngajawab atuh, pan biwirna gé dibekem kénéh!”

Nu diteregos hideung ngarérét ka nu saurang deui. Nu dirérét surti, buru-buru ngudar karémbong.

“Naon salah kuring?!” ngajorowok sanggeus karémbong leupas tina biwir.

Jedak! Tobaaatt! Sirah didegungkeun, ngabeledag neunggar dapuran haur. Duh!

“Kula teu butuh pananya, tapi butuh jawaban!”

Boro-boro hayang ngajawab. Sirah katurelengan, asa beulah. Dina enyana gé kudu ngajawab, naon nu kudu dijawab? Kabéh nu dituduhkeun teu kungsi ngalaman. Teu! Saeutik gé teu rumasa.

Ti kajauhan sora kohkol ditihtirkeun. Nu jojorowokan beuki ngadeukeutan.

“Bérésan! Saméméh datang masa.”

“Heh!!!”

Nu dirérét deui-deui surti. Regeyeng awak kuring dibawa ka lebah biwir jurang. Saterusna, keleweng…

“Aaahhhrrrrggg!!!” ajol-ajolan hayang leupas…

Hegkk!!!

Gustiiii… naon deui ieu? Nyampa tarang, linu tapak tigeledug.

Beuki teu kaharti baé ngimpi téh! Noron, geus dua minggu ti saprak jadi satpam di pabrik anyar, teu beurang teu peuting teu weléh ngimpi goréng.

Komo mangkukna mah ngimpi téh bet teu pupuguh keur nyumput dina hiji rungkun, nyerangkeun ka palebah hiji imah nenggang duduk jandéla. Reyem-reyem. Di hareupeun panto katingali hiji lalaki jangkung gedé jiga nu keur amitan ka pamajikanana. Tiluan tukangeunana. Katingali lebah beungeutna hurung keur ngaroko. Euweuh nu anéh. Ngan, sanggeus éta lalaki jeung baturna jauh ti dinya, si awéwéna—anu kacirina mah budak kénéh téh—ujug-ujug ngarérét ka lebah panyumputan, ngadelék maledogkeun imut. Anéhna deui, kuring tuluy ngahuit jiga nyieun tanda. Bari sasalingkeran panon manco kana jandéla. Teu lila jol méléngé. Di jero kamar aya nu déhém, kawas ngajawab tanda ti kuring. Lakadalah!

Culang-cileung heula. Barang rék cengkat, ceuli rancung. Kadéngé sora kohkol nu ngaronda, atuh teu jadi…

Terus kamari, ngimpi téh kalah keur guley ngeukeupan awéwé. Awéwéna nu éta kénéh. Awakna melenghir seungit malati. Keur jongjon ngalambangsari, panto kamar aya nu najong satarikna.

Ngajorowok bari mesat bedog, “Sia mangkelukna hah?!” duuuhhh…, sakilat luncat ka juru kamar bari taki-taki. Sabot si awéwé ngagabrug ngahalangan salakina, buru-buru nubruk jandéla. Jleng…!

Ngan orokaya, di luar geus loba jelema. Sénter brut-brot nojo kana awak.

“Cangkalak euy, tuman jelema tukang rucah mah!!” seuseukeut bedog ting kolébat katojo sénter, teuing sabaraha puluh nu muru kana awak.

Tobaatt!!! Murungkut bakating ku soak.

Nya ahirna kawas bieu deui, ujug-ujug geus aya di handap, murag tina kasur bari awak dibeulit ku simbut. Késang tiis ngagarajag, pareurih saawak-awak.

Duuuhh… na saha cenah éta awéwé téh?

Terus…, saha deuih mangkelukna anu jadi kuring téh? Laahhh aingah! Geus riwan deui waé…

Tapi…, mun enya riwan, atawa mun ukur impian nu euweuh hartina, naha atuh unggal ngimpi jiga nu nyambung. Jiga nu ngahaja nyieun hiji carita. Ngan édas wé dina itungan téh bet jadi owah-owah. Tukang rucah jeung awéwé nu geus boga salaki.

Treeettt!! Treeett!!! Treeeerrr…

Buru-buru dirawél.

“Halow, aya naon Bro?”

“Ditunggu ku uing di warung nu biasa.”

“Okéh!”

Klik!

“Ndriii…!!” sora nu boga kosan nyelengkeung di luar.

Muka panto. “Aya naon, Téh?”

“Henteu sih, ngan tadi si Uwa ka dieu, katingalina mah jiga nu serius pisan.”

“Aya naon cenah?”

“Ménékétéhé…”

“Ohhh…”

Hapé dialungkeun kana kasur. Ngarawél anduk, muru ka cai.

Awak nu karasa pasiksak minggu-minggu ieu asa kaubaran ku nyecepna cai. Seger kacida.

Anéh. Sok padahal nyareri awak téh lain ku capé-capé teuing digawé, atawa pas gawé kabagéan pikét. Tapi nyareri awak téh ti saprak remen ngimpi. Malahan mah mun dina impian nyeri dada, tah geus hudang gé sarua nu nyeri téh dada. Bingung mikiranana gé.

***

 

“Kopi Mocha genep. Gorpis sareng géhu, tabuh 8 anteurkeun ka pos, nya Téh?”

“Mangga jang Andri, ké ku kang Warman dianteurkeun.”

“Sip!”

“Bagéan piket, jang Andri?”

“Sumuhun, Téh. Mangga.”

“Muhun mangga.” imut ngagelenyu. Biwir handap digégél saeutik.

Babaturan kontan nyiku.

“Naon ari manéh?” ngaharéwos.

“Uing karék ningali Téh Éva seurina kawas kitu ka manéh. Bibirnya itu loohhh…”
“Kumaha kitu?” bari ngarérét ka tukang. Nu dirérét geuning keur nempokeun kénéh bari imut. Deg! Aya nu nenggel kana dada.

“Lah kawas nu teu ngarti waé…” babaturan nyiku deui.

“Huss! Dosa siah, pamajikan batur éta téh!”

Naha nya? Tara-tara ti sasari Téh Éva kitu peta. Pan geus biasa nongkrong di warungna téh, naha nu bieu kaalaman mah bet béda. Teu kaharti.

Babaturan noél.

“Naon deui atuh!” nyureng.

Panonna ditojokeun ka hareup.

Barang dirérét.

“Éééhh… Uwa? Mang Warman?” manggut ka ditu ka dieu.

Hareupeun, si Uwa teu riuk-riuk. Komo males seuri mah. Kalah mencrong. Teuteupna seukeut jiga nu keur nalék.

Duuhh…, naon deui ieu. Padahal saapal uing si Uwa téh kolot anu kacida soméahna. Pan biasa gé kitu. Mun panggih sok nanya, terus sasalam. Nawaran roko. Ngobrol ngalér-ngidul. Ari ayeuna teu gugur teu angin bet ngahalangan jajalaneun. Jeung mang Warman deuih…

Si Uwa nyipitkeun panonna. Luk, kuring tungkul.

“A-aya na-naon, Wa?”

“Da nyanéh nu kitu peta téh, Warman!” mureleng ka mang Warman.

“Ha-hampura, Wa. Uing teu aya niat.” rampang-reumpeung.

Rurusuhan mang Warman meuntas bari metot si Uwa.

Di peuntaseun, si Uwa katingali keur tutunjuk ka mang Warman.

“Boga salah naon manéh ka si Uwa? Kadé ah urang mah tamu di dieu téh.”

“Rarasaan mah asa teu boga dosa da. Apal sorangan, uing mah tara ka mamana. Ka luar téh mun digawé, ka Alfamart, atawa ka warung Téh Éva. Atawa...?”

“Naon?”

“Aya teu nya hubunganana kajadian bieu jeung kalakuan anéh Téh Éva tadi?”

“Hahay… otak uing butek dititah mikir nu kieu mah eung...”

***

 

Jam nunjukkeun pukul 8 leuwih saeutik.

Opatan keur ngontrol. Di pos tinggal kuring jeung babaturan anu keur tibra, sabot nunggu giliran.

Lalajo tipi bari haté mah teu pararuguh. Teu genah cicing. Pikiran kumalayang, kabayang deui imutna jeung dilakna Téh Éva tadi soré. Jeung sawangan-sawangan éndah nu lainna. Lamun mah…, lamun seug mah... laahh…

Teu kungsi lila…

“Jang…, jang Andri..., ieu Étéh.” lebah panto gerbang aya nu nyelengkeung.

Hag siah! Naha bet jiga sora Téh Éva?

Antara reuwas  jeung atoh buru-buru muka konci gerbang. “Ning bet ku Étéh, pan biasa gé sok dianteurkeun ku si Emang.”

“Iihh… na teu suka kitu pami Étéh nyalira anu nganteurkeunana?” ngajanggilek, ogo.

Séoorrr… jajantung jol ratug. Duuhh…

“Wios ku abdi.” ngasongkeun leungeun rék nampanan.

“Wios…, hawatos teuing, wios ku Étéh disimpenna.” buru-buru ngalacat ka jero pos.

Hiuukkk… hiliwir ambung malati nebak irung.

Jajantung beuki ratug.

“Ku Étéh disimpen caket tipi nya?”

“Mu-muhun Téh. Euu…, ieu artosna.” buru-buru nyokot duit dina luhur méja—anu ti tatadi geus disiapkeun keur mayarna. Song dibikeun.

“Nanaon ieu?” duit teu ditampanan, ramona nyurungkeun leungeun kuring anu keur nyekel duit.

Tapi hasilna jadi lain. Ramona kalah ngarameus ramo kuring. Da duitna mah kalah murag.

“Kang…, Kakang Dipa…” sorana lalaunan semu ngageter.

Puringkak…

Kontan biwir runya-renyu. Jiga aya nu maksa kudu untab.

“Ratimaya…” haroshos.

Gebeg!

Naha?! Saha Dipa? Saha Ratimaya? Pan kuring mah Andri, pan hareupeun kuring mah Téh Éva?

Di luar sangkaan, jug gabrug. Leungeunna meulit pageuh kana cangkéng. Geugeut, jiga kabogoh nu lawas teu patepung.

Ukur ngajengjen. Tapi teu nampik basa dada karasa haneut ditangkeup ku Téh Éva—sok sanajan haté leutik mah loba karémpan.

Kaambeu deui hiliwir seungit malati. Buukna nu ngarumbay ngadupakkan kana beungeut.

Sajongjongan ngahuleng. Lelembutan ngalayang ka mana boa.

Asa-asa, leungeun nurutan dék nangkeup. Tapi…, rét ka babaturan nu keur kérék. Diturunkeun deui. Diangkat deui. Rét deui. Lalaunan leungeun kawas aya nu mawa. Pel, kana cangkéngna.

Angot, selengseng seungit malati beuki rosa…

“Lami, teu nohonan jangji.” éta nu teu pupuguh ka luar tina biwir kuring.

Gebeg! Naha?

“Kakang…” Téh Éva tanggah. Imut kayungyun. Biwirna muka, teuteupna neundeun lahar anu kacida panasna.

Beungeutna geulis sok sanajan geus rada kolot, ku sabab peuting ieu mah dangdan, nya beuki témbong kageulisanana.

Gunung nu puluhan taun teu aktif, tungtungna bitu. Lahar panas nu ngagolak, mancawura ka papat madhab…

Di luar, angin jol ting saléor ngeundeuk-ngeundeuk pos. Kaca kuat ka ngageber. Panto gerbang séng nu luhurna dua méteran ting golombrang ting dorodod. Lalangit asa muter, asa ujug-ujug pindah ka gigir. Pindah ka handap, terus pindah deui ka luhur.

Seungit malati beuki rongkah. Beuki nyambuang. Ampir-ampiran teu bisa narimana ieu irung bakating ku seungit kacida. Tungtungna, les… mabok aambeuan.

Barang bray…, bet keur aya di sisi talaga. Leungeun Ratimaya késangan nyekel pageuh kana pigeulang. Paromanna ngemu kahariwang. Sarua jiga kuring. Sarua ngemu kahariwang anu pohara. Leumpang rurusuhan. Sakapeung sok bareng ngarérét ka tukang. Sagala kasieun tumplek museur ka béh ditu. Asa lewang. Asa ringrang.

Gorobas! Gorobas! Lebah rungkun…

Kolébat! Jedak aya nu nenggel kana tarang. Jengkang... (hanca)

021214

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: