• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Malati Beureum II

Kénging Cucu Rahmat
Kintun kana Facebook

“Kang Dipa!!!” Ratimaya ngocéak, kabawa ngajengkang.

“Teu kapok-kapok, hah!”

Gebeg! Di antara nu opat urang, ngabedega aki-aki jangkung gedé, bah Jatma salaki Ratimaya.

“Nangtung!” Bah Jatma mureleng ka Ratimaya.

Maksakeun rék nantung.

“Pipilueun, modar siah!” nu saurang nyentak. Ngamang-ngamang bedog.

Teu bisa kukumaha. Tungtungna ngayekyek bari leungeun nyampa tarang anu karasa peurih.

“Nangtung siah!!!” jekuk, angen Ratimaya ditajong satarikna.

“Ampuunn…” nu keur emok ngajengkang deui.

Hudang rurusuhan, gabrug kana suku bah Jatma. “Hapunten abdi, Kang…”

“Tangkurak siah!!!”

“Ampuuunnn…” Ratimaya kocéak-dengék. Buukna dijenggut, laju digusur dibawa ka sisi talaga. “Kang Dipaaa!!! Tulungan abdi, Kaaang…!!!”

“Sok!” deui-deui manéhna ngancam basa ningali kuring rék cengkat.

Ambek nyedek tanaga midek. Ningali bébéné dikitu-kitu, hatéleutik teu mikeun. Sarébukali sieun, keukeuh teu mikeun. Teu suka, sok sanajan awak teu walakaya. Napsu jujul ngalaputan hulu.

Bah jatma salakina anu sah, tapi katresna kuring jeung Ratimaya geus saati, teu bisa dipukahkeun kitu baé. Kari-kari kudu ditunggel ku cara nu teu adil. Alatan sérab ku harta jeung disingsieunan ku pangancam, kolotna maksa Ratimaya sangkan daék dikawin ku bah Jatma. Teu rido!

Kapalang carambang! Leungeun ngaragap cangkéng. Reugreug. Nyampeurkeun ka palebah nu keur ngamang-ngamang bedog.

Nu disampeurkeun rancingeus masang kuda-kuda. Bedog dipalangkeun lebah dada.

Hééaaattt…!!! Satengah nubruk peureup ti pepereket narajang dada kénca. Tarik bangbaraan.

Énténg pisan, panarajang ditahan ukur ku sabetan bedogna.

Ngarasa tipuan keuna, buru-buru leungeun katuhu ditarik, bedog nyamos ngakan angin. Sakilat suku kénca nyuruwuk ngala pingping kénca. Nu diserang katingali reuwas , teu nyangka lamun teunggeulan nu tadi ukur tipuan. Buru-buru mulangkeun sabetan bedogna ka belah katuhu nadah suku sataker-kebek. Katingali lebah puhu leungeun katuhu aya lolongkrang, sakilat nurunkeun suku, peureup nu tadi ukur nipu, diteunggeulkeun deui sakebekna. Hasilna, musuh ngajorowok, leungeunna ngérépéng, bedog leupas tina leungeunna.

Kasempetan kitu teu diantep, suku katuhu ngabelesat deui ngala beuteung. Plak! Ditahan ku leungeun anu masih kénéh kompér. Hiuk, peureup nyuruwuk nyusul tepus. Jedak! Nenggel pisan kana dada.

“Tobaaattt!!!” awakna ngadayagdag, muringis nahan kanyeri.

“Deuleu cokor siah!!!” ngahaja ngareureuwas .

Manéhna rikat melong kana suku. Padahal, sakilat leungeun asup kana jero baju. Bedog leutik nyuruwuk kana lebah beuheung. Plek! Kulahék, berebey getih seger maseuhan beuheungna. Gubrag! Kerejet! Kerejet! Teu empés-empés deui.

Nu duaan deui mata simeuteun. Teu nyangka lamun babaturanana bakal ngalaman kajadian kawas kitu. Kajadian anu kacida cepetna.

Ngarasa gedé haté, buru-buru muru ka nu duaan.

Silirérét. Nu saurang unggeuk maling rérét ka baturna. Bari undur-unduran basa ditarajang téh. Saterusna lumpat muru ka lebah bah Jatma. Nu saurang deui ngagajleng ngajauhan.

“Ampuunn…!!!” Ratimaya rénghap-ranjug, langlayeuseun. Disela-sela biwirna aya getih ngalémbéréh. Bajuna jibreg. Ngarumpuyuk teu walakaya balas disiksa jeung dilelepkeun kana jero talaga ku Bah Jatma.

“Tobat, Nyaiiii!!!” teu wasa ningalina.

Leungeun ngadégdég, bedog anu masih kénéh aya getihan malik ngarah ka Bah Jatma.

Dua jeungkal deui congo bedog nepi kana dadana, deui-deui aya nu ngabongohan, nenggel pisan kana puhu ceuli. Jedak! Bru, katurelengan. Bedog leupas tina leungeun.

Aya nu ngagakgak bari kukubuk.

“Modaaarrr siah!!!” antara sadar teu sadar, Bah Jatma ngaheumbatkeun bedog. Lenyap…, kabur sakabéh pangacian…

“Tahan!”

Méméh keuna, sajorélat aya anu datang bari ngetig pigeulang Bah Jatma.

Bah Jatma muringis nahan kanyeri.

“Éling, eum!” nu anyar datang ngagebeg-gebeg awak bari babacaan.

“Wa!” ukur sakitu.

Les! Teu inget di bumi alam…

***

 

Bau malati saeutik-saeutik ngurangan. Sirah teu balideg teuing. Alam dunya eureun muterna. Nu sésa kari awak anu rarincug jeung séah angin dibarung ku hujan ngaririncik.

Lalaunan beunta.

Rét.

“Wa.”

Nu ditanya ukur imut. Teu kawas tadi soré. Ayeuna mah daréhdéh deui cara sasari.

“Aya naon ieu, wa? Ku naon abdi?”

“Inum heula.” Si Uwa ngasongkeun gelas.

Regot, sababarahakali. “Ning seueur jalmi.” nguniang.

“Lain aya naon-aya naon, calutak sia mah!” Mang Warman jol awong-awongan bari ngaheumbat rék nampiling.

Sakilat Si Uwa nepak. Terus mureleng. “Ieu kabéh gara-gara sia, Warman!”

“Entos atuh Kang…, entos isin. Hapunten abdi, teu aya niat sakedik gé badé kikituan.” sora Téh Éva haroshos, hing wé ceurik bangun kanyenyerian.

Ngalieuk ka tukang. Geuning?

Béh juru Téh Éva tungkul bari carinakdak, diuk dina korsi panjang. Gigireunana, mang Warman ngagigidir beungeutna atah-beuleum.

Di tukangeun korsi panjang, babaturan keur ngajoprak dina kasur jiga baloboran getih. Keur digugulung ku babaturan nu séjén, katingali beungeutna sarepa.

Beuki teu ngarti.

“Wa?”

“Antosan sakedap. Tah ning…”

Gebeg! Dunungan kuring urang Taiwan asup ka rohangan rurusuhan, dituturkeun ku Bu Sarah pamajikanana.

Babaturan ngadeukeutan dunungan. Ngaharéwos bari mencrong ka kuring. Duh… jadi teu genah rarasaan.

Sanggeus ting kuciwes, gék hareupeun Si Uwa.

Sebenarnya apa yang terjadi?” dunungan muka obrolan.

“Euuu…” Si Uwa bangun seunggah. Rét ka Mang Warman, rét ka pamajikanana.

Bicaralah…”

“Mangga!”

Saréréa nahan napas, mencrong Si Uwa.

“Ieu kajadian mimitina tina kasalahan Jang Warman...”

Saréré ngarérét ka Mang Warman.

Tentu Bapa masih ingat setahun yang lalu, ketika membuat pondasi dan meratakan tanah ini dari yang asalnya lembah-lembah dan jurang menjadi dataran.”

Ya.”

“Di ieu tempat aya tilu lokasi kuburan anu gedé.”

Unggeuk.

Bapa nyuruh saya untuk memindahkan isi kuburan dengan cara Islam ke tempat yang telah Bapa siapkan, dengan upah per kuburan 500 rébu.”

Terus?

“Keur ngejar targét, disamping menyuruh saya, Bapa ogé miwarang Mang Warman, nya?” ngarérét ka Mang Warman.

Nu dirérét beuki tungkul. “Sumuhun, rumaos.”

“Naon maksadna Akang nyarios; rumaos?” Téh Éva ngarérét.

“Rumasa, hayang untung tina énténg...,”

“Maksadna?” panasaran.

“Akang teu mindahkeun eusina, tapi ukur nyabut tetenggerna hungkul. Terus nyieun kuburan bobodoan, luhurna dipasang tetengger nu nang nyabut téa. Bébéja mah geus bérés wé.”

Jadi?!” dunungan molohok, teu percaya.

“Hartina, aya puluhan bahkan ratusan kuburan di bawah pabrik ini.”

“Gustiiii… ari Akang nanaonan atuh?!” Téh Éva ngajerit.

Saréréa colohok. Paingan atuh mindeng pisan aya anu kasurupanana.

“Ké! Ari hubunganana sareng kajadian ieu, kumaha?” motong obrolan.

Saméméh ngajawab, Si Uwa ngarénghap jero naker.

“Sabenerna mah teu kahaja,” ngusap beungeutna. “Gustiii…, aya-aya waé atuh!”

Saréréa nahan napas.

“Ku Uwa gé teu ka jamanan kumaha kajadianana mah. Apal sotéh dongéng ti kolot. Harita jaman gorombolan aya kajadian anu biasa-biasa sabenerna mah. Dua urang rumaja nu keur bobogohan, dipegat asih ku kolotna lantaran dipaksa kudu kawin ka aki-aki beunghar.”

“Najan geus lain-lainna deui, tapi teu mugagkeun kana kacinta duaan. Kalah beuki sono beuki pogot.” kuring motong.

Saréréa mencrong.

“Mun salakina keur euweuh, duanana susulumputan, jangjian terus papanggih.”

Si Uwa kerung. “Naha apal?”

“Sabuni-bunina nu modol, ahirna katohyan. Duanana ngemasipati. Nu saurang dialungkeun ka jurang, nu saurang deui mah layonna ditinggalkeun di sisi talaga, nya ku masarakat dikuburkeun di ieu tempat.”

Kok kamu tahu sih, Ndri?” bu Sarah nyelengkeung.

“Sabab éta kabéh kaalaman dina ngimpi, Wa.”

Si Uwa gogodeg.

Sakabéh padungdengan, jeung masalah diréngsékeun peuting éta kénéh. Kabéhanana silihampura. Kuring sanduk-sanduk ka Mang Warman jeung ka Téh Éva. Babaturan nu kacilakaan langsung dibawa ka rumah sakit.

Okéh! Saya serahkan masalah pergaiban ini sama Si Uwa.” jung nangtung, muru ka luar.

“Kitu tah nu boga duit mah, ngagampangkeun…!” Si Uwa ngagebés.

Dunungan nyéréngéh.

Sanggeus nyetater mobil, dunungan ngagupayan pamajikanana. “Yu, Mam…”

Ya udah Ndri, Ibu pulang dulu yah. Hati-hati. Kalo ada apa-apa, bbm-an aja sama Ibu. Ok!”

Unggeuk.

Selengseng, dina awakna kaambeu seungit malati.

Bu Sarah, ngadilak.

Gebeg!

***

021214

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (5)

mang aut

asa loba ngagebeg,boa-boa boga panyakit jantung!

iwan

ari ningali ka tukang, gebeg kuring ngarenjag sihoreng aya nini-nini nyengir ka kuring....

dasep hilman

Sae

feri cahyadi

Pas beres maca ninggali nini nini tukang surabi ngareret bari ngadilak selengseng teh bau hangseur...

bhatara Chikal

Pas beres maca..pas mencrong ka si eteh2 nu ngajaga warnet...pek teh imut bari ngadilak....gebeg...

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: