• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Panineungan 10 Taun;

Urang Sunda Ngabebenah Tsunami Aceh

Kénging Enang Rusyana
Kintun kana Facebook
Mangle
[Potrét/Ilustasi: Kapal PLTD Apung 1 dipotrét ti gigirna (potret: Enang R)]

Minggu, 26 Désémber 2004, tabuh 7.59 isuk-isuk, aya lini anu rohaka luar biasa; 9,1 tepi ka 9,3 SR. Lilana ampir 10 menit. Éta lini ngageterkeun sakabeh planét bumi jeung nimbulkeun lini séjénna di wilayah Alaska.

Nurutkeun para ahli, nu nyababkeun munculna lini tur tsunami di Acéh téh nya éta ku ayana dua lémpéng kontinéntal paadu tepi ka nu hiji ngagésér ka luhur, nu hiji deui ngagésér ka handap. Ngagésér ka luhurna tepi ka 15 méter, sedengkeun panjangna rekahan nu ngagésér téa tepi ka 1.600 kilométer mimiti ti deukeut Pulo Simeulue tepi ka Pulo Andaman kalawan cepetna rekahan 2 km/detik . Ku paadu jeung ngagésérna éta lémpéng nimbulkeun lini nu rohaka téa. Salian ti éta, dina waktu nu mareng, cai laut kacéot. Nu matak, masarakat nu keur arulin di sisi laut harita, nyaksian cai laut nyaatan tepi ka ratusan méter  ka tengah laut. Malikna deui cai ka darat jadi ombak anu luar biasa tarik jeung gedéna, tepi ka 800 km/jam. Beuki deukeut ka darat beuki ngendoran, tapi ombak téh beuki ngaluhuran. Ombak nu luhurna tepi ka 30 méter hanjat ka darat, ngubrak-ngabrik sagala rupa.

Korban tiwas kira-kira 230.000 urang di 14 nagara. Indonésia nu pangparnana, disusul  ku Sri Lanka, India, jeung Thailand. Nu panglobana korban di Indonésia téh di Acéh, kawantu épisentrumna (pusat gempana) téh di antara Pulo Simeulue (Acéh) jeung daratan Sumatera, kira-kira 20 - 30 kilométer di dasar laut.

Sapuluh taun ti harita, pamaréntah jeung masarakat Acéh tetep miéling, tetep caringcing. Tiap taun, dina tanggal 26 Désémber, pamaréntah jeung masarakat Acéh miéling éta kajadian ku mangrupa-rupa kagiatan anu positif. Kayaning upacara, tasyakuran, bakti sosial, simulasi antisipasi bencana, jeung réa-réa deui. Dina taun ieu, upacara miéling tsunami téh rék dilaksanakeun di lapang Blang Padang kalayan dihadiran ku Persidén Jokowi.

Pamaréntah Acéh geus nyiapkeun rupa-rupa tarékah, boh nu sipatna prévéntif (nyegah) boh nu sipatna koréktif (ngoméan). Tindakan prévéntif di antarana nya éta ku ngayakeun informasi jeung sosialisasi antisipasi bencana, nyiapkeun jalur-jalur évakuasi kalawan tuduh jalan nu jelas, ngawangun gedung escape centre (gedong jangkung keur nyalametkeun diri), ningkatkeun jumlah jeung kualitas pakakas early warning system (sistim pengingatan dini). Tindakan koréktif di antarana nya éta ngayakeun réhabilitasi jeung rékonstruksi.

Tindakan prévéntif téh kacida pisan pentingna. Ku naon pangna kitu? Lantaran nurutkeun para ahli, lémpéng-lémpéng kontinéntal di Sumatera bagian kulon téh dina kaayaan tegang, nu dina sawaktu-waktu bisa paadu deui tur nimbulkeun lini tur tsunami. Saméméh taun 2004, tsunami di Acéh lumangsung dina taun 1861 jeung taun 1907.

Satemenna, lini jeung tsunami di Acéh téh salian ti mangrupa musibah tapi ogé mangrupa berkah. Ku ayana tsunami, saréatna konplik  puluhan taun lilana antara pamaréntah Indonésia (TNI/Polri) jeung GAM kalawan resmi eureun. Acéh aman. Éta hikmah nu pangpentingna tina hikmah-hikmah séjénna. Loba masarakat Acéh kiwari nu ngalaman konplik mangtaun-taun tur salamet tina musibah tsunami teu nyangkaeun bakal bisa hirup genah tumaninah téréh-téréh saperti nu kaalaman ayeuna. Arinyana, waktu keur komplik harita, teu nyangka bakal ngalaman hirup ayem tengtrem siga ayeuna. Subuh bisa salat berjamaah ka meunasah (musola) atawa ka masjid, pabeubeurang bisa usaha kalawan laluasa, bada isa bisa ngumpul ngobrol sempal guyon di warung kopi. Baréto mah tong boroning kumpul di warung kopi peuting-peuting, dalah ka meunasah atawa ka masjid rék salat magrib, isa, atawa subuh berjamaah ogé, can tangtu bisa balik deui ka imah bari hirup. Bisa leungit diculik atawa ditandasa.

Salian ti Acéh jadi aman, hikmah tsunami téh nya éta ku ngaronjatna inprastruktur. Jalan-jalan anu tadina heureut jeung teu pati alus, bada tsunami mah jadi lalébar jeung marulus. Imah-imah nu tadina kurang merenah, bada tsunami mah jadi merenah. Sarana umum lianna saperti rumah sakit, jadi leuwih lengkep jeung aralus. Sabagian gedé hasil donasi ti nagara-nagara di sakuliah dunya. Ngan aya kétah bédana téh, imah-imah bantuan nu dibangunna langsung ku nagara donaturna mah tepi ka ayeuna ogé wareweg parageuh kénéh. Kitu deui jalan, nu dijieunna langsung ku nagara deungeun mah masih kénéh marulus. Nu dimaksud dibangun atawa dijieun langsung téh nya éta perancang, pemborong, jeung pengawasna ti maranéhna, ari nu digarawéna tibelekesek mah tetep bangsa urang, teu saeutik malah urang Sunda ogé nu jadi tukangna.

Hikmah séjénna tina tsunami, Acéh téh jadi boga objék-objék wisata. Di antarana Kapal PLTD Apung 1 di Pungé Blang Cut, Kapal dina Suhunan Imah di Lampulo, jeung Musium Tsunami. Kapal PLTD (Pembangkit Listrik Tenaga Diesel) Apung 1 téh kapal bogana PLN nu kakara sataun mancén di laut Acéh, deukeut palabuan Ulee Lheu. Beuratna éta kapal téh 2.600 ton. Ku rohaka-rohakana ombak tsunami, éta kapal téh angkeulang-angkleungan kabawa ka daratan. Pas cai laut rék balik deui ka laut, kapal kaburu kandas tur ninggang/nindihan dua imah tepikeun ka ambles ka jero taneuh, teu kaciri tapak-tapakna acan. *** (Disarungsum tina sababaraha sumber)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: