• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Dr. Karim Suryadi, M.Si.;

Pamingpin Bangsa
Ulah Kawas Kompanye Kadua

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Prof. Karim Suryadi [Potrét/Ilustasi: ensa]

Nu diasongkeun ku pamingpin, can tangtu kalandep ku masarakat. Ku lantaran  kituna, ketak nu baris dilaksanakeun gé lain saukur siga tapi kudu gawé nu bener tur karasa larapna.

Batu turun keusik naék, ceuk paribasa gé. Tepungna pakarepan, kudu kawas kitu, kaasup keur pamingpin di ieu nagri. “Ulah saukur siga! Atuh, mun jangji keur ngungkulan masalah gé, ulah saukur siga tapi kudu gawé nu bener,” ceuk Prof. Dr. Karim Suryadi, M.Si., panitén komunikasi politik basa tepung di kampusna UPI Bandung.

Tumali jeung harepan bangsa ka hareup, mémang aya dina harepan ketak presiden jeung para mentrina. Ngan, nu kasaksén, cék Prof. Karim pamingpin bangsa ayeuna kakara némbongkeun karep jeung getapan. “Ari némbongkeun nagara hadir mah témbong, getapan téa. Ngan henteu cukup kitu. Upama téa mah aya anu kusut, nya atuh gancang diudaran,” cék ieu panitén komunikasi politik nasional témbrés.

Pamingpin bangsa nincak 100 poé, mémang lain hartina kudu mampuh ngaréngsékeun pasualan. Tapi, urusan road map éta pamingpin mah kudu geus katempo. “Tah, hanjakalna mah nu dipiharep aya road map nu jelas, tapi nepi ka ayeuna tacan katingal. Padahal dina dangka 100 poé mah kudu geus kabaca. Kitu deui keur para mentrina. Malah, boa-boa masih kénéh ulukutek ngabebenah masalah internal,” pokna.

Pamingpin bangsa jadi cukang lantaran karaharjaan rayatna. Tumali jeung ketakna, cék Prof. Karim gé, masarakat tetep neundeun harepan ka Presiden Jokowi, saperti waé aya tarékah ngabebenah dina nyanghareupan masalah infrastruktur jalan jeung masalah birokrasi. “Aya tarékah ngabubarkeun non departemen nu pacorokokod.  Ngan omat, geusan narékahan ngabebenah éta kudu disingkahan gaya kompanye kadua. Hartosna ulah jiga wungkul, tapi kudu jelas larapna,” pokna deui.

 

Ketak Mentri

Angen-angen rahayat mah, poé isuk leuwih hadé batan ayeuna. Kitu deui upama aya masalah pamingpin atawa mentri téh bisa hadir keur ngaréngsékeun masalah. Pangna kitu, cék Prof. Karim masarakat mah ulah loba teuing dibibita. Contona waé dina waktu nerekelna harga-harga, para mentri teu penting datang ka pasar-pasar, tapi nu leuwih penting mah, aya tarékah keur nurunkeun harga.

Pamingpin ngaréngsékeun pasualan teu bisa sosoranganan. Lantaran kitu, ketak para mentri gé kudu parigel. Niténan para mentri Jokowi-JK nepi ka ayeuna mémang sawatara mah dirojong ku pangaweruhna, tapi ogé aya sawatara mentri nu tacan alus peunteunna. “Aya sawatara mentri nu ketakna miheulaan alias opsét. Malah aya mentri nu teu kadéngé-déngé acan,” cék ieu Professor nu sering jadi narasumber di tipi-tipi nasional.

Sawatara mentri nu miheulaan atawa opsét, sapertina waé Menteri Hukum dan Hak Asasi Manusia waktu nyanghareupan pasualan konflik Goklar versi ARB jeung Agung Laksono. Kitu deui mentri Badan Usaha Milik Negara (BUMN), nu sagawayah dina urusan penjualan asét nagara. Mentri-mentri séjénna ogé aya. Malah cék Prof. Karim aya mentri nu kakara nonghol pédah aya kapal murag.

Lantaran kalungguhan mentri kacida pentingna, atuh para mentri ogé kudu némbongkeun nu béda ti saméméhna. Dina prinsip dasar pemimpin oténtik, cék Prof. Karim, aya dua prinsip. Kahiji méré harepan ngahadirkeun nu béda, sok sanajan ulah saukur béda. Kadua, kudu mampuh ngarawat kabeungharan koléktif, lantaran nu bogana saréréa. “Para mentri sarua, kudu ngalarapkeun pamingpin oténtik. Nu ketakna lain saukur siga tapi gawé nu bener,” pokna tandes.

Upama pemimpin lir mastaka tina sakujur anggota badan, nu kudu mampuh ngagerakkeun naon nu dipiharep, atuh kalungguhan pamingpinna gé teu cukup ngagegédekeun pasipatan wungkul. Hartina, pasipatan éta pamingpin tacan bisa dipaké ukuran. Apan, cenah, lian ti pasipatan dasar, ogé kudu aya bagian séjén nu teu éléh pentingna. Nurutkeun Prof. Karim, para pamingpin bangsa ka hareup, lian ti parigel, ogé mampuh ngolah rasa keur nepikeunana. Nu kasaksén kiwari, mémang teu saeutik pamingpin nu némbongkeun pasipatan nu béda, saperti némbongkeun hohoak di hareupeun umum, padahal modél kitu can tangtu pihadéeun. Ningal kaayaan kitu, cék ieu Dekan FPIPS UPI ogé ngarasa hawirang ayana kriris kapamingpinan, nu di antarana, musnahna kapamimpinan nu mampuh ngolah rasa. Pamingpin nu muncul ayeuna justru geus ningalikeun poporongos, padahal cara kitu bakal ngadatangkeun résiko. “Saenyana pamingpin nu wani mah, lain pamingpin nu bisa hohoak dihareupeun umum, tapi pamingpin nu wani mah, pamingpin nu bisa ngungkulan jeung résikona,” pokna nutup obrolan. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: