• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Hikmah Maulud
Nabi Muhammad SAW

Kénging Arif Nur Hakim
Kintun kana Facebook

Puji nu sayakti mupusti kagungan Gusti Robbul Ijjati. Solawat miwah salam, mugia salamina dilimpahkeun ka jungjunan alam, Kangjeng Rosul Muhammad SAW. Teu hilap ka para kulawargina ogé ka para sohabatna nu teu weléh ngemban amanat ngadugikeun saréat ka urang salaku umatna dugi ka poé kiamat.

Alhamdulillah urang ayeuna parantos lebet deui kana sasih Maulud atanapi Robbi’ul Awwal. Kantenan kanggo kaom muslim, dia ieu sasih teh aya pepeling keur ngandelan deui kaimanan ka Alloh Swt. Disebat kitu, lantaran, saur Alloh saha jalma anu mikacinta ka Alloh mangka kudu mikacinta ka Rosulna. Margi kitu, teu aya lepatna upami urang tetep miéling dibabarkeunana Kangjeng Rosul atanapi disebat Mauludan téa. Tangtos nu dipiharep, henteu saukur mampuh ngayakeun sérémonial mauludan wungkul, tapi nu utama mah, micinta ku cara wanoh ogé mampuh ngalarapkeun ajaranana.

Istilah "Maulud Nabi" atawa "Maulid Nabi" asal kecapna tina bahasa Arab. Hartina kalahiran Nabi Muhammad SAW.  Dina tata basa Arab, mémang aya bédana antara maulud jeung maulid. Maulud hartina nu dilahirkeun. Upami maulid mah hartina nu ngalahirkeun. Namung ari di urang mah, rék kecap maulid atawa maulud, teu ieuh jadi masalah, nu penting mah niatna ngamulyakeun miladna Rosulullah SAW.

Dina tarékh Islam, dilahirkeunana Nabi Muhammad SAW teh ping 12 Rabi'ul Awwal atawa 21 April 571 M téh atawa sok disebut ogé Taun Gajah.  Kituna téh, lantaran taun harita tentara Abrahah nu maké Gajah ti Yaman nyerang Kota Makkah pikeun ngancurkeun Ka'bah. Kitu deui 12 Rabi'ul awwal ogé boga harti nu unik. Salian jadi poé lahirna Rosulullah SAW, ogé ping 12 Rabi'ul Awwal téh tanggal hijrahna Nabi SAW ka Madinah sareng tanggal pupusna Kangjeng Rosulullah SAW.

Sanaos di jaman Khulafaur Rasyidin teu aya istilah mauludan, namung tangtos aya maslahatna. Naon sababna aya istilah miéling kalahiran Rosulullah SAW? Ceuk sajarah, tradisi ieu dikawitan nalika Khilafah Fathimiyah abad ka IV Hijriah, Sultan Salahudin al Ayyubi, pikeun méré sumanget para syuhada dina berjoang nyalametkeun agama Islam dina perang Salib.

Lamun kitu, kumaha mauludan di urang? Umat Islam, hususna di Indonesia, 12 Rabiul awwal, saperti kamari-kamari ieu, cocog pisan upama ngaitkeun sajarah nalika Salahudin al-Ayyubi sareng kaayaan kiwari. Mangga émutan, maslahatna ageung pisan dina ngadorong sumanget pikeun kaum muslimin dina merangan kadoliman sareng kamungkaran. Solawat pikeun ngagungkeun Rosul SAW, waktos harita bener-bener jadi panyundut sumanget pikeun berjoang demi nanjeurna agama Islam tina musuh-musuhna. Henteu wae saukur panyundut, tapi ogé keur ngariksa diri, sangkan istiqomah ngalarapkeun pasipatan jeung kaparigelan Kangjeng Nabi Muhammad SAW.

 

Nyampurnakeun Ahlak

Ngalangkungan sifat-sifat Rosul, umat Islam wajib ngamalkeunana. Sifat siddiq, amanah, fatonah sareng tabligh, wajib jadi putuduh dina ieu kahirupan. Kasaurang Nabi nu diriwayatkeun ku Imam Ahmad : Innama bu'istu li utammima makarimal akhlaq. Hartosna saéstuna kawula diutus pikeun nyampurnakeun akhlak anu mulya. Ku kituna, Ahlak Rosulullah teu kawatesan mung jadi conto pikeun kamu muslimin wungkul, tapi ogé pikeun manusa di sakuliah dunya.

Ku kituna, teu anéh basa Michael H Hart (sajarawan modéren urang Barat) dina bukuna The 100, a Rangking of the Most Influential Persons in History (Saratus Tokoh nu Paling Boga Pangaruh dina Sejarah), nempatkeun Nabi Muhammad SAW dina réngking kahiji. Diaku dina éta buku, Nabi Muhammad  SAW, hiji-hijina manusa nu pangsuksésna dina urusan agama jeung urusan dunya. Dina masalah kapamingpinan, teu pernah kurang, malah beuki nambah. Rosulullah SAW aya dina urutan panghareupna nepi ka iraha waé. Pribadi nu picontoeun, perjoangan nu ulet jeung mihak ka kaum dhuafa, geus jadi bukti, Rosulullah SAW utusan Alloh nu ngagaduhan pribadi nu sampurna.

 

Panutan Umat

Saéstuna, konci suksésna Nabi Muhammad SAW aya dina akhlak nu sampurna, kecap tur réngkak paripolahna nu matak nyugemakeun, dibarung ku sikep nu kalintang wijaksana. Dawuhan Alloh, "Lakod kaana lakum fii rosulillahi uswatun hasanah, liman kaana yarjulloha wal yaoumal akhiro wadakarolloha katsiiro." Hartosna : Saéstuna salawasnna keur maranéh aya conto anu hadé dina diri Rosulullah, pikeun jalma-jalma anu miharep Alloh jeung poé ahir turta anu loba aringet ka Alloh.

Ayat di luhur ngajelaskeun, sangkan kaum muslimin ngajadikeun Muhammad SAW téh jadi conto, jadi suri tauladan, jadi idola dina sagala widang. Dina omongan, dina gaul papada manusa, kitu deui dina sikep jeung tingkah laku. Ku kituna, sangkan urang bisa ngamalkeun sifat-sifat Rosul SAW, teu aya deui iwal diajar kana sajarah kahirupan Rosulullah SAW.

Kitu deui Ibnu Katsir nyebatkeun, Rosulullah SAW kedah jadi conto atawa panutan manusa,  sabab aya tilu sikep. Diantarana :  Kahiji, fii aqwaalihi (dina cariosanana). Rosulullah SAW tara nyarios dina perkara nu teu perlu. Cariosan Rosulullah SAW mah babari kaharti. Kitu deui cariosan Rosulullah mah dumasar tina qolbuna. Dawuhan Rosulullah SAW nu diriwayatkeun ku Bukhari Muslim:  "Man kaana yu'minu billahi wal yaumil akhiri falyakul khoiron ao liyasmut." (Saha jalma nu iman ka Alloh jeung poé ahir, mangka manehna kudu nyarita nu hadé atawa jempé.)

Nu kadua, fii Af'aalihi (dina padamelanana). Maksudna, Rosulullah kedah jadi panutan dina padamelanana. Cariosan jeung padamelanana téh tara patojaiah. Teu wungkul pinter dina nyarios, tapi ogé bener-bener dilaksanakeun. Nalika Rosul nganjurkeun sangkan manusa kudu hadé ka papada manusa, Rosululloh SAW salawasna masihan conto ti payun. Kitu deui upami Rosul nyarék kana nu dilarang, Rosul ogé méré conto ku jalan ngajauhan sareng ninggalkeun naon-naon anu dicaram.

Kitu deui dina masalah ibadah, saperti ibadah solat, jéntré sakumaha dawuhanana. "Sollu kamaa ro'aetu munni usolli." Hartosna: Prak geura solat, sakumaha maranéh nempo solat kawula. (HR. Bukhari Muslim).

Katilu, fii ahwaalihi (akhlak sareng tingkah lakuna). Ahlak Rasulullah kénging pujian Alloh SWT, sakumaha dina surat Al-Qalam ayat 4 : Wainnaka la'alaa huluqin adiim (Jeung saéstuna (Muhammad) enya-enya ahlakna agung)

Ku kituna, urang salaku umatna, micinta ka Nabi Muhammad SAW. geus jadi kawajiban sangkan meunang pituduh Alloh. Saha jalma nu micinta Nabi Muhammad SAW, pastina bakal meunang tempat di sawarga nu kholidan fiiha. Rosulullah ngadawuh: "Man ahya sunnati faqod ahabbani wa man ahabbani kaana ma'iya fi jannati." Hartosna : Saha jalma nu ngahirupkeun sunah kawula, mangka saéstuna manéhna micinta ka kawula, jeung saha jalma nu mikacinta ka kawula, mangka manéhna bakal babarengan engké di sawarga. (HR. As-Sijzi ti Anas).

 

Hikmah Maulud

Nalika Rosulullah SAW rék mimiti da'wah, nyebarkeun agama Islam, Alloh SWT ngadawuh "Yaa Ayyuhannasu", nu hartina "Yeuh, manusa." Saperti dina surat Al-Araf ayat 158 : "Qul yaa ayyuhannasu inni rosuulullohi 'ilaikum jami'an. Alladzii lahuu mulkus samaawaati wal ardi." Hartosna : "Pok  caritakeun : "Yeuh manusa! Saéstuna kaula téh Rosul Alloh ka arandika saréréa, nyaéta Alloh anu kagungan karajaan langit katut bumi."

Dina ayat séjén, Alloh ngadawuh : Wama arsalnaka illa rohmatal lil 'alamiin (Jeung Kami henteu ngutus manéh [Muhammad] anging jadi rohmat pikeun satungkebing alam).

Ku margi kitu, dina raraga mauludan ieu, umat Islam kedah panceg, yén mauludan téh kudu kaalap mangpaatna, nu dasarna dawuhan Alloh dina sura al-Araf ayat 157: Alladziina yattabi'unar rosuu lan nabiyyal ummiyyal ladzii yajiduunahuu maktuuban 'indahum fittaorooti wal injil ya'muruhum bil ma'rufi bainahum 'anil munkar. Hartosna : (Nyaéta) anu narurut ka Rosul, Nabi anu ummi anu (jenenganana) ka unggel dina Taurat jeung Injil nu nyampak di maranéhna. Manéhna (Nabi) nitah maranéhna kana ngalampahkeun anu ma'ruf jeung nyegah maranéhna tina ngalampahkeun nu mungkar.

Ku kituna, seueur hikmah tina mauludan téh, di antarana waé:

1. Istiqomah. Kaum muslimin kedah ngagaduhan istiqomah dina pamadegan. Panceg iman ka Alloh jeung ka Rosulullah, éta nu leuwih utama.  Teu tiasa dipungkir deui, seueur cocoba atawa ujian nu karasa ku umat Islam.  Masalah atikan, masalah siyasah, ogé dina sual khilafah (kapamingpinan). Masalah atikan, umat Islam kalebet kaum nu dianggap handap. Tangtu ieu sagancangna kudu buru-buru dirobah. Umat Islam kudu jadi umat nu palinter. Kitu deui, dina panceg kayakinan ka Alloh, kiwari teu saeutik, umat Islam sorangan nu ngarasa mangpang kana ajaran Islam. Lamun geus kitu, saha deui nu wani nanjeurkeun Islam di kalangan umat Islam sorangan, iwal urang nyalira. Kitu deui, dina milih pamingpin, umat Islam kedah panceg kana pamingpin nu nyaketan sifat Rosulullah SAW.

2. Ukhuwah Islamiyah. Kaum muslimin nu sarua ngagaduhan kayakinan ka Alloh jeung ka Rosul Alloh, sawadina nyingkahan paburencay, siling jongklokeun, saling goréngkeun komo saling fitnah. Geus jadi conto dina sajarah Islam, kumaha balukar tina saling fitnah kaum muslimin, ahirna ancur saréréa. Ku kituna, tokoh Islam atanapi para ulama kedah leres-leres salaku warasatul anbiyya. Nyaéta pewaris nabi. Ulah sabalikna, disebut ulama Islam tapi dina prakna patojaiah sareng sifat-sifat Rosulullah SAW.  Di dieu, ukhuwah Islamiyah kacida pentingna pikeun umat Islam.

3. Ta'awun, nyaéta silihbantu. Pituduh keur silihbantu papda muslim sakitu lobana dina al-Qur’an atawa dina hadits. Tapi deui-deui umat Islam sorangan, geuning sakitu hararesena. Silihbantu, saukur tembong dina waktuna zakat fitrah atawa bulan Romadon. Padahal silihbantun teu kahalangan ku waktu. Ieu pisan nu dihariwangkeun ku Kangjeng Rosul ka umatna. Padahal jinek, saur Alloh, taawwanu ‘alal birri watakwa. Prak silihtulungan dina perkara bebeneran. Diwajibkeun tutulung saperti infaq, lain saukur keur nyumponan ibadah mahdoh tapi oge nyumponan ibadah goer mandoh. Umat Islam dipiharep teu aya nu fakir nu saukur resep baramaén. Kasauran Rosul, "kadal fakru ayakuna kufro" (jalma fakir bakal deukeut kana kufur). Mudah-mudahan, kaum muslimin teu kagolongkeun kana jamma nu fakir jeung kufur. Ku kituna, saling tulungan papada kaum muslimin sakumaha Rosulullah SAW geus jadi kawajiban urang sadaya.

4. Tawakkal. Seueur di antarana umat Islam nu gancang katerapan panyakit. Panyakit  nu dimaksud nyaéta panyakit iman nu gancang ngabalieurkeun ajaranana. Lantaran kitu, hayu urang baralik deui kana ajaran Rosululloh SAW kalawan bener-bener. Ujian nu patali sareng robahna kaimanan, sawadina ogé urang kedah gancang tawakal ka Gusti Alloh Swt. Insya Alloh, fatawakkal ‘alalloh. Prak serahkeun pasualan mung ka Gusti Alloh. Mémang, pasualan hirup di alam dunya mah teu aya istilah anggeusna. Hirup di dunya nu teu anggeus-anggeus ieu, munasabah upama urang sering tawakkal ilalloh. Kitu deui dina mekarkeun agama Islam di nagara urang, para ulama sanggeus nepikeun bebeneran, jalan saterusna mah tawakkal ilalloh.

Ku kituna, tina miéling mauludan, mangga urang sing papinter-pinter dina ngamalkeun ajaran Alloh jeung Rosulullah SAW. Mudah-mudahan urang kalebet kana golongan nu bakal disalametkeun tina syafaat Rosulullah engké di yaomul qiyamah sarta mudah-mudahan urang salamina masing dipaparin kani'matan sareng hidayah Alloh SWT. Amin Ya Robbal ‘Alamin. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

sutisna ramlan lalang

leres naon nu dicontokeun kukangjeng Rosul teh kantun ngalaksanakeun urang mah.teu kedah sesah sesah ngemutan deui . kukituna hayu urang niatkeun ku hate anu ikhlas sareng ridlo mugi allah maparin rochmat salawasna kaurang amin3x

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: