• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Drg. Hannie Siti Ramadhani;

Miara Kaséhatan
Ulah Mopohokeun Resép Karuhun

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook
Mangle
Drg. Hannie Siti Ramadhanie deukeut jeung kulawarga [Potrét/Ilustasi: dok.pribadi]

Kudu ditiung méméh hujan! Kitu ceuk papatah kolot mah. Hartina, méméh ngalaman kajadian nu teu dipiharep leuwih hadé ati-ati sarta satékah polah nyegahna. Tangtu wé, keur nu icikibung dina widang kaséhatan mah, saperti Drg. Hannie Siti Ramadhani, Sp.Perio, paribasa kitu téh keuna pisan.

Panineungan ka lembur jeung tibelatna ka sarakan, matrikeun resep hirup karuhun dina paripolahna.  Da, cenah, hirup mah teu cukup ku bekel atian formal. Nu puguh mah, atikan kulawarga téh bisa jadi padika hirup dina campur gaul jeung sasama di mana waé ayana.  Malah, éta ‘resép’ paripolah kolot téh sawadina, cenah, dipaké dina kahirupan sapopoé, kaasup dina widang kaséhatan.

Ngalarapkeun padika hirup maké ‘jurus jitu’ karuhun, ceuk Drg. Hannie mah, loba mangpaatna. “Apan dina kaséhatan mah sok disebatkeun, langkung saé nyegah batan ngubaran,” pokna muka wangkongan.

Ngobrol jeung ieu dokter téh di salah sahiji tempat di Bandung. Ngahaja inyana téh sumping ti Jakarta ka Bandung, dijejeran ku rakana Ibu Etty Sabariah W.  “Wios abdi wé ka Bandung,” ceuk rakana éta dokter téh waktu Manglé ngahaja hayang ngeundeup pamanggih éta dokter tumali jeung kaséhatan masarakat.

 

Mimiti ti Kulawarga

Najan loba ‘resép’ karuhun nu hadé upama dilarapkeun dina kahirupan sapopoé, tétéla dina kanyataan mah loba kénéh nu sabalikna. Dina sual kaséhatan gé kitu. “Komo nu tumali sareng nyeri waos mah, dianggapna téh teu sapira!” pokna dibarung mésem.

Enya, cenah, loba kénéh nu tara mariksakeun huntuna ka dokter. Malah, mun nyeri huntu gé loba nu nganggap teu sapira, teu matak mawa mamala. “Padahal mah, tina nyeri waos gé tiasa ngabalukarkeun rupa-rupa kasakit,” ceuk ieu dokter teureuh Bandung téh.

Tina nyeri huntu, ceuk ieu dokter nu mancén gawé di RSPAD Gatot Subroto Jakarta téh, misalna bisa ngabalukarkeun bareuh pipi, lieur, alérgi, jeung sajabana. Ngan, nya kitu, masarakat umum mah, cenah tara pati moroséa kana pasualan-pasualan kitu téh. “Sapertos ibu-ibu nu nuju kakandungan, ari sanés nyeri waos mah, arang nu ngahaja mariksakeun kaséhatan waosna ka doketer,” pokna. Padahal, kaséhatan sagemlengna, kaasup kaséhatan huntu, mangaruhan kana kamekaran jeung kaséhatan utun-inji nu aya dina kakandungan indungna.

Upama geus katerap kasakit, mémang misti sagancangna tatamba. Tah, ceuk ieu dokter téh, kabiasaan masarakat di urang gé loba kénéh nu ngbaé-baé kana kaséhatan téh. Malah, kakara daék tatamba sanggeus dipaksa atawa kapaksa ku lantaran teu kuat nandanganana. “Padahal mah, tetep langkung saé nyegah atawa mun tos katerap kasakit saénggalna lalandong,” pokna semu ngingetan.

Ari tatamba, nya tangtu wé kudu ka ahlina, saperti ka dokter. Kitu deui tumali jeung ubar, ulah sagawayah nginum obat. Cindekna mah, ulah pirajeunan nyoba-nyoba tatamba mah, da kudu aya nu ngubaranana, ahlina téa.

Miara kaséhatan, mémang butuh pangaweruh! Tah saperti tumali jeung ubar, teu kudu salilana ngandelkeun obat ti dokter. Bisa waé maké obat tradisional. Saperti keur miara kaséhatan huntu atawa ngubaranana, bisa ku ngekemukeun cai seureuh atawa ogé bisa ngarieus daun saga! “Ubar-ubaran tradisional gé sakedahna mah janten pangaweruh masarakat umum sangkan aya pilihan tatamba dina waktosna kedah lalandong,” pokna ngingetan.

Hartina, cenah, masarakat gé kudu boga kadaék melak tatangkalan nu hadé keur ubar. Da, mémang loba rupana tutuwunan nu bisa dipaké ubar téh. Nu kawas kitu mah, ‘resép’ karuhun nu turun tumurun. “Seueur ayeuna mah obat tradisional nu tos diolah ku cara modéren,” ceuk ieu lulusan FKG Unpad, taun 1980 téh.

Ngajak masarakat leuwih sadar kana kaséhatanana,  ceuk Dokter Hannie mah, kudu dimitembeyan ti pihak-pihak nu apal kana kaséhatan. Lantaran, bisa waé, nu horéam tatamba téh rupa-rupa alesan, saperti kurangna kanyaho kana pentingna kaséhatan téa. Keur nu kawas kitu mah, tangtuna gé sosialisasi kaséhatan kudu tuluy-tuluykeun ditepikeun.

Kitu deui pihak-pihak nu ‘kabeneran’ bisa ngubaran, saperti dokter, nya sawadina cenah, méré palayanan nu hadé ka pasénna. Ceuk ieu dokter mah, bisa ngalarapkeun pasipatan soméah hadé ka sémah, mun urang Sunda mah. “Nu tatamba téh kudu ngarasa tumaninah dina waktuna uubar,” pokna.

Ningkatkeun ajén kaséhatan masarakat, butuh kanyaho masarakat nu tumali jeung hal-ihwal kaséhatan. Nya tangtu kituna téh, hartina butuh sosialisasi anu gembleng ngeuanan kaséhatan. Saperti ayana karti BJPS, ceuk ieu dokter mah, kudu dibarung ku sosialisasi nu cukup. “Margi, kanggo masarakat mah, tiasa janten tos kaduh BJPS téh, sagala rupi waragad lalandong kacumponan ku éta BJPS,” pokna.

Padahal, tangtu wé teu kitu. Nu biasa ku BJPS mah, apan nu sipatna umum. Ari nu tumali jeung kasakit nu sawadina diungkulana ku spésialis, saperti ngubaran huntu, apan teu bisa ukur ngandelkeun waragad tina BJPS.

Hal séjén nu penting ningkatkeun ajén kaséhatan, ceuk ieu lulusan Periodontie Ladokgi  RSAL Jakarta téh, hubungan antara dokter jeung pasénna. Ceuk pamanggih Dokter Hannie, pasén téh kudu percaya, yén dokter téh bisa jadi cukang lantaran nyageurkeun éta pasén. Ku lantaran kitu, hubungan dokter jeung pasén gé kudu silih-bantu. “Mung intina mah hubungan personal nu kedah saé téh,” pokna.

Upama ieu dokter nyarita kitu, mémang loba pangalamanana. Cenah, bisa jadi saperti budak nu diubarannana, mimitina mah jejeritan mun rék diubaran téh. Bisa jadi lantaran nyeri jeung sieun. Tah, nyanghareupan pasén kawas kitu mah, apan kudu bisa ningtrimkeun haté budak. Mun budak percaya tur karasa sanggeus diubaran mah teu nyerieun, tangtu wé dina waktuna tatamba téh moal hararésé. “Nu asalna sieun tatamba téh ahirna mah hoyong. Malah, angkatna ka dokter gé teu kedah dianteur ku sepuhna,” pokna.

Dina praktékna, Dokter Hannie mah, biasa ngubaran pasén téh, pangpangna barudak, saperti di sakola. Ceuk pikirna, budak nu geus daék tatamba téh, dianggap boga ‘préstasi’ hadé. Nya tangtu wé, payus upama dibéré hadiah. Ku lantaran kitu, barudak nu tatamba nu tadina embung diubaran, saterusna mah, hayang diubaran ku dokter ku Dokter Hannie. Éta budak, dibéré hadiah, saperti pulpen, pamupus, jeung sajabana, nu saterusna sok ditémbong-témbong ka babaturanana di sakola. Nu séjén gé teu jarang nu kabitaeun. Atuh, najan teu nyeuri huntu sok hayang mariksakeun huntuna ka dokter Hannie.

Mangpaatna dangka panjang, saterusna budak téh biasa mariksakeun huntuna kalayan rutin. Tangtu wé kitu téh kabiasaan hadé, da mémang, lian ti parawatan sapopoé, huntu téh kudu dipariksa dina waktu-waktu nu tangtu kalayan mayeng.

Pasipatan nyaah ka pasén, raket jeung kabiasaan baheula di lingkungan kulawargana. Ieu putra kaopat ti sawelas sadulur téh, biasa naker sapapit-samamanis jeung adi-adina ogé lanceuk-lanceukna. Kituna téh, nepi ka ayeuna, remen genténan indit-inditan bareng. “Tangtos ari béda pamadegan mah osok, mung ulah diantep, kedah harita kénéh diréngsékeun sangkan teu kapapanjangan,” pokna bari ngarérét ka rakana.

 

Tibelat ka Sunda

Nanjung di lembur batur di Batawi, keur Drg. Hannie mah, teu poho ka tempat pamiangan. Mémang, ari dumukna mah di Bekasi, da geus jadi urang ditu. Tapi, cenah, haté mah, teu weléh tibelat ka Bandung, sok rus-ras ka babaturan keur leutik. “Mung ayeuna mah, Bandung téh teu seger kawas kapungkur hawana gé,” pokna.

Ti leuleutik mémang dumuk di Bandung, di Gang Yuda, da sakola TK gé di Assalam, teu jauh ti Kebon Kalapa. Ukur meuntasan jalan ka TK téh. Malah, cenah, mun keur di TK gé, sok balik heula, mun hayang ‘ngedot’ mah.

Waktu SMA, sakola di Jalan Blitung, di SMA Negeri 6. Kacipta, asrina Bandung waktu harita. Sajajalan, loba kénéh tatangkalan. Atuh, mun indit rebun-rebun, lalampahan téh teu jarang nyorang halimun. Tiris tapi matak seger.

Kitu deui mun jalan-jalan jeung sepuhna, kana VW atawa Fiat, jalan téh lowong kénéh. Ti pangajrekanana ka Pasar Baru gé ukur memenitan. “Bandung gé teu acan padedet kawas ayeuna,” pokna.

Keur Hannie, kulawarga jeung lembur téh jadi tuturus ngaléngkah mangsa ka hareup. Da, ti dinya pamianganana gé. Najan ramana teu sakola luhur, barudakna mah kudu sakola nepi ka jucungna. Atuh, ceuk ibuna Drg. Randy Firmono sareng Adityo Hardo gé, boga karep jadi dokter gigi téh lantaran rakana nu leuwih ti heula jadi dokter gigi sarta ngajar di FKG Unpad.

Najan ayeuna hirup di lembur batur tata cara baheula tetep kénéh dipaké. Ceuk pikirna, hirup sauyunan jeung tatangga téh kacida pentingna. Kawas baheula keur di lembur apan jeung tatangga téh akrab naker, silih anjangan silih bantuan.

Pangalaman hirup kawas kitu, dipraktekkeun ku inyana mah.  Kawas waktu carogéna jadi ketua RW,  inyana ancrub di masarakat milu nyieun rupa-rupa kagiatan. Mintonkeun rupa-rupa kasenian jeung  paméran. “Najan kaayaanana kumaha waé ogé, sareng tatangga mah kudu akur, lantaran silih pikabutuh,” pokna.

Kitu deui waktu jadi ketua Pangurus Korpri di tempat cekel gawéna di RSPAD, Drg. Hannie gé ngupayakeun sangkan anggota jeung anggota téh pabaur teu aing-aingan. Saperti waktu olah raga, senam, ngahiji téh sok wawaréhan. Kitu deui katuanganana béda-béda, luyu jeung kaboga séwang-séwangan. Ningali kaayaan kitu, inyana gé ngajak babaturanana sangkan ngahiji, atuh tuangeun gé teu warna-warni. “Kitu téh supados ngaraos satata teu aya nu ngarasa handap sawalerna moal aya nu ngarasa luhur,” ceuk ieu carogé Budi Soentjoko téh nutup obrolan.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: