• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Jadi Pribumi Mandiri
Nyegah Kuli Katalangsara

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Hj. Dr. Hj. Nenny Kencanawaty, M.Si. [Potrét/Ilustasi: dok.pribadi]

Lunta jauh, loba nu alatan kapaksa. Da, saperti nu mariang ka luar nagri, jadi TKI, loba nu kajurung ku pangabutuh. Balukarna, nékad kumaha béhna. Antukna, loba nu katalangsara, katideresa di nagri deungeun. ***

Kabutuh sapopoé mah, tara beunang dipersabenan. Kudu kacumponan, najan kumaha waé carana. Ku lantaran kitu, nu ngarasa hirup teu jeung huripna, najan di lembur sorangan, loba nu milih lunta jauh, kajeun jadi kuli di luar nagri, jadi purah babantu, misalna.

Naon atuh tarékah pamaréntah, saperti Propinsi Jawa Barat? “Tarekah mah teu kirang-kirang,” ceuk Hj. Dr. Hj. Nenny Kencanawaty, M.Si., Kepala Badan Pemberdayaan Perempuan Perlindungan Anak dan Keluarga Berencana (BP3AKB) Provinsi Jawa Barat.

Lobana TKI nu lunta ka nagri deungeun, ceuk Hj. Nenny, teu matak reueus, upama mariangna ka nagri deungeun téh ukur kajurung ku pangabutuh sarta ukur ngandelkeun tanaga. “Nu sapertos kitu mah, apan teu arang ngabalukarkeun mamala,” pokna.

Najan enya, loba nu suskés, dina harti bisa mantuan éknonomi kulawarga, tapi urusan harega diri mah, teu diukur ku nu suksés. Najan ukur sababaraha urang nu ahirna kudu nandangan tunggara, tetep teu bisa disumput-sumput.

 

Motékar Jadi Andelan

Pihak pamaréntah, ceuk Hj. Nenny sadar pisan kana kaayaan rupa-rupa pasualan nu tumiba ka bangsana di luar nagri téh. Ku lantaran kitu, dina ngungkulanana gé teu ngan ukur nyarék atawa ngahulag nu boga karep miang ka luar nagri. Lantaran, urusan nyiar kipayah mah hak sakumna warga nagara. Atuh, najan sawaréh kapaksa kudu lunta ka jauhna ka nagri deungeun, pamaréntah  gé teu bisa nyarék. “Tangtos kedah aya tarékah jinek kanggo ngirang nu mariang ka luar nagri nu ukur ngandelkeun tanaga,” pokna.

Geusan ngungkulan rupa-rupa pasualan di masarakat, di antarana téh aya Motékar (Motivator Ketahanan Keluarga.  Éta téh kelompok nu garapan gawéna ‘marengan’ kulawarga geusan ningkatkeun ajén hirupna.

Tangtu, cenah, nu ngaranna, motivator mah, nu apaleun kana garapan gawéna sangkan kulawarga nu salila ieu can mandiri bisa nangtukeun léngkah hirup sapopoéna. “Tantos kedah ngaidéntifikasi pasualan nu aya di éta kulawarga, maparin sumanget, sayogi janten ‘panyambung’ antara masarakat nu dibantos sareng pihak séjén, méré pangaweruh, ngararancang, ogé bébéla saupama aya hal-hal nu teu dipiharep.

Nu jadi motivator téh, ti golongan masarakat. Arinyana diatik heula sangkan boga bekel dina mangsana ancrub ka kulawarga. Di Jawa Barat, ceuk Hj. Nenny, lain kakara lalambé da geus dibarung ku prakna. Tangtu kudu nété tarajé nincak hambalan. Nu ditataharkeunana gé leuwih ngaheulakeun ngatik calon motivator supaya boga kamampuhan dina mangsana milu ngarojong mekarna kulawarga.

 

Kepala Kulawarga

Kaum wanoja ayeuna béda jeung baheula. Apan, ka tukang-tukang mah, wanoja téh ukur ulukutek di imah. Tara incah jauh da ukur di dapur, kasur jeung sumur. Atuh, kaayaan kitu gé teu leupas tina anggapan ka kaum wanoja nu teu kudu luhur-luhur sakola. Apan, najan sakumaha luhurna sakola, ahirna mah balik deui ka dapur. “Tangtos ayeuna mah teu kitu, paradigma ngémutna gé tos robih, da seueur kaum wanoja nu gaduh profési dina rupi-rupi widang,” ceuk ieu Kepala BP3AKB Propinsi Jawa Barat.

Mémang ti waktu ka waktu, ketak kaum wanoja téh robah. Teu sing ulukutek di sabudeureun imah, da bisa lunta jauh, kaasup ludeungeun lunta ka luar nagri jadi TKI.

Tumali jeung lobana nu jadi TKI di luar nagri, kalayan ukur jadi purah babantu di rumah tangga, ceuk Hj. Nenny mah matak prihatin. “Seueur mémang nu tiasa ngabantos atanapi ngabayuan kulawarga tina hasil janten TKI, tapi apan nu katalangsara gé teu kirang-kirang,” pokna.

Ngabandungan kanyataan kitu, pihak pamaréntah gé metakeun tarékah.  “Mémang upami téa mah kedah kuli ka luar nagri, kedah leres-leres di séktor formal, ari nu ukur ngandelkeun tanaga mah saéna dieureunan!’ ceuk ieu Doktor Lulusan Unpad Bandung téh tandes naker.

Upama pihak BP3AKB teu panuju ngirimkeun wanoja nu ukur kuli ngandelkeun tékad, tangtu lain ukur nyarék. “Kedah aya solusi, ngahudangkeun daya sareng kamampuhan kaum wanoja dugi ka tiasa gaduh panghasilan di lemburna,” pokna.

Saperti ngaliwatan program nyebarkeun tanaga motivator téa, apan tujuanana téh sangkan marengan  jeung nuyun kaum ibu mekarkeun poténsina.  Kituna téh dina rupa-rupa widang luyu jeung kamampuhan masing-masing ogé poténsi nu nyampak di masing-masing tempat.

Ceuk tilikan ieu Kepala BP3AKB, loba nu bisa dipatéahkeun kaum ibu di lemburna. Ti baheula  gé urang Jawa Barat mah rancagé. Bukti, loba pisan hasil karajinan, boh nu tumali jeung barang-barang pakéeun, hiasan, kuliner jeung sajabana. “Kanggo ngamekarkeunana, peryogi  pangrojong sakaumna pihak, kalebet peryogi pangdeudeul ti pihak-pihak nu ngagaduhan modal,” pokna.

Keur nuyun masyarakat, pangpangna kaum wanoja sina boga kagiatan nu bisa jadi cukang lantaran karaharjaan, para motivator, téh disebarkeun ka sakumna kabupatén kota  di Jawa Barat. Ditempatkeun di désa-désa jeung kalurahan. Ngan, cenah, can walatra ka saban désa atawa kalurahan. “Insya Alloh kalayan satahap-satahap motivator téh bakal walatra di saban tempat,” ceuk Hj. Nenny témbrés.

Tujuanana, taya lian ti geusan ngaronjatkeun karaharjaan. Lantaran, cenah, mémang keur sabagian kulawarga mah, rék ngahontal hirup jeung huripna téh teu gampang. Atuh, dina émprona, teu cukup ngandelkeun lalaki dina nyumponan pangabutuh kulawarga.  “Kaum ibu gé tiasa janten kepala kulawarga, kalebet dina nyumponan kabutuh ékonomi,” pokna. *** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: