• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Sawala Pulitik Sunda
Nyaliksik Léngah Kamari keur Kiwari

Kénging Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Para inohong Sunda dina sawala politik Sunda [Potrét/Ilustasi: ensa]

Léngkah pulitik Sunda bihari, geus puguh bulé-hideungna. Najan loba nu kuciwa, teu bisa majar kumaha. Nu penting  léngkah ayeuna jeung jaga. Ngan, kumaha léngkah-léngkah nu kudu dipilampah saterusna? Para inohong jeung akadémis Sunda  nepikeun pamanggihna.

Hujan ngaririncik matak seunggah nu lumampah. Nu  keur indit-inditan gé loba nu ngiuhan ngadagoan  hujan raat. Tapi, nu ngahadiran diskusi Sunda jeung Pulitik mah, teu  kaganggu ku ngecrekna hujan. Nu daratang kana éta acara rempeg  naker. Malah, nu hadir gé loba nu teu kabagéan korsi.

Tirisna hawa rohangan Kampus Pasca Sarjana Universitas Pasundan (Unpas)  kasirep ku ‘panasna’ topik diskusi. Jejer Sunda jeung pulitik,  ngahudangkeun  sora-sora  ‘bedas’  pamilon sawala nu dipokalan ku Paguyuban Pasundan.

Prof. Dr. H.M. Didi Turmudzi, M.Si., Ketua Umum Paguyuban Pasundan lir nu nyoréang mangsa sataun ka tukang.  Nu ditepikeunana gé tandes naker ‘nitenan’ deui  gerak Paguyuban Pasundan dina pilihan présdén nu panganyarna. Dina waktuna kompanye pilpres, Paguyuban Pasundan ngarojong salahsahiji papasangan kandidat,  nu kabeneran meunang.  Dina waktu kompanye, pihak Paguyuban  Pasundan jeung kandidat téh  babadamian. Harita,  pihak Paguyuban Pasundan ngasongkeun sababaraha urang pimentrieun ti tatar Sunda. “Tapi, nu diasongkeun ku Paguyuban Pasundan téh teu kapilih,” pokna semu kuciwa.

Salahsahiji ukuran ketak pulitik Sunda, ceuk H. Didi mah,  ilubiungna urang Sunda dina pamarentahan di tingkat nasional.  Ketak ki Sunda bisa kagambar dina réngréngan kabinet téa, di antarana teh. Atuh, mun urang Sunda teu dibalitungkeun dina kabinet, hartina oge Sunda teu (pati) diajénan di tingkat nasional.

Prof, Didi ge nandeskeun, peran pulitik Paguyuban Pasundan dina mangsa awal ngadegna, mere tatapakan malar Paguyuban Pasundan henteu nutup diri tina pasualan-pasualan pulitik anu sipatna makro. Keur Paguyuban Pasundan kiwari, dina madungdengkeun pasulan pulitik, tetep dina  adeg-adegna, napak  dina kasundaan jeung kaindonesiaan.

Sawala  lumangsung Saptu, 27 Desember 2014, di Kampus Pascasarjana Unpas, Jalan Sumatera, Bandung. Dimoderatoran ku Deddy Jamaludin Malik (manten anggota DPR RI), kalayan dihadiran  para inohong jeung akademis Tatar Sunda.

Masing-masing pamilon diskusi nepikeun pamanggihna. Tangtu we, teu sakelir nu ditepikeunana téh.  Aya nu miharep urang Sunda icikibung di tingkat nasional, saperti nempatan jabatan-jabatan di peuseur kakawasaan, aya oge nu leuwih mentingkeun mangpaatna keur kahirupan balaréa di Jawa Barat.

H. Uu Rukmana, memang miharep, urang Sunda téh jaradi pajabat nu ilubiung nangtukeun pamaréntahan. Lantaran, éta téh ceuk Kang Uu mah, salah sahiji ukuran peran pulitik ki Sunda di tingkat nasional. “Loba di Sunda ge nu merenah jadi menteri, nu payus ilubiung di pamarentahan pusat,” pokna  ka Mangle satutas acara sawala.

 

Lengkah ka Hareup

Upama urang Sunda teu pati dibalitungkeun di tingkat nasional, ceuk Indra Prawira (akademisi oge pangurus Bamus Sunda)  lantaran  tara wani togmol menta jabatan. “Teu wani terang-terangan nepikeun kahayangna ka pihak séjén,”pokna.

Balukarna, urang Sunda mah,  cenah, purah katipu, ditipu, atawa dibodo batur!”Kitu téh balukar  pasipatan Sunda nu soméah hadé ka sémah,” pokna tandes. 

Najan sawareh pamilon sawala miharep urang Sunda icikibung di tingkat nasional, nu cangcaya kana mangpaatna mun urang Sunda jadi pajabat gé teu kurang-kurang. Saperti ceuk  Indra Prawira, urang Sunda nu maranggung gé loba nu teu engeuh kana kasundaan. Contona, sakalieun aya acara Kasundaan, najan diondang tara daratang.

Pamnggih Indra kitu, sarimbag jeung  nu ditétélakeun  Tb. Hasanudin (ketua DPD PDIP Jawa Barat). Inyana nyebutkeun, loba pajabat  urang Sunda nu leuwih mentingkeun dirina batan keur kapentingan Sunda. Malah, kituna téh tembong deuih dina sikepna nu leuwih hayang kapaké ku dunungan. “Malah aya nu ‘jajawaan’ maksakeun nyarita basa Jawa da haying kapake ku dunungan,” ceuk ieu purnawirawan TNI téh.

Mémang, loba urang Sunda nu manggung di tingkat nasional, tapi teu nembongkeun kanyaahna ka sarakan sorangan. Keur jadi pajabat,  keur boga kakuatan, teu inget ka dulur-dulurna saseler. “Ari waktuna nyanghareupan karerepet, saperti nyanghareupan kasus hukum, kakara menta tulung ka urang Sunda,” pokna.

Ku lantaran kitu, ceuk Hasanudin,  mémang nguatan kasundaan téh penting pisan. Da,  cumah ari ukur asalna ti Sunda, tapi teu nyaah ka dulur jeung sarakanana mah.

Dina éta sawala,  nembrak rupa-rupa pamanggih nu intina neueul kana pentingna kakuataan masing-masing sélér bangsa. Tumali jeung kalungguhan seler bangsa di tingkat nasional, Jumhur Hidayat  (manten aktivis mahasiswa) leuwih  neueulkeun kaadilan jeung karaharjaan masarakatna. Inti kahirupan nu aya dina ‘pigura’ bangsa, ceuk Jumhur,  sakumna  étnsi kudu ngarasa meunang kaadilan jeung ngarasakeun karaharjaan.

Lian ti kitu,  Jumhur mah leuwih percaya,  ngahijina seler-seler bangsa nu bede-beda teh lantaran kasadaran hayang ngahiji, lain lantaran ngarasa sanasib pedah kungsi dijajah ku bangsa anu sarua.  Da,  loba conto bangsa deungeun nu dijajah ku bangsa nu sarua, tapi teu hayang ngahiji, malah loba bangsa nu milih masing-masing merdéka.

Indonesia mah, ‘ajaib’, ceuk Jumhur. Najan kapisah ku lautan, tetep boga karep ngahiji. Kitu téh, lantaran kuatna pakarepan para luluhur  masing-masing étnis baheula nu hayang ngahaiji. “Tapi, mun masing-maisng teu ngarasa meunang kaadilan, lain mustahil kahayang ngahiji téh luntur,” pokna.

Herman Ibrahim (Purnawirawan TNI nu ogé paniten pulitik), leuwih miharep kamandirian masarakat. Lantaran, cenah, teu jarang pamarentahan téh teu mikanyaah masarakatna. “ Malah, loba nagara  nu nganggap ‘musuh’ ka rahayatna sarangan,” pokna togmol naker.

Dina nyanghareupan pasualan kiwari, Ganjar Kurnia (Rektor Unpad), leuwih mentingkeun ngabebenah di ‘jero’, ngawangun masarakat Tatar Sunda. Ku lantaran kitu, teu kudu  gumantung ka nu ngageugeuh kakawasaan di puseur nagara.

Ceuk pikirna, ngabdikeun diri di daérah, teu kurang-kurang pentingna. Ti miiti lurah nepi  ka Gubernur, misti bener-bener boga kasadaran ngamajukeun masarakatna. “Matak, nu penting téh jinekna visi masing-amisng nu boga kakawasaan di daérah,” pokna.

Naon nu kudu dibajuangkeun téh? Basajan, ieu Rektor Unpad mah. Kahiji, nyaah ka masarakat Sunda,  ku cara ngaraharjakeun  masarakat. Kadua, nyaah ka lingkungan Tatar Sunda,  ku cara daék miara lingkungaba. Katilu, nyaah kana budaya Sunda.

Ngandelan kanyaah  nu tilu rupa bieu,  kari ngayakeun kursus-kursus keur sakumna nu boga wewenang mateahkeun daérahna. “Leuiwh hadé nguatan heula di jero,”pokna nandeskeun.

Salah sahiji kahengkeran urang Sunda,  ceuk Asép Warlan (akademis nu oge paniten pulitik), taya pamingpin nu mampuh ngahijieun potensi Sunda. Masing-masing cecelengcengan, kalayan ‘betah’ dina tempatna. Tangtu cenah, kudu samiuk barengan ngahijikeun kakuatan dina ngawangun nu dicita-citakeun babarengan. “Najan bisa jadi mémang bagerak dina masing-masing widang, tapi tetep kudu samiuk boga tujuan anu sarua, ngamajukeun Sunda,”pokna.

Seler sejen, ceuk Asep, para inohong téh ngahijkeun kakutan keur masarakatna. Contona, mun di lemburna aya ‘pangawangunan’ para inohng téh madungdengkeun éta ‘proyek’ téa nu intina naon mangpaatna  keur masarat jeung naon madorotna. Kituna téh, bari jeung puguh alesanana boh dumasar kana tilikan élmu pangaweruh boh dumasar kana budaya masarakatna.  Arinyana, biasa ngodang para ahli dina widang masing-masing geusan nguatan argumentasina. Nu kawas kitu, kalaman ku Asep waktu méré tinimnangan ka pihak-pihak di luar Tatar Sunda nu nyanghareupan pasulan adu-hareupan boh jeung pamréntah pusat boh jeung pangusaha jugala. “Ku cara kitu, masarakat gé apaleun, yen inohongna bajuang keur kapentingan masarakatna,” pokna. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: