• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Aki Usep Warlian;

Kebon Entéh
Tatar Sunda Ilang Dangiang

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook
Mangle
Aki Usep Warlian, resep ngebon nyaah ka lingkungan [Potrét/Ilustasi: dok.pribadi]

Taun 1970-an, Perkebunan Entéh di Jawa Barat pikareueuseun. Lahanna lega, masarakatna raharja, ogé lingkunganana kajaga. Ayeuna mah, panineungan nu pinuh ku mamanis kitu téh, kari waasna. Kitu ceuk Usep Warlian, pangusaha Perkebunan Entéh PT. Sumatera Toba Wangi Sukabumi, nyoréang mangsa ka tukang. 

Wanci meleték panon poé, sabudeureun kebon entéh mah tiris kénéh. Tapi, keur Usep Warlian, mah teu matak pugag lumampah. Inyana biasa mapay-mapay kebon entéh, niténan nu keur ngurus jeung metik pucuk entéh. Tapi sajeroning kitu, remenna mah ngusap dada. “Kapungkur mah, nu usaha entéh dipupujuhkeun pisan, ayeuna mah tos robih,” cek ieu teureuh Pangaléngan mitineung mangsa bihari,

Baheula, taun 60-70 an mah, keur jaya-jayana kamekaran kebon entéh di Jawa Barat. Mangsa harita, najan loba pangaruh deungeun, kebon téh kaurus pisan. Katinggal dina kaayaan lingkungan sabudeureun perkebunan, éstu kariksa, ti mimiti jalan satapak tepi ka jalan aspalna. “Éstu raresik jeung pikabetaheun, diropéa saban poé ku pagawé husus. Unggal pagawé, ti mimiti nu ngulanter (magang) nepi ka pupuhuna satuhu kana aturan, teu béngkok sembah, gawé bareng ngurus perkebunan kalayan daria sangkan produksina terus undak,” pokna deui.

Mangsa jaya harita ogé, gedé pangaruhna keur sakumna pangeusi kebon. Cék Aki Usep (kitu katelahna), sakabéh aréal perkebunan dipinuhan ku tangkal Entéh jeung tutuwuhan lianna, saperti aya tangkal Kina, utamana di aréal nu dipikahariwang, nu sawaktu-waktu bakal keuna ku musibat urug. Kitu deui keur ngajaga sumber cai sangkan ulah tepi kasaatan upama nincak usum halodo. “Jaman harita mah, umumna lingkungan perkebunan téh kajaga pisan. Asa teu kakuping kakurangan cai, boh keur kaperluan karyawan, boh keur masarakat sabudeureun perkebunan,” cék ieu pangusaha nu ogé milu ngagarap kebon di Cisujen nu kaeréh Cianjur jeung Perkebunan Jaya Negara di wilayah Kabandungan Cibadak.

Kumaha ari mangsa kiwari? Nyaritakeun kamekaran usaha entéh, nu nyangkaruk dina pipikiran Aki Usep mah, ukur kaprihatinan. Remen katodél mamaras rasana, upama nyaksian kamekaran perkebunan Entéh ti mangsa ka mangsa. Pangusaha swasta di widang entéh, loba nu teu walakaya, atuh lahan perkebunan nagara ogé geus loba nu disorobot ku masarakat. “Kaayaan kitu, balukar tina kawijakan pangawasa perkebunan nu teu tegas jeung rada teu pikahartieun,” cék ieu teureuh Sunda nu pernah milu latihan Management Tea Plantation nu diayakeun ku Colombo Plan – India.

 

Butuh Panuyun

Perkebunan entéh lain saukur néangan untung, tapi keur ngajaga lingkungan tina rupa-rupa musibat saperti urug. Pangna kitu, cék ieu panitén entéh téh, sawadina pamaréntah tetep kudu ngahangkeutkeun deui kamekaran usaha entéh, kaasup nu digarap ku swasta. Upama Aki Usep boga kacindekan kitu, lantaran biasa  ngabandungan pihak perkebunan pamaréntah nu mindeng nyebutkeun, yén hasil produksi entéh turun atawa rugi, lantaran biaya produksi naék, utamana pangaruh klasik saperti BBM jeung listrik. Pamadegan pamaréntah kawas kitu, tangtu matak prihatin, lantaran ari kanyataanna, aya sawatara héktar tanah nu kaasup kebon pamaréntah, malah diséwakaeun ka masarakat sacara pribadi pikeun dipelakan tatatén sausum, kayaning engkol, kentang jeung sajabana. “Ari pepelakan modél kitu, apan gampil pisan ngarobah habitat lingkungan. Mun dipelakan entéh atawa kina mah bisa nyimpen cai upama halodo. Sedengkeun ari dipelakan tatanén sausum mah, jadi méakkeun cai, lantaran mun usum hujan akarna teu bisa nahan cai. Malah waktu usum caah dendeng, tepi ka ka loba ingon-ingon nu kabawa palid, padahal di aréal pagunungan anu luhurna rata-rata 1200 – 1500 m dpl. Anéh tapi nyata téa,” pokna tandes. 

Upama nu arusaha ngalap kauntungan, tangtu kudu aya mangpaat séjénna. Kitu deui, dina ngokolakeun kebon entéh. Cék ieu pangusaha nu sering panalungtikan ka mancanagara, saperti ka Pakistan, India, Maroco, Swiss, Dubai (Uni Emirat Arab), Saudi Arabia, China, Vietnam, Thailand, ogé Singapura, sawadina pamaréntah ngarojong nu arusaha sangkan ulah saukur ngitung untung jeung rugi.

 

Entéh Rayat Jawa Barat

Lahan-lahan perkebunan entéh ti waktu ka waktu beuki ngaheureutan. Cek Aki Usep, persisna taun 80-an, mémang beuki ngurangan. Ari perkebunan Entéh aya tilu jenis. Kahiji, nu kaasup kana Perkebunan Nagara (PTPN), kadua PBS (Perkebunan Besar Swasta) jeung katilu, Perkebunan Teh Rakyat. Ari nu kaasup PTPN, lahanna mah henteu pati robah, ngan nu dipelakna salin rupa, dirobah  tina entéh jadi sawit. Kitu deui aya nu diséwakeun ka pihak swasta keur pepelakan musiman. Nu kaasup PBS mah, aya nu pausahaan daérah, tapi lolobana mah ku swasta (kulawarga). Lantaran masalah manajemen, loba PBS nu bangkrut. Atawa lahanna aya, tapi geus robah jadi reuma. Sedengkeun Perkebunan Teh Rakyat lahanna panglegana, tapi hasilna pangsaeutikna. Lahanna kurang leuwih 25% tina awal dikokolakeun, lantaran teu aya nu jadi kojo dina masarkeun pucuk entéhna. Biasana pucuk perkebunan rakyat mah dijadikeun Téh Hijau (héjo) anu dipasarkeun ka Jawa Tengah, nu engkéna diprosés jeung kembang malati nu saterusna jadi Téh Wangi. “Numawi kitu jarang pisan aya nu diékspor. Margi kitu, pangaos gé teu undak-undak lantaran ngandelkeun pasar lokal téa,” pokna. Ngan, cék ieu carogé Enok Karyati, akibat tina tataniaga kitu, harega pucuk sering dianggap teu nguntungkeun. Lantaran dianggap teu nguntungkeun, ahirna mangaruhan kana aréal nu mingkin ngaheureutan, lantaran loba nu dibalongkar, diséwakeun jadi kandang hayam atawa dipelakan céngék jeung sabangsana.

Niténan kaayaan kitu, cék Aki Usep, pamaréntah ogé ulah ngantep teuing. Lantaran, mangpaat perkebunan entéh, saperti Perkebunan Téh Rayat bakal loba mangpaatna. Komo deui, aya béja hadé kacida, yén pihak pamaréntah Jawa Barat jeung DTI (Dewan Teh Indonesia) bakal ngabebenah deui perkebunan Téh Rakyat.

Anapon keur ngabebenahna mah, bisa ngeunteung ka nu leuwih maju, sapertina waé kamekaran Entéh di India, nu mana pamaréntah India ngarojong pisan kana kamekaran nu ngokolakeun entéh. Sapertina waé, pamaréntahna méré subsidi ti mimiti modal, gemuk, jeung nu séjénna  kaasup ngabantu masarkeunana. “Di India, pamaréntahna milu masarkeun entéh kering dina lélang lokal nu diayakeun ku India Tea Board nu ngajadikeun pangaos ékspor gumantung kana naék turunna pangaos lokal. Sedengkeun ari urang mah sabalikna. Nu nangtoskeun naék turunna pangaos lokal ditangtoskeun ku pangaos ékspor,” cek Aki Usep méré gambaran.

Lian ti kitu, keur nangtukeun harega entéh, biasana ngukur kana ajén barangna. Ngan, sual ajén teu bisa ngandelkeun téknis ngolahna wungkul, tapi kudu dibarengan ku ngokolakeun pibakaleun bahan baku pucuk entéh anu unggul. “Di India, ti awal kénéh geus diraracang nu sampurna, janten dina prosés ngolahna ogé ngahasilkeun anu ampir 80% janten ‘kualitas’  nomer hiji. Bénten sareng diurang nu seueur dimomorékeun,” pokna deui.

Sual séjénna, nyaéta masalah kawijakan nyadiakeun gemuk (pupuk) nu jauh tina harepan. Minangka gambaran, cék Usep Warlian, di nagara batur mah, pamaréntahna ngarojong toh-tohan ngaliwatan nyubsidi gemukna. Sedengkeun di urang mah ti balik, kudu meuli pupuk non subsidi nu haregana leuwih mahal.

 

Nyaah Lingkungan jeung Sasama

Usep Warlian, nu lahir di Pangalengan, 23 Nopember 1956, keur leutik kataji pisan hayang jadi tentara. Lantaran kitu, waktu sakola SMP ogé teu weléh aktip di pramuka. Ngan, sabada lulus SMP di Pangalengan, lanceukna (nu harita nganjrek di Karawang), ngajak Usep sangkan sakola di Karawang. “Jalaran harita mah, teu kaérong neraskeun langkung ti SMP, nya teras ngalih nuturkeun pun lanceuk sangkan tiasa neraskeun sakola, nu engkéna tiasa énggal damel,” cék Aki Usep nineung ka mangsa baheula. Di Karawang diasupkeun ka STM Karawang. Waktu harita,  enya ari cita-cita mah hayang jiga batur, bisa ngamalkeun élmu, jadi abtenar calik dina korsi empuk boga kalungguhan nu bakal ngabanggakeun kulawarga sareng rundayan. Tapi dalah  kaayaan harita nu seret biaya, ahirna damel saaya-aya. Nu penting, cek Usep tetep ngabogaan ajén komara jalma nu mangpaat, boh keur diri, kulawarga, ogé lingkungan sabudeureunana.

Keur Usep, boh carita keur leutik, boh keur rumaja taun 1960-an téh, mémang pieunteungeun saterusna. Komo sabada acrub kana kahirupan rumah tangga, hirup téh lain saukur sadirieun. Lantaran kitu, ti waktu ka waktu napakuran kalawan pinuh tarékah keur jadi tuturus kulawarga. Atuh, ieu bapa Cici Nurfatimah (kiwari S2 Aristek di IPB jeung Rizal Maula Muhamad (Tenik Industri Pertanian UGM), teu leutik harepan. Carana? ngalobakeun garapan, pangpangna di dunya perkebunan Entéh. Resep kana ngebon, pangpangna kebon entéh gé, lain saukur resep deuih tapi aya udagan séjénna, ngajaga lingkungan ogé geusan ngalarapkeun kanyaah ka sasama ku cara sodaqoh méré pagawéan ngaliwatan padat karya, boh keur nu aranom, boh keur nu rada jompo, sangkan meunang pagawéan.

Ngebon entéh ahirna mawa berkah. Lain ti ngokolakeun PT. Sumatera Toba Wangi di Sukabumi, ngagarap kebon di Cisujen nu kaeréh Cianjur jeung Perkebunan Jaya Negara di wilayah Kabandungan Cibadak, ogé jadi sering dipercaya nalungtik dunya perkebunan entéh  ka saban daérah kaasup ka mancanagara. Upama aya paribasa pangalaman guru nu utama, kitu pisan nu karasa ku Pa Usep Warlian ogé. Atuh saban dipercaya ka mamana ogé, teu weléh nyiapkeun sagalana kaasup dina sual basa. Komo ti rumaja kénéh mah, Aki Usep mah geus teu ngawagu deui kana basa Inggris mah.

Sibuk ku kagiatan, boh niténan kebon atawa méré élmu ka saban daérah, ieu teureuh Sunda mah tetep teu poho ka lingkungan bumi panganjrekanana di Komplek Bumi Sukagalih Permai Sangkanhurip, Katapang, Bandung. Keur ngalarapkeun tugas kawajibanana, masarakat gé mercayakeun ngemban tugas mupuhuan DKM Nurul Iman nu aya di sabudeureunana. “Ieu amanah, nu saleresna langkung abot, utamina kedah nyontoan nu leres-leres,” saur Pa Usep nu teu weléh natrat kana papatah, ‘Pilari nu teu dijamin ku Alloh. Rejeki tos aya nu ngatur teu kedah hariwang. Tapi élmu pangaweruh kudu dipilari, margi tina élmu, bakal nangtukeun gedé leutikna rejeki sareng Insya Alloh, éta pisan nu bakal dicandak ku urang di dunya jeung ahérat.

Papatah agama bakal nguatan hirup. Lantaran kitu, ieu pangusaha ogé, teu weléh napakkeun agama dina sagala urusan, kaasup ka putra-putrana. Malah, husus ka putra-putrana, Aki Usep teu weléh mapatahan sangkan nyiar élmu entong hayang jadi nanaon, tapi kudu nyiar élmu saloba-lobana sangkan hirup mangpaat kalawan ihlas di dunya, nu mudah-mudahan ganjaranana kasampeur  jaga di ahérat. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: