• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ngingu Tuyul

Kénging Andang S Argayuda
Kintun kana Facebook

Aya tamu tinu jauh, rigigna mah jiga menak, jiga jalma beunghar, tapi bet aya ku aneh, datang-datang ngadon ceurik nepi ka sisimekeun. Sanggeus di tanya, Manehna medar lalakon, nyaritakeun kaayaan hirupna anu tigebrus kana kamusyrikan. Ari gawemah cenah jadi kapala sakola, pagawe nagri, ngan hirupna seuseut seuat teu bisa menyat.

Akibat loba hutang, gajih unggal bulan ukur cukup jang mayar hutang. Jiga anu enya, siga jalama beunghar, ceuk batur mah menak, ku guru-guru dipihormat, tapi hirup pinuh ka ripuh. Era ku batur, jeung ongkoh hayang beunghar, antukna kabawa kusakaba-kaba, kabaud kana ngingu tuyul.

“Hapunten Kang, tos kumawantun ngadon ngagareuwahkeun, Abdi tos teu kiat, rumaos milampah dosa, musyrik dilakonan, doraka enya, ari beunghar henteu. Kaduhung sagede gunung, bet hirup kabawa mangprung, hoyong ngeureunan lampah nirca, hoyong tobat Sim Kuring teh”.

“Teu saawios Ayi, tong boro semet ceurik sisimekeun, najan nepi ka gogoakan midangdam moal ieuh jadi ewuh, ihlas, balungbang timur caang bulan opat welas. Komo deui tadi nyebat-nyebat hoyong tobat, insya alloh asal ka elmuan, Akang siap ngabantu”.

“Hatur nuhun Akang, jauh dijugjug anggang diteang, Sim Kuring teh hoyong ngalepaskeun diri tina beungkeutan setan, tapi diri teu gaduh kamampuan, teu sanggem ngalawan, da rumasa tos jadi usung esangna, rumaos jadi budakna siluman”.

“Deudeuh teuing Ayi, eta kumaha mimitina bet ka sarung kana ngingu tuyul sagala, kapan salira jalmi pinuh ku elmu, ngalaman sakola luhur, sakedahhna mah tiasa ngabedakeun mana pibagjaeun, jeung mana anu picilakaeun”.

“Rumaos kapoekan pikir, di ajak ku rerencangan ka jawa, teras nyumpingan kuncen, sabada mayar mahar teras wae di pasihan budak leutik, warugana mah jiga budak saumuran tujuh taun lah kitu. Teras weh di candak ka rompok”

“Bener tiasaeun ngala artos eta budak leutik teh ?”.

“Tiasaeun, unggal dinten oge muhun sok masihan artos”.

“Naha atuh make palay eureun sagala, pan meureun seueur artos ?”.

“Artos anu di pasihkeun ka Sim Kuring teu sabanding sareng karujit ngurusna”.

“Rujit kumaha, piraku ngurus budak hiji wae make rujit sagala, pedah sok mere duit, jadi budak teh beubeulieun meureun”.

“Kieu Akang, mimiti datang ka rompok, eta budak teh jejeritan matak pihariwangeun, hayuh wae tutunjuk kana luhur lomari, di tanya aya naon, ukur ngucap nyebut sieun. Barang ditingali kana luhureun lomari, aya Qur’an ngagoler, teras wae eta Qur’an teh di pasihkeun ka pun Biang, leres wae jempling budak teh”.

“Asstagfirrulloh hall adzim, nya pasti atuh jurigmah sieuneun Qur’an, mimitina etateh sangkan Anjeun jauh tina eling ka Alloh, ngahaja neangna reka perdaya supaya di bumi ulah aya Qur’an”.

“Anu langkung jengkel mah, pami Abdi sareng Bojo bade solat, eta budak teh ngadadak motah, jejeritan hayang digandong, teu diwaro kalah lolongseran hareupeun, atuh solat teh batal”.

“Beuki jauh, beuki tikerelep, kacida teuing atuh Anjeun teh, naon nu rek diteangan dina lampah hirup model kitu, numpuk-numpuk harta anu can tangtu mawa kasenangan jeung kabagjaan. Tunggul dirarud catang dirumpak, deudeuh teuing”.

“Rumaos Kang, hirup abdi kalangsu, kabobodo tenjo, pikir mamprung nutur-nutur napsu nu ngaberung, kabita ku babagjaan deungeun, panas hate ku pangjejeleh batur, kalah lat poho ka temah wadi”.

“Hirup di alam dunya pasti bakal ngalaman godaan jeung cobaan, mun urang ngangkleung kabawa ku gogoda, buru-buru eling, eling ka diri, eling ka purwa daksi, sabab godaan jeung cobaan mangrupakeun ujian ti Guti Alloh Swt, sangkan urang bisa leuwih kuat dina kaimanan”.

“Sadaya-daya, Sim Kuring nyanggakeun kana kersa Akang, hoyong ditulungan, hoyong pang bebaskeun diri tina kadorakaan anu keur ka sorang. Kajantenan anu ka alaman ku Sim Kuring, mugi janteun eunteung kanggo anu lian, taya untungna ngabdi ngabakti ka bangsa dedemit”.

“Kieu atuh Yi, isukan dina malem jumaah anu baris ka sorang, Akang ngahajakeun ka bumi Salira, siapkeun wae kabeuki jurig tuyul teh, mudah-mudahan Akang dipaparin kakuatan ku kersaning Gusti Alloh, kalayan elmu Akang mampu ngusir eta jurig tuyul”.

Sanggeus ngobrol ngaler ngidul, tatamu teh amitan mulang, tamuna leungit, tapi aya anu ditinggalkeun dina pipikiran. Ku epes meer ari manusa, karek dibere cobaan ku katunggaraan anu ngan sapira, nepi ka jungkir jumpalik kabawa tigebrus kana ka musyrikan.

Kabisa mah teu sabaraha, ngan lamun aya anu meunang karerepet sok hayang nulungan, teu bisa cicing, teu bisa antepan.  Sok asa nambah kandel kana ka imanan ka Gusti Alloh. Tetela lain ukur carita, yen kakawasaan Mantenna aya di satungkebing langit, di satangkaraking jagat, boh dinu nemrak nyata oge dinu nyumput buni.

Nepi kana waktu anu dipasinikeun, poe Kemis isuk-isuk geus nyemprung mawa mobil ka kalerkeun, anu rek di datangan teh lemburna aya di wewengkon Pantura, jauh ti lembur pamatuhan mah.

Srog ka imah anu di tuju, sakulawarga ngabageakeun ku budi parangi anu darehdeh someah. Saliwatan mah teu aya anu aneh, biasa wae teu beda jeung imah sejenna, ngan ari hawa siluman mah karasa ti bareng dina lawang keneh, kadang tetempoan mun rada di hususkeun jiga aya anu kokolebatan kawas kalangkang.

“Kumaha Yi tos disadiakeun kabeukina jeung karesepna bangsa tuyul teh ?”.

“Parantos Kang, sadayana persis sareng sasajen anu disiapkeun waktu di tempat kuncen”.

“Kudu kumplit sakumaha biasana, sabab ngusir tuyul mah kudu ngondang nu jadi Ratuna, moal daekeun ingkah ari teu diteang deui ke Ratuna atawa sok disebut indungna mah”.

“Muhun, mangga atuh tingalian ku Akang”.

Aya sasajen dina nyiru, diantarana, susu cap nona sakaleng, peremen sababraha bungkus, minyak rambut cap dengkak, momobilan jeung kukudaan tina kayu, coklat dua bungkus. Loba deui sasajen jang kabeuki Ratuna, matak helok ku sasajenna oge.

Sabada solat magrib. Prak ngamimitian ngajalankeun tarekah, diri menekung kanu Maha Agung, elmu di amalkeun di da’wam keun, hate gumulung dina kayakinan, nyambat-nyambat kanu gaduh hubungan ka sadaya mahluk.

Lilin ngaleok jiga rek pareum, angin ngagelebug sajeroeun kamer, hareupeun samar-samar aya anu jujuringkangan waruga budak leutik, jiga keur ngadodoho sasajen. Diluar aya sora kareta api ngaguruh seah, turaes nyengsreng patembalan, toke noroktok teu eureun-eureun. Alam sakuriling bungking jadi geueuman piakasieuneun, anjing babaung mani melung ti jauhna, asa di alam siluman.

“Hi....hi....hi...hi. Ha...ha....ha....ha”. Aya anu cicirihilan patembalan jeung anu babarakatakan, sada di luareun imah.

“Montong cicirihilan jeung babarakatakan di luar, ari enya boga kawani mah kadieu ka jero”. Ngamimitian ngayakeun hubungan, ngabageakeun anu datang.

“Hi...hi....hi.....hi, aya naon Anjeun make ngondang Kula, bari ti tempat anu di kawasa ku anak Kula ?”. Leungit sora anu ngomong, hiusss, blus aya anu asup ngabelegedeg rapaning awewe, disebut awewe soteh rurupaannana, da ari nempo tangtungana mah teu puguh ngaler ngidulna.

“Kula ngahaja ngondang Anjeun dina peuting ieu, supaya  apal, ti mimiti detik ieu, poe ieu, Anjeun jeung anak Anjeun teu meunang aya deui di dieu, kudu ngaleupeskeun hubungan jeung ieu kulawarga”. Tandes, neukteuk nyieun anggeus.

“Hi...hi...hi, emang Anjeun saha kumawani rek ngalawan ka diri Kula ?”.

“Kula manusa biasa, tapi najan teu dibejer beaskeun, bangsa anjeun bisa nempo jirim jeung eusina manusa, jadi pasti apal ka diri Kula”.

“Kula moal bisa, anak kula di dieu geus mangrupa perjangjian jeung manusa anu mawana, Anjeun teu kudu pipilueun”.

“Tinggal pilih ku Anjeun, mending di bawa balik, atawa anak Anjeun di asupkeun kana botol ajaib, saumur hirupna bakal ka kurung dina ieu botol”. Ceg kana botol herang anu geus disadiakeun, geremcem babacaan.

Teu pati lila budak leutik anu jujuringkangan hareupeun, ngoceak bangun manggih kareuwas, seor angin muter di jero roangan. Tutup botol dibukakeun, babacaan di husukeun, di gerendengkeun ngarah kadengeeun ku indungna, budak leutik beuki tarik jejeritan menta tulung.

“Eureunan, Kula nyerah. Kula apal ka diri Anjeun, ulah diteruskeun eta tekad karunya ka anak Kula, heug ayeuna pisan rek di bawa balik, kalayan jangji moal datang deui”.

Seor, seor angin ngaguruh tarik, anjing nu tadi ngagogog jadi babaung melung, sora kareta api datang deui ngajeos ngajauhan. Sanggeus sora kareta leungit, alam sabudeureun sepi jempling, anu jujuringkangan dina wujud budak leutik teu tembong deui.*** Patakaharja, rancah – Ciamis.

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (3)

abinayla

Ngingu tuyul alus na mah maokan duit pajabat..anu ngadahar duit rahayat...

bangmedin

Ih mani muringkak bulu punduk maos ieu carita teh .......

kang uki

Ngiringam aub kang..

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: