• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ronggéng Paténggéng

Kénging Maman Rachman
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1421835996.jpg [Potrét/Ilustasi: agus mulyana]

Kabeneran halodo pasosoré. Biasana mah ngecrek ti isuk mula. Di luar katingali lénglang siga teu aya pihujaneun. Padahal biasana mah wayah kieu téh hujan ngecrek, ceuk babasan téa mah teu aya waktu keur moékeun sarung-sarung acan. Seuseuhan nalambru, geus puguh nu pating garantung di unggal juru.

Kesel ogé kuring lila cicing di imah. Biasana mah unggal peuting nguriling. Komo mun pareng aya raraméan. Lumayan sok rada payu loba dagang téh. Ayeuna mah nu rada gampang wé kulub suuk utamana mah teu bangga kudu moékeun heula cara sangrayeun.

Tanggungan geus saged, sagalarupa geus siap, kaasup daun cau keur bungkusna. Diilikan naon asa aya nu kurang? Diilikan gemet pisan. Bener singhoréng lampu cempor acan kabawa. Beu cilaka atuh teu kabawa lampu mah rék kumaha dagang. Salian di tempat dagang, apan di jalan ogé teu dilampuan mah rarang-rorong, geus pasti leumpang ngatog.

“Bismillaahirrahmaanirrohiim,” ceuk kuring dina haté.

Regeyeng, tanggungan diangkat kana taktak. Suku ngaléngkah mimiti leumpang. Haté mah tetep muntang pageuh neneda kanu kagungan, rumasa di usik malikkeun ku Anjeun-Na. Urang téh ulah tonggoy teuing umur duka nepi ka isuk duka nepi ka pageto.

Leumpang geus rada jauh, geus ngaliwatan lembur tempat kuring nganjrek. Bus ka lembur Kandang tuluy ka Cibarola, balik deui ka Soklat terus ka Pasirkareumbi. Lumayan tuur téh asa rada léklok. Éta kitu pédah geus rada lila teu dagang-dagang? Enya pantes kituna mah, unggal poé ngan ukur dahar jeung saré atuh.

Tanggungan masih kénéh beurat cirining dagangan masih loba. Palebah gardu reg eureun, susuganan bari ngareureuhkeun kacapé aya nu meuli.

Angin peuting mimiti nyaliksik nu kaliwatan. Tatangkalan kaciri aroyag. Angin téh ngan teu ngagelebug wungkul, tapi lumayan tarik. Mun seug teu maké jakét si kukut mah, beu cilaka. leu gé cacakan kahalangan ku bilik gardu, angin téh tetep we ampir nambag kana awak.

“Jang, ulah saré waé atuh dagang téh!” ceuk hiji lalaki nu ngaliwat bari noél.

“Hayu urang kaditu dagangna!” ceuk éta lalaki malikan deui.

Gasak-gisik kana panon. Bray beunta lalaunan. Dihareupeun nangtung hiji lalaki ginding.

Béh dituna di jalan gedé, rabul nu liwat garinding deuih. Teu awéwé teu lalaki, teu kolot teu budak kabéh garinding. Ditilik-tilik, siga anu arék ka nu hajat gedé.

“Hayu urang ayeuna mangkat,” ceuk lalaki tadi téa.

Teu diengkékeun deui, terus tanggungan ditanggung, koloyong indit.

Sora ketuk ti kajauhan mingkin lila mingkin jelas. Nu senggak siga nu sarumanget pisan, katambah-tambah saha nu teu bireuk atuh ka Ronggéng pingpinan Dulkasan? Ronggengna keur ngarora kénéh téh gareulis deuih. Pon kitu deui nayagana ngarora kénéh pisan.

Mingkin peuting mingkin ramé aréak-éakan. Malah lain ngan ukur ronggéng jeung tukang ngibing wungkul nu ngibing téh, dicampur ku awéwé jeung lalaki nu lalajo deuih. Ramé lain bobohongan, nu lalajo mani ager-ageran bakat ku suka.

Saréréa sigana padasuka, pada meunang kabungahan. Nayaga jabanna mareunang loba, geus puguh ronggéng mah. Duitna lambaran wungkul, mani tangka metet dina jero kutangna. Nu dagang gé teu tinggaleun daganganana teu aya nu nyarésa.

Peuting ngagayuh ka Subuh. Nu daragang geus coréngcang, pon kitu deui nu lalajo geus baralik ka imahna masing-masing. Nayaga ketuk ngagalolér di panggung. Reungit nu sakitu napukna teu dirasa bakat ku tunduh meureun. Saré sing porongkol bakat ku tiris.

Duit dina handapeun nyiru paranti dagang meunang loba, lambaran wungkul. Teu diitung deui terus wé dihijikeun, dibeungkeut ku karét geulang. Bungah taya papadana dagangan sasatna laku kabéh.

Keur jongjon kitu torojol aya awéwé nyampeurkeun, singhoréng ronggéng. Geulis tur nyari. Lamun dék jujur mah mémang geulisna leuwih ti nu di imah. Sakalina imut jajantung ampir rék murag. Komo mun dibarengan ku kélétna panon, emhh..., lain bobohongan cacak-cacak keur dagang, kajeun teuing duit ladangna dibikeun ka manéhna kabéh.

Nyi Ronggeng imut ngagelenyu. Ngadak-ngadak tatangkalan dahanna aroyag, ngahayoh-hayoh sina kuring ngadeukeutan. Sora hayam jago nu biasana méré

tanggara salat Subuh, ieu mah lain kadéngéna siga nu ngahatéan sina paduduaan. Nyi Ronggeng imut deui, rey..., getih birahi mimiti nyaksrak nyaliara saawak-awak.

Teu inget kana tanggungan, cul ditinggalkeun. Léos indit paduduaan muru imah leutik di sisi lamping. Leumpang mani asa leumpang asa henteu. Leumpang bari nyangkéh awewe geulis. Saha nu teu kabita, saha nu teu ngaruy? Bohong ah lamun teu kabita téh.

“Di dieu wé Kang urang calik heula handapeun tangkal kembang,” ceuk Nyi Ronggéng ka kuring.

“Mangga,” jawab kuring pondok.

Gek kuring jeung manéhna dariuk dina bangku. Pagéyé-géyé da bangkuna ngan cukup duaaneun. Kuring jeung manéhna silih tamplokeun kasono. Cangkeng Nyi Ronggéng disangkéh ku leungeun kénca, nu katuhu napel dina gado Nyi Ronggéng.

Reuwas lain dikieuna. Aya nu ngagugubrag ninitah hudang. Bray beunta, luak-lieuk bet aya di tegalan. Kamana dagangan? Kamana duitna? Buru-buru cengkat, gigisik panon. Cupu-capa kana pesak. Belenyeng lumpat kana handapeun kai. Dagangan awur- awuran patulayah. Duit ditempo handapeun nyiru. Kamana duitna? Nu aya ngan daun seureuh wé sabeungkeut, dibeungkeut ku karét geulang.

Leuleus taya papadana, lir kapas kahujanan. Teu sirikna teu bisa cengkat-cengkat acan. Nginget-nginget ngumpulkeun pangacian. Kunaon maké aya di éta tempat? Tempat anu sakitu jauhna. Tempat nu hara-haraeun.

Tukang kebon méré cai, regot diinum. Beungeut dicampaan, asa-asa pareurih. Biwir asa rada jeding.

“Sakieu ogé untung Jang teu pati pama,” ceuk tukang kebon.

“Biasana mah sok nepi ka teu éling-éling sababaraha poé,”

“Muhun Bah, untung aya Abah,” ceuk kuring.

“Enya kabeneran Abah hayang kadieu, da biasana mah saminggu sakali.”

“Jadi Abah nganyahoankeun.”

“Muhun, nuhun Bah kana pitulung Abah, mudah-mudahan kasaean Abah dibales ku Gusti Nu Maha Welas tur Asih.

Awak téh bener-bener karasa nyareri. Pipi asa barengep, geus puguh biwir mah. Ka ceuli-ceuli teu ngari, gimpa siga nu kaligata. Beu mana teuing nu di imah, nyangkana mah

meureun usaha téh meunang duit. Ari ieu bororaah, kalahka awak wé ruksak. Dagangan awur-awuran teu puguh teu nyésa pisan.

Sanggeus kumpul pangacian, kalayan dibantuan ku nu ngagarap kebon. Dianteurkeun ka sisi jalan gedé. Geus kitu mah teu kuat gé maksakeun megat mobil nu ka terminalkeun, bubuhan ngaliwatan imah.

Datang ka imah geus harieum beungeut. Bus ka pangkéng. Pamajikan norojol bari harieusweus nanya tas timana. Barang awak kacaangan ku lampu nu dibawa ku pamajikan. Pamajikan ngajerit reuwas ningali kuring gararimpa.

Kuring sasadu ka pamajikan, nyaritakeun naon nu geus kajadian peuting tadi. Teu sangka usaha nepi ka kajadian kitu. Untung kénéh bisa balik, kumaha lamun nepi ka teu bisa balik?

“Hampura Akang, meureun poé ieu mah teu beubeunangan,”ceuk kuring ka pamajikan.

“Muhun Kang, wios tong diémutan, ayeuna mah Akang wé sing séhat,” ceuk pamajikan ka kuring semu nu deudeuh.***

Saung Anggrek 2014

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (4)

Sasmito Hadi

sae pisan ieu carpon teh tiasa kangge pangingeut ingeyt ka kuring amih ati ati kapayunna

boed

sae carponna , mudah-mudahan jadi pangeling ka urang numaca ieu carpon

edi

Sae' pisan

gums

Sae payus jalma leutik anu susah. Kasab lunta jauh ka tempat dedemit ifrit. Geuningan tungtungna kalahlah manggih sial

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: