• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Tarung di Alam Gaib

Kénging Maman Rachman
Kintun kana Facebook

Awak teuing ku leuleus taya tangan pangawasa. Diuk dina jok mobil teu nangreu, golosor deui-golosor deui ngagolosor. Mobil ngadius ka Ciater, muru penginapan Villa “Sari Alam”. Lain arék mondok, ieu mah rék ngadon réfrésing ceuk barudak ayeuna téa mah bari sakalian marandi di kolam renangna anu caina panas. Kitu sotéh bubuhan dibawa ku minantu nu ngadunungan ka nu kagungan Villa “Sari Alam”, bageur pisan aranjeunna téh. Tara ngorétkeun, ulah boro ngojay najan mondok ogé sok ditawaran, ngan kuringna wé ngarumasakeun manéh.

Sadatangna ka Villa, barudak mah teu reureuh heula, langsung bubulucun, gebrus marandi siga nu barungah pisan, silih simbeuh kokojayan bari garogonjakan. Sabalikna kuring, bororaah hayang ngojay atawa ngeueum, awak teu puguh rasakeunaneun. Leuleus téh teuing ku leuleus.

Nungguan waktu nepi ka soré asa kacida lilana. Sajam jadi karasa sababaraha jam, panonpoé siga nu horéam ngagilir ngoléséd ka beulah kulon, kalah pepedut wé mimiti rabul minuhan wewengkon villa.

Waktu soré teu burung datang, barudak ngaruniang haranjat tina pangojayan. Sanggeus diaranduk terus digaranti baju teu poho maraké jéket, nyingkahan awak tina katiris hawa gunung.

Sanggeus pamitan sarta nganuhunkeun kanu jaga, da nu kagunganana aya di Bandung terus mulang. Mobil ngoloyong ngaliwatan panto gerbang ninggalkeun villa. Sajajalan awak mingkin teu puguh rasakeuneunana. Hayang buru-buru geura tepi ka imah, barudak mah sararé bakat ku capé meureun.

Sadatangna ka imah teu sirikna meubeutkeun manéh, guprak kana risbang. Meunang saminggu diopname di rumah sakit. Sanajan boga kartu Asuransi Kesehatan teu buru kapaké, da asupna ka rumah sakit swasta. Lain gujih, ieu mah panyakit nu miheulaan datang, méméh daftar pingsan heula.

Aya di imah acan cageur bener, awak masih kénéh karasa lungsé, gawé ukur nyangkéré di balé. Ubar mah aya sababaraha rupa nalambru di juru kamar dina méja diwadahan piring alas.

Keur ngararasakeun kalungsé, diburuan aya nu nyalukan. Budak lalaki nu nyalukan téh, sorana mah sora tatangga nu aya tukangeun imah. Sababaraha kali nyalukan, tapi teu terus ditémbalan. Didédéngékeun bisi salah, tetéla sora budak pamuda Si Yayat tatangga tukangeun imah.

“Pa ... pa ... aya nu nyaur!”ceuk Si Yayat.

“Saha...?”

“Itu Pa, saurna urang tarung paduduaan ayeuna!”

Leng mikir, naha maké aya nu ngajak tarung sagala?

Pipikiran kulincas-kalinces, lir ibarat lampu cempor leutik katebak angin. Lalaunan, pes seuneuna pareum. Liwat ngaliwatan alam sampeureun, poék mongkléng buta rata, ceuk nu bohong mah teu katempo tungtung curuk-curuk acan. Poék-poék pisan, meredong taya cahaya sakolényay.

Di buruan, bener aya hiji lalaki maké sorban, awakna péndék purékel ngajega pasang kuda-kuda. Kuring turun ka buruan, nyampeurkeun lalaunan, song sasalaman. Nu ngajéga teu malesan, malah kadon mundur bari ngépéskeun leungeun kuring.

Panasaran disidik-sidik, tetéla manéhna téh lain sasaha. Nyata-nyata tatangga imah écés pisan aya tanda dina dirina, panonna pécak. Kunaon manéhna ngajakan tarung, padahal asa teu boga musuh hirup téh? Tapi ras inget kana kajadian katukang saméméh kuring gering. Kungsi pembantu manéhna ngomong, dititah ku dununganana meuleum menyan jeung ngawurkeun kembang di hareupeun warung kuring. Teu diwaro, inget téh bisi jadi ngipiskeun iman.

Teu kanyahoan manéhna luncat bari nyépak satakerna, hélob kuring ngahélob. Mun éta sepakan keuna ka kuring, piraku kuring teu ngabeng. Sépakan disusul ku peureup nu buleud, hiuk-hiuk ngaliwatan puhu ceuli, bangbaraan. Sababaraha kali kuring ngagiwarkeun peureup manéhna, manéhna mingkin nafsu sabab tonjokanana teu keuna-keuna ka kuring. Sakalina kuring malikan nonjok, ceplos deuih teu keuna, kalah angin wé ngahiuk kasurungkeun peureup. Tetéla, manéhna lain lawan-lawaneun méméh mumuluk, pangabisana teu bisa disebut lumayan.

Tarung lain sakeudeung-sakeudeung, geus karasa lilana. Buruan urut tarung ledug tapak suku, tatangkalan nu aya di sakuriling buruan tumpur katincakan. Panyawéran sawaréh kentengna pru-pre pareupeus jeung saremplek urut katéjéh.

Hiuk peureup manéhna ngahiuk. Kuring ngahelob, suku diréngkaskeun ka manéhna bari dibarengan ku peureup nu buleud, hiuk jebrod. Peureup kuring keuna kana mamarasna, soloyong manéhna ngagoloyong, bru nambru sisi kamalir.

Engapan ngahégak naék turun, peureup masih kénéh buleud. Panon muncereng nyidik- nyidik nu nambru. Koléséd manéhna hudang lalaunan. Kuring mundur saeutik, sayaga bisi manéhna narajang teu kanyahoan.

Teu salah tina panyangka, manéhna nguniang hudang. Jleg nangtung deui sabihara- sabihari jiga nu teu aya kanyeri. Kuring mundur bari metakeun kuda-kuda bisi manéhna narajang. Hiuk-hiuk aya nu ngahiuk hareupeun beungeut. Lob kuring ngelob, sababaraha kali, hiuk ka handapeun suku, gajleng kuring ngajleng, cle dina suhunan. Nu diheumbatkeun singhoréng bedog. Teu sabaraha rupana mah, ngan kaciri seukeutna, sababaraha kali diheumbatkeun sababaraha tangkal jeruk di buruan nu sakitu gedena alambruk.

Hiuk deui manéhna ngaheumbatkeun bedogna. Ku kuring digiwarkeun kabeulah kénca, disusul ku peureup katuhu nu ngeplos teu katahan kana palebah angenna. Hék cenah, koloyong manéhna ngagoloyong teu tahan nahan tonjokan. Manéhna mundur nahan kanyeri tapi bari taki-taki, masang kuda-kuda. Belesat manéhna ngabelesat, hiuk-hiuk jebrod, peurerupna ninggang kana dada. Bru kuring nambru kasurungkeun, katambah-tambah bakat ku tarik hémbosna angin nu marengan peureup, sabab kuda-kuda kuring teu teu ajeg. Kuring nyangsaya ampir teu walakaya, untung masih dibéré éling, gep kana parabot nu nyangklék dina cangkéng.

Biur, biur siga seuneu cahayaan, narajang kuring nu nyangsaya. Kuring sababaraha kali ngagiwarkeun nahan gempuran manéhna, ku cara ngagilirkeun parabot nu dicekel.         

Tayohna manéhna mingkin nafsu, terus nyerang sabulang-béntor. Sababaraha kali nyerang sababaraha kali katahan. Tungtuna nu katétér manéhna, éléh najan teu nepi ka paragat. Biur manéhna ngapung ka awang-awang jauh ka tungtung langit, mingkin jauh-mingkin jauh les duka kamana.

Bray, kuring beunta lalaunan. Késang karasa ngorolok maseuhan saluar awak. Tikoro karasa garingeun, halabhab hayang nginum. Awak ngalempréh, teu kuat malik-malik acan.

Ngahuleng mikiran nu geus kajadian. Nu disebutkeun tarung diburuan téh nyatana aya di kamar ditempat saré. Saha atuh ari nu bieu tarung jeung kuring? Ari ka lalaki batur tarung mah apal, enya tatangga, ngan pédah bajuna wungkul diganti maké sorban. Ret kana bilik, aya keris nyelap, panjangna kira-kira sajeungkal satengah. Ras inget kanu méréna, bakat ku haat cenah méré kanyaah bawana ti Cirebon. Naha éta kitu pakarang nu dipaké gelut téh? Lain percaya kanu kararitu, sanajan meunang teu ngabibisani, aya kalana jelema loba nu salah, malah muhit ka nu kararitu. Nu jelas tadi katémbong lamun enya éta, geus ngilu bébéla, mudah-mudahan wé lain pikeun ngipisan iman, tapi keur ngandelan iman. Teu aya deui nu langkung kawasa iwal ti Gusti Nu Maha Maha Suci, Nu ngajaring urang beurang jeung peuting.

Waktu geus ngagayuh ka waktuna Magrib. Awak beberesih sanajan ngan ukur ku elap baseuh. Kodomang ngadongkang ubar nu nyampak dina méja. Lep-lep sababaraha hiji, dituturkeun ku cai hérang. Barangdahar mah acan sabaraha, matak awak karasa leuleus kénéh. Jeung apan deuih ku doktor rada dicegah, barangdahar téh hususna nu ngandung sabangsa tipung kudu rada dikurangan.

Kakara gé rék golédag ngagolédag deui, aya nu ngaharéwos kana ceuli duanana.

“Ulah saré waé kudu taki-taki,” ceuk nu ngaharéwos kana ceuli beulah kénca.

“Lah baé, aluk mah sampeurkeun jelema tadi téa, tangtang sakalian!” ceuk nu ngaharewos beulah katuhu.

Astaghfirullaaharazhim, alladzi laa ilaaha ilia huwal hayyul qayyuum, wa atuubu ilaih.***

 

Saung Anggrék, Subang, Pertengahan November 2014

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Sopians

Kang Maman urang miboga pusaka lain rek dipupusti mung ngajadi ciri patalian nu ngahiji antara urang nu hirup ayeuna jeung para karuhun nu baheula

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: