• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Lamun kuring bisa ngapung

Kénging Dian Wulan
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1421836599.jpg [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]

Girimis ngepris kénéh sésa hujan pabeubeurang, diaping hiliwir angin soré nebak awak.  Rossa  anteng ngahaleuang dina headset, maturan haté nu liwung. HP ngagolér luhureun méja leutik, gigireun korsi nu didiukan ku kuring. Tepas imah karasa hégar. Hawa tiis, nyecep, tapi haté asa haneut. Haneut ku kanyaahna Kang Brata. Kanyaah nu diawurkeun kana unggal juru-juru jero haté. Hanjakal, kanyaahna halimunan.

Isukan. Isuk-isuk, Kang Brata ngajakan ulin. Hayang ngajak Ningrum ka pilemburan pokna téh. Sakali kalieun  wawuh kana suasana lembur manéhna, ulah idek liher di kota baé. Hayang ngawawuhkeun kuring jeung kahirupan manéhanana, tempat dumuk ti barang brol nepi ka kiwari. Sms-na can dibales. Diantep. Can aya pikeun pijawabeunana. Eusina ngagoda pisan. Ngagoda, nitah ketug jajantung sangkan leuwih ngagancangan. Ngagoda pikeun biluk kana haté nu rébo ku kacinta.

Enya ogé urang lembur, sikep Kang Brata mah, da ngota. Tata-titi basana, paromanna, ogé paripolahna nétélakeun urang lembur nu nyakola. Meunangkeun pagawéan di kota, nya sakantor pisan jeung kuring. Unggal poé didugdag. Paribasana téh méh kasampeur duanana. Nya gawé, nya pangabutuh urang lembur kaanteur ku pangabisana. Da cenah salian ti gawé di kota, manéhna ge sok ngajar di lemburna. Sakapeung sok ngarahuh, babakuna mun geus karasaeun capé pisan. Hayang boga paragi reureuh di kota cenah.

Mimiti deukeut téh basa kuring katohyan keur anteng nulis sajak dina tablet. Sarua cenah manéhna gé resep kana sastra. Ti harita jadi remen ngirim kalimah-kalimah éndah jeung tulisan fiksina kana email kuring. Kataji ku tulisanana nu nyastra jeung ngeusi.  Betah mun keur macaan tulisanana téh, sok poho kana waktu. Mindeng patalépa élmu jeung pangabisa ngeunaan sastra. Manéhna leuwih onjoy, loba pisan pulunganeunana. Ti dinya beuki deukeut, beuki raket.

Salian ti ngirim sajak téh, Kang Brata mindeng curhat ngeunaan pasualaan rumah tanggana. Teu pati teuing dipaliré. Mun seug kuring keur ngadepongan komputer, mindeng kapanggih maling rérét. Sok tuluy paadu teuteup. Teuteup nu bisa ngendagkeun jajantung. Sakapeung sok hayang ngaheureuyan, naha bet melong? Bogoh nya? Ngan tara wani pok. Ah teu dianggap nanaon, da euweuh rasa. Enya ogé kuring resep, teu dibarengan ku rasa nu leuwih. Asa ka lanceuk wé, teu jauh ti kitu.

Teuing poé harita mah bet aya ku béda. Basa kuring teu maké baju batik dina poéan Juma’ah, sakumaha ilaharna di kantor. Baju saragam batik nu ngan hiji-hijina téh baseuh, diseuseuh urut kalunturan.

“Naha teu nganggo batik?” Pokna basa pasangrok dina lift rék ka rohangan gawé. Nanyana dibarung imut, nu ngageterkeun lulurung haté.

“Nuju diseuseuh, Kang,” cék kuring téh bari males imut. Lift muka. Tuluy muru rohangan kuring, jeung manéhna ogé.

HP disada. Sms. Bray dibuka, barang diuk dina méja kerja bari nyanghareupan komputer. Ti Kang Brata.

“Moal bendu pami dipangmésérkeun ku Kakang?” Aya geter nu béda jeoeun dada basa maca sms- na, Ah, naha bet kieu, boa-boa ngan kuring nu kaisinan. Diantep. Teu dibales. Pareng istirahat manéhna nyampeurkeun, ngajak balik bareng, cenah urang nyimpang heula ka toko néangan baju batik téa.

Dua bulan raket jeung Kang Brata, kakara peuting ayeuna ngarasa simpé. Ti isuk euweuh kabarna. Biasana sanggeus solat subuh pucunghul sms munggaran, ngébréhkeun kasono. Balik ti kantor, nyambung teteleponan bada magrib. Ayeuna geus wanci maju ka peutingkeun bet lebeng, euweuh kabarna pisan. Pédah poé Saptu kitu, weekend, ramé di imahna, atawa indit liburan sakulawarga nepi poho ka kuring. Trét nulis sms. Nanyakeun ka mana waé sapoé ieu. Buru-buru dihapus, cancel. Asa géngsi miheulaan ngasms, kuduna gé manéhanana nu ti heula. Tong kéna-kéna bareng jeung pamajikanana sapopoé, kuring disapirakeun. Gutrut deui nulis, Nuju naon? Dihapus deui. Trét deui, Sono. Cancel deui. Teuing hayang nulis naon ieu téh. Hayang na mah itu nu ngasms. Hayang manéhna nu ngabejaan. Haté sono. Peuting asa ku simpé. Bet aya timburu nu sésélékét jeroeun dada.

HP nyoara. Bray dibuka. Sms ti manéhna, nyambung rasa sigana mah.

“Nuju naon? Kakang sono.” cenah. Geuning sarua, rasa teu nyalahan.

“Sami, nuju sono.” Balesan singket.

“Ka mana waé sadinten ieu?”

“Bébérés dirorompok, mani asa capé.”

“Kadé tong capé teuing, bilih teu damang. Kakang hariwang.”

“Kakang, ka mana waé sadinten ieu?”

“Ngalembur.” Singket. Naha ngalembur, pan aya peraturan anyar; karyawan sabisa-bisa ulah ngalembur, keur ngajaga stabilitas perusahaan.

“Ngalembur di kantor? Pan teu kénging.” Asa panasaran.

“Sanés. Ngalembur wé sareng Mamahna.” Awak karasa nyéak. Haté nyongkab. Teu hayang malesan deui. Lung, HP dibalangkeun kana kasur. Gebut, awak dibeubeutkeun satarikna.

Isuk-isuk saget dangdan, rék nohonan ondangan kawinan babaturan, sobat dalit pisan. Meunangkeun diréktur perusahaan otomotif. Satadina mah rék ngajakan Kang Brata, tapi sangeuk. Rasa geus katalimbeng timburu nu lain hakna. Papakéan jeung dangdanan dibédakeun ti sasari. Komo ieu nohonan ondangan di gedung. Gegedén wungkul nu bakal daratangna ogé. Nangtung hareupeun eunteung satangtung. Awak dibungkus ku dréss warna wungu ngebat nepi ka mumuncangan. Leungeunna semet siku. Buuk disanggul modérn. Beungeut dipulas.

“Geulis manéh téh, Ningrum.” Gerentes haté.

“Enya, tapi kageulisan téh lain dipaké ngagoda salaki batur.” Haté némbal.

“Na da lain ngarebut. Manéhna datang sorangan.”

“Antepkeun!”

“Da karunya, diharé-harékeun waé ku pamajikanana.”

“Ah éta mah alesan lalaki.”

Teuing atuh kudu kumaha. Ieu haté geus kabeungkeut pageuh ku galindeng asihna, karasa anteb nyeceb kana haté. Rasa nu hudang dina salah mangsa. Rasa nu eunteup dina salah tempat. Salah jalma. Tapi rasa mah teusingna  salah. Nu salah mah urang, salah nempatkeunana. Salah bet neundeun asih di tempat nu geus kapimilik  nu lian. Mun seug ditampik, ieu haté boa kumaha. Moal bina ti langlayangan kapakan, pegat talina.

Logika nitah pegat. Logika nitah enggeusan. Kapan geus karasa ku soranga, kumaha nyerina dipangduakeun kanyaah? Piraku teuing kudu nurutan Si Pikasebeleun mah. Rerebut salaki batur. Ngakukeun sekertaris jeung asistén pribadi, geuning nepi ka ngaasisténan saga-galalana. Dua taun wawuh jeung salaki, sapagawéan. Harita salaki kakara unggah jabatan jadi manager lapangan, nu tugasna mindeng ka luar kota. Ngontrol proyék nu aya di sakuliah wewengkon Jawa Bali. Dipasilitasan sekertaris, nya awéwé tolohéor téa. Nepi ka salaki kaeurad ku panggodana, katarik ku pangasihna. Tega ninggalkeun kuring. Caduna ogé moal hayang deukeut jeung salaki batur. Palaur. Inggis ku bisi, rémpan ku sugan. Bisi poékeun. Kabawa ku sakaba-kaba. Karasa peurihna nepi ka ayeuna. Haté gudawang lain meumeueusan. Asa disapirakeun. Dipangejatkeun ku salaki. Ceuk batur mah, untung can boga budak. Pikeun kuring mah euweuh untungna. Sarua peurihna. Sarua nyeri hatena.

Tapi ayeuna, naha bet kieu? Naha rék ngarempak papagon sorangan? Ka mana cadu nu baheula, nu kungsi cicing pageuh dina diri. Naha rék léah ku kanyaah nu halimunan? Téga nyinglarkeunana?  HP nu ngagolér dicokot. Layarna diusap. Bray sms ti Kang Brata, dibaca deui. Nungguan balesan pangajakna. Ka lembur, manggihan kolotna. Trét ngamimitian nulis. Reg eureun, ngarengkog. Tulisan nu tinggal ngirim dipupus deui. Tarima entong? Haté sabil. Rasa pagaliwota jeung logika, embung silih éléhkeun.

Ku hayang bisa ngapung. Rék melesat ngambah jomantara. Hayang nyumput tukangeun méga, ngarah teu tepung jeung manéhna. Hayang mubus  jeroeun méga hideung. Nyumput tina panénjo sasaha. Hayang ucang-ucangan dina méga bodas. Rék ngawaskeun ketak manéhna lamun ditinggalkeun ku kuring. Ku hayang bisa ngapung, mapak awang- awang, nu legana tan ambahan.     

Girimis ngerepan. Langit nu kareumpeukan méga kulawu, hésé puyarna. Perawan Cinta nu dihaleuangkeu ku Rossa, wanoja urang Sumedang  ngagendrung kénéh dina ceuli sumarambah kana bayah, gumulung dina jajantung.

Naha kudu nyalahkeun diri, mun kuring miasih anjeun

bongan geus aya nu boga.

Ngarasa diri parawan, nu hanaang ku kacinta. ***

 

Panglawungan 13

Desember, sesa 2014

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: