• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Angin Tepiswiring

Kénging Ecep Yuli Sukmara
Kintun kana Facebook

Poé ieu barudak rék mulang deui ka kota. Geus tilu poè Si Cikal jeung kulawargana aya di imah. Matuh èta tèh mun keur poè perè atawa boga waktu luang tina kadinesanana. Bagilir jeung kulawarga adina. Malah asa leuwih remen  ayeuna maranèhna  ngalongokan kuringna tèh. Komo sanggeus indungna tilar dunya.

Di buruan mobil warna hideung kaluaran taun panganyarna ngajugrug. Katénjo  aya nu keur bèbèrès babawaan. Sora panto bahasina ditutupkeun deui.

 “Kadè binih kembang bilih kakantun sareng  taneuh gemukna, Mang !”ceuk minantu  nyampeurkeun Mang Aja. Kuring  jajap maranѐhna ka buruan imah. 

”Parantos Ndèn,”walon Mang Aja pondok, bari tuluy  leumpang ka pipir, muru hanca pagawèannana. Kawasna mah menerkeun doran pacul titah kuring tadi.

“Mang  geus bener gagang pacul tèh ? Lebah makam mani geus bala,” ceuk kuring, mèmèh Mang Aja ngoloyor deui ka pipir  imah.

“”Badè dihanca deui manawi,” jawabna pondok

Teu kungsi lila solongkrong  saanak incu sasalaman ka kuring .

“Amih tèh panceg sataun tilarna nya ? Supados Apa aya batur pakumaha,sareng  aya nu ngawulaan, kumaha kintenna Apa aya maksad deui ? Atuh abdi janten reugreug  ngantunkeun  Apa di dieu. Upami Apa teu aya maksad linggih di kota deui mah. Sanès teu percanten ka Embi Aja sareng Mang Aja, “ ceuk Si Cikal, mèmèh asup kana mobil.

“Teuing atuh can purun, keun waè da aya nu ngabaturan ayeuna mah. Lain sasaha, maranèhna tèh masih katalian baraya. Jeung geus betah wè Apa cicing di dieu tèh,”walon kuring. 

Barina ogè can karuhan meunangkeun nu siga anjeun. Piraku Akang rèk tèga, ari keur susah babarengan ayeuna geus senang rèk mopohokeun, sanajan geus euweuh dikieuna ogè. Teu kedal, ukur na hatè.

“Daaah Engki!” ceuk incu bari leungeuna di acung-acung ngulang-ngulang wawayangan tina daun sampeu.

“Daaah! “ Cék kuring nurutan babasaan maranéhna. Leu ngeun gugupay , mobil ngageuleuyeung  dituturkeun ku paneuteup, nepi ka lesna.

Kuring terus ngorèlèng ka pipir  imah. Sakalian maraban piaraan, laha-loho ka sisi balong nénjo cai ngemplang laput pingping. Mokaha asa teu bèak-bèak kani’mat nyaksian anak sepat,tawès,katut jaèr nila tingkocèpat tingjaleprèt. Mun anak jelema tèa mah tayohna keur arulin silih udag ucing ucingngan,sakapeung bring ngalabring ngabubuhan. Lung diawuran parab. Rob parebut bakatul . Ti dinya tuluy lolongok ka kebon. Sugema nénjo tapak gawè teu mubadir. Sampeu, kacang, jagong, hui, renung barijil sirung. Sawah reuma  kitu deui.Tinggal nèangan waktu nu mustari pikeun metik hasilna. “Emh, hanjakal, kabagjaan ieu tèh jadi milik kuring sorangan  Kuduna mah  Si Jenat ogè ngilu ngarasakeun.

Beres ti kebon, tara ka mana deui,  ngoréléng téh ka makam jenatna. Bari anteng  ngarabutan jukut nu ngahunyud luhureun makam, ras inget mangsa dines, keur aya manèhna kènèh. Harita barudak keur meujeuhna biayaaneun. Si cikal kuliah di paguron swasta, anu waragadna lain saeutik. Adina nu awèwè kelas dua SMA. Lamun ngandelkeun gajih  kuring  wungkul mah  keur biaya hirup sapopoè ogè seuseut seuat. Keur nutupan pangabutuh kapaksa unjam injeum ka koperasi guru. Ka bèh dieunakeun, meunang gajih juta juta tèh  ngaranna wungkul.  Pangajina mah èlèh ku ratus rèbu barèto. Menyat  tèh tisaprak meunang Sèrtifikasi.  Sanajan ukur sababaraha kali ogè da kaburu eureun dines.  Teu pati baluweng teuing ayeuna mah mun rèk ngabagikeun tabungan barudak.

Bageur boga pamajikan  tèh, maké jeung hayang ngabantuan panghasilan salaki. Bari jeung tik-tik brek gè hayang dadagangan sagala. Manéhna dagang sabangsaning papakèan jadi. Ari masarna mah ngan ukur tilu poè dina saminggu di pasar Kojèngkang, Saenyana mah tapis kènèh kana tatanèn manèhna mah lain kana dadagangan. Pedah wè imah tèh  perenahna  aya di wewengkon kota anu rarupek, jeung sareukseuk, patètèèp. Gang mani sarempit, teu asup bèca bèca acan.Teu karasa ngeteyep umur tèh geus ngadeukeutan genep puluh taun.

“Kang upami akang rèngsè tina tugas mah kahoyong tèh urang mulih waè ka lembur, urang ngadon ngahening ngolahkeun pakaya di lembur. Naon  deui padamelan. Pangsiun atos atuh barudak alhamdullilah tos rarabi sareng malotèkar,” cék Si Jenat tilu poè mèmèh kuring diistrènan pangsiun harita tèh.

Anyaran pangsiun mah kuring gè  asa euweuh cabak. Kadangkala ngarasa kesel ngarumas kènèh. Tuman biasa indit gawè, ayeuna ulukutek di imah. Kawantu can lila ditinggalkeun ku nu di imah. Beuki waè nguluwut hate tèh bèrag deui  sanggeus ngalaksanakeun amanat Si Jenat nu can cumpon  pikeun mulang ka lembur.

Inget kènèh kana kasauran dunungan harita waktu acara ngistrènan para purnabakti.

”Nu mimiti kasawang ku urang, mun mireng kecap pangsiun atawa pangsiunan, taya lian ti mangsa reureuh, leleson dina kaayaan ngahenang- ngahening. Mancèn gawè geus rèngsè keur rèsiko sapopoè tinggal nyokot ka kantor pos. Jatah pangsiun geus tangtu katarima ti nagara. Sawarèhna nu katarima dibalanjakeun ka pasar. Atuh datang ka imah tèh rèbo  ku babawaan. Ngabaheuhay dina korsi bari nungguan patih goah olah-olah, brak dalahar, duaan wè, da anak-anakan geus marisah. Atuh dina hal ibadah jongjon geus teu karobèda ku tugas. "

Nu karasa benerna caritaan dunungan téh, utamana urang kudu nyiapkeun mèntal jeung kaparigelan. Ulah kajadian pangsiunan nu bingung  pilakueun, nunggu-nunggu béakna sèsa umur luntang lantung teu puguh laku. Strès ku lantaran  teu kungsi nyiapkeun diri pikeun ngarobah sikep jeung kalakuan. Tina pinuh kasibukan kana nu taya kasibukan, nepi ka katerap post syndrome.

Mulang  diistrènan  bada lohor harita tèh, hatè  bet ngadak-ngadak teu ngarareunah. Di biwir gang jajalaneun ka imah kuring, aya mobil Ambulan ngajugrug. Indung barudak mulang ka kalangenan, taya iber ti méméhna. Wangwangan rék duaan ngahenang ngahening di lembur, musna saharita. Angin tepiswiring nu diajam bakal ngupahan awak duaan tina kahareudang dunya, ukur tinggal lamunan.

Moal geulis, Akang moal néangan nu maturan méakeun sésa umur. Kabéla anjeun, kadeudeuh anjeun, moal weléh ngan teng dina ingetan. Sora haté ukur kadéngéeun ku angin leutik pasisian nu ngahiliwir. Asa aya nu ngeclak maseuhan juru panon, basa leungeun ngusap tungtung padung.            

”Ieu paculna tos bèrès dilelereskeun, bilih badè dianggo mah!” Mang Aja ngagareuwahkeun panineungan, teu kanyahoan iraha datangna. ***       

Ciparay 2014 Panglawungan 13

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: