• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Basa Sakura Kembangan

Kénging Tety S. Nataprawira
Kintun kana Facebook

Haté Campaka ngalenyap. Reuwas, ngadéngé BB-na disada. Basa  aksarana dibaca, horéng lain ti nu diarep-arep. Rét kana jam tangan antikna. Satengah jam deui, gerentesna. Sakapeung karasana kawas nu nyérélék waktu téh, sakapeung siga nu léléda. Ayeuna mah asa keur kacida lilana. Campaka keur nungguan nu geus paheut  jangji rék datang.

Paneuteupna pindah ka luar, tina jandéla kamar hotél. Téténjoan keur meujeuhna éndah. Kembang sakura mangkak dimana-mana.
‘Hanami’, cék Kimie sobatna, mangrupa acara atawa kabiasaan nyaksian laligarna kembang sakura di nagri manéhna.  Ayeuna gé Campaka aya di dinya. Pikeun nonohan jangji nu luar biasa penting, pikeun dirina. Keur haténa. Haté indung nu marudah salila tilupuluh taun.

Kungsi kaimpi-impi, hayang bisa nincak deui ka nagri ieu. Nagri nu geus mulas lalakon hirupna. Sanajan ngan saulas, tapi getih nu ngamalir, nu ngagurat dina tapakna moal laas, moal leungit. Campaka moal bisa nolak kana kanyataan éta. Di dieu kasadaran téh datangna. Campaka sadar yén kalakuan kitu téh salah. Manéhna dirawu ku Juragan Ageung, hiji pengusaha nu miasih dirina. Sanajan jadi pamajikan kadua, Campaka eureun tina nircana, boga salaki ka nu daek nyait dirina. Ti manéhna  Campaka boga Adrian. Hanjakal cinta téh dipaksa pegat ku kaayaan. Ukur dua taun manéhna manggih bagja rumahtangga jeung manéhna. Salakina mulang ka kalangengan.

Gék Campaka diuk dina korsi rias hareupeun eunteung. Rét kana kalangkang dirina, diteuteup salila-lila. Kalangkang  wanoja tengah tuwuh nu masih kénéh atra geulisna. Bubuhan hadé urus jeung kasuwuk, ku haté jeung pikiran nu salawasna senang. Nyéh imut, pipina kempot, manis. Taya sari-sari umurna geus leuwih ti lima puluh taun. Halisna rapih, teu éléh ku halis nu meunang nyulam. Irung bangir, cela jeung bulu panonna nu centik jeung gomplok, éstu nyurup teu pasalia, ngahiji dina sorot  nu liuh tapi narik ati. Sanajan geus aya nu ngelemeng warna semu coklat dina biwir panon handap na, tapi teu bisa ngébréhkeun umur Campaka nu sabenerna.

Manéhna dangdan, hayang sugema, hayang sampurna. Hayang némbongkeun yén manéhna lain Campaka nu keur ditéangan ku nonoman nu ngaran Andrian. Nonoman gagah, kasép. Ti sababaraha bulan ieu geus paheut jangji hayang papanggih.
Ngahaja Campaka aya paménta, ngajak patepung di hiji tempat nu euweuh patalina jeung kahirupan sabudeureun Andrian. Bisi kaambeu ku balaréa. Lantaran Andrian lain nonoman samanéa. Sarua, kawas lalaki séjénna nu biasa larsup kana kahirupan Campaka, tara aya tamu anu joré-joré.

Haténa diteger tegerkeun. Sabab keur perang sabil. Ngananaha. Ku naon bet keukeuh rèk neundeun rusiah? Kapan Adrian teh anak nu lahir tina pernikahan syah. Tapi saha nu rék jadi saksi. Apan bapana Adrian geus tilar dunya. Hanjakal manéhna kudu anrub deui kana dunya nu baréto. Da ti mana néangan pangupa jiwa? Jeung saha nu daék narima dirina? Geu kapalang ancrub dina leutak kahirupan.

Manéhna karak engeuh ayeuna, jeroeun haté leutikna, aya rasa nu teu bisa dibobodo. Campaka moal ngaleuleungit yén boga anak. Hanjakal, kaayaan can ngidinan pikeun nembrak. Rumasa, manéhna lain indung nu pikareueuseun. Nu matak ti béh dituna, geus omat-omatan ka Anti, indung kukut Andrian, sangkan angger ulah betus. Kabéh nu aya patalina jeung kasang tukangna, ku Campaka geus diheumpik. Sina cicing nepi kana wates nu can katempo. Andrian ulah sina nyukcruk galur kasang tukangna. Iwal, mun manéhna geus teu aya. Sararéa nu boga kapentingan, sapuk, sabada sakabéh pangabutuhna, geus dicumponan.
Tapi, naha haténa ayeuna marudah, asa rék teu sanggup? Rék panggih jeung manéhna. Bungah, liwat saking. Tapi apan ulah ngaku.
Reup panonna peureum, ngarasakeun ni’matna kabagja nu awor jeung kahandeueul. Campaka, moal bisa wakca yén bener manéhna, indung Andrian nu keur di téangan tèh.

Rét deui kana erlojina. Duapuluh menit deui kana jangji. Turun waé kitu ka lobi hotél ? Nungguan di ditu ? Campaka marojéngja. Asa hayang gancang turun. Tapi kapikir deui, mending ditungguan waé tepi ka aya nu ngetrok panto kamarna.

Bulak balik di kamarna, cilingcingcat teu bisa cicing. Selopna nu ditarétés  siga berlian, gugurilapan, titadi geus dipaké. Dilaan deui, asa lila kénéh, pikirna. Gég  diuk deui dina sofa di kamarna kénéh. Haténa ti tadi maido. Naha rék téga waé?  Campaka ruménghap, beurat.

Telepon kamar disada.

Musumé Campaka-san, anata ni okyaku ga imasu” Sora resepsionis, sopan pisan. Sanggeus dienyakeun, telepon ditutup.

“Nyonya Campaka, aya tamu." cenah tadi.

Tirilik sora BB. Rét, gebeg. Ti Andrian.

“Bunda, sapuluh menit deui, tepang di lobi “ BBM Andrian.

Campaka ngégél biwirna. Haténa mimiti sabil. Kuat kitu ? Atawa bedokeun waé panggih téh ? Enya, aing téh urut, alias ruruntuk   ‘Wanita Penghibur’. Gerentesna. Tapi teu kolu rék nyaruakeun dirina jeung tukang ngajualan cinta mah, sanajan haté leutikna, ngaku. Sarua.  Katingalina ‘terhormat’ sotéh pédah dibungkus ku dunya barana, diawur ku nu barutuh awakna.
Campaka ngarasa boga lépel anu teu sambarangan. Nu sok ngajakna, jelema boga pangkat. Campaka embung nyebutkeun ngaranna, ngaran nu geus ninggalkeun tapak puluhan taun. Keun waé. Orok nu lahir tina rahimna, ngan manéhna sorangan nu apal saha bapana. Adrian mah anak syah Juragan Ageung. Hanjakal manéhna gé ukur jadi nu kadua, dibuni-bui teu meunah geruh. Orok téh lalaki. Teu hariwang. Paribasa teu kudu néangan wali.

Mosumé Campaka-san. !” Gebeg, Campaka ngarénjag. Ngadéngé ngaranna digeroan ti lawang panto kamar, nu  ti tadi geus dibuka ku manéhna, saméméh diuk deui dina sofa. Bieu nu ngetrok téh, bet ngagareuwahkeun.

“Iya, iya, Ibu turun, “ témbalna. Gusti, paparin abdi kakiatan, gerentesna. "Panuhun, sakali ieu abdi nyuhunkeun dipaparin kakiatan, jeritna dina ati, bari nahan peurih jeung lewang, Sieun teu kuat nyanghareupan pamaido, sasat ti anak sorangan.

Campaka ka luar ti kamarna. Lalaunan turun mapay tangga nu ngaringkel, lega tur diamparan karpét beureum nuju ka lobi. Ngahaja embung kana lift. Ngarah leumpang rada lila. Rék netegkeun haté, nu kamarina geus gilig. Apan geus lila rencana papanggih téh dirancang.
Ti saprak aya béja ti Indung kukut Andrian, yén budak nu kiwari geus sawawa, keur maluruh.
Cenah, lantaran di kantorna, aya bèja nu ngaruag citra na. Padahal budak téh geus luhur pangkatna sohor ngaranna. Kari- kari aya selentingan. Cenah Andrian, nu dicalonkeun jadi jelema nomer hji di perusahaan raksasa téh, sabenerna anak tukang ngajual cinta.

Mimiti nanya ka Mamihna, ka Anti. Ras inget Andrian, Mamih téh Indungna. Anti, sobat Campaka nu ti baheula dipasrahan, bingung jeung panik. Lantaran geus nyaah. Puluhan taun ngurus, nyakolakeun, mikahèman. Tetep mertahankeun akuan, Andrian anakna pituin.
Tapi teu bisa kukumaha sanggeus Andrian nyodorkeun hasil tés DNA, nu rerencepan dilaksanakeun maké sampel nu aya. Buuk Anti
Ti keur SD, SMA, Mahasiswa, geus kaciri èta budak tèh pijadieun. Basa keur leutik nanyakeun Bapa, dijawab geus teu aya. Mamih teu nikah deui, jeung mèmang tos pahatu lalis. Kitu pokna. Anti yakin, hiji waktu Andrian bakal maluruh lalakon hirupna.
Hiji waktu, jawaban nu basajan moal rèk katarimaeun ku anakna. Ayeuna kabuktian, pikir Campaka.

Calon nu sejenna kawas nu mobok manggih gorowong, waktu manggihan fakta yén Adrian boga riwayat kulawarga nu goréng. Kanyahoan, Indung Adrian téh lain Ibu Anti, lain awéwé bener. Tapi, Campaka, nu boga nasib jadi awèwè nirca. Sanajan kasebutna kelas 'jet-sèt' ogè. Angger lain wanita terhormat.

Meunang isu kitu, tim suksésna ngajenghok, di lapangan sahéng béja. Kareungeu, tepi ka jeung aya nu boga bukti, yakin, Adrian Pancaséna lain picaloneun nu hadé. Hatè Campaka nyèrèsèt. Nyeri, ngarasakeun kabagjaan nu jadi anak, kapahung ku nasib dirina.

“Andrian, hampura Mamah, bageur !” Gerentesna.
Tapi ukur langit nu ngadéngé jumerit haténa.

Campaka geus gilig, moal ngabetuskeun. Mun ngabetuskeun, tinangtu bakal leuwih hanjakal. Bakal ngagejrètkeun martabat anakna.
Rék angger sina kitu, saperti sekénario. Yén manéhna lain indungna. Indungna mah apan Mamih Anti. Perkara geus di tés DNA, teu masalah. Gampang, disebut salah ogé bisa waè, ku waragad mah.

Rarancang gawé geus bérés. Tepi ka poé ieu bisa laksana diséting patepung di Nagri Sakura, di Kyoto. Kota nu baheula kungsi jadi tempat pangreureuhan manéhna jeung salakina. Dina sekénario, Campaka ngaku ayeuna mukim di Kyoto, sanggeus salakina maot. Kabeh urusan Campaka jeung Andrian, aya nu ngawaragadan. Campaka ngarandeg leumpangna. Dina tungturunan tangga, nu tinggal sabaraha léngkah deui ka Loby.

Ngarérét kana kaca sakurilingeun rohangan. Gambar manéhna nangtung dimana-mana. Di unggal sisi jeung juru da puguh saperti sababaraha diménsi. Wanoja tengah tuwuh, geulis kénéh, anggun. Pantes pisan jadi Indung Adrian. Moal ningnang.
Tapi inget kana skenario. Manéhna ngarénghap jero. Netepkeun dirina, kudu ngaku urut babaturan indungna nu disebut Mamih-Anti. Lain manéhna nu kawéntar ngaranna, Campaka. Taya nu bireuk ka Campaka, ngaran lalandihan didunya selebritas rumeuk. Matak teu hésé pikeun Andrian hayang ngabuktikeun téh. Tinggal nitah jeung ngawur waragad. Kabuktian, sanajan bari rerencepan manéhna tést DNA jeung Indung kukutna, euweuh indikasi gén nu sarua.
Tilu taun cenah Adrian nalungtikna. Laporanana tepi ka  Campaka, aya nu nitah Pangacara nguruskeun.

“Bunda, abdi tos di café payuneun Kolam Renang “ Bbm, ti Adrian.

Campaka ngarérét ka beulah kénca, aya loby. Peuntaseunana, teras. Nyanghareupan Kolam Renang. Can tepi kana méja nu dituju, BB disada. Campaka néangan korsi sofa nu kosong, gék diuk didinya. BB dtingali deui. Campaka maca pesan nu asup.  

“Andri yakin, Bunda indung  abdi, Juragan Ageung bapa abdi. Abdi hoyong sujud dina dampal sampèan Bunda.Wios saur batur, bunda Campaka tèh saha. Andri hoyong ngangken indung. Sanaos  teu kapilih janten Direktur, langkung bagja janten anak lalaki, nu nembé pendak sareng indungna. Anteur Adri nepangan makam Bapa."  Personal Message na panjang lebar.
Haté Campaka ngarakacak. Skènario nu geus asak saharita jadi lèèh. Ngalèmbèrèh. Hatèna tumanya, naha bet teu wasa rèk ngantep anakna nu sakiru ridona? Paneuteupna ngabalieurkeun kapeurih, ka luar.
Di Luar, sakura keur meujeuhna ligar. Éndah. Langit Kyoto ngadadak karasa angkeub, hawa musim semi nu seger asa robah jadi bayeung yang, matak hareudang.***

Bandung, Panglawungan 13.

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: