• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Asa Dina Pangimpian

Kénging Tuti
Kintun kana Facebook

Asa kagunturan madu, meureun pibasaeunana. Ardi anak kuring katarima ka paguron luhur nu kasohor. Bungah kacida. Kasusah nu séjén asa nyarisi, malah kacapé gé ngadadak musna. Seuseuheun numpuk, kumbaheun ngaleuya, di imah pabalatak. Urut tadi ngawadahan kiripik, aya pesenan ti Surabaya. Naon atuh nya nu kudu diheulakeun, mending bébérés heula baé kitu? Panto dapur ditutupkeun heula bisi aya ucing asup. Léos ka kamar budak, geus beresih, tempat saré  bérés, rak buku bérés.

Kayungyun budak téh. Ti bubudak nepi ka ayeuna asa can kungsi ngarungsing. Ayeuna geus jalugjug ngala ka bapa. Perbawa kabungah, kawasna, bet jadi rus- ras ka mangsa lawas. Keur munggaran tepung jeung Kang Ija, Keur munggaran balaka yen aya cinta dina waruga duaan. Dalapan welas taun umur Ardi téh. Beda sataun jeung titimangsa kuring kawin ka bapana. Tepung jeung manéhna basa kuring pancén gawé di toko  sapatu. Sarwa kabeneran. Teu ngahaja néangan pijodoeun, éstuning datang sorangan. Kuring keur mémérés sapatu pajangkeuneun dina étalaseu, harita téh. Srog aya awéwé mamawa sendal. Cenah hayang sendal modél kieu, nomor tilu puluh dalapan, didagoan di kasir. Aya pembeli langsung ka kuring, atoh nataku, lantaran bakal meunang bonus.

Léos ka gudang rék néangan sapatu anu kodeuna dipikahayang ku nu meuli. Sapatu nu dipesen geus aya, langsung dianteurkeun ka kasir. Nu rék meuli sapatu geus ngadagoan. Nu tunggu kasir bos kuring sorangan. Aya duaan di kasir téh, duka jeung saha da sarua lalaki. Geus nganteurkeun barang pesenan, léos kuring ka hareup, rék nuluykeun hanca gawé. Teu lila jol deui lalaki nyampeurkeun, Manéhna teu nanyakeun barang dagangan, kalah nanyakeun geus sabaraha lila gawé di éta tempat. Bosna bageur teu, cenah. Euweuh gawé sugan jelema téh, nananyakeun bos bageur henteuna. Paduli teuing rék bageur rék henteu  euweuh urusan. Cék haté sotéh, da ari pok mah lain kitu.

‘’Alhamdulillah bos abdi bageur,’’ témbal kuring. Asa jelema nu tadi di kasir.

‘’Ku naon, Néng, aya nu lepat?’’ Cék manéhna bari rurat rérét kana bajuna.

‘’Eueuh henteu,’’ témbal kuring arap- ap areupeup. Era, katohyan keur mencrong.

"Eta ningali waé?’’ Pokna malik nanya.

‘’Nuju ngémut-ngémut, dupi Bapa, anu tadi di kasir sanés?’’ Cék kuring tamba éra.

‘’Sumuhun abdi. Tapi tong nyebat Bapa atuh,’’ témbalna.

‘’Manawi aya nu tiasa dibantos?"’Kuring nyalenggorkeun omongan.  

‘’Nuju milarian sapatu kanggo damel, nu kumaha nya?’’ Pokna deui.

‘’Ooh, cobi ka palih dieu, mangga tiasa milih seueur modélna, upami warna mung aya dua warna, coklat sareng hideung.’’ Kuring aléwoh sorangan, da kitu kuduna, pelayan mah.

Mun teu salah mah saminggu ti harita, geus jol deui waé lalaki  nu néangan sapatu keur gawé téa, ngobrol uplek deui waé jeung bos. Naha éta lalaki téh isuk kénéh geus datang ka toko. Bangun nu layeut jeung bos teh, dulurna kitu? Tapi, ah, lain dulurna éta mah, kuring ogé apal ka dulur-dulurna bos mah.

Keur anteng mikiran. kuring digeroan ku bos. Ditunggu di kantor aya perlu, pokna. Teg, haté reuwas asa boga dosa. Rumasa kuring ti tadi malaweung baé, Boa bos merhatikeun. Nepi ka teu apal balikna, ka eta lalaki gé.

‘’Sok asup Yun,’’ ceuk Bos bari nuduhkeun kana korsi. Basa kuring ngajengjen luareun panto.

Gék kuring diuk bari teu lémék teu nyarék.

‘’Ku naon Yun, gering? Asa lungguh kitu,’’ ceuk Bos.

‘’Teu, Pa. Abdi mah séhat.’’ Kuring héran, naha Bos nanya kitu. Atuh mun gering mah moal asup gawé meureun.

‘’Euuh, ieu mah ditanya kalah ngalamun,’’ Bos ngagareuwahkeun.

“Hapunten, Pa.’’ Kuring ngélémés.

‘’Langsung waé nya kana poko masalah, éh lain masalah kétang ieu mah sakadar nanya. Ari Yuni geus boga calon?’’ Pokna bari melong ka kuring, nu keur teu paruguh rarasaan.

‘’Maksadna calon naon, Pa?’’ témbal kuring malik nanya.

‘’Enya calon pisalakieun,’’ pokna deui pondok.

‘’Oooh éta. Teu acan atuh, pan saur Bapa ogé, karyawan di Toko Gurandil mah kedah anu lalagasan kénéh,’’ ceuk kuring bari neuteup bos nu keur ngomé HP.

‘’Nya alus atuh mun can boga calon mah, daék teu lamun dijodokeun?’’ Paneuteupna leleb ka kuring.

‘’Ah Bapa mah. Badé dijodokeun ka saha?’’ ceuk kuring bari tungkul.

‘’Ka babaturan. Inget kénéh teu nu kamari ngobrol jeung saya di kasir, tah éta jalmana nu rék dijodokeun jeung Yuni téh, ngaranna Ija.’’ Bos nambahan, cenah Ija téh budak soléh, budak bageur anak lalaki ngan hiji-hijina.

Kuring kajodokeun ka Kang Ija, tur geus boga Ardi sataun ti tas kawin. Asa cikénéh orok beureum diayun-ambing ku Kang Ija, ayeuna geus rék jadi mahasiswa. Bagja kuring  boga anak bisa asup ka paguron jugala, batur mah hésé béléké hayang asup téh. Beunang getol diajar téh aya hasilna. Milu tés UMPTN, langsung lulus. Sanajan kuring bari degdegan angot kudu nyanghareupan béayana. Teuing ti mana. ukur ngandelkeun gajih pagawé swasta panceg dina UMR. Matak kuring sok pirajeuneun ngajualan kiripik sampeu, usaha mantuan salaki, lumayan keur ongkos budak indit ka sakola. Untungna deui, adi beuteung bageur, milu atoh cenah boga alo pinter bisa katarima ka universitas favorit. Manéhna méré nginjeum duit sapuluh juta, keur mayar uang semester Ardi. Tah lebah dieu nu jadi pikiran keur kuring, poékeun asa nyanghareupan samagaha, rék ti mana mayarna, engké.

Golombrang! Di tukang sada aya nu murag. Boa ucing ngacak wadah kumbaheun, léos  ka dapur. Enya wé panci ngagubrag tina tumpukan wadah kotor. Beu naha aing téh nya, ngalamun mani kamalinaan. Panyakit dijieun ku sorangan, mikiran nu can karuhan. Anggur kudu bagja boga anak gedé milik, pinter, boga salaki nyaah, dulur bageur. Mikiran hutang mah moal aya tungtungna. Kuduna gé balangsiar keur mayarna. Sanajan sadar gajih bulanan Kang Ija moal picukupeun keur mayar kuliah, tapi moal weléh muntang ka Allah SWT, nu Maha Murah tur Maha Asih.

Imah geus bérés, seuseuheun geus dipoékeun, wadah geus bararesih. Tinggal mesékan sampeu keur kiripik, bahankeuneun ka adi beuteung. Cenah rék nganjang ka imah, aya piomongeun. Kiripik asak, bareng jeung datangna anu diarep-arep.

‘’Bagea. Kabeneran tah, Ceuceu karék bérés ngagoréng, jeung saha kadieu Na?’’ Kuring ngabagéakeun nu datang.

‘’Nyalira wé, Ceu Yun. Alhamdulillah pangésto, kumaha sawangsulna, Ceuceu, damang?’’ Ceuk Nana, bari ngasongkeun leungeun.

‘’Alhamdulillah Na, Ceuceu séhat. Sok tah cai heula, bisi rék dahar? Tuh Ceuceu masak sambel héjo maké jambal roti jeung peuteuy,’’ témbal kuring.

‘’Kalerasan abdi nuju lapar,’’ témbal Nana. Bari jung nangtung, léos muru méja makan. Geus teu asa-asa deui, sok ngalas, celebek bareng dahar.

"Puguh, Ceuceu, abdi ka dieu téh aya peryogi. Tadi sateuacan ka dieu tos nyarios heula ka A Ija, saurna tepungan baé Ceuceu,’’ pokna teu diteruskeun.

‘’Ari kitu aya naon, mani asa rareuwas?’’ Kuring nanya bari neuteup Nana nu keur ngalimed, ngahanca alasna.

“Hapunten nya Ceu, artos anu ditambutkeun ka Ceuceu badé dianggo sasih payun. Kapaksa abdi ogé. Puguh saminggu kamari waktu abdi ka luar kota, abdi kamusibahan tabrakan maké mobil kantor. Abdi nu lepat, nundutan. Alhamdulillah abdi teu ku nanaon, ngan nya kitu kedah mayar ka béngkél, dua mobil nu reksak. Sakali deui hapunten abdi, Ceucue,” Nana sasadu sababaraha kali.

Méja makan pabalatak, piring, gelas kotor urut nyuguhan Nana can dipérénan, kiripik bungkuseun ngajugrug sajeblung. Teu hayang ngagawéanana, ras inget kana omongan Nana tadi beurang. Rék ti mana jeung kumaha kuring, ngayakeun duit sapuluh juta, jero sabulan. Rét kana jam, geus pukul opat. Boa Nana mah geus nepi, naha ari Kang Ija can embol-embol, teu karunya-karunyaeun ka pamajikan nu keur baluweng.

Guprak sada aya nu murag, kadéngéna sada ti kamar Ardi. Léos ka hareup rék ditempo. Gusti ucing nu tadi ngacak wadah kumbaheun asup ka kamar. Kawasna naék kana méja belajar, kawasna ngadupak piala, nepi ka muragna. Kuring kutuk gendeng sorangan, namplokkeun karungsing ka ucing, nu kakerem di jero kamar.

“Mamah, nuju naon di kamar Ardi?” Sora Ardi teu kanyahoan datangna.

“Euh, Ardi, tos uih geuning? Itu ucing lebet ka kamar Ardi. piala diragrageun nepi ka potong,” cék kuring bari ngeukeuweuk sapu.

“Nya, sawios atuh mah, ” cék Ardi bari diuk dina korsi belajar.

“Muhun,  teu kanyahoan,  aya ucing  lebet ka bumi.”

Ardi ukur neuteup. Aya nu seseleke kana haté, kagagas, sedih jeung reueus pagalo dina dada nu pangjerona. Leber temen boga anak sakitu pinterna, sakitu wekelna kana diajar, kudu ngaheunggeu pedah kolotna teu mampu. Kagok pibasaeunana status kuring teh. Kasebut beunghar mah jauh tangéh, tapi miskin mah teusingna. Moal kuat ngabiayaan kuliah anak téh boa, tapi asup kana golongan bidik misi mah mah moal bisa. Kumaha mun Ardi nanyakeun duit keur mayar. Kumaha pijawabeun? Tuh kaciri manéhna bangun rék nyarita.  

“Mah, alhamdulillah Ardi kénging béasiswa, janten teu kedah mayar uang seméster teh,” cék Ardi, bari imut. Teu bangun kaleuleuwihi bungahna téh, Antaré wé.

Kuring colohok, haté ngalenyap, piceurikeun kabungah asa nyandet dina tikoro. Asa dina pangimpian, budak nu cikénéh orok téh, geus jadi mahasiswa. Haté nu mongkléng cangra saharita. Budak digabrug, digaléntoran. Nuhun Kasép. Bageur. Pinter, cék haté. Teu wasa kedal, da kacandet ku piceurikeun. Ukur  nangkeup beuki pageuh. Ku hayang teuing geura tepung jeung Kang Ija, hayang nepikeun ieu béja, Hayang geura ngaharéwoskeun, kabagja haté duaan. Enggal mulih atuh, Kang.***     

Panglawungan 13           

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

abah aman

kanyaah nu jadi indung sanajan rumasa teu boga banda anu loba teuteup hayang merjoangken anakna. carita nu bakal kaalaman ku satiap jalma anu boga anak.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: