• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Rancatan Bi Asih

Kénging Onnok Rahmawati
Kintun kana Facebook

Genep taunan teu nganjang téh. Ti saprak Mamang ngantunkeun, katambah kuring nu lunta ngunyang kasab ka ranah séjén. Tepung jeung Bibi gé taun kali mangsa gempungan kulawarga wungkul di bumi Abah. Komo ka putra-putrana pet pisan, kana-kana sangli boa mun tepung téh. Nya kitu téa ari geus rarumah tangga teu ari balas erep waktu ku nguruskeun kahirupan séwang-séwang.

Teu burung sanggeus mapay jalan nu matak pateuh cangkéng jeung nyareri kana huntu ku jrag jrig jrugna, motor anjog kana jalan satapak nu bras ka buruan. Tariiseun. Piraku saruwung onamanan. Apan ku Ema tos diés-ém-és ti kamari mula kana ha-pé tatangga Ibi yén rék aya kuring nganjang. Jeungna deui saur Ema mah Ibi tara sing nyaba. Paling ka sawah ka kebon nu perenahna teu pati jauh ti imah. Moal hésé nyusulna. Uluk salam, keketrok. Sabada nu ka tilu kalina, kurunyung ti pipir imah. Ibi pisan.

“Ké,  sareng saha nya, sanés ti Ciamis mah?” Ibi kerung neuteup kuring.

 “Sumuhun Ibi, abdi Enur Bah Minta.”

“Alhammdulillah, Nyi Enur? Bagéa Nyai. Ka dieu ka lebet. Hampura, kieu geuning titingalian téh tos paor, Nyai. Ibi téh wangsul nyérédan balukang ti tukang.” Ibi bari tas sasalaman jeung kuring téh tuluy léong deui ka tukang  rék mukakeun panto tepas.

  “Assalamualaikum.” Ngabalénan uluk salam sabada panto muka.

 “Wa’alaikum salam. Gusti teuing mangalam-alam nya teu nganjang ka dieu.”

 “Sumuhun Ibi hapuntena baé nya, bedegong ka sepuh, bedegegong bakat.” Gék kuring diuk.

 “Adatana Nyai, Ibi ogé kapan sami. Milaur Euceu nu sok mindeng ka dieu, tibalik.” Nu dimaksud Euceu teh Ema kuring.

“Atuh Ibi téh kieu wé nya nyalira?”

 “Ih, duaan Nyai, apan si Udin nu bungsu mah teu daékeun tebih. Buburuh ka ditu ka dieu gé tara betaheun.  Ka mana ayeuna gé da aya cikénéh téh, duka mun marab embé mah kitu.”

 “Aéh sumuhun hilap. Tuda sareng Udin mah campleng genep taun panginten sabada Amang ngantunkeun wé harita pendak téh.”

 “Enya Nyai, duh ké sakedap urang nyandak leueuteun, teu gaduh nu anéh Ibi mah.” Ibi bari wancar-wincir ka tukang ka hareup susuguh.

“Ibi teu kénging kerah-kerih yeuh, atos cekap. Da sanés tamu ieuh. Isin ka dieu gé abdi téh sakitu mangtaun-taun teu nganjang teu sing ngabantun nanaon.” Bari nyodorkeun dus jeung kérésék babawaan nu tatadi teu kaburu baé disanggakeun balas kahalangan waé ku obrolan.

 “Naon atuh Nyai badé nganjang mah teu kedah bari ngémutan cunduk-candak sagala. Tos atoh pisan dirawun ku anak. Mung kieu téa apanan di Ibi mah abong di lembur pikaisineun.”

Susuguh réngsé. Gék Ibi calik. Obrolan ka hilir ka girang. Nu ahirna mah bras kana pamaksudan kuring datang.

“Ibi, sateuacanna abdi neda sihapuntenna anu kasuhun, sakalihna tina silaturahmi abdi ka Ibi, diémbohan ku badé ngaganggu. Muhun diangken baé kanamian umuranjang ka dulur téh ukur nuju aya pangabutuh wungkul. Atuh abdi tumorojog ka Ibi gé teu aya sanés aya nu dipimaksad pisan.”

 “Ih teu pisan-pisan kaganggu Nyai, bingah nu aya. Ibi nu ulah teu dihapunten bedegog ka nu anom. Mangga téh teuing  Nyai bade aya pikeresaeun naon?”

Kuring bingung. Sarua meureun jeung bingungna Ema mana salila mangtaun-taun ngantep ogé. “Ngiklaskeun méré mah Ema téh acan. Aya kaingetan baé sukur, henteu nya keun baé mana kitu gé can kadugaeun. Hidep ayeuna aya pangabutuh nu rusuh, Ema teu tiasa nulungan, bisi waé arék, jung maripih ka Bibi. Pangaji dalapan juta téh lain saeutik, sakumaha waé atuh ayana jang nambah-nambah.”

“Ih Ema, kumaha teuing engké atuh abdi nyariosna?”

“Numatak Ema gé rék nyieun surat, bikeun ku hidep sina diaos. Itung-itung badaratna. Da sing aya hupa-hapé ogé kolot mah teu bisa lah makena hayang jéntré baé ku surat. Sok baé engké ku Nyai di ditu sing lantip nyaur ka Ibi.” Kitu kasauran Ema. Numatak kuring lahaola.

Ngarénghap jero méméh prak ngalisankeun pamaksudan ka Ibi téh. Sabisa-bisa kudu malapah gedang kalayan samerenah-merenahna basa. “Kieu ibi, kawitna téh abdi ngurihit ditulungan ka Ema. Peryogi artos rada ageung anu rusuh téa. Pangintn Ema gé artos ti mana ari ageung-ageung mah. Gaduh saulat-saalit gé lalangkungan tina lalandong. Nya ku Ema diunjukkeun ka Ibi. Hapunten pisan abdi gé kumawantun ka Ibi, wiréh saur Ema, kantos gaduh patali, manawi Ibi tos nyondong. Malih serat ti Ema haturan Ibi ogé mangga ieu aya. Bilih Ibi kirang percanten ka abdi.” Kusiwel kuring ngaluarkeun amplop surat.

Ku Ibi ditampanan kalayan atra pananganna ngageter. Bada maos éta surat. Paromanna tuluy alum. Keclak wé cisocana. Tuluy disusut ku tungtung tiung nu warnana geus teu mirupa. “Deudeuh teuing Nyai, Ibi kedah kumaha waleran. Rumaos Ibi téh gaduh kawajiban nu sakitu ageungna ka Ema hidep. Tos taun-taun. Mun ka rénten mah tos sabara anakna sakumaha incuna. Sanaos nagih mah tara, nu puguh mah Ibi dibayuan ku Euceu. Poho mah paralun Nyai, maksad ngajeblug komo. Nanging kumaha teuing Ibi hojah da geuning kieu ayana. Milik sanés teu aya, nanging teu ari séép baé ku pangabutuh. Kanggo sadidinten téh ukur gaduh angkeuhan kana pangsiunan Amang. Aya maksad ngisedkeun hanjuang,   géuning taneuh di lembur mah teu pajeng kana artos ageung. Lebar temen dimimirah. Saheulaanan mah tiasa dianggé melak sampeu-sampeu bae mah. Pami diical mah panginten Ibi nyamos. Badé buburuh tos teu gaduh tanaga. Kantos ditawiskeun ka Ema hidep, sugan picekapeun sambetan wios ibi nurut tina molahna, apan teu kersaeun ieuh.”

Ngahuleng sakedapan. Paingan ceuk Ema, pangsiunan Amang gé Ibi mah tara kaagéhan. Ké, na ka manakeun atuh? Béja téa mah ti Ema kénéh yén palaputrana téh taya waé nu wejes dina urusan sagala widang gé. Nu rumah tanggana babaruntakan baé. Nu kasebut rumah tanggana reugeujeug, tapi gawé morotan waé ka kolot. Teu pati dibandungan mun Ema ngobrol téh. Tapi ningal kaayaan Ibi bungkeuleukan, meureun enya.

 “Kahartos Ibi eta ogé. Ieu mah ka dieu soten muhun mamanwian ku diluangan Ema. Isinan mah isin abdi gé.”

“Keun baé Nyai da hak Ema hidep. Atuh Nyai oge wajibna. Duka kumaha ngadongéngkeunnana atuh da Ibi téh teu weléh dirintug baé kasusuah. Sanés badé ngadagangkeun aéb, mung nyakitu téa saditilar Amang, barudak téh taya pisan kamajengan.    Atuh angger bé ti anak minantu ka incu-incu gaduh sahuap-sakopeun gé paciwit-ciwit sareng Ibi...

Keur uplek-uplek, torojol budak bujang ti tukang, bari ema-emaan. “Aéh tah Udin geuning. Din yeuh aya Etéh Enur ti Ciamis, putra Uwa Minta.”

Srog budak ka hareup bari popoyongkodan dongko. Kuring nangtung bari neuteup nu rék sasalaman. ”Ieu téh Udin, masya Alloh taun-taun teu tepung nya Din bedegong Etéh téh, tuda Udinna deui tara pisan ka Ciamis sakeuleun boboran gé. Baheula wé nuju Amang jumeneng.”

 “Muhun, hé hé.” Bari tas sasalaman mah léos deui amitan ka tukang angger popoyongkodan.

 “Eta minangka rancatan Ibi téh Nyai, si Udin.”

 “Kana naon atuh Udin  padamelanana?”

“Kitu bé ka sawah ka kebon, leuleutakan. Pami tos rérés di nu Ibi mah buburuh di sérang batur. Atanapi  nu manéhna tiasa mah ditampi baé nu miwarang nanaon ogé.”

 “Ema, Ema...dieu geura.” Ti belah tukang aya nu nyauran Ibi.

“Naeun? ...Ké heula sakedap Nyai itu si Udin, da dusun éta mah budak téh.”

 “Teu sawios Ibi, mangga. Ké abdi gé ngiring geura ka pengker. Mangalam-alam, da teu robih ari bumi Ibi mah.”

“Kantenan Nyai hayu, mung isin barala di dieu mah ma’lum imah nini-nini, aya batur gé tuda budak lalaki, teu tiasaeun bébérés.”

Léong ka tukang, kuring lantrak-lintrik. Masya Alloh teuing. Ku téga-tégana kuring nagih ka Ibi nu sakitu waluratna. Kenténg pipir méh rugrug. Kusén tatambalan semén balas kopong digereges rinyuh. Suluh ngajabeg pipir panto. Deukeut kandang embé si Udin disampeurekun ku Ibi, horéng tas nuar cau ambon geus disikatan mani barencing. Teu lila dijingjing muru ka kuring.

 “Nyai, ieu cau téh dipicangcam baé ku si Udin, mun seug aya Uwa ka dieu-mun seug aya Uwa ka dieu, cenah. Kacatetkeun malaikat ayeuna Nyai ka dieu, candak ieu cau ka ditu. Hayang katampieun ku nu melakna, si Udin.”

 “Ya Alloh Ibi, cau sakitu saéna, ditaruang baé di dieu, atanapi ical ari seueur kieu mah.”

 “Ieung sanés wadul, ieu si Udin kitu baé micangcamna. Ulah teu dicandak karunya. Kénging manéhna ieu téh pepelakan naon-naon ge sok hadé baé.”

 Leketey tuur kuring. Pantar Udin baé bandana hayangeun karaosan ku dulur. Najan teu pati tetes kuring sok ngabandungan obrolan Ema ngeunaan kulawarga Ibi. Yén Bi Asih téh, istrina Amang Ahmad. Amang Ahmad téh rayina Ema. Janten guru sakola dasar. Gaduh putra opat. Adi Juju, Sarip, Enah, jeung Udin. Duka kumaha tuh bet nasib Amang sakitu kaom gaji, unggal sasih sok témbong teu cukup baé. Nepi ka Amang tilar ogé Bi Asih komo ukur ngandelkeun artos pangsiunan nu teu sapira kalah beuki ripuh pisan. Horéng saur Ema, éta barudakna téh ti baheula gé arolo-olo, galedé hulu, guménak. Sedengkeun ku Amang teu weléh diogo baé, nu antukna nepi ka gedé ogé teu mailikir beurat da tadina teu peurih.

Bari nyaksian nu ngarungan cau pikiran rus-ras mun Ema ngobrolkeun kulawarga Ibi. “Si Juju, nu cikal, meunang pamajikan urang Padang. Keur nanjung-nanjung di lembur awéwéna, kadon hayang pindah ka dieu alatan teu kuat ku gemblengan mitoha. Kumaha tuh ayeuna? Ngawarung sangu teu aya kaeucreugan, dagang pakéan sarua baé. Kana konpéksi ukur teu mangga pulia. Modal jeung modal wé awur-awuran. Antukna kolot deui-kolot deui. Nu tadina sagala mekel ge ti lembur awéwé jangeun usaha, ari teu jalan mah jadi béak nu aya. Ayeuna téh nyiruruk cenah ngontrak sakamar di daérah Banjar,  teuing gawé naon. Anak pamajikan mah angger hayang dahar gé ka kolot nu kari sabeulah disimbut kasusah.”

 “Si Sarip mending kénéh. Da pamajikanana pagawé negri. Ngan manéhna teu cééhan gawé. Kapan basa éta dihayap gawé di kantor akang manéh kalah mantak éra ku dunungan. Remen teu asup mindeng kasbon. Atuh dikaluarkeun. Hadéna téh ayeuna daék jadi bapa rumah tangga, ngurus budak di imah, pamajikanna nyiar kipayah.”

 “Ari si Enah, leuheung jangeun manéhna waé mah bisaeun hirup da digawé di pabrikna geus permanén. Ngan hayuh waé cruk-crek boga salaki, geus tujuh balén mah sugan hadéna téh teu boga anak.....

 “Nyai, urang nyangu heula nya, atanapi urang ngaliwet. Ibi gaduh kénéh lauk yeuh kenging kamari si Udin nyair, kénging bogo sareng keting, ku Ibi dipindang.” Ibi ngagareuwahkeun eusi pikiran kuring.

 “Moal Ibi, hatur nuhun sanés nampik pangasih, abdi téh seueur kénéh bujengeun. Isukan pami aya umur abdi ka dieu deui. Ibi gé da hararampang ieuh sing sering nganjang ka Ema, da Ema gé gulatak-gulitik nyalira sok keueungeun.”

 “Nyakitu téa nyai, Ibi téh sok melang ku ieu yeuh.” Bari nunjuk Udin.

“Udin gé kaitu ka Uwa, ka Etéh naeun hayu nganjang. Sugan aya rey damel di kota atuh.” Nu diajak ngobrolna tibang puranyan-perenyen. Tuluy ngaregeyeng cau kana terlas hareupkeun keukeuh dibahankeun ka kuring. Tas neundeun cau mah léos deui ka tukang. Budak téh dedeganna mah jangkung. Da apal keur bureyna gé geus raranggoas. Deudeuh teuing  mani ledeg, geus kawas kolot. Padahal umurna lilikuran kénéh. Huntu geus aya nu ompong bari mun nyengir téh témbong lain hasil rawatan nu hadé. Buuk gondrong arang manggih péso cukur.

 “Ibi téh mun teu aya si Udin mah duka teuing. Dosa pisan, dosa Ibi téh ku budak éta. Si bungsu nu kuduna mah dipupujuhkeun. Ieu mah kalah bebelekesakan nyir kipayah jang indung. Dicaram mah dicaram ku Ibi téh tapi teu ieuh ngawaro. Disangka ku dulur baraya mah Ibi makieuhkeun anak, teu pisan-pisan. Nu matak ngenes mah ladang usaha nu ukur ngandelkeun tanaga téh sok aya dulurna nu kelu ménta. Ninggang di budakna nu teu nyaahan deuih ari nuju aya mah sok golosor-golosor baé. Dosa Ibi téh dosa Nyai, budak téh teu disakolakeun,  ukur tamat es-de. Da baheula téh teuing ku hésé nangkep pangajaran kawas budak batur. Ngendogna ogé dua kali. Horéng kiwari nu ngajait Ibi téh manehna...” Ibi kanyenyerian. Ku kuring dirangkul diusapan.

“Atos Ibi teu kedah janten émutan. Jalan hirup masing-masing jalmi téh bénten. Atuh ayeuna ku kaihlasan karidoan Udin miara indung, mugi janten ibadah sareng barokah. Ibi kedah bingah.” Kuring kalah milu kabawakeun harareneg. Tausiah sagala ka Ibi. Bobo-boro inget hayang ngabahas deui nagih. Deudeuh teuing Ibi, kuring mani taya ras-rasan. Ngabélaan nyiar injeuman jangeun mermanakeun anak nu meunang gawé pé-én-és di tempat jauh. Teu mikir kuring téh geuning. Tapi enya kangaranan indung, kapan Ibi gé sagala dilakonan téh enya ngabélaan anak téa. Hanjakal mawa mirarani. Kuring mah amit-amit teuing. Jeungna deui budakna gé teu sing ménta. Ibi onamanan da budakna marénta. Na kuring mani kudu popohoan? Kuring kudu bisa disiplin pikeun ngadisiplinkeun anak ku kamandirian.

Kacaturkeun kuring amitan mulang. Si Udin manggul sakarung cau ka sisi jalan. “Din teu kabita usaha di kota?”

“Moal Etéh, di dieu baé ngurus Ema. Jaba Udin mah apan sanés kaluaran sakola. Kantos ngiring ngaladén ngaduk gé teu betah.” Témbalna.

Jawaban basajan nu kacida dariana. Karunya teuing budak téh bangun nu minder, rendah diri. Tapi da kana gawéna mah ceuk Ibi gé wekel kacida. Didungakeun Din ku Etéh, hiji waktu hidep sing kénging darajat hirup nu saéstuna.

Sajajalan mulang. Kabayang baé gupay rancatan Bi Asih katut imutna nu amis campur pait.***

Ciamis 27 Agustus 2014.

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (3)

enjang r

Sae pisan asa kagagas,pieuntengeun

udung ks

Pieunteungeun kanggo urang sadaya sawios mung sakadar carpon, namung nyerep kana ati.x

gums

kagagas jelema leutik. hirup susah balangsak. ka kolotnakeun. alatan ngogo anakna, teu macakal. kalahkah hutang raweuy ditagih ku dulurna. euhmmmm matak waas........pikawatireun. sok sanaos mung saukur carpon bisa wae nyata aya di kahirupan kiwari

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: