• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nyekar Bada Asar

Kénging Us Tiarsa R.
Kintun kana Facebook

TIKTIKBREK  papih téh. Saditinggalkeun ku mamih wé kituna téh. Opat kali diopnameuna ogé. Ari ceuk dokter mah, diabétna teu turun-turun. Ti keur digawe kénéh gé geus leuwih ti 200 kadar gulana téh.. Sarua jeung jenatna mamih. Komo mamih mah leuwih parna, saban tilu poé sakali kudu disuntik insulin. Geus tara ku dokter atawa suster disuntik insulin téh,  ku sorangan wé. Teu paur-paureun mamih mah.

            Kawasna lain pédah kadar gula naék nu matak papih mindeng ka rumah sakit téh. Kagegeringan ku mamih wé, meureun. Eta wé sadugna mamih, papih mindeng pisan karugrag. Iwal ti kadar gulana naék téh, katarajang struk sagala sanajan teu parna-parna teuing. Kaluar ti rumah sakit, ukur bubulanan jagjagna téh, geus brek deui. Kréatininna naék téa, urat kajepit téa. Geus karuhan ari asam urat atawa patuangan bunghak  mah. Teu kaop salah barangtuang, pudegdeg wé sampéanana téh bareuh. Ramona geuneuk semu hideung. Jajantungna gé  kaganggu, kardio vaskuler. Acan ari tepi ka kudu diring atawa dibalon onaman.

Teu meunang capé teuing. Nu tadina resep pisan kana ténis jeung badminton téh, ti harita mah tara pisan ka lapang ogé. Lapang tenis nu ngahaja meunang nyieun mamih di palataran tukang villa, nganggur wé. Kitu deui lapang badminton, mindeng poék. Sasarina, boh tenis boh badminton, keur papih jagjag mah, tara towong ku nu narepak sanajan papih mah salséna téh ukur poé Saptu jeung Minggu.  Sok ngahaja ngondang kleub ti jauhna. Teu beurang teu peuting,nu badminton téh ramé waé. Ari ténis mah mimindengna mamih. Méh saban poé Saptu jeung Minggu, keur jagjag mah, sok ngondang baladna papada nu resep tenis.

            Ayeuna mah papih téh leuwih mindeng ngalamun. Kuring jeung Aang—kuring nyebut ka Kang Iksan téh sok Aang-- teu bisa ngurus papih saban poé. Boh kuring boh Aang, paturenggang. Papada boga gawé deuih. Papih téh nyalira wé, sakapeung sok dibaturan ku Si Pégo, réncang papih jeung mamih ti baréto..  Ngan kuring sakulawarga nu apal kana adat-adatan Si Pégo mah. Bubuhan ti leuleutik milu ka mamih. Purah diutah-étah, bari mimindengna mah teu pikahartieun batur, sagala rupa ku pepeta. Satia pisan, can kungsi kadéngé hayang gawé di batur.Mun euweuh Si Pégo, pareng papih katarajang galingging panas tiris, lapur moal aya  nu ngaladénan. Aya supir, Mang Uju. Tapi da tara mondok. Datangna téh ari ku papih ditelepon wé, mun papih ménta dianteur ka dokter atawa ngalongok incu. Sok aya Bi Mi’ah tukang nyeuseuh jeung beberesih. Datangna dua poe sakali. Dibayarna ge poean.

            Panceg sataun  mamih maot téh.  Teuing kumaha, meunang tilu bulan mah, bet asa aya waé mamih téh. Sagala rupa lampah paripolahna, kanyaahna, kahémanna, teu daék leungit tina haté. Paingan ceuk kolot, budak mah ulah sok lalangiran, bisi ditinggalkeun maot ku indung. Nyaan asa nyeri pisan ditinggalkeun maot ku indung mah. Paribasana, jajantung gé asa didudutan. Beuki lila, lain beuki lipur, kalah asa beuki karasa, aya nu leungit. Mun ngagugu napsu mah, hayang unggal poé cicing di makam. Tapi da teu kalis ku jarah saban usik, kanyeri téh asa kanceuh deui kanceuh deui, asa teu weléh aya nu ngagerihan haté.

Moal teu kitu, meureun papih ogé. Malah kawasna leuwih parna batan kuring. Pokna gé asa diheulang, padahal henteu ngadadak maotna mamih téh. Apan papih gé  wareg ngarasanan mamih keur teu damang sakitu lilana. Mun diopname, da tara keresa mulih, tugur wé di rumah sakit. Basa geletukna mamih, papih mah kawas nu teger. Nangis, nangisna mah tapi teu kawas sorangan nu teu kuat nahan piceuruikeun tepi ka sababaraha kali kapaéhan ogé. Papih mah kalah ngupahan. Kuring jeung Aang ditatangkeup diusapan. Pokna gé, karunya ka mamih, diceungceurikan waé mah.

Ari kadieunakeun papih nu enyaan kabungbulengan téh. Kuring jeung  Aang mah geus rada leler, malah geus iklas mamih dipundut téh. Kari ngadoa wé saban tas solat, sangkan mamih pinarinan rahmat kubur, ditampi iman Islamna, dihapunten samukawis kalelepatanana. Kuring yakin pisan, mamih mah istri soléhah. Baris dicaangkeun kuburna. Di yaomil hisab baris lulus banglus, jadi ahli sawarga.

Papih mah geuning kawas nu seuseuiteun ka reureuhnakeun. Cul naon cul naon. Tara pisan ruang-riung jeung babaturan nu tadina sakulah-sakolih ogé. Sagala rupa téh ngan keur mamih. Rék barangtuang gé, tara elat ngajak mamih. Paribasa, hadiah ka mamih Tara kaliwat nyayagikeun sambel héjo jeung  témpé mendoan,  kaseneng  si Jenat, cenah. Ari tuang téh papih mah sok ngarantang. Dua kali sapoé dikiriman ku katering.

Kulantaran kudu saban poé nyekar ka makam mamih, calikna ogé papih téh ngalih ka lembur. Nu biasana mah ukur Saptu jeung Minggu ayana di lembur téh. Sabulan sabada mamih tilar mah,  cul imah nu deukeut kantor pausahaanana, milih calik di villa di lembur. Ka makam mamih téh kari ngaléngkah Ayana di kebon tukangeun imah,  ngan kahalangan ku bénténg, ngahaja maké dora.

Salaki jeung Kang Ikhsan mah, ngeukeuhan sangkan kuring léah, mikeun papih nikah deui. Kuring keukeuh teu mikeun. Nyaan asa teu leungit-leungit kainggis, sieun papih kagoda ku awéwé séjén. Sieun tempat mamih dina manah papih, kalindih ku nu séjén. Asa teu mikeun mun papih kudu kagungan deui istri. Lain pédah kasebutna indung téré, keun wé perkara éta mah, da kuring jeung lanceuk geus kurenan, geus misah ti kolot. Ieu mah asa mangnyerikeun haté indung. Enya ari geus béda alam téa mah, geus euweuh patula-patalina  mamih jeung papih téh. Tapi pan cék ustad gé, asih nu bener mah, baris terus nganteng teu kalangan ku geus misah alam.

 Asih nu kitu cenah, nu baris nepungkeun deui salaki jeung pamajikan di ahérat téh. Jauh teuing kudu tepi ka dinya mah. Ieu mah nu déét wé, kuring teu panuju mun papih kudu nikah deui, kudu hirup babarengan jeung wanoja nu lain mamih.Mun aya awéwé nu ngadeukeutan papih ogé, dada téh asa nyongkab. Panas, pinuh ku rasa timburu. Mangmanaskeun mamih nu geus taya di kieuna.

Pantes, mun aya nu ngadeukeutan ogé papih mah. Umur 70 taun keur lalaki mah kaasup bisa kénéh begér. Lain pédah ceuk anakna, boga rupa papih téh. Asa piraku euweuh nu naksir, katambah-tambah, sakitu mah kaasup boga wé papih téh. Imah aya dua tiluna, mobil gé, aya tilu, taun ngora kénéh. Acan kebon jeung sawah. Saban taun meunang devidén ti pausahaan badag. Sataunna téh aya ratusna juta.. Ngan nyakitu, haté kuring aya di pihak mamih.Ngabatu, cék Kang Ikhsan  téa mah. Tapi da papihna ogé teu keresaeun dijangjaruhkeun ogé.Teu weléh jejebris. Pokna gé moal deuk midua haté. ”Sésa umur téh rék dibéakkeun keur ibadah jeung ngurus makam si Jenat..”

            Ari ras ka papih, euweuh nu ngurus, jadi teu paruguh haté téh  Kumaha mun brek teu damang wales? Di imah ukur diladénan ku Si Pégo, pangawakan lalaki bari boga katuna deuih. Sorangan jeung Aang, pimanaeun, papada boga uruseun jeung paanggang wé, teu bisa nalingakeun saban waktu. Si Aang mah ngeukeuhan sangkan mayar suster nu bisa ngurus papih beurang peuting. Papihna teu keresaeun, kararagok ari lain muhrim téh, cenah. Inggis kalah matak ngadatangkeun pitenah.

            Saptu, papih ngirim ésémés ka Kang Ikhsan. Sesek, teu kaduga cengkat-cengkat acan. Rék ka rumah sakit, euweuh nu nganteur. Mang Uju aya halangan. Kuring purat-pérot meunang béja ti Aang  kitu téh. Kasampak papih gulinggasahan. Ambekanana ngahégak. Mindeng, papih mah, katarajang eungap téh. Bronshitis asmatis. Teu kaop katiisan. Ongkoh, meureun,  maling-maling, nyesep. Da barétona nyandu pisan kana nyesep téh. Geus leuwih ti sataun, tara ngaroko, da dicaram ku dokter. Tapi ari aya sémah nu mekel roko mah, sok pipilueun, mimitina roko téh diambung. Lila-lila mah teu kaampeuh, nyot wé. Mindeng kituna téh. Kamari gé kawasna aya kapiua ngalongok. Eta mah disebutna gé si Gombar, da  kawas karéta api ududna téh.Piraku wé papih teu kabitaeun téh. Pasti nyesep. Ditanyakeun ka Si Pégo, kalah balabab-belebeb.

            Salaki gura-giru néangan oksigén mini. Ari Aang, enya Kang Ikhsan, nelepon dokter kawawuhanana.  Geus dioksigén mah teu sakara-kara, papih seger deui. Dokter datang gé, papih teh  ukur diténsi, distétoskop, dipasang infus wéh. Dada jeung tonggongna diketrokan ku ramo. Teu nanaon, cék dokter téh, ngan kudu sayagi wé oksigén mah. Bisi sawaktu-waktu katarajang eungap deui.

            Ngahaja teu buru-buru balik ti lembur téh. Aang ngajak badami, cenah. Tiluan wé ngariung téh, kuring, salaki, jeung Kang Ikhsan. Teu ninggang saminggu sakali bisa ngariung kitu téh. Papih atoheun pisan. Papih nu nelepon katering gé, ménta dikirim dahareun keur limaaneun. Si Pégo dititah meuli bungbu rujak coél ka kios Bu Oyoh di pasar. Karesep kana rujak téh. Buah kari ngala, si manalagi keur meujeuhna meuhpeuy, balingbing bangkok rantuy, jambu aér mah kari ngahilian wé ka Ma Éja peuntaseun jalan Ngahaja ceuk Aang. Papih mah teu diajak ngariung, sina kulem.

            ”Kari Irma nu kudu milih téh. Akang mah teu bisa mastikeun,” cék Kang Ikhsan. ”Ambéh papih aya nun ngurus, atuh urang teu marojéngja, papih téh mending sina nikah deui. Éta kahiji, nu kadua, piliheun Irma téh, kumaha mun papih urang pihapékeun di panti jompo?”

            Asa teu asup kana pipikiran kuring mah, papih kudu asup panti jompo. Apan papih téh kagungan putra sadua-dua, piraku euweuh nu daék ngurus?

            “Teu! Irma mah teu panuju papih kudu cicing di panti jompo.”

            ”Aang ngahaja datang ka panti jompo nu  béda jeung ilaharna panti asuhan. Ieu mah pangeusina gé para sepuh nu lain joré-joré. Aya pangsiunan dirjén sagala. Di pantina gé teu pacampur jeung para jompo nu teu puguh kulawargana. Ieu mah kuma wé hotél. Rohanganana gé misah. Kudu mayar. Sabulan téh pangmurahna lima juta.”

            ”Kumaha waé ogé Irma mah teu mikeun.”    

           ”Ari kitu mah, kumaha mun papih sina nikah deui? Urang rérémokeun ka raina mamih wé. Sina turun karanjang.Tanteu Pingkan mah pasti keresaeun. Papih gé moal teu keresaeun. Rupina gé apan sarimbag pisan jeung mamih.”

            Kuring ngahuleng, ngadéngé caritaan Aang kitu téh. Duanana gé teu kapilih ku kuring mah. Cicing di panti ulah, nikah deui entong.  Kuring teu panuju papih nikah ka Tanteu Pingkan téh. Ganjor teuing umurna gé, béda 30 taun. Ongkoh Tanteu Pingkan mah, randa teu kagungan putra nu hirupna kawilang jétsét. Resep pisan abring-abringan jeung géngna. Samemena ulin ka ditu ka dieu. Bali, Singapur, Bangkok téh kawas jalan ka cai. Rék iraha ngurus papih, ari kitu mah? Teu! Teu panuju papih  nikah ka Tanteu Pingkan. Kuring teu  mikeun sanajan papihna keresaeun ogé.

            ”Enya rék kumaha atuh?” Si Aang rada nyereng.

            ”Kumaha mun papihna wé urang taros,” cék salaki.

            ”Entong,” cék kuring. ”Papihna nuju teu damang.” Nolak sotéh kuring mah inggis, papih milih salah sahiji tina karep Aang. Kuma mun milih daék cicing di panti, kuring teu téga. Mun seug milih nikah jeung Tanteu Pingkan, kuring teu mikeun.

            ”Kieu  wé ayeuna mah. Irma jeung barudak rék cicing di dieu maturan papih. Kari kumaha Kang Réza, naha ngidinan atawa henteu? Rék di dieu sakulawarga hayu. Ka kantor mah da bisa didugdag, teu pati jauh ieuh. Mun teu kitu, mangga wé Kang Réza calik di ditu, saminggu sakali ka dieu.”

Villa papih téh ublug-ablag, opat kulawarga mah asup bari laluasa.

            ”Teu nanaon, rido akang mah, kudu matuh di dieu ogé. Keun wé  si Cikal sina nyicingan imah di ditu,  ambéh teu jauh teuing sakola. Itung-itung indekos wé.”

            Angger keneh geuning solehna salaki téh. Sugan téh ari geus boga anak galedé mah,luntur. Nuhun Gusti!

            ”Sukur ari kitu onaman, da Aang gé piraku ngantep,” ceuk Kang Ikhsan.. “Keun wé papih mah tong waka digareuwahkeun, nuju tibra pisan.”

            Buah ngora gé asa amis pisan, dicoélkeun kana bungbu rujak téh. Mangkaning bungbu rujak Bu Oyoh. Lada, kuled ku gula beureum, asem jawa,  dipurulukan wijén meunang nyangray.  Hanjakal euweuh bangkuang, tapi da aya hui beureum. Kawasna, kabawa ku haté bungangang, rujak teh karasa pisan amis haseumna, ladana matak reumbay cimata.

Engké bada asar kuring saréréa rék nganteur papih, nyekar ka makam mamih. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Hadikaryana

Karaos kana manah kaemutan dina pikir asa aya hareupeun kajadian saperti kitu kumargi sepuh boh mitoha duanana tos tunggang gunung.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: