• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Angkrék Japati

Kénging Andang S. Argayuda
Kintun kana Facebook

Basa langit keur ngempur ku layung, aya anu ngajuringkang luhureun gunung. Kawas sandékala nundung nu rék pundung. Kumalayang ngawang-ngawang, méré isarat ku haleuang. Cenah ulah waka hayang mulang, sabab aya kénéh lalakon katukang anu matak sumoréang.

Asa aya anu ngahudangkeun lelembutan nu keur tibra. Lir kabanjur ku cai katresna anu geus lawas nyirekem dina muhara. Ngulisik lilir ngabekaskeun kaheneg angen muncrat mancawura, sabudeureun haté caang mambra. Ngélingkeun lingsirna ati anu kungsi tunggara.

Angkrék japati nu mekar di antara runggunukna rungkun saliara, kumalangkang dina kongkolak mata. Najan teu pati atra kana jungkiring jinisna, tapi dalingding wawangina sumelesep, ngalimpudan eusining haté nu ruhruy ku rupaning guratan katresna.

Puluhan taun nyumput buni di antara belegbegna kahirupan nu pinuh katunggara, teu ieuh jadi wangwangan. Yén hiji waktu urang bakal tepung deui najan ukur dina panglamunan. Teu ieuh boga pangharepan pikeun ningali Anjeun nu bodas nyacas, sabab ceuk héosna angin, cenah angkrék japati geus bogaeun ceungceuman.

Tapi basa poé kamari aya nu nganjang rurusuhan, aya anu matak héran kana pikiran. Tilu urang tatamu téh lain anu lian, tapi geus wawuh ti keur jaman léléngohan, mangsa anjeun masih ligar dina tangkal bungur sisi talaga katresnan. Basa diri masih pulang anting ngalongokan diri anjeun nu keur mekar karembangan. Bet kahudang rarasaan.

Eta ku galécok ngobrolna, ngadu rényomkeun diri anjeun waktu ligar méméh mangsa. Kawas anu keur nganyamkeun hanca nu katunda mangsa baheula. Cenah ceuk tamu éta angkrék japati téhceungceumanana. Ceuk anu saurang deui mah éta kembang sobat manehna, nyarita kitu kalayan daria, tapi ceuk tatamu saurang wanoja, cenah angkrék japati anu eta téh kaasihna. Sabab éta wanoja mémang dulur anjeun. Tapi mun aya anu bisa maca kana jeroeun dada, bakal katingali racana haté urut tatu ku rasa tunggara. Sabab éta angkrék japati, wujud diri Anjeun anu kungsi humiliwir ngageberan lelembutan.

Teti Subarliah, dina sanubari ngaran anjeun nanceb pageuh. Sumarambah mapay bayah, ngeundeurkeun jajantung nu daligdug motah. Jangkung lenjang. Rambut galing muntang, pipi konéng, irung mancung, panon cureuleuk hideung. Ébréh narémbongan deui kumalangkang.

Inget kénéh waktu tepung jeung anjeun nu keur leumpang paduduaan. Silih génjang bangun pinuh ku kabagjaan, najan dina haté aya anu nyelekit peurih nyasaak rarasaan. Tapi imut anu ditujukeun ka diri anjeun ihlas nembrakkeun rasa anu pinuh ku kabagjaan. Reueus ningali anjeun gégéndéngan paduduaan, jeung lalaki anu jadi pilihan anjeun.

“Bade ka marana duduaan bangun geugeut ?” najan aya anu ngagedur ku rasa timburu, tapi maksakeun miheulaan tumanya.

“Aéh geuning Kang Andang. Ieu bade ka Pakenténgan, ka pun emang. Dupi Akang mulih ti mana?” angger gérécék béar budi, ngajawab bangun lugina.

“Wangsul ti Pakenténgan nepangan réréncangan,” ukur bisa ngajawab sakitu, terus panon ngarérét ka anu gigireun anjeun.

“Kang Andang damang, geuning aya di lembur?” éta lalaki anu gigireun anjeun tumanya bangun akrab. Da mémangna éta lalaki téh lain nu lian. Sobat ti keur jaman SMP.

“Alhamdulillah Gus nuju saé. Muhun nuju liburan sakantenan ngalongok lembur. Wilujeng mugi salira kabiruyungan kenging bagja sareng Teti,” Agus putrana Pa Mantri Amanan, sobat, tapi teu kungsi apaleun kana aya hubungan jeung diri anjeun.

“Hatur nuhun Kang Andang, pido’ana wae,” Najan ukur sakecap, tapi anu diucapkeun ku Agus lir seuseukeut ruruhit anu ngagabres kana hulu angen. Peurih lain babasaan.

“Insya Alloh didungakeun pisan Gus. Sing panjang-punjung dina ngambah rumah tangga sareng Teti,” ihlas, bangblas, balungbang timur caang bulan opat welas.

“Hatur nuhun Kang Andang,” anjeun mairan ku ucap-ucap panungtungan.

Ti saprak kajadian harita, angkrék japati leungit tina tempatna. Teu kungsi bisa deui nyeuseup dalingding seungitna. Teu kungsi deui neuteup nyacas bodasna, sirna tina iuh liuhna talaga katresna. Ukur cucuk kapeurih nanceb pageuh dina ati sanubari, nyasaak kana unggal sesela pangrasa.

Sabab diri ngejat miang ninggalkeun sagala nu di pimelang. Mangprung ngalalana ka nu anggang. Meupeuskeun katugenah haté sangkan bisa deui humariring, bisa mupus gambaran diri anjeun tina rasa kamelang. Mangprung dina kahirupan nu pinuh ku tangtangan, nyoba kamampuan diri mapay lalalakon, ngalanglang sagala nu kabéjakeun. Sugan bisa kasampeur jadi jatining kahirupan.

Unggal ngalantung sok pareng tepung jeung angkrék nu keur ligar karembangan. Seungitna ngantengkeun deui rasa katresnan, éndah saliwatan, bisa mopohokeun diri anjeun. Tapi angkrék japati nu ligar dina tangkal bungur sisi talaga katresnan, teuing ku éndah taya babandingan. Meureun pédah geus nyantél dina haté nu ruhruy ku kahéman.

Basa hirup geus tumetep ajeg di bali geusan ngajadi, lawas ti lawas bet diparengkeun patepung jeung hiji istri anu gerecek bear budi. Cenah mah sok ngalanggan Majalah Sunda Mangle, jadi ngahaja nepungan sabab sok aya rumpaka carita anu wawuh kanu ngarangna.

“Kang Andang, émut kénéh ka Abdi teu?” éta istri tumanya kalayan sonagar.

“Asa kenal ku gerecekna, ku bear budina. Saliira teh pasti Teh Yuyum,” Najan puluhan taun teu tepung, tapi aya anu moal bisa kapopohokeun, ku geulisna, ku imutna, nembleg jeung diri anjeun, da puguh kapan Teh Yuyum teh lanceuk Anjeun.

“Geuning émut kénéh ka abdi, Kang Andang the?” Teh Yuyum neruskeun obrolan dibarung imut nu masih kareueut.

“Moal hilap ku geulisna, ku imutna, sareng ku bageurna.”

“Kang Andang mah bisa ajah. Geulis mana jeung adi abdi?” meg, jajantung asa eureun endagna basa ngaran anjeun kasebutkeun,

“Jigana mah sami geulisna Teh, margi Abdi hilap deui kana rupina,” nyaan geus teu kabayang deui tangtungan anjeun anu ayeuna. Tapi ari ngaran Teti Subarliah mah salawasna napel pageuh dina hate.

“Kang Andang abdi sok ngalanggan Mangle. Sering mendak seratan kénging Salira. Nya janten hoyong tepang. Émut mangsa sasarengan nuju sakola, saperjuangan, sapenderitaan,” Téh Yuyum nu salawasna nyebut akang, mani galecok nyaritakeun kasono, memang sobat keur jaman es em a.

“Nuhun atuh ari Teh Yuyum sok maos Mangle mah. Kadorong ku kacinta kana budaya sunda. Janten sok pirajeunan ngintunkeun naskah ka Majalah Mangle, sakantenan nembrakkeun pependakan salami ngalalana.”

“Saé Kang Andang. Saha deui anu badé ngajungjung budaya sunda, pami sanes urang anu janten seuweu-siwina?” Teh Yuyum teu weleh gerecek matak rusras.

“Muhun pisan The. Abdi kacida mikageugeutna kana kasundaan, salami ngalalana oge teu weléh ningalikeun rasa bangga salaku urang sunda. Atuh ayeuna dina mangsa umur tos condong ngulon, nembrakeun rasa kacinta kana sunda ku midangkeun rupaning rumpaka carita éndah.”

“Reueus Kang Andang, asa bagja tiasa kenal sareng salira,” Teh Yuyum nu saé pangrasa, cumaita bangun daria.

“Sami abdi ogé ngaraos bagja tiasa kenal sareng salira, kumaha Teh Yuyum teh sakulawargi damang ? Sareng kumaha wartos tuang rai Si Bungsu?” Ku hayang apal ngeunaan diri anjeun mangsa kiwari.

“He..he, Si Akang emut keneh ka pun adi. Manawi teh tos kahilapkeun,” Teh Yuyum kalah gumujeng, ngageuhgeuykeun.

Bakuna hayang apal kunaon bet teu ngajadi jeung ki sobat? Padahal mangsa panungtungan tepung jeung anjeun, cenah rék niat rarabi jeung Agus. Tapi geuning melengkung bekas nyalahan.

Galecok ngobrol jeung Teteh Anjeun, asa nyeuseuit ati tingsérését nyanyautan deui. Asa karék kamari angkrék japati nu ligar dina tangkal bungur sisi talaga katresnan, mekar kembangan. Asa kamari diri anjeun imut kareueut pinuh mamanis. Asa karék kamari anjeun tega luluasan ngagabreskeun seuseukeut gobang kabuyutan nurihkeun katunggara.

Patakaharja, Rancah – Ciamis.

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (4)

Oscar Hadikaryana

Assalamualaikum wr wb. Asa tos lami carios anu ngandung kapeurih, mung dituliskeun pinuh ku basa nu ngandung siloka. Lalakon jaman kapungkur dipangumbaraan asa ngalangkan deui, hatur nuhun kang carpona. diantos dina carios anu sanesna.

Ading Suryadi Danuwisastra

Tegep lah mangle...

ajat sudrajat

Sampurasun Kang Andang, hatur nuhun Kang, sim kuring ngaraos reueus kana kacintaan Kang Andang kana sastra sunda nu teu aya sudana, mudah-mudahan sim kuring tiasa nuturkeung tapak lacak Kang Andang, hiji waktos tiasa ngintun carios anu aya pulunganeunana kanggo balarea baraya urang sunda. Hatur nuhun. Salam ti Tangerang.

Agoes Rodiman

Mugia Mangle tetep renggenek nambih mubyar jembar

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: