• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Sungkem Pangrunghal

Kénging Dimas Patria
Kintun kana Facebook

Angin peuting nyéotan kana kulit, ngajakan leleson. Sora jam atra kapirengna. Geus jam duabelas geuning! Teu karasa. Mangkaning pagawéan can rérés kabéh. Korsi can disusun, kitu deui kalengkepan séjénna. Teuing naon deui nu can kagawéan.

Ku rarasaan nu penting-penting mah geus cumpon tinggal nungguan isuk. Sigana bakal ramé temen, tinglaliud nu arondangan. Jul-jol nu ti jauhna muru lembur kuring, hayang nyakséni  adi kuring réndéngan di balé nyungcung.

“Aa geuning tacan kulem?” kapireng sora Santi tukangeun kuring.

“Aéh ieu pangantén téh tacan istirahat? Jung geura ka enggon. Ulah ngémutan Aa. Seueur kénéh béréskeuneun,” nyéh kuring imut bari ngusap embun-embunanana. Teu talangké, nu diusap tuluy asup ka pangkéng. Sorot mata kuring teu leupas nyérangkeun Santi. Geus manjing geuning adi téh. Geulis ayeuna mah. Asa jauh jeung basa kuring ngagagandong manéhna unggal soré di buruan lima welas taun ka tukang.

“Bagja geulis!” gerentes téh. Asa ku ngimpi kuring bisa ngawinkeun adi. Éstuning ladang késang sorangan. Tapi ti dinya kuring geus bisa ngabuktikeun ka nu jadi kolot, yén teu ku mamah jeung bapa ogé, teu burung laksana Santi bisa jatukrami. Asa geus kagok nyeri kuring jeung Santi ku nu jadi kolot. Ti saprak Mamah pisah jeung Bapa, ingetan kuring ukur ka Santi. Kuring geus tigin, najan kolot geus pajauh, tapi Santi ulah leungiteun kanyaah ti kuring nu jadi lanceukna.

Ras mangsa katukang, basa Mamah paséa rongkah jeung Bapa. Inget harita basa kulawarga kabéh tumplek daratang, ngariungkeun perkara kolot kuring. Saenyana Mamah nu salah, bongan kabéngbat ku lalaki séjén. Sedengkeun Bapa harita keur dines di luar. Harita basa diriungkeun, Bapa ngajak ka Mamah sangkan pindah nuturkeun Bapa dines di Bogor, mun enya ngarasa teu salingkuh. Di luar sangkaan, mamah nampik pangajak Bapa. Antukna unggal poé teu weléh paséa. Diriungkeun harita ukur meunang kacindekan yén kasalahan aya di indung kuring. Harita kuring keur kuliah di Bandung, sedengkeun Santi masih kelas hiji SMP.

Unggal mulang ka Subang, éstuning ku panas ceuli. Unggal poé disuguhan durderna Mamah jeung Bapa. Antukna kuring boga inisiatip. Kuring nyéwa pengacara. Batan kudu ngabandungan nu paséa unggal poé, mending sina pisah waé. Harita kénéh kuring jeung pengacara merkarakeun rumah tangga Mamah jeung Bapa ka Pengadilan Agama. Enyaan, mun aya nu disebut budak doraka téh, sigana kuring pisan. Batur mah hayang sangkan kolot téh reugreug pageuh rumah tangga. Tapi harita kuring mikir, dina ngahijina ogé ari geus teu suka mah keur naon. Mending pisah sakalian.

Rét kana jam. Leuh! Teu karasa geus jam hiji deui. Tapi di dieu masih kénéh loba jalma. Ilaharna di lembur kuring mah upama aya nu hajatan sok aya nu melékan.  Ngan aya bédana. Di lembur séjén mah mun melékan téh dina enyana maén kartu, tara bari jeung judi. Ieu mah hayoh make duit.

Ilaharna di nu hajat deuih, boh kolot boh budak sok sabantu-bantuna, memener korsi, sasapu, malahan mah di dayeuh nu ceuk batur gotong royongna geus euweuh, piduapoéeun rék hajat téh sok loba tatangga sabantu-bantu. Malahan mah nepikeun nyabutan jukut sagala di sabudeureun imah. Tapi di dieu mah béda. Rada ngarengkog kuring rék bébérés korsi ogé. Éstuning naragen dina korsina, anteng museur nempokeun kartu. Astagfirulloh! Aralna mah nataku. Aya anu ningalikeun, sugan téh rék mantuan. Éstuning mencrong dina korsina. Nyel angen seueul nahan kaambek. Nu matak teu salah kuring ti SMA kénéh teu hayang mulang ka lembur téh. Geus moal maju upama kuring cicing di lembur.

“Dang, asa ku kararagok Bibi mah ngariasna ogé,” ceuk Bi Wiwi, juru rias.

“Duh, kumaha nya Bi. Bingung Dadang ogé. Rék dikeprak, bisi asa diusir! Manawi anu sanésna heula panginten Bi. Nungtutan waé!”

“Enya Atuh Dang!” Ceuk Bi Wiwi. Geus asa ka dulur sorangan ka Bi Wiwi téh. Najan ukur kawawuhan, tapi bet asa ka indung wéh. Basa dipénta tulung ngarias ogé teu ngaengkékeun deui. Hayu, cenah. Berekah kuring tara ngancik di imah, sok nitipkeun awak ka batur. Rumasa jauh jeung kulawarga.

Ningali nu uplek judi téh, ras inget rencana baheula. Naha teu di gedung waé? Ras deui inget kana kahayang mamah, nu keukeuh hayang di lembur. Méh guyub alesanna mah. Antukna kuring nu ngéléhan. Tapi geuning ari geus kieu mah, taya nu daék mantuan. Basa kuring ménta pangalakeun awi keur janur, omongna taya batur, cenah.  Padahal kuring ningali di dinya jalma tinglaliud, gapléh jeung rémi! Asa ku teungteuingeun. Teu cara kana kadaharanana, ari geus arasak angeun, rabul bari marawa rantang. Cukcek mawa keur séwang-séwang. Ari teu disuguhan pan nyaritana lain deui. Moal matak pihadéeun. Témpo dibutuhkeun tanagana, euweuh nu nyogrog hiji-hiji acan. Kasebelan! Tungtungna kuring jeung babaturan ti dayeuh nu mantuan mangalakeun, asruk-asrukan jam sapuluh peuting ka leuweung awi, da ménta ti beurang euweuh nu nedunan.

Dina korsi kuring ngarahuh. Ceg kana dompét. Lalaunan dibuka, sésa sajuta. Sedengkeun bayareun masih kénéh loba. Dahareun karék dibayar sawaréh. Duh gusti! Jumerit ieu haté. Inget ka kolot sorangan, aya ku téga rék ngawinkeun anak ukur méré sajuta séwang. Padahal kolot téh pagawé kabéh. Asa ku moal kurang duit injeumeun di bank. Talunganeun kuring nu saukur sukwan alias sukarélawan. Kana PNS masih can aya kelemengna. Robb! Asa ku beurat tanggungan kuring. Deuh, ieu cimata teu karasa maseuhan pipi. Deudeuh teuing Santi, adi Aa. Tapi ulah hariwang, Aa tangtu bakal tanggung jawab sagala rupana. Kajeun unjam-injeum ka ditu-ka dieu salila loba nu mercaya mah.

Budak hasil pipisahan mah sagala rupana ogé ukur sésa. Enyaan, sésa kanyaah indung jeung bapa sanggeusna pada-pada baroga deui. Nu matak kuring jeung Santi, mending nyieun imah sorangan di perumahan. Horéam tepung jeung indung atawa bapa téré. Kajeun nyetoranna mah kumaha engké waé udunan. Da kuring jeung adi pada-pada boga pacabakan najan panghasilanna teu gedé. Ayeuna cenah Santi geus rumah tangga kajeun kuring nu ngéléhan nyieun deui, imah-imah keur sorangan.

Sora jangkrik patémbalan dina poékna peuting. Aya ku tunduh ieu mata. Dua poé nyileuk tuluy, can sakerejep-kerejep acan. Bréh kabayang deui Santi. Tunduh leungit teu sakara-kara. Cek kana korsi. Dibéréskeun. Alhamdulillah bérés geuningan, najan masih kénéh kahalangan ku nu judi! Kitu deui Bi Wiwi jeung asisténna, geus katingali bérés masang background-na. Enyaan! Alus ngariasna Bi Wiwi téh. Moal pati-pati kapaké di dayeuh upama goréng pagawéanana mah.

Kongkorongok hayam geus kapireng patémbalan. Geus subuh geuning. Teu lila ngong adan Subuh. Waktu geus maju ka isuk. Nu judi rabul baralik ka imahna. Alhamdulillah teu ngabantuan saeutik-eutik acan. Keun baé lah. Pagawéan mah angger bérés ku saeutikan ogé.

Rada panasaran, kuring ngajugjug kamar rias. Santi keur dangdan. Nyéh Santi imut basa kuring ningalikeun. Kuring imut, tapi teu lila. Asa aya nu baseuh dina mata, geuwat disusut. Deudeuh geulis, asa ku nyurup éta dangdosan. Tara-tara ti sasari. Éstuning jadi ratu sapoé. Lir widadari ti kahiyangan téh enya-enya. Asa nyurup ka tangtungan. Mudah-mudahan geulis, jodo hidep téh enyaan jodo nu sajati. Ulah nurutkeun Mamah jeung Bapa. Kudu pisah alatan ngalajur napsu. Ulah urang mah. Sugan Aa ogé panggih jeung jodo nu saéstuna. Aa gé éra, umur geus maju ka tilu puluh, tapi can diparekkeun waé jodona. Mana kieu gé meureun papastén ti Pangéran, Aa teu bisa ngadahup ka Miranti.

Enya, kungsi kuring méh ngadahup ka Miranti, wanoja anu salila lima taun jadi batur saati. Ngan hanjakal, Pangéran teu ngersakeun kuring babarengan jeung manéhna. Miranti mulang ka kalanggengan dina kacilakaan pesawat. Harita manéhna keur jadi pramugari. Moal, kuring moal nyaritakeun kumaha kingkinna ieu haté waktu Miranti aya dina warta yén manéhna kaasup salasahiji penumpang anu leungit. Kumaha ngalanglayungna kuring nepikeun ka ancrub kana minuman, anu satuluyna nepi kaayeuna can manggih deui gagantina Miranti.

Mamah jeung Bapa harita natambakeun kuring sangkan bisa sabihari deui, nepi ka tatanya ka nu bisa. Tapi da éstuning kuring kaleungitan pisan ku jengléngan Miranti. Kuring kungsi pakait jangji bakal meungket asih duaan, upama manéhna mulang. Tapi teu sangka, nu mulang ukur ngaranna, kuring teu bisa ningali layonna.

“Aa…..”

“Kumaha San?” walon kuring. Geuwat nyusutan cipanon.

“Geuning Aa, nangis? ”

Kuring tungkul, teu wasa ngajawab. Lalaunan Santi nangtung, nyampeurkeun ka kuring. Lalaunan kuring ditangkeup. Asa beuki murubut ieu cimata.

“Nuhun A,” Sora Santi dareuda, “Ukur Aa nu nyaah ka Santi. Santi……..” sorana pegat. Kapireng ayeuna mah ngagukgukna. Kuring paungku-ungku jeung Santi.

“Tos…. Tos…. Tuh tingali dangdosanana jadi cémong. Keun pan ieu mah tos jangji Aa ka Santi. Nu penting ayeuna Santi salamet,” kuring nyusut cimata Santi.

“Kedahna…….., nu dangdos kieu téh,….. Téh…… Miranti….”

Sérését, aya nu ngagerihan hate mireng caritaan Santi téh. Geus dihiang-hiangkeun ku kuring ngeunaan Miranti.  Ayeuna asa dikoréhan deui. Asa beuki murubut waé ieu cimata.

“Aa….”

“Atos,…. Santi… ulah ngémutan éta.  Ayeuna mah kapan sakedap deui akad. Tong seuseur émutan,” pok téh ngupahan.

Teu lila rombongan calon pangantén datang. Kapireng begérna gamelan mapag aleutan pangantén. Tuh geuning! Nu ngibing geus rabul keupat mapag Andi, calon salaki Santi. Aya ku gandang. Nurubcupu nu kasép ka nu geulis. Nénjo kitu mah kabungah mudal. Bagja nu jadi adi rék réndéngan.

Teu lila rérés akad. Bapa, Mamah, jeung bésan geus tatahar keur acara sungkeman.

“Aa Dadang, rakana téh Santi mangga diantos kanggo acara sungkem!”

Deg! Ieu jantung asa ratug basa digentraan ku panata acara. Asa ku leuleus ngajugjug tempat sungkem téh. Teu lila Santi jeung Andi munjungan ka Mamah jeung Bapa. Anéh! Teu katingali pasemon Santi juuh cimata. Teu lila, pangantén nyampeurkeun ka kuring. Katingali ayeuna mah paroman santi mimiti beueus.

“Mangga Geulis, Kasép! Anggursi geura pundut pidu’a ti nu jadi lanceuk!”

“Aa…….., hapunten enéng sareng Andi, tos ngarunghal ka Aa,” pokna areut-at.

Gustiiii! Hayang teuing ngocéak maratan jagat! Kieu geuning rasana. Burubut deui ieu cimata teu karasa. Gabrug ka Santi, diusapan tuluy diciuman.

“Deudeuh geulis! Sing panggih jeung bagja. Aa…..  Rido……..” piceurikeun téh asa teu katahan. Beuki narikan. Kaayaan asa nyasaak, ditambah nyérédétna sora kacapi suling.  Taya nu teu ceurik nyaksian kuring paungku-ungku jeung Santi. Kitu deui basa Andi munjungan ka kuring.

“Kasep! Aa titip adi Aa. Omat ulah dipangnyerikeun. Aa….. rido dirunghal!”

Ningal sakuriling tingaringsreuk, enyaan beuki nyasaak rasa. Mirantiiiii! Naha salira bet ninggalkeun? Kuduna ayeuna urang téh geus ngahiji, geulis!  Paneuteup labas kosong mencrong ka hareup. Bréh Miranti némbongan, katingal imut leleb. Kuring males imutna. Najan pamohalan kuring réndéngan jeung manéhna, tapi tetep bakal jadi impénan anu bakal marengan saban peuting. Teu ayeuna urang tepung, sugan urang bisa nyanding di sawarga. Urang bakal disawér jeung dipayungan ku rahmat Anjeunna. Amin. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (6)

Asep

Duh, meni waas.......sae pisan.

dede

Sae kang, abdi kagagas ieu cisoca teu karaos murubut, emut waktos nu kaalaman tujubbelas tahun kapengker

suhsryanto

Abdi teu sadar nga aminan dina ahir carita ,yen bakal ngahiji di alam kalanggeungan. Jadi asa kisa nyata

yug purnama

sae pisan ieu carpon...kawas nu ngahipnotis kanu macana

Kamiludin

asa ka gagas ieu ci soca te karasa rembes kaluar. hatur nuhun aya carpon model kieu. sae pisan

ajat sudrajat

Sae Kang Dimas, dugika murubut cai mata sim kuring. Ras inget kana pangalaman kuring pribadi nu karunghal ku adi. Adi kuring di Banjarsari anu kakara mulang dirawat di RSU Banjar, mudah-mudahan sing teras damang, hampura Aang teu acan tiasa nepangan. Hatur nuhun, mudah-mudahan kacintaan Kang Dimas kana sastra sunda dicatet ku manten-Na sabage amal soleh.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: