• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Abah jeung Laptop

Kénging Hikmat Nugraha
Kintun kana Facebook

 Abah Dira andekak sila nyanghareupan parukuyan, nyeungeut menyan, mapatkeun ajian keur ngalawan nu cenah rék neluh pasénna. Karasa siga aya témbakan nu malikkeun deui, manéhna ngarumpuyuk. Karasa teu ngarareunah. Dicobaan deui, teu bisa hudang. Teuing saha nu wani-wani ngalawan ka manéhna, pokna ngomong sorangan.  Abah Dira aduh-aduhan nyekelan dadana. Manéhna maksakeun hudang tuluy ngadeukeutan pasénna.

" Sabar wé heula, nya Jang, engké urang akalan deui," pokna. Pasénna mulang. Abah nyampeurkeun Adun, nu keur ngetik.

“Eta téh barang naon Jang?”cék Bah Dira.

“Laptop, Bah.”

“Bisa neluh teu?"

“Nya teu tiasa atuh Abah!”

“Lamun hayang loba pasén bisa maké laptop teu?"

“Tah mun éta tiasa. Keun ku abdi dipangdamelkeun facebook, twitter jeung instagram ogé Whats Ap-na. Tenang wé Abah mah nu penting seueur pasén.”

Dina facebook Adun masang iklan siga kieu:

Hoyong lancar sagala rupa datangan Abah Dira di Kampung Soméah Babakan Janglar. Dijamin tokcer!

Enya wé teu lila sanggeus nyieun iklan dina facebook, rabul nu daratang. Lolobanana mah ibu rumah tangga nu pegat jeung salakina. Hayang jodo deui cenah mah.

Krang-kring  HP téh, beuki rabul nu datang ka imah, saprak dipangnyieunkeun facebook, twitter jeung instagram ku Adun incuna

“Bener,  Jang, cékgur ogé nya saran silaing!”

“Ngaliwatan média sosial mah gampang atuh Abah. Tong boro di daérah urang. Dalah luar negri gé bisa.”

“Maksudna?"

“Lamun Abah hoyong pasén ti luar negri minimal basa Inggrisna kudu fluently.”

“Naon tatéh?”

“Lancar. Kumaha wé mun Abah nyarios basa Sunda.”

“Abah mah hayang éta, Dewi Anggraeni jeung Radiul pasénna.”

“Kedah berteman heula atuh Bah jeung éta dua artisna.”

“Kudu diubaran éta dua mahluk awéwé téh sabab aya energi negatip dina awak duanana. Minimal kudu diberesihan.”

“Kumaha carana?”

“Erhaés, atuh Jang.”

Bener wé beuki dieu Abah Dira beuki kajojo ku laptop utama facebook, sanajan dibantuan ngetikna ku Adun.  Pasén beuki ngalobaan. Abah Dira teu bisa nahan. Antukna jadi pecandu facebook. Adun ngantep akina ayeuna mah, da tinggal mencét program. Tuluy wé Abah Dira sina anteng facebook- an.

Unggal poé saméméh indit ka kampus, Adun muka heula laptop keur Abah Dira digawé. Da ayeuna mah Abah geus ninggalkeun parukuyan nu eusina menyan jeung sabangsaning kembang ku facebookan jeung twitteran.

Abah Dira ngahuleng. Bingung. Sabab aya pasén nu ti luar nagri téa. Pilipina jeung Bulgaria. Mangkaning teu ngarti deuih basana.

“Téga nya Si Adun ka Abah, urusan nu kieu diantep.”

Tungtungna mah layar laptop téh diantep hurung terus. Da jam geus manjing ka soré, diantep teu dipareuman laptop téh da teu bisa mareumanana. Cicing wé Abah Dira dina tepas bari narima sms ti pasén-pasénna, nepi ka Adun balik.

“Bah, hurung kénéh geuningan laptopna.”

“Duka téh teuing. Abah mah teu bisa mareumanana.”

“Tinggal klik program jeung klik shutdown wé Bah.”

“Ah lieur.”

“Kumaha Abah hasil facebookan téh?”

“Teu katahan. Murudul. Loba teuing.”

“Tadina pan hoyong seueur pasén. Geus seueur Abah mah kalahka ngarahuh.”

“Alus-alusna mah maké laptop téh. Ngan dina teu bisana kawas kamari. Lieur Abah mah. Meugeus ah Abah mah rék ninggalkeun laptop forever,” cék Abah Dira.

“Eta-éta Si Abah basana gaul,” cék Adun.

“Pan diajar ti silaing,” témbah Bah Dira.

Saprak loba pasén Abah Dira geus teu kaburueun ngaroris dirina. Antukna Abah Dira gering parna. Awakna garing, begang deuih. Panonna celong. Nu tatamba teu apaleun kana kaayaan dirina. Abah Dira mikir, enya ogé  pasén beuki loba, duit beuki metet dina kantongna, tapi ari matak gering mah mendingan balik deui ka baheula, sila ipis bari ngadagoan parukuyan.

“Abah Dira aya?” cék pasén nu rék tatamba.

“Nuju tapa heula milarian ilapat,” ceuk Adun.

Lila-lila mah loba nu panasaran naha Abah Dira tara prakték deui? Naha Abah Dira gering atawa memang keur sibuk pisan?  Adun mah tetep wé ngajawabna tapa heula. Padahal mah Adun gé apaleun pisan kana kaayaan Abah Dira nu teu miroséa diri demi duit. 

Dasar kudu katohyan, pasén awéwé nu ngaranna Nyai Edas ujug-ujug datang ka imah Abah Dira. Katempo Abah Dira keur ngagolér bari disimbut kandel. Humarurung. Humaregung.

“Sampurasun,” cék Nyi Edas.

“Rampéés,” cék Abah Dira.

“Geuningan Abah téh aya.”

“Ceuk saha euweuh?” Témbalna, rada ambek.

“Incu Abah, nyebutkeun pajar Abah keur tatapa heula néangan ilapat,” cék Nyi Edas deui.

“Lain atuh Nyai, Abah téh geus saminggu ieu gering. Capé teuing ngubaran.”

“Har, piraku tukang tutulung gering?”

“Da jelema atuh Nyai, Abah teh.”

 Nyai Edas teu jadi tatamba ménta ubar ka Abah Dira ningali kaayaan kitu mah. Nyai Edas balik deui ka imahna.

“Rék kumaha bisa ngubaran batur, manéhna gé gering, teu bisa ngubaran,” cék Nyai Edas.

Abah Dira terus mikiran diri naon ubarna sangkan kuat deui, tur bisa 'praktek' deui. Da ayeuna mah teu bisa nanaon. Abah Dira bati ngahuleng loba pasén nu teu datang deui ka imahna. Abah Dira inget kana mimiti nulungan nu susah tara ieuh gering parna kawas ayeuna.

Abah Dira neuteup laptop ti kamar nu geus maturan keur néangan kipayah sapopoé. Laptop ayeuna dipaké deui ku Adun nu bogana. Laptop nu méré rejeki leuwih ti batan parukuyan. Laptop dibawa deui ka kamar Adun. Keur facebookan, twitteran nepi ka jam dua belas peuting. Laptop tetep hurung teu dipareuman ku nu bogana. Abah Dira tetep cicing di kamarna nyanghareupan parukuyan nu eusina menyan. Teu poho duwegan jeung sabangsaning kekembangan. Laptop geus teu maturan deui  Abah Dira ayeuna mah. Tapi pasén lebeng tacan aya nu datang deui.*** Panglawungan 13

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: