• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Dr. Ir. Kadarsah Suryadi,DEA;

ITB Ngamancanagara
Henteu Poho ka Sarakan

Kénging Ensa/Unay
Kintun kana Facebook
Mangle
Nataharkeun lulusan sangkan bisa ‘bersaing’ sacara global [Potrét/Ilustasi: ensa]

Sohor ka jauhna, teu poho ka pamiangan. Kitu Insitut Teknologi Bandung (ITB) mah. Najan ieu perguruan tinggi téh makalangan di tingkat nasional, malah internasional, ka lembur mah tetep nyaah. Ngan, mana buktina éta kanyaah téh? Rektor ITB, Prof. Dr. Ir. Kadarsah Suryadi, DEA., bruk-brak ka Mangle.

Saha nu teu apal ka ITB? Ieu kampus téh jadi panyileukan nonoman nu harayang nyuprih elmu. Matak, teu aneh upama saban taun gé calon mahasiswa nu hayang kuliah di dinya téh teu weleh pagegelek. Kituna téh, lain ukur urang Jawa Barat jeung pulo Jawa wungkul, da nu ti luar Jawa, malah luar negeri oge, paboro-boro muru Bandung, harayang kuliah di ITB.

Ti waktu ka waktu, ITB terus tandang makalangan. Hasilna,  katara jeung karasa ku balaréa. Atuh, ti ieu kampus medal tokoh-tokoh bangsa kaasup nu sohor di mancanagara. “Tangtos ITB kedah teras-terasan nataharkeun sagala rupina sangkan lulusanana tiasa bersaing  sacara global,” ceuk Prof. Dr. Ir. Kadarsah, DEA., Rektor ITB ka Manglé basa ditepungan di  Gedung Rektorat ITB Jalan Tamansari, Bandung, Jawa Barat.

Pancen paguron luhur saperti ITB cek Prof. Kadarsah, kudu jadi bagian tina dunya ilmiah nu engeuh jeung ilubiung dina dunya global. Pasualan-pasualan nu sipatna internasional, saperti masalah robahna iklim global gé, kudu jadi panalinga ITB.

Tangtu, ceuk ieu lulusan Perancis téh, dina ngulik élmu téh lain ukur semet tiori. “Sanes semet ukur diserat dina paper saréng makalah, da kedah tiasa diaplikasikeun atanapi dilarapkeun dina kahirupan nyata,” pokna tandes naker.

Keur ngahasilkeun sumber daya manusa unggul di tingkat global, mémang loba tarékah nu dihangkeutkeun ku éta paguron luhur. Di antarana, saperti ngajurung dosén geusan nyungsi pangarti di luar nagri.

Campur gaul di tingkat global,  butuh kamampuhan anu jinek. Lian ti boga kamampuhan luyu jeung widang kaahlianana, ogé kudu bisa ‘midangkeun’ pangaweuh di tingkat internasional. Atuh, kamahéran maké basa asing gé, kudu ditataharkeun kalayan écés.

Tumali jeung tarékah ningkatkeun kamampuhan basa asing, ceuk rektor, aya tempatna ngaliwatan UPT Bahasa. Urang ITB nu boga karep hayang mahér basa asing kari milih luyu jeung kapentingan masing-masing. Mun ka tukang-tukang nu kursus téh ukur basa Inggris, ayeuna mah, aya Jepang, Jerman, Perancis, Mandarin, Koréa, Spanyol, jeung Arab. Dina sual basa Inggris, lain ukur sangkan bisa nyarita jeung ngarti mun maca buku, tapi deuih diteruskeun kana upaya sangkan boga kamampuhan nulis nu sipatna akademis jeung nulis dina jurnal internasional. “Cindekna, sangkan ‘warga’ ITB mampuh makalangan di dunya internasional,” pokna.

Pihak ITB, ceuk Prof. Kadaras sadar pisan, lembaga atikan téh kudu tetep ngindung ka waktu mibapa ka jaman, ceuk basa kolot Sunda mah. Atuh, ITB ge ngaliwatan Lembaga Pengkajian Pendidikan, Penelitian dan Pengabdian kepada Masyarakat (LP4) metakeun rupa-rupa tarékah. “Intina sadayana nu diwulangkeun di ITB kedah luyu sareng kabutuh jaman ogé kaperyogian masarakat,” pokna.

Di antara tarékahna, saperti nataharkeun kurikulum  dumasar kana ajén lulusan. Kitu deui sangkan mahasiswa ITB, mangpaat keur masarakat, Kulian Kerja Nyata (KKN) gé ditatahrkeun daria naker, ku cara ngayakeun KKN Tematik, nu hartina  dina waktu mahasiswa KKN téh katara jeung karasa ku masarakat. Ku cara kitu, upama masarakat nyanghareupan pasualan, mahasiswa ITB milu ngungkulanana.

ITB mémang jadi ‘lahan’ harepan balaréa. Loba pihak nu ngandelkeun ITB sangkan jadi pihak-pihak nu mampuh ngungkulan atawa ngajawab kabutuh masarakat. Tumali jeung harepan kitu, Rektor ITB gé sadar kacida, yén lulusan ITB téh kudu boga boga kamampuhan luyu jeung harepan balaréa. Upayana, taya lian ti sangkan éta lembaga téh ngahasilkeun SDM nu ceuk basa Rektor ITB mah nyumponan kapunjulan ‘3R’, rasio, raga, jeun rasa!

SDM nu pinunjul, ceuk ieu teureuh Kuningan, Jawa Barat téh, mampuh ngagunakeun rasio atawa pikiranana kalayan sahadé-hadéna. Hartina, manusa pinunjul téh mampuh ‘ngamaksimalkeun’ otakna atawa pikiranana. Ngaliwatan pendidikan, saperti nu dilaksanakeun di ITB, dipiharep mampuh jadi manusa-manusa pinunjul nu bisa ‘bersaing’ di tingkat global. “Margi upami ukur ngagaduhan kamampuhan lokal mah, hawatos bakal  kawon ku nu sanes,” ceuk Prof. Kadarsah.

Tumali jeung raga atawa awak, mémang ogé kudu sehat! Rektor gé engeuh pisan,  kana pentingna kasehatan mahasiswa saperti ceuk urang Sunda téa. Apan, urang Kuningan, urang Bandung, urang Garut, jeung sajabana,  mun papanggih jeung nu wawuh, nu ditanyakeun pangheulana téh kasehatan, “Kumaha damang?” Kitu pok-pokanan téh. Ari di ITB, da puguh sagala gé, cenah, lain ukur tiori, da kudu nyata tur karasa. Eta lembaga gé nyadiakeun sarana olah raga keur mahasiswa ogé masarakat umum. Dipiharep, sangkan ais pangampih ITB tetep boga ajén kaséhatan anu hadé.

Boga kamampuhan dina widang akademik kalayan ragana sehat, ceuk ieu Doktor Teknik Industri téh, kudu dibarung ku ‘hade rasa’. Cindekna, kudu jadi manusa ku kudu gedé rumasa jeung tumarima kana wates-wates kamampuhan uteuk jeung kakuatan ragana. “Kapunjulan SDM téh kedah ngawengku kamapuhan akademikna, mampuh ngalaksanakeunanna ku lantaran badanna sehat, ogé tetep dumasar kana tinimbangan haténa,” pokna.

 

Nyaah ka Sarakan

ITB pangirutan. Nu ti mana nu ti mendi, loba nu ngadon tolab élmu di ieu perguruan tinggi. Atuh, sélér séjén di Nusantara gé loba nu ngarasakeun mangpaatna. Lantaran, satutas nyuprih élmu di éta kampus, loba nu ngabdikeun dirina ka sarakanana.

Naon mangpatna ITB keur lembur sabudeureunana? Lulusan ITB boga masing-masing kaahlian. Lobana lulusan, hartina gé loba kahlianana. Tangtu wé, ari kahlian pribadi masing-masing mah, bisa dilarapkeun di mana waé, boh kaaahlian urang Jawa Barat dilarapkeun di lembur batur, boh sabalikna.  Hartina, nilik kana ‘peran’ masing-masing pribadi mah, kacida lobana tanaga ahli lulusan ITB nu mangpaata keur urang Jawa Barat téh.

Tangtu we, lain ukur semet  dinya, kanyah ITB ka lemburna téh. Saperti upama KKN, cenah, apan remen naker mahaiwa ITB matuh di hiji lembur atawa hiji désa. Malah, ngahaja datangna téh ka nu hara-haraeun, saperti can kacaanagn ku listrik ti PLN. Kalayan ngagunakeun kamampuhan mahasiswa ITB nu ngagabungkeun rupa-rupa kaahlian, ceuk Rektor, nu asalna éta lembur téh teu kacaangan ku listrik, bisa caang ngaliwatan lsitrik tanaga cai beunangna barudak ITB.

Memang, deuih lain ngan ukur kitu. Da, nu kacida pentingna mah urang Jawa Barat gé, bisa ngarasakeun ayana ITB ku cara marilu kuliah di éta lembaga. “Aya program bidik misi nu di natara tujuanana téh ngiring ngaronjatkeun ajén SDM Jawa Barat,” pokna.

Ngaliwatan éta program, pihak ITB ngahiap para ulusan SMA di sakuliah Jawa Barat sina karuliah di ITB. Ngan, tangtu, cenah, kalayan pasaratan anu ‘husus’ ogé ngaliwatan ‘seleksi’ luyu jeung nu geus ditangtukeun  ku pihak ITB. Palaksanaan bidik misi kawas kitu, ceuk Rektor mah, ngaliwatan gawé bareng jeung pamarentah propinisi ogé pamarentah kabupaten kota di Jawa Barat.

Kitu deui dina ngungkulan pasualan jeung babangbaluh nu karandapan ku masarakat, pihak ITB gé teu weléh engeuh. Saperti ngungkulan caah di wewengkon Bandung Pakidulan, sual ngabebenah  Citarum, nalingakeun lahan urug di Jawa Barat, pihak ITB teu weléh ilu-biung.

Keur pihak ITB, ilubiung kitu téh, wujud tanggung jawa lembaga ka lingkungan sabudeureunana. Ngan, Prof. Kadarsah gé, sadar gawé bareng ITB jeung pihak séjén dina ngungkulan rupa-rupa pasualan téh, kudu leuwih dihangkeutkeun. “Insya Alloh naon rupi nu janten bangbaluh masarakat sareng janten pasulan urang sadayana, pihak ITB badé satékah polah ngiring ngungkulanana,” pokna méré harepan.

 

Ti Kuningan ka Perancis

Ka luar nagri, lir jadi jalan ka cai, keur Prof. Kadarsah mah. Malum, da makalanganana gé lain ukur di lemah cai, tapi deuih di mancanagara. “Kapungkur mah teu kaemut badé janten rektor,” pokna dibarung mésem.

Malum, cenah, inyana téh ti kulawarga basajan. Ramana guru SD. Mangka sawelas sadulur. Najan kitu, ramana gé teu weléh mapatahan sangkan getol diajar. “Apa mah, moal ngawariskeun harta da teu boga, rék ngajurung hidep wé nyiar élmu nepi ka jucungna,” pokna meretikeun kasauran sepuhna.

Kalayan teu weléh disumangetan ku sepuhna, ahirna mah, sakola gé ngeureuyeuh. Malah, jorojoy boga karep, hayang jadi dokter. Enya, apan cita-cita keur budak mah,  haying bisa ngubaran nu gering. Tapi, satutas lulus SMA, ngarasa teu cocog jadi dokter téh, da sok lieur mun ningali getih, najan getih sorangan. “Antukna mah, milih kuliah di ITB,” ceuk rektor nu lahir taun 1962 téh.

Lulus ti ITB, taun 1986, loba piliheun geusan cekel gawé, da lian ti ITB nu ngabutuhkeun jadi dosen, ogé aya pausahaan séjén nu butuheun ku kaahlianana. “Mending gé milih jadi guru,” kitu saur biangna. Tah, éta saran nu diturut téh, kajeun gajih di tempat séjén leuwih gedé, ahirna mah milih nu luyu jeung ‘doa’ sepuhna.

Antukna, tetep renggenek di ITB. Ngan, tangtu wé, bari lampar nyebarkeun élmu di mancanagara, saperti jadi profesor tamu di Perancis, ogé kungsi aktip dina kagiatan di Asia Pasifik nu disponsoran ku Unesco.

Ayeuna, jadi rektor. Jadi pamingpin! Ngan, dina sual kapamingpinan ogé inyana mah boga padika sorangan. “Jalmi biasa tapi gaduh karya nu luar biasa! Tah, éta pamingpin mah,” pokna dibarung mésem. ***

 

 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: