• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Samoja Kembangan Deui

Kénging Cucu Rahmat
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1423623898.jpg [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]

“Ari Inez ku naon sih? Hallooww… ditingali ti tatadi meuni taya ka capé. Ngawut-ngawut pakéan tangka pabalatak kitu dina kasur. Murudulkeun eusi lomari. Ukur diteuteup, terus ditilepan, diasupkeun deui kana lomari. Ayeuna ngasupkeun alat-alat kacantikan kana koper, geus ngéntép dikaluarkeun deui, capé déééhhh…” Éva norowéco bari nepak tarang.

 “Keur galau Év...”

Maksud loh?” Éva nengetan baju-baju sexy—anu dipisahkeun jeung baju-baju anu nyopan.

“Teuing ah…”

Jadi dong mudik taun ayeuna?” Éva ngarongkong gamis bodas nang meuli kamari di ITC, laju dangdak-déngdék hareupeun eunteung.

Bingiiittt! Tapi…,”

“Aya naon béb?” Éva mencrong.

Ngabetem.

“Ngobrol atuh..?”

“Teuing aahh…”

Éva anteng deui dangdak-déngdék hareupeun eunteung.

“Geulis nya, Éva? Bodo wé kang Adnan mah.” semu ogo.

Kuring neuteup Éva. Enya, pangawakanana alus pisan. Sampulur. Geulis bawana ngajadi.

Tapi kétah, kuring gé teu éléh ku Éva, sarua geulisna, sarua sampulurna. Malahan mah béda sed meunang kuring saeutik, rada jangkung. Matak mun maké high heels téh, pangjangkungna wé. ‘Bagus ih… kamu mah jangkung, teu cara Amél, semampai…’ bari rut rét ka luhur ka handap. ‘Naon sih semampai téh?’ Éva ngajanggilek. ‘Seméter tak sampai hahaha...’ kitu mun Éva jeung Amél geus ngagonjak téh.

“Nez…, ieu kanggo si ema. Iraha-iraha Amél hoyong amengan ka bumi Inez, hoyong pendak sareng ema Inez.” Amél norojol bari mawa kado dikérésékan.

“Nuhun Mél. Gampang, konték-konték wé.”

“Amél gé bakal indit ti dieu. Hayang leupas. Hayang hirup anu bener. Capé ngagugulung waé napsu.”

“Éva ogé…”

“Sukur atuh. Mudah-mudahan urang saréréa aya dina panangtayunganana.”

“Amiinn…” réang.

Kuring, Amél jeung Éva siligabrug. Salila dua taun hirup saimah, susah senang babarengan. Ka mamana babarengan. Tapi ti mimiti isukan bakal papisah. Haté geus gilig rék milih jalan kahirupan nu bener, ngaleupaskeun jalan nu ayeuna keur disorang.

“Tuh hapé sada. Bang Ér jigana mah.” Éva giak ngabéjaan.

Lagu wedi karo bojomu meuni ngoncrang. Anéh, kadéngéna bet kawas anu ngaléléwéan ayeuna mah, padahal éta lagu téh karesep…

“Antep lah, males!”

“Naha?”

“Teuing aahh!”

“Angkat ku Éva, nya?”

Unggeuk.

“Halo…,”

“Éh… ulah kétah, kadieukeun!” buru-buru ngarawél hapé dina leungeun Éva.

“Halo…”

“Halo… kumaha janten dianteur téh?”

“Euuu.., duka atuh nya.”

“Iiihh… sok atuh puguhkeun heula. Meungpeung tos nyieun alesan, dines ka luar kota.”

“Euuu…”

Pluk. Hapé leupas dina cekelan.

“Halow… haloowww…”

Ukur diteuteup...

“Halow… haloowww…”

“Kamu téh ku naon sih?” Amél mencrong.

Gideug lalaunan.

***

Réngsé tarawéh, muka jandéla.

Tadarusan réang di unggal masigit, husu ngagungkeun asma-asma Ilahi. Ting jaraul, jujul mapakan alam luhur. Alam kasampurnaan mungguh Pangéran. Alam di mana ngancikna Alal arsistawa, kanimatan anu tan wates wangen. Kanimatan anu salila ieu kaluli-luli. Kalah pogot ngudag-ngudag kanimatan anu leutik, napsu dunya. Emhh rumaos Gusti…

Sugan dina Romadon nu ayeuna, bisa ngumpulkeun deui kakuatan anu salila ieu ilang. Sanggup nyanghareupan anu sakuduna disanghareupan dua taun ka katukang. Bari ngaderes, ngahanca  deui tapak anu beresih.

Da geuning, dirasa-rasa kalah tambah nalangsa. Diantep-antep kalah beuki nyeuit. Mohaka karasana.

Aya kasono anu ngagalura, kawas neumbragan kikisik sagara. Aya raheut anu ngagaredat mapay-mapay rungga, garudawang. Mahalan nepi ka ayeuna nyerina can ilang. Kalah beuki nyiksa. Nanahan jeung lukutan.

“Bongan ngajurung napsu. Saha anu melak, saha anu ngala. Hadé pasti hadé, goréng pasti goréng. Moal pahili.” harita ema ngaguk-guk bedah cimata.

Emaaa… Ineu sono ka ema…teu kiat nandanganana. Ineu ampun, moal sakali-kali deui kikieuan. Tobat, ampuunn… emaaa...

“Dodoja lain kudu dijauhan, angguran kudu disinghareupan kalayan sadrah. Tumamprak tumarima kana kadar, bongan urang salah lampah” leres kasauran ema, Ineu rumaos, kalah ngudag-ngudag kahayang, ngudag-ngudag kalangkang…

Treett… treeettt… treettt…

Hapé nu ukur maké nada getar disada.

Ditingali layarna. Sidik, bang Ér anu nelepon téh.

Treett… treeettt… treettt…

Ngarénghap jero pisan.

Treett… treeettt… treettt…

Lalaunan diangkat.

“Haloo…”

“Sia mangkelukna anu kumawani ngarebut salaki aing téh, hah?! Dasar ung…”

Gebeg!

“Sa…, saha ieu?” haroshos.

“Tangkurak sia! Api-api teu apal hah!”

Pluk! Hapé murag.

Gustiii…

***

Sapanjang jalan kawas keur lalajo sandiwara. Carita lawas piligenti narémbongan. Sababak-sababak ngalangkangan dina ingetan.

Basa kuring ngalajur napsu, ngarémpak kana sagala anu dicaram ku agama…

Basa ema kapiuhan ningali abah ngagegedur napsu. Nundung kuring—anak nu ngan hiji-hijina—teu sirikna kawas ka anak kirik…

Basa kuring jeung bang Ér susulumputan ti pamajikanana. Hirup pinuh ku nista jadi awéwé simpenan…

Basa…,

Geus! Dipungkas nepi ka dieu lalakon téh. Neukteuk leukeun meulah jantung. Carita nu ieu moal dibuka deui, komo dilakonan. Geus waktuna diganti ku kahirupan anu maslahat.

Treett… treeettt… treettt…

Ditingali layarna, nomer anyar.

Treett… treeettt… treettt…

Panasaran, laju diangkat.

“Halow…”

“Nez…, ieu bang Ér…”

Ngabetem.

“Inez di mana? Ning di bumi teu aya. Éva jeung Amél gé sarua teu aya.”

Ngabetem.

“Nez…, waler atuh.”

“Entos wé, bang. Jigana dugi ka dieu lalakon urang téh. Ulah ngarep-ngarep Inez deui.”

Hapé buru-buru dipaéhan.

Cimata bedah. Ngaguk-guk kanyenyerian. Tapi lain cimata kaduhung pédah pisah jeung bang Ér, tapi cimata kabungah. Ngucap sukur Alhamdulillah ka nu maha kawasa, boga tanaga pikeun eureun tina jalan anu teu munasabah.

Sanggeus nyusut cimata, rurusuhan turun tina mobil. Muru ka imah teu sirikna lumpat banget ku sono.

Kira-kira dua taun teu balik téh. Hayang ari balik mah, ngan teu bisa. Sabab sieun ku abah. Matak ti basa ditundung harita, hirup kadungsang-dungsang di Bandung. Pagawéan naon waé dilakonan keur numbu umur, teu paduli halal atawa haram. Nu ahirna papanggih jeung bang Ér di diskotik.

“Emaaa…”

“Emaaa…” muka panto kamar.

Di kamar suwung.

“Emaaa…!”

“Saha…?” nyelengkeung lebah dapur.

Mukakeun rérégan. Kasampak ema keur andiprek memener cangkang kupat.

“Emaaa..!! ieu Ineu, ma!!!” bari ngagabrug.

“Ineu? Ieu téh Ineu anak ema?”

“Muhun, ma.”

“Hatur nuhun, Gustiii…! Parantos mulangkeun anak ema. Hatur nuhun…”

Paungku-ungku…

Ukur cimata kuring jeung cimata ema nu bisa cacarita, mudalkeun sakabéh rasa. Lian ti éta taya nu sanggup ngagambarkeun kawas kumaha bungahna harita.

“Ké…” sanggeus sabarahalila.

“Abah hidep?” ema jiga nu surti.

Unggeuk.

“Iklaskeun…”

“Aya naon, ma?”

“Abah hidep geus taya dikieuna. Ti basa nundung hidep téh terus kagegeringan. Unggal poé nyanyambat hidep.”

“Abaahh…, Gusti nu Agung!!!”

“Éta gé kungsi nitahan jang ustad sangkan maluruh hidep di mana ayana, tapi weléh taya laratan.”

“Abaaahh… hampura Ineu, bah…” ngajéngkat rék ka luar.

Ema geuntak ngahalangan.

“Geus bageur, sing kuat. Geus peuting ayeuna mah. Isukan réngsé solat ied cuang ka pajaratan…”

“Abah bakal ngahampura ka Ineu, kitu?”

“Balungbang timur, caang bulan opat belas. Kolot naon ngaranna lamun teu ngahampura ka anakna.” ema imut leleb naker.

Nurutan imut, bari nyusutan cimata.

***

Bulan mabra narawangan. Anteng nyaangan peuting.

Mun dipapantes, jigana keur ngagantung di luhureun pajaratan. Nyaangan samoja, nyaangan kuburan abah, jeung kuburan-kuburan anu séjénna.

***

17 romadon, 15714

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

yati

Sae pisan carpon diantos csrpon salajengns

kusna

Alhamdulillah.... kanyaah indung moal aya tungtungna...

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: