• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Tri Hanggono Achmad;

Nyaah ka Jawa Barat
Mawa Unpad Manggul Maslahat

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Prof. Tri Hanggono Achmad, mawa Unpad Manggul Maslahat [Potrét/Ilustasi: rudi]

Ngalanglang buana, teu poho ka pamiangan. Kitu pakarepan pihak-pihak nu aya di lingkungan Universitas Padjadajaran (Unpad) Bandung mah. Atuh, najan boga karep makalangan di dunya internasional, tetep nyaah ka lembur sabudeureunana. Ngan, kumaha carana ngawujudkeun nyaah ka lembur téh? Manglé ngawangkong jeung Prof. Tri Hanggono Achmad, Rektor Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung . ***

Icikibung di dunya kampus, raket pisan jeung masarakat. Kituna téh lantaran Prof. Tri mah dokter. Atuh, biasa niténan kahirupan masarakat, kaasup nu darumuk di pasisian. Inyana remen mawa mahasiswa ka palemburan, pasisian Jawa Barat pakidulan. “Dua rupi pangpangna mah nu kedah katalingakeun téh, kaséhatan sareng pendidikan,” ceuk Rektor Unpad.

Séhat badan, bisa jadi cukang lantaran ngahontal kamajuan. Saterusna, kudu ngeusian uteuk ku atikan. Kitu ceuk ieu Professor ahli dina widang kaséhatan mah. “Dina ngariksa kaséhatan, teu cekap ukur ngubaran awak waktu katarajang kasakit, tapi deuih nu leuwih penting mah, ngajaga awak sangkan teu geringan,” pokna dibarung mésem.

Ceuk kekecapan karuhun gé, apan leuwih hadé ditiung méméh hujan. Atuh, nu tumali jeung miara badan gé kitu, kudu satékah polah miara kaséhatan dina waktuna cageur. “Carana ngalarapkeun pola hirup anu saimbang,” pokna tandes.

Saimbang téh, cenah dina sagala rupana. Cukup tuang jeung nginum, ogé cukup istirahat. Tangtu cenah, ukuranana mah, kudu cukup istirahat deuih. Padika miara kaséhatan kitu gé, ceuk ieu Ketua Umum Asosiasi Institusi Pendidikan Kedokteran Indonesia (AIPKI) mah, dipapatahkeun ka mahasiswana. “Mun dokter bisa ngubaran, biasa! Tapi, teu cukup ku kitu, da kudu mampuh nularkeun paripolah hirup séhat, kaasup ngajadikeun masarakat bisa nalingakeun kaséhatanana saméméh katarajang kasakit,” pokna basa ditepungan di FK Unpad, Jalan Eijkman, Bandung.

Ngawangkong téh, pabeubeurang, bada lohor, nepikeun angen-angenna nu tumali jeung kamajuan Jawa Barat hususna, Indonésia umumna. Salah sahiji cara ngahontal kamajuan téh, bisa ku cara ningkatkeun ajén Sumber Daya Manusa (SDM) ngaliwatan atikan di perguruan tinggi.

Dina ahir taun 2015, Indonesia téh asup kana jaman Masarakat Ekonomii ASEAN (MEA). Atuh, kahirupan masarakat ASEAN gé kubra ngahiji. Hartina deuih rupa-rupa widang gé bakal silih pangaruhan. Kaayaan kitu téh deuih, muka panto ‘persaingan’ di antara nagara-nagara ASEAN. Apan, lawang panto asupna barang jeung jasa ti nagara-nagara ASEAN téh mingkin lega. “Kaayaan sapertos kitu janten tangtangan kanggo urang sangkan tiasa nyayagikeun rupi-rupi kabutuhan, boh barang boh jasa nu luyu sareng standar régional atanapi internasional,” ceuk Prof. Dr. Tri Hanggono Achmad, lulusan Institute of Clinical Biochemistry, School of Medicine, University of Bonn, German téh.

Nyanghareupan kaayaan global nu kawas kitu, Unpad gé ceuk Prof. Tri, netepkeun udagan geusan jadi universitas unggul tingkat dunya. Tangtu, cenah, unggulna téh kudu dina rupa-rupa widang paélmuan. Udagan kawas kitu téh, Unpad nangtukeun ketak jeung pakarepan saperti kagambar dina misi nu dumasar kana sababaraha tahapan. Dina mangsa kurun waktu 2012 – 2016, Unpad aya dina tahapan universitas riset jeung palayanan unggul. Ditimbu ku tahapan 2017-2021 jadi universitas pinunjul di tingat régional. Saterusna, taun 2022-2026 Unpad ngabogaan ‘daya saing’  di tingkat internasional.

Ieu Dékan Fakultas Kedokteran mah gedé haté, urang téh boga poténsi nu leuwih maju. Asal, cenah, sadar kana pangaboga jeung pangabisa sorangan. “Urang nganggo métodologi global kanggo matéahkeun sagala rupi nu aya di urang,” pokna tandes naker.

Napak kana Budaya

Udagan bisa makalangan di tingkat global, jadi angen-angen sakumna ais civitas akademika Unpad. Hartina, pakarepan kitu téh jadi ‘padika’ nu misti dilaksanakeun jeung dirojong ku sakumna pihak nu icikibung ngokolakeun Unpad.

Dina nataharkeun Unpad jadi pinunjul di tingkat global, ceuk ieu Guru Besar widang Clinical Biochemistry Departemen Biokimia Fakultas Kedokteran Unpad téh, tetep kudu napak kana pamiangan. Inyana yakin, budaya téh raket tiumalina jeung geografi. Atuh, kapunjulan budaya di hiji daérah téh, bakal kacida gumantungna ka padumuk di éta daérah. Kitu deui budaya Sunda, ceuk ieu teureuh Bandung, ngan bisa mekar di tatar Sunda kalayan dipatéahkeun di lemburna. “Urang moal tiasa nganggo budaya deungeun kanggo dillarapkeun di urang,” pokna.

Ku lantaran kitu, Unpad nu aya di lingkungan masarakat Sunda, kudu engeuh kana budaya masarakatna. Matak, ceuk ieu caroge Ibu Tina Ratnawati mah, bakal kacida hadéna mun di Unpad aya Pusat Studi Budaya Sunda. “Tiasa tempatna mah di Fakultas Ilmu Budaya (FIB) Unpad,” pokna.

Budaya, ceuk Prof. Tri sawadina ‘ngawarnaan sagala rupa widang kahirupan manusana. Ku lantaran kitu, budaya Sunda téh kudu jadi ciri mandiri, boh dina pulitik, ékonomi, pamaréntahan jeung sajabana. “Sagala rupi widang di Jawa Barat, kasundaanana kedah janten ciri mandiri,” pokna.

Nyambungkuen dunya kampus jeung masarakat, ceuk ieu Prof. Tri nu pernah meunang atikan di International Fellowship in Medical Education – Educational Commission for Foreign Medical

Graduate, USA téh, kacida pentingna. “Kampus kedah ngiring ngaréngsékeun pasualan masarakat, ulah saperti menara gading,” pokna témbrés naker.

Ku lantaran kitu, Unpad gé kudu jadi bagian nu jadi cukang lantaran masarakat leuwih maju. Kituna téh luyu jeung angen-angen Prof. Tri sakumaha nu dikedalkeun dina ‘mottona’, Unpad Manggul Maslahat. Éta téh wancahan tina Unpad mandiri, unggul, tur maslahat. Mandiri tur unggul, jadi angen-angen Unpad. Atuh, saterusna misti maslahat, boh keur pihak Unpad boh keur masarakat.

Ayana Unpad, mémang kudu katara jeung karasa. Masarakat kudu ngararasakeun mangpaatna ku ayana éta lembaga. Kétang, lain ukur mangpaat, tapi deuih maslahat, nu hartina mawa kana kahadéan keur balaréa.

Unpad mémang kaceluk ka jauhna, jadi pangjugjugan nu boga karep nyiar élmu di dunya kampus. Kalungguhan paguron luhur kawas kitu, jadi harepan keur masarakat sabudeureunana. Keur nyumponan masarakat sakalian ngawalatrakeun kamajuan masarakat Tatar Jawa Barat, pihak Unpad gé ngahiap calon mahasiswa sina tolab élmu di Unpad. Cara kitu téh, geus jadi ‘kawajiban’ Unpad dina programna Nyaah ka Jawa Barat. Tangtu, cenah, pakarepan kitu, ogé kudu meunang pangarojong ti masing-masing kabupatén atawa kota nu aya di Jawa Barat.

 

Ngésto kana Papatah

Tri Hanggono Achmad téh urang Bandung, lahir 22 Séptember 1962. Ti leuleutik gé dumuk di Bandung. Atuh, saperti nu dumuk di Tatar Jawa Barat mangsa harita, kaulinana gé raket jeung alam. Biasa ulin abreng-abrengan,  kokojayan di walungan, ucing-ucingan, galah, jeung gatrik. Malah, sesebutan ka dirina gé jadi Gatrik, pédah sok gantrik téa, ogé deukeut jeung kecap gatrik, tina tri jadi trik, dipapantes jadi gatrik!

Keur budak, teu kungsi ‘ngimpi’ hayang jadi dokter. Sepuhna deuih méré kabébasan milih widang luyu jeung angen-angen barudak. Tapi, Tri gé kapangaruhan ku lingkungan kulawargana, nu raka-rakana mah leuwih ti heula kuliah di kedokteran. “Sakantenan ngirit waragad, kuliah gé milih kedokteran,” ceuk ieu alumni SMAN III Bandung taun 1980 nineung ka mangsa bihari.

Loba untungna, cenah, milih kedokteran téh. Bisa nanyakeun ka lanceuk mun aya nu teu ngarti. Atuh, perkara buku gé, loba nu teu kudu meuli sorangan da aya urut lanceuk téa. Ku cara kitu, cenah, tumali jeung waragad kuliah gé, asa ‘kabantu’ pisan.

Upama Prof. Tri nanjung, mémang lantaran tuhu kana papatah sepuhna. Boh ibuna boh ramana, ngawawadianana téh kudu getol nyiar élmu dibarung ku kajujuran. Cindekna mah, kudu jadi jalma soléh.

Atikan sepuhna kitu, jadi pamatri ka dirina. Naon waé kagiatan manusa, ceuk ieu rama Mochamad Cipto Sidik, Aditya Zufar Pradhana sareng Putri Prihatni Sabarina mah, kudu jadi cukang lantaran kamaslahatan keur balaréa. Ngan, ari tujuan pribadi mah, jinek naker, nyorang hirup jeung huripna.  “Pamustunganana, nu utami mah salamet ahérat,” pokna. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: