• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nyawalakeun Sunda
Makalangan di Nasional

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook
Mangle
Sawala Léngkah Politik Sunda di Nusantara [Potrét/Ilustasi: rudi]

Urang Sunda beuki loba nu pinter, bakal beuki nyundut kaludeung keur némbongkeun jati diri Sunda keur makalangan di tingkat nasional, kaasup ngarebut kapamingpinan bangsa mangsa jaga. Ngan kumaha léngkah-léngkahna?

Dianggap penting tapi teu pati diajakan. Geus diarah sorana mah, cul wéh! Kitu gambaran politik bangsa kiwari keur Ki Sunda sabada ngeunteung hasil pésta démokrasi taun 2014. Kaprihatinan kitu, tétéla jadi punyundut sumanget dina saban sawala pulitik Ki Sunda keur nataharkeun peranna ‘ngarebut’ kapamingpinan bangsa jaga.

Ninggang kaayaan kitu, para inohong Sunda jeung Gupernur Jawa Barat gé teu cicingeun. Lantaran, sadar, kaayaan politik kiwari kudu jadi eunteung, nu saterusna jadi modal keur nataharkeun politik Ki Sunda mangsa jaga.

Saptu, 31 Januari 2015, segerna hawa Bumi Sangkuriang nu pernahna di Ciumbuleuit Bandung, harita mah kasirep ku ‘panasna’ topik sawala Sunda. Jejerna léngkah-léngkah Ki Sunda pikeun nagara dina kakiwarian jeung pikahareupeun nu didadasaran ku ka-Indonésiaan, geus ngahudangkeun sora-sora ‘kaludeung’ Ki Sunda nu harita dipokalan ku para inohong Sunda jeung pihak pamaréntah Jawa Barat.  “Peran urang Sunda dina kapamingpinan nasional kiwari, teu matak nyugemakeun. Sunda téh étnis kadua, urang Sunda moal béak jeung urang Sunda moal éléh ku sasaha. Lantaran kitu, waktuna urang nataharkeun léngkah-léngkah Ki Sunda keur ka hareupna,” cék H. Uu Rukmana tandes.

Nyaliksik politik Sunda kiwari, mémang bisa kabandungan tina ketak urang Sunda di tingkat nasional. Lantaran kitu, cék H. Ahmad Heryawan Gupernur Jawa Barat, urang Sunda ti ayeuna kudu daria. “Kedah serieus nataharkeunana. Atuh urang ogé ulah aya rasa leutik haté, ulah aya ucapan teu mungkin. Sabisa-bisa kudu bisa,” pokna témbrés.

Upama ieu Gupernur gedé sumanget, lantaran inyana engeuh pisan kana pasipatan urang Sunda dina sual pulitik. Pasipatan silih jongklokkeun jeung papada, éta mamalana. Lantaran kitu, lengkah Ki Sunda ka hareup, cek Gupernur mah, lian ti ngahijikeun léngkah-léngkah politik nu daria, ogé kudu nanjeurkeun kapunjulan préstasi dina widang masing-masing. Lantaran kapunjulan hiji étnis bakal luyu jeung papunjulan préstasina.

Luyu jeung Gupernur, Ketua Paguyuban Pasundan Prof. Dr. H. Didi Turmudzi, M.Si. ogé, miharep urang Sunda kudu engeuh kana kamekaran étnis di nusantara. Jinek sual étnis kudu dikuatan, kaasup étnis Sunda.   

 

Nataharkeun Kaunggulan

Urang Sunda boga kamampuhan nu satata jeung sélér séjénna di Nusantara. Malah, nilik kana poténsi nu nyampak, tatar Sunda téh tetep dibalitungkeun ku pihak séjén. Buktina, rupa-rupa kapentingan partéy pulitik nu sipatna nasional, loba nu milih Bandung (Jawa Barat) tempat ngélébétkeun bandérana. Tapi naha, masarakat Sunda saukur jadi ‘kaulinan pulitik? “Nya urang kudu teuneung ludeung atuh!” cék Ceu Popong Otje Djundjunan waktu jadi nara sumber sawala pulitik Ki Sunda bareng jeung inohong Sunda séjénna saperti Tjetje Hidayat Padmadinata, Erry Riyana Hardjapamekas, jeung  H. Didi Turmudzi nu dimoderatoan ku Kang H. Uu Rukmana.

Cék Ceu Popong ogé, karep kitu téh ulah saukur dina lalambé, tapi kudu jeung prakna. Ulah cara nu anggeus-anggeus, lain nyeungitan Sunda, tapi kalah loba nu ngaruksak Ki Sunda. “Ayeuna mah kudu ngariksa ka diri masing-masing, ulah deui aya nu ngaruksak ngaran Sunda. Lantaran kitu, léngkah nu pangheulana kudu dimimitian tina sual atikan keur nataharkeun jalma-jalma Sunda anu palinter. Urang Sunda, teu meunang nyieun pucuk ti girang, tapi lamun kudu adu hareupan, Sunda kudu meunang. Ieu nu kudu dilaksanakeun ku urang,” pokna tandes.

Ngarandapan politik bangsa kiwari, mémang loba nu teu sugema. Ngan, tangtu teu cukup ukur humandeuar. Komo deui, cék Erry Riyana Hardjapamekas, sabenerna urang Sunda mah boga harepan, geusan nyorang mangsa leuwih hadé. “Léngkah ayeuna, urang kedah ningkatkeun SDM Sunda nu unggul, nataharkeun kaderisasi nu jelas, oge aya mentoringna,” cek Erry nu kiwari jadi anggota tim salapan keur ngakurkeun pacengkadan KPK jeung Polri téh. Cara ningkatkeun atikan oge, urang Sunda kudu loba milu bimbel di mana wae, ulah di Jawa Barat wae. Kituna teh, lian ti bakal apal kaayaan sélér séjén, ogé bakal jadi panyundut kaludeung di tingkat nasional.

 

Ngeuteung Garis Politik Partéy

Nataharkeun politik Sunda lain perkara gampang. Lantaran, garis politik Sunda mah teu aya. Nu aya ogé garis politik partéy. Pangna kitu, cék Tjetje Hidayat Padmadinata, kaasup urang Sunda kudu dimitembeyanan tina nanjeurkeun kasadaran hirup bernegara.

“Salila ieu, urang Sunda aya kalemahan dina sual ngalarapkeun komitmen, koordinasi, solidaritas ogé sinergitas. Ieu masalah urang,” cék Tjetje Hidayat Padmadinata témbrés. Upama panitén Kang Tjetje Hidayat Padmadinata kawas kitu, hartina urang Sunda kudu bisa ngeunteung diri.

Léngkah-léngkah pulitik mémang perlu diwangun, kaasup keur dina nataharkeun pamingpin bangsa. Ngan, parobahan cara ngawangun, cék Kang Tjetje ogé geus robah. Upama baheula, pamingpin téh alamiah, ayeuna mah teu bisa. Pamingpin kiwari kudu diwangun ku cara ilmiah. Pangna kitu, ceuk ieu inohong Sunda, urang Sunda kudu apal kana péta politik nu sabener-benerna.

“Jinek, keur kapentingan Jawa Barat, nya kacida perluna niténan ogé pamanggih ti para ketua partéy nu aya di Jawa Barat,” pokna nepikeun harepanana ka Manglé.

Kiwari, loba kagiatan kasundaan. Tangtu wé, cék Tjetje Hidayat Padmadinata, kitu téh hadé pisan keur nguatan jati diri urang Sunda. Lobana nu engeuh kana kasundaan, bakal nyundut kaludeung pihak séjén nu boga karep némbongkeun jati diri Sunda.

Kapamingpinan gambaran kapunjulan. Kitu deui, kapunjulan, gambaran harepan. Ku kituna, kapunjulan Sunda gé dipiharep bisa mawa kaayaan Ki Sunda ka hareup nu leuwih hadé. Lantaran upama peran Sunda geus boga tanaga, atuh ketak, paripolah,  jeung kaludeung urang Sunda gé bakal gedé pangaruhna keur karaharjaan masarakat Sunda.

Prinsip léngkah-léngkah Ki Sunda keur Nusantara jinek geus dipadungdengkeun. Jinek deuih, lain saukur ti para inohong Sunda, tapi deui ti gupernur pamaréntah Jawa Barat. Hartina, masarakat bakal kacida nganti-ngantina kana larapna léngkah-lengkah Ki Sunda. Naha bisa? “Urang Sunda ulah nyebutkeun teu mungkin bisa. Sabisa-bisa kudu bisa, pasti bisa!,” cék Gupernur Jawa Barat Ahmad Heryawan mungkas obrolanana di hareupeun para inohong Sunda nu harita milu nyumangetan. Ratusan inohong Sunda nu haladir, di antarana, Purn) TNI Y. Herman Ibrahim, Tato Pradjamanggala, Nunung Sobari, dr. H. Danial Malik Hadibrata, Moh. Jumhur Hidayat, Prof. Ali Anwar, Prof. Nina Herlina, Wakil Walikota Cimahi, Sudiarto, jeung inohong Sunda séjénna.

“Nu sarepuh kedah ngawariskeun lengkah Ki Sunda ka generasi saterasna. Margi kitu, Insya Alloh, sawala sangkan Ki Sunda Makalangan di tingkat Nasional badé teras diayakeun,” cék H. Uu Rukmana neundeun harepan. *** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: