• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nyegah Kakufuran

Kintun kana Facebook

Pidawuh Alloh dina surat Al-Baqoroh ayat  212 nu hartosna kirang langkung kieu: “Jalma-jalma dipapaésan ku kahirupan dunya, bari jeung maranéhna ngahinakeun jalma anu ariman, padahal ari jalma-jalma anu tarakwa mah darajatna saluhureun maranéhna dina poé kiamat.”

Nu ngaranna hirup di alam dunya, jigana moal aya hiji jalma saurang ogé anu boga cita-cita hayang hirupna tunggara. Tapi sabalikna, sakabéh manusa pasti boga cita-cita hayang tepung jeung rasa bagja. Lain wungkul bagja di dunya tapi miharep ogé kabagjaan di ahérat.

Pikeun jalma nu iman, cita-cita kabagjaan di ahérat mah malahan leuwih penting. Sabab  kahirupan nu salilana mah kahirupan di aherat téa. Dunya ibarat paliliwatan, ibarat cukang pameuntasan. Lamun lulus meuntasna mangka bakal tinemu jeung kabagjaan. Sabalikna lamun tikoséwat hartina moal tinemu jeung kabagjaan, cilaka téa. Kituna téh sakumaha nu dijelaskeun dina surat Al-Baqoroh ayat 212 di luhur.

Kitu deui pikeun nu betah di dunya teu maliré ahérat, kabagjaan téh bakal padeukeut pisan jeung masalah. Isuk bagja isukna tunggara. Kitu téh sabab hirupna sabeulah. Ibarat boga dua leungeun, tapi nu katuhu henteu dipungsikeun. Dibéré uteuk lain keur ibadah ka Gusti Alloh, tapi keur ngalanggar aturan Alloh. Nu kitu nu bakal kagolongkeun jalma-jalma kufur.

Didawuhkeun dina surat Al-Imran ayat 116 di luhur, saenyana jalma-jalma anu kufur moal aya anu narulungan ka maranéhna tina siksaan Alloh saeutik ogé, boh harta bandana boh anak-anakna. Jeung maranéhna jadi pangeusi naraka sarta bakal langgeng di dinyana.

Ku margi kitu, dina ngeusian alam dunya ieu téh geuningan kudu ati-ati pisan. Sabab poténsi manusa jadi kupur téh geus nyampak. Jalma bakal kufur lain waé karana kafir wungkul. Jalma nu ngaku Islam ogé bakal kagolongkeun jalma kufur salila manusa henteu milampah pagawéan nu patojaiah jeung aturan agama. Sakumaha nu didawuhkeun dina Al-Qur'an surat Al-Imran ayat 117, :

 

Nu hartosna : “Misil saniskara anu ku maranéhna didermakeun dina ieu kahirupan dunya téh lir ibarat angin katut tirisna anu matak ngahodhod, anu nebak pepelakan kaom anu darolim ka dirina sorangan, tuluy éta angin téh ngabinasakeun pepelakanana. Jeung Alloh henteu dolim ka maranéhna, tapi nya maranéhna anu darolim ka dirina sorangan.”

 

Margi kitu, dina nyegah kakufuran, nyegah dunya nu ngaleuya sangkan henteu jadi papaés kakufuran, dunya éta kudu mawa mangpaat. Boh ngagunakeun lahirna boh ngagunakeun uteukna. Tangtuna uteuk nu mangpaat, nu bakal nyalametkeun manusa hirup di dunya ahérat. Rosululloh SAW méré ugeran yén dina mangsa engké aya karisi jeung karempan pikeun umatna. Kaum muslimin sangkan tatan-tatan, caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket pikeun nyanghareupan mangsa anu bakal nyilakakeun sakumna umat anu balangah. Sing saha jalma anu kaolo, kabobodo ku éta jaman, moal bisa dipungkir deui éta jalma geus kaséréd, ka pélét ku pangbibita sétan. Koncina mah di urang-urang kénéh. Sangkan teu kagolongkeun kufur, jalanna mung tatan-tatan jeung pageuh kana tali agama Alloh malah mandar amar ma'ruf nahyi munkar. Al-Qur'an jeung hadits masihan ugeran supaya kaom muslimin ménta panyalindung ka Allah tina fitnah. Sakumaha kaunggel dina surat al-Maidah ayat 101 : Ya ayyuhal ladzina aamanu la tas 'alu 'an ashyaa'a in tubda lakum tasu'kum wain tas'alu 'anha hiina yunajjalul qur'anu tubdalakum 'afallohu 'anha wallohu gofuurun haliim. Hartosna : Yeuh, jalma-jalma anu ariman! ulah deuk nanyakeun perkara anu lamun diébréhkeun ka maranéh jadi nyusahkeun maranéh, upama nanyakeunana dina mangsa turunna Qur'an mah tanwandé diébréhkeun ka maranéh, Alloh maparin pangampura ka maranéh alatan éta kasalahan; jeung Alloh téh Maha Jembar Pangampura, Maha Halim".

Sangkan haté henteu kacicingan ku sifat kufur, tangtu lahir jeung batin urang kudu dipiara. Sangkan urang tiasa nyegah kufur, sahenteuna urang ogé kudu apal kana tingkatan kufur. Ngan hakekatna, kufur téh éstuning ngabalieurkeun hirup tina tauhid jeung papagon Alloh Swt. Kufur ka Alloh Swt. miboga tingkatan-tingkatan.

1. Kufur Atheis. Nu disebut kufur atheis nyaéta manusa kalawan enya-enya henteu percaya ka Gusti Alloh nu sagemlengna nyiptakeun ieu saniskara alam dunya. Kitu deui henteu percaya kana ayana para malaikat, ka para rosul kana Al-Qur'an jeung kana alam aherat. Ari jalma nu kufur atheis saestuna sok ngucapkeun : "Waqooluu inhiya illa hayaa tunad dunya wamaa nahnu bimab'usuun. Jeung maranéhna ngaromong: 'Taya deui hirup mah ngan ukur di ieu dunya wungkul, jeung urang moal dihudangkeun deui'. (QS. Al-An'am : 29). Alatan kitu, kufur atheis digolongkeun kana tingkatan nu pangluhurna.

2. Kufur Syirik. Nyaéta saperti milampah kemusrikan. Jalma alatan lahir jeung haténa ngaku ayana nu nyiptakeun langit, bumi sarta eusina alam, manusa ogé nurunkeun rejeki, tapi maranéhna nyarékatan Alloh kalawan nyembah kana benda-benda saperti nu dicontokeun ku kaum-kaum jahiliyah. Dawuhan Alloh : Waya'buduuna min duunillahi maa laayadurruhum walaa yanfa'uhum wayaquuluuna haa u laa i syufa'a u naa 'indallohi. Nu hartosna : "Jeung maranéhna nyembah ka nu salian ti Alloh, anu henteu bisa ngadatangkeun kamadorotan jeung teu bisa ngadatangkeun kamangpaatan ka maranéhna, tapi ari pokna mah: 'Maranéhna (berhala-berhala) téh anu baris méré sepaat ka kaula sarerea di payuneun Alloh'. (QS. Yunus : 18).

3. Kufur Ahli Kitab. Nyaéta kufurna jalma-jalma ti kalangan Yahudi jeung Nasrani. Maranéhna ngabohongkeun karosulan Nabi Muhammad saw minangka utusan Alloh SWT, jeung Al-Qur'an minangka pituduh nu pangahirna nu dijerona ngabenerkeun kitab taurat jeung injil. Ditétélakeun dina surat Al-Maidah ayat 48, Alloh ngadawuh : Wa  anjalna ilaika kitaaba bil haqqi musoddikol limaa baena yadaehi minal kitab. Jeung Kami nurunkeun ka maneh kitab Al-Qur'an anu mawa hak anu ngabenerkeun kana kitab anu aya hareupeunana (Taurat) sarta jadi panyaksen kana éta kitab. (Al-Maidah 48).

4. Kufurna Jalma Murtad. Para ulama geus mufakat, yen wujud kakufuran nu paling hina nyaéta kufur murtad (ar-riddah). Jalma nu kaluar tina agama Islam, kaluar tina agama nu miboga pituduh paling sampurna. Jalma nu kagolongkeun kufur murtad leuwih hina tinimang kufur lianna. Sabab, jalma sanggeus apal bebeneran, apal nu hak jeung nu batil, tapi manéhna ngahinakeun luncat kana kadorakaan pindah agama nu sagemlengna bakal nyilakakeun hirupna, boh di dunya boh engké di ahérat. Dina surat Al-Baqoroh ayat 217 jéntré pisan ditétélakeun, Waman yartadid minkum 'an diinihi fayamut wahua kafiirun faulaaika habitot 'amaluhum fid dunya wal akhiroh, waulaaika ashabun naari hum fiihaa kholiduun. Nu hartosna : Jeung sing saha ti antara maranéh anu murtad tina agamana terus maranéh maot bari jeung tetep dina kakupuran tanwandé amal-amalna jadi gugur di dunya jeung di aherat, jeung maranéhna jadi ahli naraka sarta maranéhna baris tetep langgeng di dinya.

Kufur murtad tangtu urang ogé sok nyakseni utama dikalangan jalma nu hubuddunya. Henteu sakedik jalma nu tadina ngaku kalawan rido jadi muslim terus kaolo asup kana agama lian Islam. Naudzubillahimin dalik, geuning nu kitu téh amal kahadéanana bakal dipupus sarta jelas jadi ahli naraka tanpa hisab. Para artis kufur murtad nu jadi idola para rumaja muslimah, jelas pisan éta téh ahli naraka. Bakal hina jeung cilaka. Naha atuh remaja muslimah dilolongkeun kana perkara ieu? Mangga éta mah urang muhassabah. Ulah nepi ka urang kabaud ku jalma kufur murtad nepi ka urang oga jadi milu kufur.

5. Kufur jalma Munafék. Ieu nu kaasup kufur nu kacida beuratna. Sabab jalma munafék mah boga dua wajah. Beungeut nyanghareup ati mungkir. Lahirna hadé haténa goreng kabina-bina. Maranéhna milu solat, milu mayar zakat, jiga milu nanjeurkeun Islam, tapi hatena henteu pengkuh ngagem agama Islam. Lahirna solat haténa jauh tina aqidah. Manehna zakat tapi hatena korét. Lahirna milu nanjeurkeun Islam, tapi haténa merekedewed jadi tukang korupsi jeung sajabana. Dina al-Qur'an ditétélakeun : “Innal munaafiqiina fiddarkil asfali miannaari walan tajida lahum nasiiron.” Hartosna : Saenyana jalma-jalma munafék téh pernahna panghadap-handapna di naraka jeung manéh moal manggih anu bisa nulungan ka maranéhna.

Ku margi kitu, hayu urang pageuhan deui tauhid ka Alloh dibarung ku miara ibadah kalawan ihlas. Robbana dolamna anfusana wailam tagfirlana watarhamna lakanunanna minal khosiriin. Amin ya Robbal ‘Alamin.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: