• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Kiyai Hasan Maolani
Dipikagimir ku Walanda

Kénging HRS
Kintun kana Facebook

Neraskeun seratan minggu pengker, diécéskeun yén Kiyai Hasan Maolani kagungan putra istri pameget sawelas urang  nyaéta Nyai Muminah, Nyai Mamunah, Kiyai Imroni, Kiyai Imamudin, Kiyai Ajam, Kiyai Muhamad Hakim, Nyai Nasibah, Nyai  Marhamah, Nyai Muhimah, Kiyai Haji Absori, Ahmad jeung kiyai Haji Ahyar. Hasan Maolani, ulama anu beresih haté turta luhur élmu  dikenal kagungan kakaroahan anu ku pihak Walanda dianggapna tahayul. 

Upamana baé Kiyai bisa angkat-angkatantebih tanpa jalma-jalma nyarahoeun atawa sumping ka hiji tempat ngan sakilat. Kiyai ogé bisa uninga kana kajadian-kajadian penting anu bakal datang. Jalma-jalma loba anu nyaksian Kiyai sering Jumaahan di Mekah. Lian ti kitu Kiyai sering  mintonkeun perilaku-perilaku anu teu kaharti ku akal manusa biasa.

 

Gunung Ciremé Bitu

Waktu Kiyai mimiti muka pasantrénna di Lengkong Garawani Kuningan. Nu daratang niat  guguru ti mana-mana, ampir teu katadah ku tempat anu disadiakeun, pangpangna anu marondok di pasantrén. Waktu gunung Ciremé bitu taun 1804,  Kiyai mah ti saméméhna kénéh malah jauh kénéh waktuna, geus nyarios yén baris aya musibah gedé di lembur anu ngageunjleungkeun. Santri-santri diwawadian kudu  waspada sarta niatna, kudu caringcing pageuh kancing sabab are aya musibah gedé.  Bener wé, gunung Ciremé ngajelegur bitu. Kiyai Hasan Maolani anu nyaah deudeuh ka sasatoan ngaraos  yakin kana bakal  bituna Ciremé, sabab saméméhna sato-sato leuweung geus riab arasup ka lembur, ninggalkeun leuweung panonobanana. Sasatoan turun gunung sabab geus ngarasa héabna panas lahar anu baris mudal ti gunung.

Sabada Ciremé bitu, beuki loba jalma-jalma anu daratang ka Kiyai. Ti mimiti anu hayang guguru élmu agama, hayang tatapa teuing ka hayang nambaan batinna ogé anu nurutkeun pikirna ngarandapan gering. Ku loba-lobana jamaah nu daratang ka bui jeung pasantrén Kiyai Hasan Maolani, pamaréntah kolonial Walanda ngarasa curiga jeung timburu, karah aya naon kitu éta téh?
Walanda anu kakara bérés ngayonan Perang Diponegoro ginggiapeun kénéh bakal ayana gerakan anu sarupa. Lian ti kitu aya jagoan-jagoan anu ngarasa risi jeung sieun éléh pamor ku Kiyai.  Di antarana jalma pinter ti Bogor jeung Jawa Tengah, sanajan Kiyai mah teu kagungan maksud silih éléhkeun pangaruh.  Jalma-jalma daratang  éstu ku kahayangna sorangan bari mawakarep séwang-séwangan. Kiyai ogé resep tatanén, peternakan, perikanan jeung karajinan  babakuna seni ukir. Bisa dibuktikeun ayeuna ogé  di patilasan bumi Kiyai di lengkong,  di bumi Kiyai,  panto-panto gebyog, jandela-jandela téh kabéh diukir éndah. Para tamu anu daratang ka bumi Kiyai teu aya anu léngoh, salawasna rebo ku babawaan, kayaning oléh-oléh bahan katedaan, ingon-ingon kayaning sapi atawa munding, heug tanduk munding téh disolobongan  ku perak haturan Kiyai. Sakumaha lobana sémah nu datang, salawasna disuguhan tuang.

Tangtu baé waragad nu kudu dikaluareun  keur  nyuguhan tatamuna moal  saeutik, ti mana atuh éta téh?  Hasan Maolani Kiyai anu  kacida nganggona  kana sipat sosial, béréhan, resep tutulung kanu butuh tatalang kanu susah, kacida nanggona kana sidekah. Tiap sén anu katampi ku anjeunna, pangpangna ti tamu-tamu nu datang aleut-aleutan salawasna sabagian dikaluarkeun deui keur waragad nyuguhan semah téa. Ku kituna tara kakurangan.

Saterusna dina laporan disebutun yén taun 1842 Kiyai Hasan Maolani ngangkat dirina jadi “Pembaharu agama” di Karesidenan Cirebon jeung sabudeureunana. Nu diterukeun ku ngirim utusan-utusan sarta surat selebaran nu eusina ngeunaan ajaran Kiyai ku anjeun. Nurutkeun pamaréntah kolonial, eusi surat selebaran éta téh mawa akibat goréng keur masarakat jeung pamaréntah kolonial.

Dina kitab fadhul Qarib Kiyai Hasan Maolani sacara husus ngabahas al-Jihad atawa berjuang. Aya dua rupa jihad saurna téh.  Jihad Akbar nyaéta berjuang ngalawan hawa napsu sorangan, nu kadua Jihad Ash Ghar jihad leutik berjuang ngalawan musuh.  Salah sahiji ajaran Hasan Maolani, nu penting jeung dianggap ngabahayakeun pamarentah kolonial, ngeunaan jihad anu saperti kitu, upama  urang kapir ngasupan nagara urang muslim atawa urang kapir maratuhna deukeut pamatuhan kaum muslimin, éta kudu diusir atawa dibuburak. Kaum muslimin bisa nolak  maranéhna. Kiyai nganaséhatan kaumna supaya getol maca Al Qur’an, maca solawat,  sodakoh, solat, puasa boh wajib boh sunah. Ulah migawé hal-hal anu dilarang ku sunnah. Dina surat-suratna ti pangbuangan (Tondano), Kiyai ogé mépélingan sangkan umatna getol ngado’a.

Ngawangun masjid jeung ngahirupkeunana masing garetol diajar, masing tawado dina enggoning ngalakonan hirup, ulah adigung gedé hulu, kudu sabar tawekal, ihlas, ulah ngadahar  katedaan jeung inuman haram, dahar nginum kudu anu halal.

Kiyai sadar yén nagarana keur dijajah deungeun. Saterusna Kiyai guar pangajak ka masarakat, disebatkeun yén Perang Diponegoro samistina jadi palajaran keur pamaréntah kolonial Walanda pikeun gancang ninggalkeun ajaran-ajaran nu dianggap bisa ngahudangkeun  kasadaran masarakat pikeun nangtang urang kapir (pamaréntah jajahan).

Kitu sababna pamaréntah kolonial liwat usung-ésangna di Kabupatén Kuningan ngalancarkeun tudingan-tudingan yén Kiyai Hasan Maolani dituding nyebarkeun anu henteu saluyu jeung syariah.  Ngahianat rayat pikeun ngalakukeun perlawanan,  padahal ajaran-ajaranna  teu aya anu henteu saluyu jeung Syariah.  Dina hal ieu urang bisa  ngira-ngira tudingan pamaréntah kolonial ka Kiyai Maolani téh kasang tukangna hayang ngancurkeun jenengan Kiyai Hasan Maolani  di masarakatna. Katerangan séjénna diécéskeun dina disertasi G.W.J. Drewes (1925).

Disebutkeun dina selebaran yén dina taun 1842 di bagian wétan Karesidenan Priangan nyebar surat selebaran nu ceuk jalma-jalma asalna ti Pangsor. Dina surat selebaran éta disebutkeun yén dina hiji wanci Kiyai Hasan Maolani ngadangu sora gaib nu eusina pertanyaan, pokna téh  “Kiyai, naha anjeun daék biluk jeung iblis?”

Kiyai  ngawaler “Aéh, kapan kuring mah ngajungjung  luhur Gusti  Alloh sareng utusana?”

Ceuk  sora gaib deui  “Lamun  anjeun embung biluk  jeung  iblis, aya kawajiban anu kudu dilakonan. 

Nyaéta kudu ngalakukeun salametan (sedekah).  Waktu salametan malem Jumaah sabada solat.  Bisa ogé poé Salasa atawa kemis. Parabot anu dipaké kudu maké piring taneuh anu geus teu dipaké. Katedaanana kayaning sangu, lauk pauk jeung sajabana henteu meunang dicokot deui.   

Tangtu baé ieu laporan kudu ditengetan sacara kritis. Upama dibandingkeun jeung kitab anu eusina ajaran-ajaran Kiyai Maolani saperti anu kaunggel dina kitab Fathul  Qorlu, kitab titinggal Kiyai Haji Hasan Maulani nu ditulis dina aksara Arab Pegon dina Basa Jawa campur Sunda. Dina ieu kitab ajaran anu ditepikeun ku Kiyai mah henteu aya anu unggelna kitu. Sanajan mémang   hal sidekah mah kacida diamanatkeunan iraha baé waktuna mah. Lain anu disebutkeun dina laporan  kolonial.  Dina surat-surat ti pangbuangan keur para putrana  jeung murid-muridna, hal ieu ogé geus dilaksanakeun. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: